Selasa, 10 Januari 2012

Hakekat Pupuh (sifat 20)

Hakekat Pupuh
Asmarandana
1. Ieu anu rek digurit, lalakon jaman ayeuna, hal salira anu jongkot, ngawincik aturannana, supaya jadi kabuka, kabuka tunggalna wujud, dipapay ti memeh aya.
2. Nepi kana aya bukti, tina taya kana aya, geus aya bet ngalalakon, ngalaman di alam dunya, nyorang kana karamean, ayeuna baris diatur, urang papay ti asalna.
3. Tina tadi asal sepi, dina alam memeh aya, ari geus aya bet jadi cekcok. Sepi dina jaman Kun Dzat, cekcok jaman Kun Fayak, Kun Mutlaq geus sidik wujud, rupa sarupa-rupana.
4. Rupa teu kenging disalin, kitu tandana Kun Mutlaq, saperti rupa awewe, mun kitu sidik rupana, teu kenging dirobah, rupa pameget nyakitu, teu beunang dipindah-pindah.
5. Rupa istri pikeun istri, pameget keur rupa lanang, henteu salah kituna teh, eta tandana Kun Mutlaq, tapi ieu ayeuna, ku jisim kuring diatur, ku carita sangkan terang .
6. Kahijina ku pamilih, kaduana ku umpama, bade didamel lalakon, geura kieu cariosna, pang ieu urang gumelar, kersana Gusti Yang Agung, ngadegna gumelar sifat.
7. Hanteu ujug-ujug bukti, ngersakeunnana gumelar, sasat ngadamel lalakon, kieu ceuk papayannana, namung upami mufakat, rempug sareng dulur-dulur, mun teu cocog sae cempad.
8. Tapi pamugi sim kuring, upama aya nu lepat, mugi kersa mere hartos, nyakitu deui basana, tangtos seueur nu lepat, mugi neda tawakup, margi ngarang nembe pisan.
9. Kocap aya hiji Nagri, ngaran Nagri Raga Taya, ari nu mangku Bupatos, anu nyepeng Raga Taya, nelah jenengannana, kamashur ka unggal Ratu, sang Prabu Jasadiah.
10. Dupi anu jadi Meswari, jenengan Ratna Atiyah, tunggal turunan Bupatos, teges terahing Kusumah, estu layeut sami pisan, siang wengi tara jauh, babarengan tara pisah. 11. Kocap eta Kangjeng Gusti , geus kagungan dua putra, pameget langkung karasep, kacatur jenengannana, Raden Muslimin cikalna, kaduana anu bungsu, katelah Raden Muslimat.
12. Teu kinten-kinten diasih, ku Ibu rawuh ku Rama, teu pilih kasih dienod, duanana dipalajar, Agama sareng Elmuna, raka rai sami suhud, ngesto ka piwejang Rama.
13. Naon bae sakaliring, sakur pangwuruk ramana, hanteu aya anu mencog, dihartikeun ku duaan, sarta geus kamaranah, geus sumurup kana qalbu, sadaya wuruk ramana.
14.Saparantosna mangarti, kana sadaya piwejang, dua putra lajeng wae, amit ti payuneun Rama, ngalih ka sejen tempat, caralik di tempat singkur, ngahusukeun wuruk rama.
15. Nu mimiti naros rai, nyaeta Raden Muslimat, ka rakana bari mando, hormat tumaros ka raka, saur Raden Muslimat, mugi engkang ulah bendu, rehna rai kumalancang.
16. Kumawantun naros rai, kumargi raos pisan, rai masih keneh bodo, moal sapertos engkang, dina perkawis Agama, nu ku Ama dipitutur, rai tacan paham pisan.
17. Ngawalon Raden Muslimin, duh rai taya pamengan, ka engkang bade tumaros, naon sakapaham engkang, moal arek dikilungan, kajabi anu teu acan mafhum, pun engkang moal tiasa.
18.Perkawis Agama suci, geura kieu sayaktosna, ku engkang baris ditektek, diterangkeun mimitina, geuning kieu dalilna, dina hadist geus kamasyhur, dalil teh kieu unina.
19.Mimitina Awwalu Dinni, lajengna Ma’rifatullah, sundana kieu eta teh, lamun rek lalakon agama, wajib ma’rifat heula, kana dzat Allah nu Maha Agung, supaya sah ibadahna.
20.Tapi rai sanes deui, hal ma’rifat ka dzat Allah, eta teh lain sapertos, nganyahokeun kanu anyar, Hawadist basa arabna mah, hawadist teh nu ngajentul, nu nyata aya buktina.
21.Tatapi masing kaharti, atawa ka elmu tea, sabab Allah ta’ala teh, ceuk saksina Dzat Laesa, Kamislihi terasna, hartina dzat yang agung, hanteu aya umpamana.
22.Ngan dawuhan Kangjeng Nabi, wajib nganyahokeunnana, nganyahokeun diri maneh, diri anu sajatina, sabab kieu ceuk Hadistna, “Waman aroffa nafsahu, faqod aroffa robbaha”.
23.Jeung aya lajengna deui, “Man aroffa robbaha, Faqod jahilan nafsah” teh, kieu pihartieunnana, saha-saha jelema, nyaho ka dirina kitu, tangtu nyaho ka pangeran.
24. Jeung saha nu nyaho deui, geus nyaho ka pangeranna, dirina geus tangtu bodo, tah eta kitu hartina, mangga geura manahan, dalilna eta teh kitu, pikeun saksi ngelmu tea.
25. Malah dawuhan Jeng Nabi, “Illa anna awallanafsah”, terasna teh fardu ‘ain, kieu eta teh sundana, mimitina hal ibadah, sing terang jatining hirup, masing tepi ka ‘aena.
26.Sasat kudu katinggal, sifat hirup sing kapendak, jatining sahadat eta teh, bibitna sagala rupa, nya hahekat Muhammad, awalna Muhammad kitu, nya eta Sagara Hayat.
NERANGKEUN HADIST
Anu kasebut dina kitab Mantiq
ﻣﻦﻋﺮﻑ ﻧﻔﺴﻪﻓﻘﺪﻋﺮﻑﺭﺑّﻪ*ﻭﻣﻦﻋﺮﻑﺭﺑّﻪﻓﻘﺪﺟﻬﻠﻦﻧﻔﺴﻪ
Sinom
27.Malah-malah rai aya, dalil deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, fiidunya bi ‘ainil qolbi, kitu anu kauni, ari hartina teh tangtu, ninggali Allah di dunya, kudu ku awasna ati, hanteu bisa ninggal ku panon kapala.
28.Samalah aya lajengna, aya deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, lajengna Bil akhiroti, teras bi’aenil ‘arsi, sundana teh kitu deui, ningal Allah di akherat, ku panon teu salah deui, tatapina hanteu kalawan kapiat.
29.Sabab teu adu hareupan, kusabab enggeus ngahiji, kawas kembang jeung seungitna, saperti gula jeung amis, kertas jeung bodasna deui, kawas ombak sareng laut, tah kitu eta hartina, raina ngawalon ta’dim, rebu nuhun engkang kersa miwejang.
30.Namung nyanggakeun duduga, muga ulah bendu galih, reh aya nu can kapaham, rai bade naros deui, rakana ngawalon manis, aduh rai rebu nuhun, dipalebah pun engkang mah, boro-boro ngewa ati, anggur atoh boga dulur nyaring manah.
31.Anu aya diengkang mah, sumawonten pangarti, sanajan dunya barana, lamun dipundut ku adi, moal rek dibuni-buni, wantun sumpah tangtu katur, ceuk raina nuhun pisan, engkang heman ka rai, yaktos engkang saderek dunya akherat.
32. Kieu engkang sayaktosna, bade tumaros teh rai, reh tadi dawuhan engkang, ceuk dalil Awwalu dinni, sareng Ma’rifatullahi, anu tadi dipisaur, kudu nyaho ka dzat Allah, saha nu kudu ninggali, lamun urang nu kudu terang ka Allah.
33. Kapan geuning geus kapegat, kapiheulaan ku dalil, Laa haula wala quata Illa billahil ‘aliyil ‘adim, kapan hartina teh dalil, teu daya upaya kitu, sasat ngajadi rokrak, beh dinya rai teu ngarti, aya rokrak bet kudu kawasa ninggal.
34. Upama kitu mah dua, hirup rokrak hirup Gusti, rakana lajeng ngajawab, rai ulah salah harti, urang soteh ceuk nu hurip, sategesna hurip hirup, hirup nyatana cahya, hakekatna Muhammad Nabi, hurip rasa, rasa teh nya Rasulullah.
35. Tah kitu rai hartina, bilih rai tacan ngarti, lain urang ceuk nu anyar, nu anyar damelan gusti, nu anyar moal tinggali, tangtu gusti anu weruh, anu Dzat laisa tea, bila haiffin makanin, enya eta sategesna Ahadiyat tea.
36. Saurna Raden Muslimat, upami kitu mah harti, jadi sasat nu uninga, nya gusti Rasulullohi, rakana ngawalon deui, leres rai bener kitu, mana ulah salah paham, hartina Rosulullohi, rasa Allah rai eta rai moal salah.
37. Raina deui unjukan, aduh raka nuhun teuing, rai dipaparin terang, namung bade naros deui, saur engkang teh tadi, Waman aroffa nafsahu, faqod aroffa robbaha, man aroffa robbaha deui, salajengna jeung faqod jahilan nafsah.
38. Saha-saha anu terang, kana dirina pribadi, tangtu nyaho ka Pangeran, saha nu nyaho ka gusti, bodo dirina pasti, unggel Hadist eta kitu, naha diri nu mana, anu kudu dipilari, naha ieu nu ngajentul badan badag.
39. Saupami sayaktosna, kudu nganyahokeun diri, diri ieu anu aya, nu bukti ieu ngajagrig, raos rai hanteu hasil, bet asa teu puguh-puguh, kapan enggeus katinggal, enggeus sidik ti leuleutik, moal enya susah diteangannana.
40. Ngajawab deui rakana, rai kawas murangkalih, kantenan hanteu hasil mah, neangan diri nu bukti, naha tacan tinggali, kana diri nu satuhu, kapan ieu mah jasad, ngaran-ngarana oge jasmani, ngaran diri anu sabener-benerna.
41. Hiji ngaran Narun tea, Hawaun, Turobun deui, Ma’un anu kaopatna,bilih rai tacan harti, nyaeta badan rohani, tah eta rai nu kudu, ku urang masing kapendak, ari nu ngaran jasmani, kudu ilang tapi papada ilangna.
42. Ulah leungit tanpa sabab, leungitna kudu kaganti, kagenten ku opat rupa, kakara bisa ngajadi, mun masih badan jasmani, kumaha geusanna mafhum, kudu genten ginentenan, ilangna badan jasmani, sing kagenti ku badan rohani tea.
43. Sabab hartina Jas eta, piraku hanteu kaharti, kapan baju ceuk sundana, ari hartina teh mani, nyaeta badan rohani, sasatna baju teh bungkus, bungkusna rohani tea, anu mawi moal hasil, lamun urang nganyahokeun badan nyata.
44. Kudu dirakrak bajuna, sangkan eusina kapanggih, tah sakitu ibaratna, ieu teh badan jasmani, hijabna ka Maha Suci, mun teu ilang heula wujud, eusina moal kapendak, disaibaratkeun ucing, maksud ucing rek ngintip beurit kaluar.
45. Kaluar tina liangna, tapi ucingna teh cicing, dina hareupeun liangna, kalah paeh moal bijil, tangtu pisan moal hasil, tah ibarat rai kitu, ucing teh ibarat jasad, beurit ibarat nu Latif, mo kapanggih mun jasad teu rasa ilang.
46. Mun dina ucing tea mah, hayang kaluarna beurit, ucingna teh kudu nyingkah, kakara torojol beurit, menggah di jalmi ge rai, mun hoyong ma’rifatu, kana dzat Allah ta’ala, kudu sing ngarasa pasti, sing ngarasa hanteu ngabogaan jasad.
47. Dina keur waktu tarekat, sing ilang rasa jasmani, kagenten ku Rasulullah, rasa ni’mat anu sajati, bakating resep ninggali, kana dzatna Maha Agung, tangtu ngarasa ilangna, dunya sarawuh jasmani, ceuk babasan sarangka manjing curiga.
48. Raina lajeng ngajawab, katerangan engkang tadi, kahartos kabina-bina, jadi caang pikir rai, geus moal rek udar deui, geus sumurup kana kalbu, moal unggut kalinduan, moal kagedag ku angin, sabab sidik dalilna jeung karasana.
49. Kantun saeutik can paham, hal sundana dalil tadi, ku rai can kalenyepan, masih heran keneh ati, dina saha-saha jalmi, nu terang ka Maha Agung, disebat bodo dirina, beh dinya rai teu ngarti, masih bingung ku rai can kalenyepan.
50. Aya nu terang ka allah, disebatkeun bodo pasti, sanes pinter kasebatna, naha asa bingung teuing, naha ari nu katepi, ma’rifat kanu Maha Agung, dina ceuk dalil eta, disebatkeun bodo pasti, atuh leuwih hina tinu hanteu terang.
51. Rakana lajeng ngajawab, naha rai can kaharti, basa bodo teh hartina, manusa mah moal teuing, ma’rifat ka Maha Suci, sabab dalil geus ngawengku, Laa haula wala quwata, illaa billahil ‘aliyil ‘adim, hartina teh teu daya teu upaya.
52. Mun manusa nu ma’rifat, mutajilah eta pasti, sabab ngajirimkeun Allah, katinggal ku panon bukti, ku mata anu buncelik, atuh saperti si waru, papanggih jeung si dadap, sidik aya dua jirim, aya itu jeung aya diri manehna.
53. Kapan Allah Nafi Isbat, aya Isbat euweuh Nafi, aya Nafi euweuh Isbat, kalem timbul kitu rai, Isbat ayana pasti, diri manusa geus tangtu, nya ieu sifatna urang, Nafi ayana rohani, mun keur Nafi Isbatna kudu teu aya.
54. Ceuk raina atuh saha, nu ma’rifat ka Yang Widi, ari sanes manusa mah, saur raka mun teu harti, anging Jeng Rasulullohi, Muhammad Nabi panutup, nu sumareh di Madinah, majajina mah geus sidik, enya eta sareatna nu ma’rifat.
55. Diurang mah hakekatna, hakekat Muhammad Nabi, nyatana nyaeta rasa, awas paninggali ati, eta nu bisa tinggali, ma’rifat ka Maha Agung, ari tinggal manusa mah, nu make panon buncelik, eta kitu dina katerangannana.
56. Jawab rai nuhun engkang, rai dipaparin harti, anu sakieu terangna, matak ni’mat kana ati, lamun dibeuli ku duit, nimbang harga samaliun, da naros ka nu sanes mah, weleh bae teu kaharti, aya basa tatapi hanteu karasa.
57. Sabab ngan wungkul ceuk beja, beja dibejakeun deui, diandel bae basana, buktina teu dipilari, keukeuh ngaji luar diri, ngajauhkeun ka Yang Agung, teu diaji salirana, sifat dua puluh yakin, ngan di aku nyatana badan anjeuna.
58. Tatapi salang surupna, hanteu diraoskeun deui, rai mah hayang karasa, tumerapna hiji-hiji, ayeuna paneda rai, mugi-mugi engkang luntur, ngabahas hiji-hijina, sareng hartina sing sidik, sing karasa ulah bae ngan basana. NGAWINCIK SIFAT DUA PULUH Kalawan make umpama
Pucung
59. Lajeng wae rakana ngawalon saur, engkang rido pisan, mangga sakersa rai teh, ku pun engkang rek didadar sajelasna.
60. Nu kahiji nyaeta ngaranna Wujud, kaduana Qidam, katilu ngarana Baqo, nu kaopat nyaeta Mukholafah.
61. Mukholafatu Lilhawadist disebut, ari nu kalima, Qiyamuhu Binafsihi teh, nu kagenep nyaeta Wahdaniat.
62. Ari Qudrat bilangan anu katujuh, dalapan Iradat, Elmu kasalapanna teh, kasapuluh nyaeta nu ngaran Hayat.
63. Kasabelas Samma ngaranna geus tangtu, kadua belasna, Bassar ngarana teu geseh, ari nu katilu belasna Qalam.
64. Nu kaopat belasna deui dicatur, nyaeta Qodiran, lima belas kacarios, nyaeta anu disebat Mudiran.
65. Ari anu kagenep belas dicatur, ngaranna Aliman, nu katujuh belasna teh, nyaeta anu dingaranan Hayan.
66. Anu kadalapan belasna dicatur, ngaranna Sami’an, kasalapan belasna teh, nu kasebat nyaeta Basiran tea.
67. Ngajejegan kana jejeg dua puluh, nya Mutakalliman, semet eta rai seep, enggeus jejeg eta dua puluh sifat.
68. Ceuk raina sumuhun engkang sumuhun, geus kapaham, nya sakitu reana teh, jejeg pisan eta dua puluh sifat.
69. Namung rai saleresna tacan mafhum, teu acan kapaham, dina pihartieunna teh, muga raka ulah kapameng miwejang.
70. Ceuk rakana eta sifat dua puluh, nya dibagi opat, hiji Nafsiah teu geseh, kaduana nyaeta ngaran Salbiah.
71. Nu katilu Ma’ani ngaranna tangtu, anu kaopatna Ma’nawiyah ngaranna teh, eta kitu geuning dibagi-bagina.
72. Ceuk raina naon nyatana anu puguh, sifatna di urang, anu ngaran Nafsiah teh, mugi-mugi diterangkeun sadayana.
73. Saur raka Nafsiah teh enggeus tangtu, pangambung nyatana, nu kadua Salbiah teh, nyaeta paninggal urang sifatna.
74. Nomer tilu Ma’ani ngaranna tangtu, pangdangu sifatna, di urangna teu geseh, nu kaopat Ma’nawiyah nu kasebat.
75. Nyatana teh di badan urang sakujur, pangucap teu salah, sifatna baham urang teh, anu matak disebatkeun Ma’nawiyah.
76. Nyaeta tukang ngama’naan puguh, anu tilu sifat, hiji pangdangu teu geseh, nu kadua nyaeta paninggal tea.
77. Ari anu nomer tiluna pangrungu, ngama’naan eta, meureun rai ge ngaraos, lamun rai parantos ngangseuan minyak.
78. Saupami rai ditaros ku batur, nanyakeun angseuna, seungit bauna minyak teh, naha naon rai anu nembalannana.
79. Naha baham atawa pangambung, anu ngajawabna, raina lajeng ngawalon, tangtos bae baham anu nembalannana.
80. Ceuk rakana geuning sidik eta puguh, tukang ngama’naan, baham teh geus hanteu geseh, nyaeta tukang mere katerangan.
81. Nya nerangkeun beunang gawe anu tilu, beubeunangan soca, anu aneh atawa awon, nomer dua beubeunangan cepil tea.
82. Naon wae sowara anu kadangu, nu nerangkeunnana, gulung ku pangucap bae, anu mawi disebatkeun Ma’nawiyah.
83. Saur rai kahartos kaliwat langkung, pasal bagi opat, kanyataan di badan teh, kantun eta nu dua puluh basa.
84. Enya eta anu dingaranan Wujud, kumaha hartina, sareng naon sifatna teh, tumerapna dibadan urang sapata.
85. Saur raka eta anu ngaran Wujud, hartina teh aya, Allah mohal euweuh tangtos, tanda aya kusabab ayana nafas.
86. Mohalna teh pang aya nafas teh tangtu, mohal bet euweuhna, samangsa aya nafas teh, tangtu bae aya hurip hanteu salah.
87. Mangsa-mangsa aya hirup enggeus tangtu, mohal euweuh Allah, sabab sifatna hirup teh, tina dzatna sifatna Allah ta’ala.
88. Saur rai nuhun eta geus kamafhum, kantun nomer dua, Qidam eta basana teh, nya kumaha eta pihartieunnana.
89. Dijawab raka kieu rai mun tacan mafhum, hartina teh Qidam, Allah ti heula teh, mohal enya Allah kapandeurian.
90. Sareatna nyata dibadan sakujur, sifatna teh soca, awas soca ti heula teh, sabab eta nu ngabuktikeun sifat.
91. Jawab rai kumaha numawi kitu, anu pangheulana, ku raka disebat panon, na kumaha dina katerangannana.
92. Saur raka geura kieu rai dangu, rasakeun baheula, waktu rai goib keneh, memeh gelar ngumbara ka alam dunya.
93. Kangjeng Rama sinarengan Kangjeng Ibu, Rama masih bujang, Ibu ge parawan keneh, barang tepang geus tangtu patinggal-tinggal.
94. Saparantos pada awas Ama Ibu, jorojoy manahna, dua-dua ting sereset, jadina teh ngajodo geus moal lepat.
95. Sanggeus nikah enggeus disahkeun ku kaum, parantos nikah mah, tangtos bae sapatemon, dua rasa jadi hiji moal lepat.
96. Saparantos rasa Ama Ibu gulung, gerentel beh urang, eta geuning enggeus eces, pang disebut panon pangheulana.
97. Pek raoskeun naha bener rai kitu, masing kasaksian, kurasa diraos-raos, mun karasa eta geus tangtu benerna.
98. Jawab rai sumuhun engkang sumuhun, enya kitu pisan, karaos ku abdi oge, yaktos leres kahartos sareng karasa.
99. Mangga engkang ulah kapambeng miwuruk, lajengkeun terasna, nya eta kana Baqo, kumaha pihartieunnana.
100. Ceuk rakana hartosna Baqo teh Agus, langgeng Gusti Allah, hanteu keuna ku ruksak teh, hanteu owah teu gingsir Allah ta’ala.
101. Saleresna hartina Baqo teh kitu, nyaeta dzat Allah, eta sidik nu langgeng teh, hirup eta kagungan Allah ta’ala.
102. Ceuk raina kumaha Mukhalafatuhu, Lilhawaditsi tea, eta oge can kahartos, mangga raka ulah kapambeng miwejang.
103. Saur raka kieu hartina geus masyhur, eta beda-beda Allah sareng nu anyar teh, mohal enya Allah sami jeung nu anyar.
104. Den Muslimat gancang ka raka ngawangsul, kumaha bedana, Allah sareng nu anyar teh, kang rai mah can terang rarapannana.
105. Ceuk rakana kieu bilih tacan mafhum, kapan geus kawentar, ku sadaya ahli ngaos, Gusti Allah ninggal teu kalawan soca.
106. Ngadanguna teu kalawan cepil kitu, sumawon nyaurna, hanteu kalawan jeung lambe, kitu rai ari bedana mah.
107. Seueur deui bedana lian ti kitu, panjang mun didadar, moal seep ku sapoe, sakitu ge meureun ku rai karasa.
108. Jawab rai sumuhun engkang kaemut, kumaha lajengna, Qiyamuhu Binafsihi teh, mangartosna mugi ku engkang di dadar.
109. Nyaur deui rakana bari jeung imut, kieu bab hartina, Qiyamuhu Binafsihi teh, Gusti Allah jumenengna ku anjeuna.
110. Mohal aya nu ngistrenan kitu, cacakan nu anyar, geuning bet hanteu ngaraos, badan urang didamel ku Ibu Rama.
111. Najan Ibu Rama oge dina waktu, rek patemon rasa, teu boga tekad rama teh, ku sangaja niat rek midamel putra.
112. Geuning sidik jumeneng ku anjeun kitu, ngan ari urang mah, jeung kalawan kersana teh, Gusti Allah ngalantarankeun ka Rama.
113. Enya kitu sareatna mah ti Ibu, ari hakekatna, estu kersana Yang Manon, enya eta wenangna Allah ta’ala.
114. Wenang pisan Gusti anu Maha Agung, ngajadikeunnana, jeung wenang henteuna oge, tatapina maot mah geus wajib pisan.
115. Ceuk raina aduh-aduh bet sumuhun, karaos kacida, sadawuh-dawuh teh cocog, mana horeng kitu eta hartosna.
116. Mangga engkang Wahdaniat deui catur, margi kang rai mah, weleh bae can kahartos, jawab raka perkara Wahdaniat.
117. Eta kieu bilih rai tacan mafhum, ari Wahdaniat, sah Dzatna sah Sifatna teh, sah Asmana sarawuh dina Af’alna.
Kinanti
118. Sundana teh rai kitu, lamun teu acan mangarti, raina lajeng ngajawab, kahartos ku tuang rai, ari dina sundana mah, mung rarapna can kapikir.
119. Rakana lajeng ngawangsul, pasal Wahdaniat rai, tumerapna dinu opat, dina baham soca cepil, pangangseu anu kaopatna, merwincikna kieu rai.
120. Upami dina pangambung, dzatna teh pangngseu pasti, sahna teh moal rek cidra, mun ngangseu minyak nu seungit, tetep seungit diakuna, moal bet pahili deui.
121. Dua sah sifatna kitu, naon nu diangseu pasti, katilu jeung sah Asmana, boh bau boh ngaran seungit, moal sulaya ngarana, bau hangru pahang seungit.
122. Kaopat sah Af’alna kitu, sasat sah gawena deui, geuning pangangseu teh nyata, tara daekeun pahili, nu bau tetep bauna, lamun seungit tetep seungit.
123. Misah- misah bae tangtu, tah kitu sahna teh rai, sanajan munguh di soca, sah dzat teh awasna pasti, sah sifatna oge nyata, naon anu katingali.
124. Boh hideung beureum boh wungu, sakur sifat anu bukti, ari nu katiluna, sah asmana oge sidik, kumaha dina sifatna, bet tara sulaya deui.
125. Saterasna oge kitu, raina lajeng ngalahir, nuhun parantos kapaham, ayeuna lajengkeun deui, dina hal perkawis Qudrat, rai tacan mangarti.
126. Rakana jawab jeung imut, mangga diterangkeun deui dina hal perkawis qudrat, sumangga dangukeun deui, kieu pihartieunnana, mungguhing qudrat Yang Widi.
127. Qudrat teh kawasa kitu, tatapi kawasa Gusti, hanteu kalawan pakakas, hanteu jeung parabot deui, tah kitu hartina qudrat, raina ngawalon manis.
128. Walon raina sumuhun, tapi teu acan kaharti, kumaha pangawasana, pang teu jeung parabot deui, rakana lajeng ngajawab, kieu rai mun can harti.
129. Upami urang keur nuju, boga maksad hiji rupi, naon bae nu diseja, saperti rek nyieun bumi, samemeh prak dipilampah, tangtu ku urang dipikir.
130. Kumaha kahayang kalbu, rupana eta si bumi, boh panjangna boh pondokna, sumawon majuna deui, ka kaler boh ka wetanna, kamarna pon kitu deui.
131. Diatur-atur ku kalbu, dicipta-cipta ku ati, direrengga ku kahayang, sangkan sieup eta bumi, upami enggeus kacipta, kana pisaeeun eta bumi.
132. Lamun kitu tangtu luyu, da geus kacipta ku ati, geuning eta rai nyata, geus ngadeg dijero ati, kana pirupaeunnana, sae awon eta bumi.
133. Kumaha rai kaemut, raina lajeng ngalahir, duh engkang kaemut pisan, yaktos samemehna jadi, bumi mah enggeus kacipta, enggeus ngadeg dina ati.
134. Ceuk rakana atuh nuhun, ari parantos kaharti, tapi engkang rek nanya, ngadegna teh eta bumi, na kunaon parabotna, bol-bol geus jleg katingali.
135. Raina lajeng ngawangsul, teu make parabot deui, ceuk rakana itu diyah, ayeuna meureun kaharti, kitu kawasana Allah, raina gumujeng manis.
136. Bari imut lajeng nyaur, duh engkang panuju teuing, yakin eta katerangan, moal bisa dirobih deui, kumaha ari Iradat, muga diterangkeun deui.
137. Lajeng rakana deui nyaur, Iradat mah kieu rai, Allah teh sifatna kersa, kapan bukti anu tadi, eta bumi geus katinggal, nu ngadeg na jero ati.
138. Kantun ayeuna mah atuh, jadikeun kersa rai, rek midamel bumi tea, hakekatna mah geus jadi, ayeuna kantun sareat, buktikeun Iradat rai.
139. Tapi rai mah geus teu kudu, rek midamelna teh bumi, moal cara Gusti Allah, teu kalawan parabot deui, rai mah kudu sadia, nyadiakeun bahan bumi.
140. Tihang kenteng jeung pamikul, palang dada cemped bilik, usuk darurung jeung sarang, sumawon bedog ragaji, tatah baliung jeung rimbas, palu gegep sugu deui.
141. Raina lajeng ngawangsul, ayeuna rai ngaharti, moal poho salamina, jadi iman beurang peuting, kitu ngahartikeunnana, qudrat jeung iradat Gusti.
142. Mangga engkang deui terus, sifat Ilmu dadar deui, kapambeng can seep pisan, gantung dangu tuang rai, ulah alang kumapalang, sing seep sama sakali.
143. Ceuk rakana mangga atuh, sifat Ilmu urang wincik, ari Ilmu rai eta, ngahiji jeung Hayat pasti, ceuk raina naon sabab, Ilmu jeung Hayat ngahiji.
144. Saur raka sabab Ilmu, hartina Ilmu teh rai, nyaeta kanyaho tea, ari Hayat caang pasti, tah eta kitu sundana, numawi pasti ngahiji.
145. Sabab kanyaho teh tangtu, dina caang eta pasti, da moal aya katerang, lamun poek buta rajin, sabab ari kanyaho mah, dina caang bae sidik.
146. Dohir batin oge kitu, moal beda tangtu sami, dohirna lamun di dunya, kumaha bisa ninggali, lamun hanteu aya caang, piraku boga pamanggih.
147. Aya kanyaho teh tangtu, ku caang eta geus pasti, caang katinggal ku soca, soca ieu anu jirim, bagian kajasmanian, caang tina matahari.
148. Elmu batin oge kitu, sing sidik ‘ainal yakin, sing tepi kana caangna, caang ilmu sing kapanggih, tapi lain caang beurang, caang dina jero ati.
149. Katinggali na teh kudu nyata ku panon ati, dina keur waktu tarekat, mujasmedi ka Yang Widi, sidakep sinuku tunggal, nununggu sihing Yang Widi.
150. Saur rai nuhun engkang, rai dipaparin ngarti, bade diestukeun pisan, sakumaha saur tadi, lajengkeun deui ayeuna, kana Samma Basar deui.
151. Sumawonna Kalam kitu, rai hayang enggal harti, saur raka teu halangan, engkang rek nerangkeun deui, eta teh kieu hartina, nu kasebut Samma tadi.
152. Hartina Allah ngadangu, tapi teu kalawan cepil, Bassar teh Allah uninga, teu kalawan soca deui, Kalam Allah ngandikana, tapi teu kalawan biwir.
153. Ceuk raina abdi bingung, kumaha sangkan kaharti, kaharti jeung karasana, jen Allah lamun ninggali, hanteu kalawan ku soca, ngadanguna teu ku cepil.
154. Lajeng rakana ngawangsul, lamun rai hayang ngarti, udag anu tujuh basa, sifat dua puluh tadi, sahiji Qadiran tea, Muridan kadua deui.
155. Aliman anu katilu, nu kaopatna Hayan deui, kalimana teh Sami’an, Basiran ka genep deui, katujuh Mutakalliman, tah eta masing kaberik.
156. Kieu eta anu tujuh, hartina sahiji-hiji, mimitina teh Qadiran, hartina kawasa Gusti, Muridan Kersa Allah, Aliman uninga Gusti.
157. Hayan teh hartina hirup, nyaeta hirupna Gusti, Sami’an ngadangu Allah, Basiran Allah ninggali, katujuh Mutakalliman, Allah nu ngandika deui.
158. Sabab eta anu tujuh, aya nyatana di diri, aya dibadan sapata, mun kapanggih tangtu hasil, kabuka hijabna Allah, kabingung teh tangtos leungit.
159. Malah-malah rai lamun, kapanggih nu tujuh tadi, sifat-sifatna kapendak, dina sakujuring diri, tapi sanggeusna kapendak, tarekatna pek pilari.
160. Mun tarekatna kasusul, tanwande Ma’rifat jati, kana dzatna Gusti Allah, nu caang sajero ati, carek babasan jawa mah, teangan sajero dzikir.
161. Nu kaya dilah gumantung, kaya sarangenge bijil, gumantung tanpa cantelan, kitu ceuk babasan jawi, tatapi lamun kapendak, jasmani tangtuna sepi.
162. Rasa moal boga wujud, kagenten ku warna rupi, nyaeta nu tadi tea, nu kaya sarangenge bijil, kaya lintang karahinan, jeung kaya emas sinangling.
163. Rai lamun enggeus kitu, kakara tangtu mangarti, kana Nafi sareng Isbat, karasa sareng kapikir, lamun teu acan kapendak, kumaha bisana harti.
164. Malah dalil Antal Mautu, Qoblal Mautu kapanggih, hartina bisa ngarasa, paeh samemeh mati, raina lajeng ngajawab, rada keder pikir rai.
165. Aya paeh memeh pupus, naonnana anu mati, lamun nyawana anu wafat, atuh moal balik deui, gumelar deui ka dunya, rai weleh teu ngarti.
166. Ceuk raka kade kaliru, sanes nyawana anu mati, sategesna rasa nyawa, nu paeh sama sakali, ari rasa nyawa eta, sategesna nafsu dohir.
167. Dina waktu eukeur kitu, teu inget ka anak rabi, sumawon ka harta banda, diri ge teu kapieling, wungkul cengeng ka dzat Allah, ninggal ku sajero ati.
168. Kitu lamun teu mafhum, eta anu saperkawis, nu kadua perkawisna, kudu ngersakeun misti, dina nyerina sakarat, jalan paeh ke diakhir.
169. Geuning ceuk basa karuhun, ka anakna ngaweweling, he barudak kudu bisa, nganjang ka pageto misti, supaya maneh waluya, sangkan lampah ati-ati.
170. Geura pek ku rai emut, eta saur sepuh tadi, nu bener kabina-bina, geuning ayeuna kapanggih, bet aya dina hadisna, babandingan basa tadi.
171. Nyaeta Antal Mautu, jeung Qoblal Mautu deui, kapan teu beda maksudna, kudu paeh memeh mati, sihoreng sangkan baroga, kasieun engke di ahir.
172. Lamun geus ngarasa pupus, sasat geus ngarasa nyeri, ngarasa rasa sakarat, piraku rek liwar teuing, ngajujur laku ma’siat, da aya kasieun pasti.
173. Jeung nambahan kana suhud, milampah parentah Nabi, rukun Islam anu lima, tah kitu jadina rai, Nagara ge tangtu aman, sabab geus boga pamilih.
174. Mun geus junun ka Yang Agung, laku dohir ge dipilih, moal sagala disorang, memeh prak tangtu dipikir, tangtu dianjangan heula, dicipta-cipta ku ati.
175. Ibaratna karep nafsu, niat hayang maling duit, barang-barang upamana, lamun urang inget tadi, kana saur sepuh tea, yen kudu inget di ahir.
176. Nganjang kapageto kudu, tangtu ku urang dipilih, naha kumaha jadina, lamun nurut nafsu tadi, maling banda anu lian, salametna jeung balai.
177. Raina lajeng ngawangsul, leres kahartos ku rai, bener lamun geus kitu mah, nafsu goreng teh kajaring, sasat geus aya pagerna, nu kuat kaliwat saking.
178. Ayeuna aya pihatur, rek malikan anu tadi, sifat dua puluh tea, saur engkang tadi geuning, dibagi deui ku opat, ku rai tacan kaharti.
179. Ceuk rakana bener kitu, dibagi ku opat deui, hiji ngarana Nafsiah, kadua Salbiah deui, katilu Ma’ani tea, opat Ma’nawiyah deui.
180. Saur rai geus kamafhum, ngarana nu opat tadi, malah jeung barang-barangna, ku rai geus kaharti, Nafsiah nyaeta nafas, sifatna irung nu bukti.
181. Salbiah paninggal kitu, sifatna soca nu bukti, Ma’ani pangdangu tea, sifatna nyaeta cepil, Ma’nawiyah teh pangucap, sifatna baham geus pasti.
182. Mung naroskeun teh kulanun, eta nu opat tadi, sabaraha bagiannana, naha beda naha sami, bagian hiji-hijina, tadi rai hilap deui.
NERANGKEUN SIFAT DUA PULUH DIBAGI 4 SARENG DITERANGKEUN DINA BARANG-BARANGNA ANU NYATA
Sinom
183. Rakana lajeng ngajawab, kieu rai mun can harti, bagian hiji-hijina, tangtu beda hanteu sami, Nafsiah mah ngan sahiji, bagiannana teh kitu, ari bagian Salbiah, lima teu salah deui, Ma’ani mah tujuh nya bagiannana.
184. Ma’nawiyah anu kaopat, bagiannana geus pasti, tujuh eta hanteu salah, raina lajeng ngalahir, leres parantos kaharti, mung naon sababna kitu, mana bet teu sarua, mugi rai parin harti, ceuk rakana kieu ari sababna mah.
185. Nurutkeun kuma buktina, barangna sahiji-hiji, tangtu bae teu sarua, da sifatna ge teu sami, baham soca jeung cepil, pangambung ge pon nyakitu, malah pagaweannana, geuning bukti hanteu sami, soca cepil baham angseu beda-beda.
186. Saur rai nuhun engkang, ayeuna rai mangarti, dina hal beda-bedana, anu mawi hanteu sami, jeung dina damelna deui, kahartos pisan kulanun, mung aya kapanasaran, bagiannana nu tadi, saur engkang bagiannana Nafsiah.
187. Sahiji bagiannana, Salbiah lima geus pasti, Ma’ani tujuh teu lepat, Ma’nawiyah tujuh deui, tah eta nyuhunkeun bukti, barangna hayang kamafhum, dina baham dina soca, dina pangambung jeung cepil, enggeus tangtu kanyataannana beda.
188. Ulah ngan tuduh apungan, kang rai mah hayang sidik, ulah kabar ulah beja, nyuhunkeun nu sidik bukti, supaya ulah taklid, ngan ngandel ka beja wungkul, rakana lajeng ngajawab, ngagelenyu imut manis, edas bae rai mah katalanjuran.
189. Naha nganggo teterasan, sakitu ge cekap rai, montong bet sareng buktina, raina unjukan deui, lamun kitu mah taklid, upami kitu mah wadul, sabab moal jadi iman, ngaji Asma bae badis, kang rai mah hayang nyata jeung buktina.
190. Sabab seueur nu miwulang, ka rai parantos sering, ngupingkeun nu ngawurukan, nyaurkeun dina bab ngilmi, caritana beres luis, dalil Qur’an Hadis kitu, dupi pek dipataroskeun mah, ngaraoskeunnana dalil, jeung dipenta mana pibarangeunnana.
191. Sok buntu hanteu ngajawab, rajeun oge mere harti dijawab deui ku basa, dalil dijawab ku dalil, sanes dijawab ku bukti, atuh ati teh nalapung, teu kaharti teu karasa, ngan apal asmana badis, ngaji omong atuh mo aya tungtungna.
192. Jawab raka atuh mangga, rek dibuktikeun sing sidik, dina perkawis Nafsiah, bagiannana ngan hiji, geuning sifatna ge hiji, nyatana eta pangambung, irung rai hanteu dua, kitu nyatana kang rai, anu mawi ngan hiji bagiannana.
193. Ceuk raina leres nyata, paingan Nafsiah hiji, dina hal bagiannana, ayeuna mah rai ngarti, ayeuna sumangga deui, Salbiah ku engkang catur, kumaha eta barangna, nu mawi lima di pasti, naon tea nyatana dina barangna.
194. Ngawalon deui rakana, perkawis Salbiah rai, kapan eta dina soca, aya lima perkawis, barangna nu bukti, bae geura urang itung, hiji bobodasna soca, dua hihideungna deui, nomer tilu kokonengna tina soca.
195. Kaopatna anu nyata, beubeureumna soca rai, ari anu kalimana, heherangna panon sidik, tah rai geuning bukti, lima barang jadi gulung, kawasana Gusti Allah, dina saban-saban jinis, tangtu pisan aya bae rasiahna.
196. Raina lajeng ngajawab, mun kitu mah kaharti, karasa aya barangna, ayeuna lajengkeun deui, terangkeun hal Ma’ani, nu kasebat nomer tilu, eta naon barangna, anu nyata dina cepil, anu mawi bet jadi tujuh bagiannana.
197. Ceuk rakana mun can terang, eta dina cepil rai, naha tara pangangguran, milang lelegokna cepil, kapan eta sidik lelegokna cepil tujuh, katujuh jeung liangna, pang moal aya mubadir, pang lalegok tangtu aya sababna.
198. Olohok Raden Muslimat, mata simeuteun ninggali, ka rakana lami pisan, wekasan gumujeng manis, bari teras ngalahir, duh engkang sarebu nuhun, rai kakara mendakan, anu nyaurkeun bab Ilmi, kasauran dibuktikeun jeung barangna.
199. Ayeuna mah ulang kapalang, lajengkeun sahiji deui, anu ngaran Ma’nawiyah, naon barangna nu bukti, numawi tujuh dipasti, bagiannana teh kitu, supaya gulung pisan, sifat dua puluh tadi, ngagulungna kanu opat sing karasa.
200. Rakana deui ngajawab, Ma’nawiyah eta rai, numawi bagiannana tujuh hanteu salah deui, geus tangtu aya bukti, moal catur hanteu puguh, geus tangtu aya barangna, geura rek didadar deui, anu tujuh disajero Ma’nawiyah.
201. Kahijina anu nyata, nyaeta ngaranna biwir, biwir rai nu ti handap, kaduana deui biwir, eta anu katinggali, nyatana biwir anu luhur, gugusi anu katiluna, nu tiluhur tea bukti, kaopatna gugusi beulah ti handap.
202. Ari anu kalimana, nyaeta ngaran lalangit, lalangit anu ti handap, kagenep deui lalangit, geuning eta sidik bukti, lalangit belah ti luhur, ari anu katujuhna, ditengah letah sahiji.
203. Gumujeng Raden Muslimat, cisocana munggah bijil, rambay bakating ku ngeunah, aduh-aduh engkang sidik, sifat dua puluh bukti, kanu opat geus ngagulung, tembong aya barangna, enggeus sidik katingali, namung waos naha bet hanteu kabilang.
204. Kapan aya jeung buktina, sidik pisan katinggali, eta dina jero baham, bet kaliwat hiji deui, naha engkang teh lali, aya hiji nu kalarung, naha engkang bet diliwat, rai mah mun kitu, moal nampi dina eta Ma’nawiyah.
205. Rakana ngabarakatak, gumujeng mani ngagikgik, bari nyaur ka raina, duh rai karunya teuing, naha bodo-bodo teuing, bet manah make kaliru, kapan eta huntu mah, datangna oge pandeuri, sanggeus urang kaasupan aci dunya.
206. Ari balik pangheulana, kitu moal salah deui, raina mani ngarenjag, bakating ku raos isin, ngadebat rasa rek hasil, kari-kari ngabulucun, tungkul ngahuleng teu jawab, arek jawab deui ajrih, jadi teu pok kabujeng karasa pisan.
207. Wekasan neda hampura, mugi ulah bendu galih, sanes maksad rek ngadebat, mung kaliru pikir rai bakating handeueul ati, lamun aya nu kantun, jadi moal cios ni’mat, sifat dua puluh leuwih, ayeuna mah nuhun parantos lugina.
208. Rai saumur nembean, ngupingkeun carios Ilmi, saur teh sareng buktina, kanyataan dina diri, moal burung tereh harti, da sanes ku saur wungkul, samangsa aya barangna, tangtu karasa kaharti, ngaji diri ieu teh sayaktosna.
209. Paingan aya dalilna, Iqro kitabaka dalil, kafa binafsika tea, Alyauma ‘alaika deui, Hasiba unina dalil, sundana anu kamasyhur, yen wajib pisan manusa ngaji teh kudu ngajinis, nyaeta ngaji saadeging badan.
210. Ulah ngaji luar badan, matak ngajauhkeun Gusti, teu ngarasa babarengan, siang wengi ngangliputi, rakana lajeng ngalahir, bener rai eta kitu, sanggeusna maca daluang, terus ngaji luang deui, nyaeta rasakeun daluang tea.
211. Dihartikeun dilenyepan, dirarapkeun kana diri, sing cocog jeung sareatna, hakekatna mah geus pasti, aya didiri pribadi, nu matak kudu diemut, kalawan make tarekat, sangkan bisa ma’rifati.
212. Sareat sareng hakekat, tarekat ma’rifat deui, teu beunang dipisah-pisah, kudu gulung jadi hiji, boh dina lakon agami, sumawonna dina ilmu, kudu gulung anu opat, sabab manusa ge geuning, sampurna bisa gumelar di dunya.
213. Taya lain ngan ku opat, pangucap pangangseu deui, katiluna ku paninggal, kaopat pangdangu pasti, jadi lamun kurang hiji, teu sampurna urang hirup, komo lamun kurang dua, pinasti moal katepi, sumawonna kurang tilu nyucud pisan.
214. Raina lajeng unjukan, duh engkang karaos teuing, sadaya piwejang engkang, estu nyerep kana ati, sumarambah kana bayah, geus sumurup kana kalbu, namung rai ayeuna, ka engkang rek naros deui, eta sifat dua puluh saterasna.
215. Manawi aya kebatna, salangkungna tinu tadi, nu geus dipisaur, rakana lajeng ngalahir, masih teras eta sifat rai, pasal sifat dua puluh, lajengna jadi aksara, sabab aksara ge pasti, meunang nyutat tina adeging manusa.
216. Ngawalon deui raina, kumaha engkang nu mawi, didamel deui aksara, sifat dua puluh tadi, keur dameleun naon deui, rakana lajeng ngawangsul, pikeun ngaunikeun Qur’an, wetna Agama sabumi, jalan jalma ibadah ka Gusti Allah.
217. Jeung pikeun ngamankeun dunya, sangkan manusa didohir, hirupna bisa waluya, repeh rapih jeung sasami, anu mawi aya Agami, bakat asihna Yang Agung, ngamulyakeun ka manusa, ti dunya nepi ka batin, diunggulkeun tina sasama mahlukna.
218. Ngajawab deui raina, yaktos kahartos ku rai, pimaksudeunnana aksara, tapi naha eta mahi, ku aksara anu tadi, ku hurup nu dua puluh, pikeun ngaunikeun Qur’an, rakana lajeng ngalahir, tangtu bae cukup moal enya kurang.
219. Malah-malah tujuh welas, hakekatna mah kang rai, ku sakitu oge cekap, raina ngajawab deui, ku rai tacan kaharti, hurup Qur’an ngan sakitu, kapan sadaya ge terang, tilu puluh hurup pasti, ceuk rakana eta mah rangkepannana.
220. Bibitna mah moal salah, dua puluh bae pasti, kumargi lantarannana, sifat dua puluh tadi, sifatna Gusti Yang Widi, teu kurang sumawon langkung, moal enya ngaleuwihan, ti sifatna maha suci, seueur soteh eta mah rangkepannana.
221. Ngawalon deui raina, ku rai tacan kaharti, huruf Qur’an tujuh welas, beuki kurang wae geuning, kamana sawareh deui, da moal leungit teu puguh, tangtu aya sumurupna, muga diterangkeun deui, ulah pambeng engkang ka rai miwejang.
222. Ceuk rakana mun can terang, katerangannana rai, nu mawi ku tujuh welas, cukup teu kurang teu leuwih, tapi hakekatna rai, hakekatna eta huruf, sareatna mah teu salah, aya tilu puluh bukti, sabab kieu rai kateranganna.
223. Geuning dina sembahiyang, dina sapoe sapeuting, ngan tujuh welas raka’at, hanteu kurang hanteu leuwih, malah rukunna ge rai, tujuh welas eta puguh, tah geuning dina ibadah, ku tujuh welas ge mahi, tarekatna nyusul anu tilu sifat.
224. Ceuk raina naon tea, nu tilu teh can kaharti, nu disusul ku tarekat, ku tujuh welas raka’ati, ceuk rakana taya deui, ku sadaya nu disusul, hiji Dzatna Gusti Allah, kadua Sifatna deui, nu katilu, Asmana Allah ta’ala.
225. Asmana nu hiji tea, nu mahi ka tujuh bumi, tujuh langit sadayana, tah eta anu diberik, nu mawi Qur’an ge rai, hurupna teh ngan sakitu, hakekatna tujuh welas, nyaeta nyusul nu tadi, Dzat, Sifatna Asmana Allah ta’ala.
226. Kanyataan aksarana, anu tilu teh kang rai, nu teu aya dina Qur’an, aksara Ca nu kahiji, dua aksara Nya deui, aksara Nga nu katilu, tah eta anu teu aya, dina Qur’an teu ditulis, da hakekat dzat sifat asmana Allah.
227. Atawa Allah Muhammad, katiluna Adam deui, tah eta nu diteangan, diberikna kunu tadi, ku tarekatna Agami, nyaeta dina waktu, waktu anu lima tea, dina sapoe sapeuting, kapan raka’atna eta tujuh welas.
228. Saur rai geus kapaham, pasal tarekat agami, bener dina waktu lima, dina sadinten sawengi, tujuh welas raka’ati, hanteu kurang hanteu punjul, tapi naha kang rai mah, weleh bae teu kapanggih, dzat sifat asmana Allah ta’ala.
229. Akbarna hanteu kapendak, tur ibadah ti leuleutik, teu ninggalkeun waktu lima, rai bingun liwat saking, najan dicipta ku ati, weleh bae teu kaemut, anggur hate ambariang, cus cos ka sagala rupi, aduh engkang kumaha atuh petana.
230. Sangkan sampurna ibadah, ulah gawe tanpa hasil, rakana lajeng ngajawab, puguh wae atuh rai, sabab aya dina Hadist, mun amal teu reujeung ilmu, batal teu jadi amalna, bukti rai oge gening, bet teu raos karaosna, ku salira.
231. Da make bingung sagala, pertandana hanteu, jadi hanteu beresih nya manah, jadi mang-mang ati rai, ayeuna mung hayang bersih, ibadah ka Maha Agung, hempek geura teangan, tarekat na Ilmu Wali, mun ka pendak geus tangtu bisa ma’ripat.
232. Buktikeun hurup aksara, anu tujuh welas tadi, teangan dina salira, jalan tarekatna Ilmi, pikeun nyusul anu tadi, Dzat Sipat Asma Yang Agung, tanwande bisa kapendak, katinggal ku rasa jati, mimitina teangan nu tujuh welas.
233. Da moal enya bet beda, jeung tarekatna Agami, pada-pada tujuh welas, ngan aya beda saeutik, dina migawena rai, ari ku tarekat ilmu, nu tujuh welas aksara, bareng dipakena rai, sawaktuna tujuh welas-tujuh welas.
234. Nu mawi bisa ma’ripat, kana jatining Agami, tah kitu rai sababna, pang kudu ma’ripat jati, sangkan urang keur di dohir, sampurna ibadah kitu, ngalakonan rukun Islam, parentahna Kangjeng Nabi, alus pisan daek amal jeung elmuna.
235. Raina lajeung unjukan, nuhun ku rai kaharti, ayeuna kantun neangan, neangan tarekat ilmi, tapi moal tebih teuing, kawas-kawasna kulanun, ceuk babasan tea mah, tamiang meulit ka bitis, nya kang raka anu bade di guruan.
236. Rakana mesem sakedap, lajeng raina ngalahir, rai aya keneh bingbang, pasal dina hurup tadi, anu tilu tacan harti, huruf Ca Nya jeung Nga kitu, nu teu aya dina Qur’an, naha engkang naon margi, pang teu aya ku rai can kalenyepan.
237. Rakana enggal ngajawab, atuh da eta mah bibit, bibitna sagala rupa, nu langgeng teu owah gingsir, dzat sipat asmana gusti, Allah jeung Muhammad Rasul, Adam anu katiluna, bibit Nabi bibit Wali, ceuk raina kumaha sabab-sababna.
238. Rakana deui ngajawab, kieu rai mun can harti geura eta teh aksara, anu tilu tea tadi, Ca nya jeung huruf Nga deui, cecekna paek geura itung, aya sabaraha jumlahna, ceuk rai salapan pasti, tilu-tilu dina sahiji aksara.
239. Tah eta saur rakana, hakekatna para Wali, sareatna geuning aya, di Cirebon geus bukti, Wali salapan kawarti, Wali tunggal kasapuluh, raina lajeng ngarenjag, percanten kaliwat saking, hakekat teh geus tangtu aya sare’at.
240. Tapi bieu mah hakekat, nyandak tina huruf tulis, kumaha ari hakekatna, Wali di diri pribadi, da kapan kudu ngajinis, ngaji saadeging wujud, naha aya nyatana, hakekatna para Wali, dina ieu saadeging wujud urang.
241. Ceuk rakana nya kantenan, aya mah teu salah deui, pek bilang cecekna badan, aya sabaraha hiji, hartina liangna diri, raina mani ngaranjug, margina teh nyata pisan, liang-liang di jasmani, nu dilihur tujuh jeung dua dihandap.
242. Kasapuluh Wali tunggal, tunggalna wujud pribadi, ceuk rakana nuhun pisan rai gancang mangarti, raina ngajawab deui, berkah tapi rada bingung, lantaran ceuk carita, ma’nana Wali teh pasti, hartina teh pangurusna hal agama.
243. Wawakilna rasulullah, eta kitu nu wawarti, rakana lajeng ngajawab, atuh bener bae rai, kitu ma’nana Wali, nyatana eta pangurus, naha rai teu rumasa, diurus beurang jeung peuting, kapan sidik nu ngurus salapan liang.
244. Geuning lamun hayang dahar, diurus ku baham pasti, kitu deui hayang ninggal, diurus ku panon bukti, hayang ngangseu kitu deui, tangtu diurus ku irung, hayang ngadenge ge nyata, diurus ku cepil rai, kiih ngising diurus ku liang handap.
245. Tadi rai sasauran, Wali teh wawakil Gusti, wawakilna Rasulullah, eta oge bener deui, naha eta liang tadi, lain wawakilna Rasul, teh nyaeta rasa, rasa mah kapan gaib, nu bukti mah panon cepil irung baham.
246. Raiana emprak jeung senggak, bari nyaur nuhun teuing kaharti, lamun kitu mah, leres teu tebih ti diri, ku bawaning nya ngahiji, sagala rupa teh kumpul, arasup ka wujud urang, kana saadeging diri, hanteu ingkah hanteu ical ti salira.
247. Anamung rai ayeuna, ka raka rek naros deui, manawi teu jadi lepat, aya nu tacan harti, mugi ulah bendu galih, ceuk rakana rebu nuhun, naon oge pamariksa, anu ku engkang kaharti, moal luput ku engkang tangtu didadar.
NERANGKEUN ALAM NU TUJUH
1. Alam Ahadiat, 2. Alam Wahdat, 3. Alam Wahidiyat, 4. Alam Arwah,
5. Alam Ajsam, 6. Alam Misjal, 7. Alam Insan Kamil
Dangdanggula
248. Ceuk raina seueur nu can harti, kang rai teh can pati paham, wincikan alam sakabeh, hiji Ahadiyatu, dua Wahdat nu kawarti, katilu Wahdaniyat, opat Arwah masyhur, nu kalima alam Ajsam, nu kagenep alam Misjal can kapikir, ari anu katujuhna.
249. Nyaeta alam Insan Kamil, sadayana teu acan kapaham, dina ngarasakeunna teh, medeng estu halimun, barangna pon kitu deui, tacan karasa kapaham, mugi dipitutur,ulah kapambeng nya welas, atuh saha anu rek miasih, lian ti salira engkang.
250. Moal aya nu baris hawatir, lamun sanes ti salira engkang, deungeun-deungeun atuh komo, moal kersa mitutur, numawi ieu kang rai, ka engkang tangtos maksa, nyuhunkeun diwuruk, piwuruk nu saleresna, tina margi kanu sanes mah teu wani, kumargi kurang conggahna.
251. Najan conggah kanu sanes wani, mending-mending lamun terus terang, ngawakcakeun nu sayaktos, kumaha lamun wadul, teu kersaeun mukakeun sosi, dilampat dipageuhan, tangtos tambah bingung, jadina tangtu ngacaprak, tungtungna teh nuduh kanu lain, rai teh tangtos ngacona.
252. Rakana teh ngawalon jeung manis, aduh rai bener kitu pisan, lamun aya kahoyong teh, kudu keukeuh tanda kukuh, boro-boro dulur pribadi, sanajan kanu lian, mun harep berilmu, kudu keukeuh peuteukeuhna, hayang ngarti ulah arek lanca linci, mundur maju nu diseja.
253. Gera kieu bisi tacan harti, hal perkawis alam Ahadiyat, eta alam gaib keneh, gaib leuwih gaib, dalilna ge nu kauni, Dzatlaisa tah saksina, Kamislihi kitu, kieu pihartieunnana, sategesna, dzat nu teu aya upami, teu aya nu nyaruaan.
254. Ku bakating Bila Haiffin rai, sategesna teu warna teu rupa, hanteu beureum hanteu koneng, teu hideung bodas teu paul, teu poek teu caang deui, jadi tacan aya sifat, estu masih suwung, jenengan ge tacan aya, tapi wajib ayana Yang Maha Suci, suwung teh dina ayana.
255. Salajengna Ahadiyat tadi, rek ngersakeun kakawasaannana, ibaratna ngalalakon, di alam Wahdat kitu, alam dzat sifat teh bukti, didinya Ahadiyat ngaluarkeun Nur anu ngaran Johar Awal, atawana sagaraning hirup deui, tangkal nyawa sadaya.
256. Enya eta anu kasebat deui, hakekatna Muhammad wiwitan, utusan Gusti Yang Manon, atawa anu kasebut sajatina sahadat pasti, nyaeta saadatna, dzat jeung sifat gulung, Ahadiat sareng Wahdat, geus teu pisah ngajadi gulung ngahiji, ibaratna dina seuneu mah.
257. Geus ngahiji panas sareng api, Ibaratna panas Ahadiyat, dupi ibarat Wahdat teh, nyaeta seuneu nu hurung, geus teu pisah ngajadi hiji, sipanas jeung hurungna, numawi disebut, jatining sahadat tea, atawa saadatna waktu tadi, ngahijina dzat sareng sifat.
258. Datlaesa eta Maha Suci, nyaeta ibaratna panas, anu teu warna rupa teh, jeung taya upama kitu, sifat kanyataan pasti, nya hakekatna Muhammad, numawi disebat Muhammad Rasulullah, didamelna ku Gusti nu Maha suci, wiwitan sareng wekasan.
259. Wiwitanna Johar Awal pasti, nyaeta cahayana Allah, wekasanna ge geus ‘aen, majajina Kangjeng Rasul, nu sumareh di Madinah sidik, nyaeta wekasannana, utusan Yang Agung, panutup Nabi sadaya, eta kitu katerangannana rai, pasal Ahadiyat Wahdat.
260. Saur rai nuhun rebu nuhun keti, tina margi kang rai ayeuna, pasal eta bisa ngartos, sareng percanten kalangkung, paingan kedah kapanggih, ma’rifat kana dzat sifat, Gusti Maha Agung, da eta bibit sadaya, nya percanten mun ma’rifat enggeus pasti, maot teh tangtos sampurna.
261. Salajengna mugi dipiwarti, dina alam anu katiluna, nu ngaran Wahidiyat teh, sifat naon anu dumuk, kaayaannana nu sidik, sumangga geura piwejang, sangkan rai mafhum, rakana lajeng ngajawab, kaayaan dina Wahidiyat rai, hakekat Nur Muhammad.
262. Nyaeta sorotna nu tadi, tina Johar Awal, dzat sifatna Allah, Hakekat Muhammad eces, sifatna padang alus, bijil cahya opat rupi, cahya beureum mimitina, dua koneng kitu, katilu cahaya bodas, kaopatna cahaya hideung geus pasti, ngarana Nur Muhammad.
263. Muhammad anu caang tadi, atawana Nurullah disebat, tah eta Nur Muhammad teh, hakekat Adam disebut, bibit pikeun alam dohir, atawa Asmana Allah, nu opat teh kitu, jadi lafad Alif Lam Lam, kaopatna He eta teu salah deui, tadina ge asma Allah.
264. Dina alam katilu geus pasti, enya eta alam Wahidiyat, pan kieu merelena, dzat nu mimiti disebut, dua sifat nu kawarti, kakara kana asma, gening nomer tilu, eta kanyataannana sanggeus aya Nur Muhammad eta pasti, atawa hakekat Adam.
265. Anu tilu gulung jadi hiji, gulung Allah Muhammad jeung Adam, kieu ceuk dina dalil teh, Wanahnu Aqrobu kitu, Ilaihi Min Habril Warid, tah rai eta saksina, piraku ngawadul, dalil sakitu ecesna, mun teu ngandel kana dalil kupur kapir, numatak kudu karasa.
266. Den Muslimat pek ngalahir deui, duh engkang nuhun rebu laksa, sadaya saur kahartos, estu merele kalangkung, cocog sareng dina hadis, caritana mah gelar, ti kapungkur-pungkur, ngan jalmana anu liwar, teu ihktiar neangan tarekat ilmi, sangkan bisana ma’rifat.
267. Ayeuna mah pek teraskeun deui, nyaeta alam anu kaopat, alam Arwah can kahartos, naon nyatana anu dumuk, rakana lajeng ngalahir, alam Arwah nu kaopat, papay heula atuh, tadi anu tilu alam, kanyataan dzat sifat asmana Gusti, meureun anu kaopatna.
268. Kantun Af’al Gusti Maha suci, nyaeta alam Arwah tea, bilih rai tacan nyaho, nya ieu dunya dumuk, bumi cai seuneu angin, numatak disebut arwah, piroheun geus tangtu, pigetiheun sayaktosna, bibit Adam Manusa pon kitu deui, majajina mah tidinya.
269. jadi ieu bumi angin cai, nyaeta sorot tadi tea, tina Nur Muhammad eces, Af’alna Gusti Yang Agung, kakawasaannana buktina ieu alam dunya, babakalna dumuk, eta ti Nur Muhammad, anu tadi ku engkang geus dipiwarti, cahya anu opat tea.
270. Cahya beureum sorotna ngajadi, jadi hawa seuneu hanteu salah, buktina panas seuneu teh, sorot nu kadua kitu, tina cahya koneng tadi, nya jadi angin buktina, ari nu katilu sorotna cahya nu bodas, jadi cai kanyataan nana bukti, ari nomer kaopatna.
271. Tina sorot cahya hideung tadi, jadi tanah kanyataannana, ari eta nu opat teh, dihirupkeunnana tangtu, ku sorotna Matahari, sifatna nyaeta caang, geura bae lamun, mun didunya taya caang, moal enya manusa bisa harurip, tatangkalan oge musna.
272. Tapi eta Panonpoe tadi, moal caang mun teu kasorotan ku dzat sifatna Yang Manon, nu tadi geus dipitutur, teu beda lahir jeung batin, didohirna geuning nyata, bumi angin banyu, seuneu anu kaopatna, gening eta jadi asma Allah yakin, Alif Lam Lam He nyatana.
273. Caang mah tina Matahari, nyaeta nu jadi Tasjidna, nu ngahirupkeun sakabeh, didunyana oge tangtu, aya asmana Yang Widi, hiji mahi kasadaya, ngangliputi estu, kitu katerangannana, geura manah ku rai masing lantip, dina karasa henteuna.
274. Saur rai teu kinten kaharti, hanteu kedah diemut da paham, sabab parantos karaos, moal mungkir deui kalbu, ku rasa parantos kaharti, sasat geus katarima, ku Rasulullahu, buktina ku teu bingungna, samangsana hanteu bingung eta sidik, tanda-tanda geus benerna.
275. Kantun eta anu kalima deui, enya eta alam Ajsam tea, naon buktina anu ‘aen, rakana enggal ngawangsul, perkawis Ajsam anu tadi, nyaeta nyatana jasad, manusa satuhu, asal tina opat rupa, tina bumi cai seuneu reujeung angin, kieu bilih kurang terang.
276. Anu mawi jasad ieu rai, asalna teh cai angin taneuh, sareatna ge karaos, lamun Rama sareng Ibu, hanteu barang tuang rai, aci-aci anu opat, bukti ngajarentul, sifat-sifat kajadian, tatangkalan anu nanceb dina bumi, buahna kapan dituang.
277. Sabab sidik tatangkalan pasti, pangna bisa ngagedean tangkal, kapan bukti enggeus ‘aen, ku opat tadi geus tangtu, aci bumi hawa angina, hawa panas katiluna, opat hawa banyu, coba rai lamun melak, naon bae boh pare atawa kitri, mun dikirangan sarupa.
278. Kinten-kinten eta bisa jadi, lamun hanteu aya anu sarupa, mun cai anu teu aya teh, enggal raina ngawangsul, atuh moal bisa jadi, sakabeh ge tatangkalan, huripna ku banyu, ceuk rakana geuning nyata, jadi sidik kabeh anu jaradi, aci nu opat perkara.
279. Kajadian dina diri rai, nyaeta kulit rai nyata, dua daging enggeus ‘aen, tulang rai anu katilu, kopatna sungsum rai, teras nya kajadian, hawa kulit balung, tina daging sungsum tea,kajadian jadi nafsu opat rupi, sahiji nafsu Amarah.
280. Hawa asal tina daging rai, bijilna teh ka cepil jalanna, dua nafsu Lawamah teh, hawana tina sungsum, bijilna ka panon rai, katilu nafsu Sawiyah, hawa kulit tangtu, jalanna teh kana baham, kaoptana nafsu Mutmainah deui, kajadian hawa tulang.
281. Ka pangambung bijilna teh pasti, karepna ge tangtu beda-beda, aya nu sae aya nu awon, meureun ku rai kamafhum, teu kedah didadar deui, piraku tacan kamanah, dikarep sinafsu, raina teras ngajawab, pasal eta teu kedah didadar deui, da eta mah geus kapaham.
282. Namung eta dua alam deui, alam Misjal naon sanyatana, rakana lajeng ngawalon, tah eta rai pang kudu, diwajibkeun ku Maha Suci, manusa kudu ikhtiar, kudu nyiar elmu, pikeun nganyahokeun asal, asal jasad dina waktu keur di Kadim, nyaeta nu opat tea.
283. Nur Muhammad beureum bodas koneng, kaopatna cahya hideung nyata, asalna jasad urang teh, lamun jalma enggeus weruh, kana eta opat perkawis, jeung kalawan yakinna, hanteu omong wungkul, nya ngaranna alam Misjal, enya eta ma’rifat ka alam tadi, tah kitu tuturannana.
284. Ceuk raina aduh nuhun teuing, engkang heman keresa miwejang, ka rai nu masih bodo, namung ayeuna panuhun, teraskeun sahiji deui, alam anu katujuhna, Insan Kamil kitu, martabat anu kumaha, anu enggeus nepi kana Insan Kamil, sumangga ku engkang dadar.
285. Rakana teh ngajawab jeung manis, anu enggeus dina pangkat eta, pameakan nu ngilmu teh, sasat nu geus ma’rifatu, kana dzat sifat Yang Widi, nyaeta nu tadi tea, Johar Awal kitu, eta jatining Sahadat, enya-enya sajatining Iman deui, bibit nyawa sadayana.
286. Anu mawi pangkat Insan Kamil, hartina teh manusa sampurna, geus tepi ka asal teh, nyaeta sagara hirup, kasampurnaan nyawa rai, tangtu bisa balikna, ka asal kapungkur, mulih ka jati mulang ka asal, moal cidra Gusti Allah enggeus jangji, ka sakabeh nu ma’rifat.
Pangkur
287. Saha manusa anu terang, nu ma’rifat kana dzat Maha suci, nalika di dunya kitu, terus tepi ka Aherat, moal pisah jeung dzatna Gusti Yang Agung, lamun lolong didunyana, di Aherat lolong deui.
288. Moal pinanggih jeung caang, poek bae teu ninggal dzat Yang Widi, samangsa poek geus tangtu, nya eta naraka tea, da bonganna di dunya teu nyiar ilmu, sumawon amal ibadah, jongjon nganteur nafsu dohir.
289. Raina lajeng haturan, nuhun engkang perkawis eta kaharti, ayeuna gaduh piunjuk, reh aya sesebatan, dina Hadis aya opat nu kasebut, sahiji ngaran Dzatullah, dua Sifatullah deui.
290. Nu katilu Asma’ullah, nu kaopat Af’alullah nu kawarti, sinareng tacan kaemut, sareatna hakekatna, anu nyata di badan urang sakujur, sumawon dina goibna, muga diterangkeun deui.
NERANGKEUN DZATULLAH, SIFATULLAH, ASMA’ULLAH, AF’ALULLAH
291. Rakana lajeng ngajawab, pasal eta anu opat perkawis, ayeuna ku engkang tangtu, rek didadar sakaterang, boh luarna, boh jerona sugan sapuk, mufakat sareng sadaya, nu geus ngagem tarekati.
292. Ayeuna luarna heula, nyaeta luareun diri pribadi, supaya merele kitu, tuluy engke kana jasad, sanggeus beres dina jasad meureun tuluy, kana hakekatna pisan, sabab mo beda saeutik.
293. Luarna ngaran Dzatullah, nyaeta alam disebatna rai, nya ieu anu ngawengku, nu ngawengku alam dunya, ceuk raina nuhun ku rai kamafhum, naon ari Sifatullah, muga diterangkeun deui.
294. Ceuk rakana Sifatullah, enya ieu caang satungkebing langit, sabab tadi ge Yang Agung, hiji dzatna hiji sifatna, tapi mahi kasadaya ngaangliput, teu aya anu kaluar, tina dzatna Maha Suci.
295. Saur rai leres pisan, hal perkawis caang teh eta ngan hiji, saalam dunya katutup, ayeuna nu katiluna, Asma’ullah ku engkang geura pisaur, rakana lajeng ngajawab, Asma’ullah eta rai.
296. Hiji seuneu enggeus nyata, dua angina tilu cai opat bumi, tah eta Asma Yang Agung, hiji mahi kasadaya, sabab eta nu opat teh jadi huruf, jadi lafad Asma Allah, Alif Lam Lam He geus sidik.
297. Raina teras ngajawab, kantun eta Af’alullah mangga wincik, nu mana Af’alullah, ceuk rakana mun teu terang, pasal eta Af’alullah anu dumuk, nyaeta nyatana hawa, nu ngahirupkeun sabumi.
298. Kumaha rai kumaha, karaosna surup sareng manah rai, atawa masih bingung, ceuk rai saha jalmana, nu teu ngarti kana eta sapiwuruk, anu sakitu jentrena, piraku bet bodo teuing.
299. Ayeuna mah mangga engkang, kantun nyasar kana diri pribadi, naon nyatana anu dumuk, nyatana hiji-hijina, kang rai teh masih keneh rada ewuh, kumaha eta nyatana, tumibana dina diri.
300. Ceuk rakana mun can terang, Dzatullah teh sanyatana dina diri, buktina badan sakujur, nu ngawengku kaayaan, tek-tek bengek kaayaan dina wujud, Sifatullah rupa urang, kitu hanteu salah deui.
301. Saur rai naha engkang, kapan tadi Allah ta’ala ngan hiji, rasa rai lamun kitu, Allah teh pirang-pirang, salobana manusa teh anu hirup, ceuk rakana rai naha bet kaliru-kaliru teuing.
302. Coba rai ayeuna mah, geura angkat kanu rame di nagari, dina jalma rebu-rebu, pek ku rai tinggalian, sugan aya nu sarupa nu sapatut, sarupa taya bedana, jeung rupi rai pribadi.
303. Ari emutan engkang mah, boro-boro asup ka hiji nagari, neangan anu sapatut, sanajan saalam dunya, moal manggih anu sarupa sapamulu, nu ceples taya bedana, jeung rupa rai mo manggih.
304. Raina ngagebeg reuwas, eh sumuhun naha bet kaliru teuing, leres engkang kaulanun, estu ngan sahiji pisan, rupa rai teu dua sumawon tilu, sajeroeun alam dunya, tawilna Allah ngan hiji.
305. Amung anu katiluna, nyaeta anu ngaran Asma’ullahi, naon nyatana anu puguh, nu bukti di badan urang, ceuk rakana rai lamun tacan mafhum, nyatana Asmana Allah, kulit anu nomer hiji.
306. Daging anu kaduana, katiluna tulang hanteu salah deui, kaopatna the nya sungsum, sidik geuning jadi lafad, Asma Allah Alif Lam Lam He geus puguh, pada opat jejeg pisan, teu kurang sumawon leuwih.
307. Sumuhun saur raina, sihoreng teh kadinya bae ngahiji, ayeuna mangga kulanun, Af’alullah geura wejang, ceuk rakana kieu rai mun can mafhum, sanyatana Af’alullah, nyaeta usikna diri.
308. Usik malik wujud urang, ceuk raina nuhun alhamdulillahi, surup pisan sareng kalbu, ayeuna kuma lajengna, sugan aya teras bae kulanun, ceuk rakana masih teras, geura rek diwincik deui.
309. Eta anu tadi tea, diringkeskeun kana opat rupi, sanyatana dzatullahi, nyaeta pangucap urang, sabab eta pangucap teh anu puguh, nu ngajadikeun sagala, karamean alam dohir.
310. Lamun hanteu ku pangucap, moal jadi sagala kahayang jalmi, gedong-gedong ge moal rentul, jadina jeung ramena, ieu dunya teu lian ku kecap kitu, tegesna teh ku omongan, da tadi ge dzat teh bibit.
311. Raina ngabarakatak, gumujengna geunah bakating kataji, wekasannana pok nyaur, duh engkang karaos pisan, katerangan engkang sakitu mah cukup, ayeuna nu kaduana, Sifatullah geura wincik.
312. Ceuk rakana sifatullah, enya eta sifatna paninggal rai, eta nu mere tuduh, kana sagala sifat, anu hade anu goreng oge kumpul, gulungna dina paninggal, satungkebing bumi langit.
313. Geus gulung kana paninggal, caang poek beureum hideung bodas kuning, bulao biru jeung wungu, pendekna sadayana, sakur sifat kana soca bae gulung, nu matak soca disebat, Sifatullah eta rai.
314. Rai mesem bari jawab, aduh tobat karaos kaliwat saking, nyatana Sifatullah, bet malindes kana badan, beuki jero beuki karasa sumurup, ayeuna ulah kapalang, Asma’ullah geura wincik.
315. Saur raka Asma’ullah, sanyatana nyaeta pangdangu, cepil wadahna geus tangtu, kieu katerangannana, geuning nyata sakabeh sowara kumpul, gulungna geus tangtu pisan, kana cepil geuning sidik.
316. Kapan sagala omongan, sakur-sakur nu diharuskeun ku biwir, sakabeh ge asma wungkul, asupna moal salah deui, kana cepil sora nu gede nu lembut, kitu katerangannana, naha ku rai kaharti.
317. Ceuk raina aduh kantenan, kahartos sumurup kana sanubari, ati rai geus teu bingung, caang padang narawangan, tina margi katerangan engkang cukup, karasa sareng buktina, atuh rek kumaha deui.
318. Sageuy rek nyalimpang tekad, kapan tadi pangwajibna nyiar ilmi, neangan pangarti tangtu, tina poek hayang caang, ayena ku rai enggeus kaemut, sakur nu geus diwejang, nyacas bae jero ati.
319. Ayeuna kantun kaopat, enya eta Af’alullah geura wincik, naon nyatana anu dumuk, nyatana dina badan, saur raka perkawis Af’alullahu, kanyataan di salira, nya Nafas urang geus sidik.
320. Enya eta Af’alullah, sareatna anu aya dina diri, nafas nu kaluar asup, wawayangan hirup tea, nu ngawengku nguatkeun sakabeh wujud, eta nu jadi tihangna, taya nafas tangtu mati.
321. Tah eta palebah dinya, wajib pisan ku urang kudu kaharti, nafas teh kamana atuh, tinggal dangu sareng ucap, mun kaluar tepi kamana nya dumuk, mun kajero sumawonna, dimana enggonna ngancik.
322. Moal leungit tanpa sabab, tangtu bae aya tempatna geus pasti, saur raina sumuhun, mun dipikir lebah dinya, matak paur matak sieun pupus, atuh kumaha akalna, sangkan urang kaharti.
323. Ceuk rakana naha reuwas, kapan tadi Gusti Allah sifat adil, buktina nurutkeun ilmu, sareat sareng hakekat, katiluna tarekat jeung ma’rifatu, eta teh perjalanan, jalan manusa baralik.
324. Kana asalna baheula, tempat eroh urang keur waktu di kadim, keur dina qudratullahu, numatak ayeuna urang, kudu daek ikhtiar neangan ilmu, neangan ilmu ma’rifat, ma’rifat ka asal tadi.
325. Sangkan puguh pangbalikan, ulah hanteu puguh piloseun nya balik, hanteu puguh nu dijugjug, atuh lamun teu puguh mah, nu dijugjug jadina teh usrak-asruk, tungtungna saha nu nyambat, didinya teh urang cicing.
326. Kumaha lamun disambat, ku Siluman ku Onom atawa Jin, anu mara kayangan kitu, atuh tangtu cilakana, najan urang bebekelan nyuhun nanggung, nyaeta beunang ibadah, keur waktu tadi di dohir.
327. Lamun hanteu aya tempat, hak pribadi atuh bebekelan tadi, teu aya tempatna kitu, balatak taya wadahna, nyaah temen urut tisusut ti dungdung, hese cape ngalakonan, ibadah di alam dohir.
328. Kitu rai upamana, anu matak urang teh sing ati-ati, enggoning ibadah kitu, kudu jeung ma’rifatna, kana asal keur urang waktu kapungkur, jaman keur di qudratullah, pangbalikan nu sajati.
329. Ceuk raina yaktos pisan, umumna teh lolobaha jalmi-jalmi, ibadah anu ti payun, nyaeta ibaratna, keur kukumpul keur engke pibekeleun wangsul, mulih ti pangumbaraan, nya ieu ti alam dohir.
330. Tapi keur pikeun tempatna, piwadaheun bebekelan anu tadi, sok tara pisan diemut, sumawonna dianjangan, sok neumbleuhkeun kumaha bae Yang Agung, ana kitu nyieun bujang, ka Gusti nu Maha Suci.
331. Kapan tadi Gusti Allah, Kun Fayakun enggeus hanteu nungtut deui, mahi kusakali tangtu, kari-kari manusa, bet neumbleuhkeun deui ka Gusti Yang Agung, nyieun purah-purah pisan, kapan tadi geus maparin.
332. Ari emutan rai mah, engkena mah Gusti nu Maha Suci, ngan kari netepkeun wungkul, sabogana-sabogana, beubeunangan ti pangum baraan kitu, teu kudu nyiksa ngaganjar, sabab tadina ge Gusti.
333. Pang ngayakeun Naraka, jeung Sawarga lain keur sangaja Gusti, ngaganjar sareng ngahukum, ngahaja pikeun manusa, lamun kitu Allah teh tukang ngahukum, sinareng tukang ngaganjar, saperti bangsa hawadis.
334. Ceuk rakana bener pisan, eta kabeh papahaman kang rai, yen Gusti nu Maha Agung, pang ngayakeun Sawarega, jeung Naraka lain keur baris ngahukum, atawa baris ngaganjar, manusa di dohir batin.
335. Sategesna Gusti Allah, ngan ngayakeun geunah teu geunah geus pasti, bareng jeung ngayakeun mahluk, sumawonna alam dunya, geuning kitu sidik adilna Yang Agung, lain sangaja keur nyiksa, ngan bareng ngayakeun jadi.
336. Kapan ku urang karasa, ayeuna ge keur aya keneh di dohir, mun nyieun susah ka batur, nganyerikeun pada jalma, malik deui ka urangna eta tangtu, karasa hanteu ngeunahna, sabalikna kitu deui.
337. Lamun nyieun kahadean, ka sasama papada kaula Gusti, ka urangna ge geus tangtu, malik jadi kangeunahan, geuning sidik sawarga naraka kitu, dijieun ku urang sorangan, tina tekad laku jalmi.
338. Sanajan di akheratna, pang ayana naraka sareng sawargi, bawana ti dunya tangtu, sabawana-sabawana, sewang-sewangan kumaha tekad jeung laku, waktuna di alam dunya, sa Ilmu-ilmuna tadi.
339. Dupi perkawis Allah mah, ngan netepkeun sabandana-sabandana tadi, bawana ti dunya kitu, mun mawa kagorengan, kajadian ngan jadi teu ngeunah wungkul, lamun mawa kahadean, kajadian ngeunah deui.
340. Mun mawa kasampurnaan, nya jadina sampurna teu salah deui, balik ka asal kapungkur, kumaha bae elmuna, da kabeh ge tunggal ilmuna Yang Agung, moal ditampik ku Allah, kamana ge anu aing.
Sinom
341. Ngajawab deui raina, leres engkang kahareti, dina pangbalikan jalma, kumaha ilmuna tadi, geus moal sulaya deui, mung rai aya panuhun, tadi aya nu kaliwat, hal perkawis Dzatullahi, hakekatna ku engkang tacan didadar.
342. Tadi karek di luarna, kuma kajerona deui, Dzatullah jeung Sifatullah, Asma’ullah kitu deui, Af’alullah tacan ngarti, rai panasaran langkung, hayang tepi ka jucungna, ulah kapambeng hawatir, mangga engkang carioskeun anu terang.
NERANGKEUN Dzatullah, Sifatullah, Asma’ullah, Af’alullah HAKEKATNA
343. Rakana lajeng ngajawab, kieu hakekatna rai, eta nu ngaran Dzatullah, rasa moal salah deui, ari Sifatullah rai, nyaeta nu padang mulus, caang padang narawangan, Jatining Sahadat deui, atawana Sagarana hirup.
344. Kuma rai geus kapendak, Sifatullah anu tadi, dina keur waktu tarekat, keur narik ilmu dzat rai, ngajawab ingkang rai, berekah hibarna guru, parantos kapendak pisan, mung ngan sakali teu leuwih, ceuk rakana sakitu ge untung pisan.
345. Ceuk raina mangga teras, Asma’ullah geura wincik, ulah rek kumapalang, seepkeun sama sakali, kapambeng dua deui, ceuk rakana mangga dangu, ari eta Asma’ullah, Nur Muhammad enggeus pasti, nya eta cahya anu opat tea.
346. Sahiji Narun ngarana, cahyana beureum geus pasti, Hawaun nu kaduana, cahyana koneng tur bening, katilu Ma’un deui, cahyana bodas mulus, kaopat Turobbun eta, cahyana hideung geus pasti, tah nya eta nu ngaran Asma’ullah.
347. Eta anu opat warna, jadi huruf opat rupi, nya eta Alif Lam Lam, He nu kaopatna deui, geuning sidik Asma Gusti, Lafad Allah nu saestu, eta ge meureun kapendak, ku rai geus katingali, dina waktu keur ngalakonan Ismu Dzat.
348. Saur rai nya kantenan, malah eta mah sok sering, ku kang rai kapendakna, saban ngalakonan wajib, ngajawab raka ka rai, atuh rai rebu nuhun, enggeus bisa kapendak mah, jeung sagara Adam rai, enya eta tempat kasampurnaan jasad.
349. Ceuk raina nuhun pisan, ayeuna rai teh Tohid, ngan kantun nu kaopatna, Af’alullah can kaharti, saur raka eta rai, nyatana af’alullahu, awasna ingdalem eta, ingdalem waktu Tajali, enya eta Af’al Allah Ta’ala.
350. Saur rai nuhun pisan, ayeuna enggeus lastari, tamblas pisan sadayana, pasal eta Dzatullahi, ayeuna rek naros deui, pasal eta Kangjeng Rasul, nya Kangjeng Nabi Muhammad, kacapangan jalmi-jalmi, sok disebat awal akhir ku sadaya.
351. Sarengna sok disebat, Jeng Nabi panutup deui, tah eta rai can terang, ma’nana basa nu tadi, kawas kudu kaharti, da moal luarna wungkul, meureun aya kajerona, aya buktina deui, nu karasa ku ati urang sadaya.
352. Ngajawab deui rakana, kieu rai mun can harti, pasal eta Nabi urang, pang disebut awal akhir, atuh puguh bae rai, kapan tadi ge diluhur, ku engkang geus didadar, hakekatna Muhammad Nabi, bibit tujuh bumi tujuh langit pisan.
353. Beh dieuna oge nyata, sanggeus aya Adam Nabi, sinarengan Babu Hawa, bibit ngaluarkeun jalmi, tetep bae Kangjeng Nabi, Muhammad Rasulullahu, jadi awal jeung akhirna, sageuy rai can kaharti, kapan adam sareng Hawa arek putraan.
354. Tangtuna patemon rasa, kapan rasa teh rai hakekatna Rasulullah, mun taya rasa mah rai, moal kaluar Mani, dua-duana ge luput, ari eta mani tea, Hakekat Adam geus pasti, sidik pisan Adam teh sorot Muhammad.
355. Nya eta sorotna rasa, barang eta mani tadi, lila-lila teh mangrupa, jadi sirah dada deui, udel jeung suku rai, sidik jadi lafad kitu, sirah nyaeta Emim tea, dada teh jadi He sidik, udel eta jadi Mim akhir nyatana.
356. Suku teh jadi lafad Dal, geuning eta rai sidik, ngajadi lafad Muhammad, ahirna rasa nu tadi, nya eta rupana jalmi, nu mawi eta disebut, Muhammad jadi wiwitan, jeung jadi wekasan deui, atawana awal ahir disebutna.
357. Ceuk raina aduh nyata, karaos pisan ku rai, eta katerangan engkang, asa cocog-cocog teuing, luyu sareng kaharti, karaos pisan nyakitu, babasan teh hanteu salah, Kanjeng Muhammad sinelir, dibasakeun awal akhir teh geus nyata.
358. Sinarengan aya basa, panutup eta Jeng Nabi, panutup teh naonnana, ku rai can kaharti, rakana ngajawab manis, lamun rai tacan mafhum, panutup soteh ilmuna, anu opat geus kasungsi, enya eta sare’at sareng hakekat.
359. Tarekatna dipilampah, jalan ma’rifat ka Gusti, tepi ka sapatinggalna, jeung Gusti nu Maha Suci, nu matak pangkatna Nabi, Muhammad Rasulullahu, da geus ma’rifat ka Allah, kitu sababna mah rai, ceuk raina percanten ana kitu mah.
360. Mung aya kapanasaran, aya basa opat deui, hiji Ihkrom, nu kasebat, dua Mi’raj nu kauni, katilu Munajat deui, Tubadil anu panutup, tah eta kuma hartina, jeung dimana pernahna deui, lamun rai tacan ngarti, enya eta keur solat sajati tea.
361. Ceuk rakana eta basa, nyumponannana geus pasti, sareatna mah di Mekkah, kunu rek marunggah Haji, hakekatna mah geus pasti, aya di pulo Jawa ge tangtu, geus tangtu pisan ayana, lamun rai tacan ngarti, enya eta keur solat sajati tea.
362. Kieu katerangannana, Ihkrom eta nu mimiti, hartina teh peta-peta, tekad seja rek indit, mun diibaratkeun paksi, manuk arek niat ngapung, geus dibeberkeun jangjangna, ngan hanteu di kiplik-kiplik, Mi’raj eta, enggeus jeung ngapung ngalayang.
363. Geus ninggalkeun alam dunya, lat poho ka alam dohir, Munajat nu katiluna, hartina Munajat rai, geus munggah ka alam batin, rek nepi kanu dijugjug, rai anu kaopatna, Tubadil ngarana deui, hartina teh geus tepi kanu diseja.
364. Sapatinggal sapocapan, kaula kalawan Gusti, geus ngancik di kalanggengan, dina Baetullah suci, Baetullah nu sajati, nu lain di kulon kidul, lain dikaler di wetan, jeung teu keuna ruksak deui, enya eta kiblat nyawa nu sampurna.
365. Ceuk raina naon tea, sifatna Baetullahi, Baetullah nu sajatina, rakana ngajawab deui, enya eta Dzat Yang Widi, sifatna teh padang alus, atawana Johar awal, jeung sagara hurip deui, pikeu kiblat dina waktu wafat tea.
366. Sabab eta, kiblat wafat, wajib ku urang disungsi, bisi jadi marakayangan, nyawa urang teh teu nepi, teu bisa mulih ka jati, pulang ka asal kapungkur, atuh pantes arek aya, Naraka siksaan diri, sababna teh utrak-atrok taya jalan.
367. Numatak meungpeung di dunya, sing suhud urang milari, milari jalanna wafat, sangkan nyawa bisa mulih, geura beuli ku prihatin, sangkana bisa kasusul, kusabab rugi pisan, kudu reujeung kentel peujit, barang dahar ulah sok sakama-kama.
368. Talunganan bab ibadah, hanteu sakumaha rugi, da aya patokannana, nyaeta Qur’an jeung Hadis, didinya enggeus mahi, ngan kari suhudna wungkul, suhud ngapalkeunnana, jeung prakna nyembah ka Gusti, ari jalan maot mah sejen aturan.
369. Da eta mah panungtungan, panungtungan nu kumelip, tungtungna teh kedah wafat, nu ibadah oge sami, sareng nu teu Gumusti, teu ibadah ka Yang Agung, teu burung wae wafat mah, sareatna oge sami, sadayana pada aya sakaratna.
370. Tah rai dilebah dinya, ku urang kudu kapikir, kudu sing ka ilmu pisan, kumaha sabab pang sami, pada sakarat bukti, nu ma’siat, jeung nu suhud, suhud kana ibadahna, mana atuh anu tepi, mangga jawab ku rai sugan kamanah.
371. Ari ceuk paham rai mah, anu ibadah anu tepi, ngan make lalakon heula, nyorang siksa tilu rupi, hiji nyorang sakarati, anu nyerina kalangkung, siksa kubur kaduana, tilu siksa akherati, dina waktu kiamat alam dunya.
372. Lila-lila oge bisa, mungguh kasawarga deui, dupi nu teu ibadah, tetep langeng eta misti, di Naraka api pasti, langgeng taya wates kitu, saur rakana mufakat, ngan utamana kang rai, nu kumaha paeh teh nu sampurna.
373. Ceuk raina mun mufakat, utamana anu mati, ulah nyorang ku siksaan, sumawonna tilu kali, sakali ge alim teuing, rakana gumujeng tungkul, atuh kumaha petana, sangkan ulah bisa nepi, kana eta siksaan Allah Ta’ala.
374. Raina lajeng ngajawab, nyanggakeun bae kang rai, teu langkung kumaha engkang, meureun engkang mah geus ngarti, siga nu teu reuwas geuning, mana kitu ge ka ilmu, cik atuh rai wartosan, kumaha jalanna deui, rakana teh gumujeng bari ngajawab.
375. Tuh rai mah na kumaha, naha bet kaliru deui, kapan tadi geus didadar, numatak urang teh wajib, kudu ma’rifat teh misti, kana Dzatna Maha Agung, enya eta supaya urang, engke dina waktu keur mati, ulah nyorang kana siksaan sakarat.
376. Sumawon siksa akherat, tah kitu ganjaran ngilmi, jeung anu daek ibadah, nurut parentah Nabi, mun kitu atuh utami, daek ibadah tur suhud, kalawan ma’rifatna, kana Dzat Maha Suci, tah nu kitu moal nyorang siksaan.
377. Ngajawab deui raina, kasuhun nuhun saketi, rai parantos diwejang, dina aturan bab ilmi, kaharti surup jeung ati, ayeuna moal kaliru, teges ilmu kabatinan, kasampurnaan keur batin, nya ayeuna ilmu Cirebon timbulna.
378. Ayeuna kantun ngajaga, laku dohir sing beresih, amal ibadah beresan, imankeun beurang jeung peuting, supaya urang di dohir, bisa salamet rahayu, ulah keuna panca baya, sabab mun keuna balai, osok jadi moekan kana Agama.
379. Saur rakana kantenan, bener ayeuna mah rai, ngan kantun ngajaga lampah, satungtung hirup di dohir, sumawon tekad sing bersih, ulah pasea jeung batur, sumawon bangsa sorangan, najan sejen bangsa deui, ulah pisan uran arek goreng tekad.
380. Urang hirup babarengan, da sarua umat Gusti, pada dadamelan Allah, mun urang ngewa ka jalmi, sami sareng ngewa deui, kanu ngadamelna kitu, persasat ngewa ka Allah, sumawonna tekad dengki, boga tekad hayang nyiksa pada jalma.
381. Mun kitu mah nyucud pisan, kalebet nu ngaran kafir, kajeun dina bangsa Islam, kapan ceuk hakna mah geuning, kafir lain Cina Bugis, teu beunang dituduh kitu, sategesna kafir tea, nu jahat atina rai, ayana teh dina saantero bangsa.
382. Sabab mun jahat atina, kapada manusa deui, sami jahat ka Pangeran, anu ngersakeun sabumi, kapan ceuk Qur’an jeung Hadis, manusa teh geus disebut, anu pang mulya-mulyana, didamelna ku Yang Widi, dibedakeun jeung saantero mahlukna.
383. Ngalahir deui raina, ayeuna rek naros deui, kumaha beda-bedana, antara Mahluk jeung Khaliq, ku rai tacan kaharti, sanget nya neda piwuruk, margi bet kaliwat-liwat, eta Mahluk sareng Khaliq, kang rai teh teu acan terang jinisna.
384. Sumawon dina bedana, tacan kaharti kapikir, rakana lajeng ngajawab, kieu rai mun can harti, di jinisna anu yakin, perkara nu ngaran makhluk, sakur-sakur nu nyareat, bukti nu aya dohir, nu jarentul sajeroning alam dunya.
385. Najan ieu alam dunya, seuneu cai angina bumi, makhluk bae disebatna, sanjan Naraka Sawargi, lebet makhluk bae rai, raina lajeng ngawangsul, nuhun parantos kapaham, mung eta nu ngaran Khaliq, anu mana jinisna anu saleresna.
386. Rakana lajeng ngajawab, nu ngaran Khaliq mah rai, eta mah bibitna dunya, bibit antero hawadist, nya anu kasebat tadi, nu geus kaunggel diluhur, nya eta Nur Muhammad, cahya nu opat perkawis, beureum koneng bodas sareng hideung tea.
387. Nu langgeng teu keuna ku ruksak, hakekatna Adam nami, raina lajeng ngajawab, ayeuna mah rai harti, barangna Makhluk jeung Khaliq, bedana oge pon kitu, kaharti sareng kapaham, ayeuna mah gentos deui, rek naroskeun tapi digentos pasal.
388. Gusti Allah nu kasebat, sifat Rahman sareng Rahim, Rahman teh murah di dunya, Rahim Allah teh nu asih, di aherat geus pasti, tah eta ceuk dalil kitu, ayeuna hayang karasa murahna Allah di dohir, anu mana nyatana di badan urang.
NERANGKEUN RAHMAN – RAHIM Murah jeung Asihna nyatana dina badan.
Dangdanggula
389. Lamun murah Gusti Maha Suci, ku perkara hal dunya barana, naha atuh buktina teh, bet beda-beda kitu, aya nu beunghar aya nu miskin, nu senang nu susah, jadi lamun kitu, siga-siga Gusti Allah, pilih kasih hanteu kasadaya jalmi, murahna dipilihan.
390. Malah-malah ka umatna Gusti, ka umatna Jeng Nabi Muhammad, nu kacida bedana teh, seuseueurna anu ripuh, tina hal kurangna rizki, teu sapertos sejen bangsa, hirupna jaregud, mungguhing di bangsa Islam, hanteu weleh nandangan lara prihatin, hirupna hirup sangsara.
391. Kapan tadi Gusti Maha Suci, murahna teh ka kabeh makhlukna, tapi dina buktina teh, teu cocog hanteu luyu, tur tadi Muhammad Nabi, cenah kakasih Pangeran, sagala diturut, naha buktina salia, ari bangsa sejen nu sanes Agami, bet siga marulya pisan.
392. Ceuk rakana duh karunya teuing, naha rai bet kaliru manah, sirik ka bangsa nu sejen, hirupna jeregud, naha rai can ngaharti, dina kamurahan Allah, ka sadaya makhluk, nu geus nyata bro sapisan, geus tumiba ka diri urang pribadi, naha rai can ngarasa.
393. Nu sakitu Gusti Maha Suci, ngamulyakeun ka makhluk-makhlukna, taya kakuranganna teh, geus bro sarta cukup jeung teu pilih kasih deui, sanajan ka hewan pisan, geus dibere cukup, samrtabat-martabatna, ceuk raina mangga atuh dipiwarti, mana kamurahan Allah.
394. Margi rai rumaos can tepi, kana eta palebahan dinya, di rai mah masih poek, margi tacan dipiwuruk, kapan aya basa tadi, moal enya terang, lamun tanpa Guru, kedah basa Guru heula, sabab tadi Guru teh nu geus dipasti, tuduh jalan marga padang.
395. Ceuk rakana mangga atuh rai, ayeuna amah ku engkang didadar, kamurahanna Yang Manon, nu tumiba dina wujud, bilih rai teu tinggali, maparin panggahota, panangan jeung suku, pangangseu jeung paninggal, jeung pangdangu pangucap eta geus bukti, budi pamilih jeung akal.
(*) Omat kedah pisan milari pigurueunnana.
396. tah sakitu pokna ti Gusti, kamurahan ka urang sadaya, papak sadayana oge, lain murahna Yang Agung, sok maparinan rizki, rupa barang sareng uang, eta lain kitu ari pasal rezeki mah, tangtu bae beda-beda moal sami, aya nu leutik aya nu loba.
397. Da perkawis rizki mah rai, nya kumaha ngagolangkeunnana, eta panggahota bae, lamun urangna suhud, temen wekel teu lanca linci, metakeun panggahota, sageuy hanteu untung, piraku teu jadi senang, tatapina jalanna senang teh pasti, kudu daek ripuh heula.
398. papalayeun geuning bangsa asing, bangsa Cina atawa Walanda, bangsa Arab Japan oge, baleunghar jaregud, sarugih laksaan duit, ku bakating tina suhudna, daek nyorang ripuh, temen wekel teu bengbatan, nya metakeun kamurahan nu ti Gusti, daek mikir jeung praktekna.
399. Mana pantes jadi sugih mukti, beurat beunghar didunyana, da tara bosen ku hese, tara hoream ku ripuh, dikeureuyeuh teu lanca inci, lamun tacan hasil maksad, hanteu weleh ngatur, beurang peuting dipikiran, lila-lila daek mikir mah geus pasti, tangtu bisa kajadian.
400. Kapan tadi geuning unggel Hadist, dalilna teh geuning sok disebat, sadaya ge pada ngartos, dawuhan Gusti Yang Agung, Waman Thalaba kauni, Saian jeung terasna, Jiddan Fawajiddahu, hartina teh saha-saha, anu temen pang mentana ka Yang Widi, menta kalawan jeung prakna.
401. Tangtu pisan Gusti Maha Suci, ka jelema temen pang mentana, awal akhir tangtu bae, dikabulkeun samaksud, sabalikna mun aya jalmi, kurang temen mentana, sasat kurang suhud, sumawon teu jeung prakna, migawena gancang bosen embung mikir, bosen hoream ku bangga.
402. Atuh Gusti nu Maha Suci, moal enya ngabulkeun kahayang, da urangna lanca-lence, tah rai eta kitu, numatak ulah sok sirik, pedah batur jadi senang, baleunghar jaregud, komo ditungtungan ku sugal, nyebut-nyebut ka Gusti Allah teu adil, tur urang nu salah tampa.
403. Saur rai nuhun geus katampi, sapiwejang engkang geus karasa, nuhun rebu laksa keten, sadaya enggeus sumurup, kana kalbu tuang rai, ayeuna ulah kapalang, asihna Yang Agung, cenah asih di Akherat, tah eta ge rai mah tacan ngaharti, muga ku engkang di piwejang.
404. Saur raka kieu eta rai, asihna teh Allah di Akherat, piraku hanteu karaos, pek papay heula atuh, Akherat teh naon rai, nyatana di badan urang, raina ngawangsul, ati rai poek pisan, tina hanteu kahartos sama sakali, eta mah sadaya-daya.
405. Saur raka bilih hanteu harti, akherat teh nyata alam rasa, buktina mah di urang teh, ayeuna meureun kamafhum, pang asihna di Akherat Gusti, piraku hanteu karasa, asihna Yang Agung, kapan geuning sadayana, kaayaan dina ieu alam dohir, boh di cai boh di darat.
406. Anu amis anu pelem nu pait, anu asin nu lada nu gahar, kamana sumurupna teh, saur rai ah katimu, ayeuna mah ku kang rai, bener asup kana rasa, jalanna mah puguh, nya kanu opat tea, di tampana ku rasa teu lepat deui, bener asihna teh Allah.
407. Saur raka tah geuning kaharti, puguh bae pek geura manahan, kayaan di dunya teh, cucukulan nu rarentul, rupina laksaan keti, sinarengan beda-beda, rasana geus tangtu, taya deui anu nampa, anging rasa nya rasa rasulullahi, bakat ku asih-asihna.
408. Saur rai bade naros deui, wireh aya nu tacan kapaham, weleh teu acan karaos, hiji hakna Yang Agung, dua Hak Muhammad deui, katilu hakna Adam, tah eta kulanun, muga ku engkang dipiwejang, nu kaharti pernahna sahiji-hiji, sareng gulungna kumaha.
NERANGKEUN Hakna Allah, Hakna Muhammad, Hakna Adam
409. Ceuk rakana lamun tacan ngarti, hal perkara eta hakna Allah, ku engkang rek dicarios, mo salah Awas kitu, ari nu kadua deui, nyaeta hakna Muhammad, lamun tacan mafhum, nyaeta Anu Awasna, hakna Adam anu katiluna deuim nya Nu Diawaskeunnana.
410. Anu tilu gulung jadi hiji, Awas sareng Nu Ngawaskeunnana, tilu jeung Nu Diawaskeun teh, geura ku rai emut, mun wungkul Awas sahiji, taya Nu Ngawaskeunnana, geus tangtuna luput, kitu deui lamun aya, nu dua Awas jeung Nu Ngawaskeun deui, Nu Diawaskeunnana teu aya.
411. Moal jadi kanyaho teh pasti, lamun euweuh Nu Diawaskeunnana, da anu tilu teh ngantet, teu pisah teu parentah, Dzat Sifat Asma ngahiji, Allah Muhammad Adam, geus jadi Akrobu, bareng dina wujud urang, anu tilu ngagulung ngajadi hiji, Hirup Rasa jeung Adegan.
412. Hirup eta kanyataan pasti, kanyataan pang ayana Allah, aya mohal euweuhna teh, ari Rasa teh geus tangtu, kanyataannana yakin, ciri ayana utusan, Jeng Muhammad Rasul, Pangulu Rasul sadaya, Adegan mah kanyataan Adam Nabi, Khalifah Allah Ta’ala.
413. Den Muslimat ka raka ngalahir, cukup pisan eta katerangan, ku rai ge jol kahartos, teu matak jadi bingung, da sakitu pertelana yakin, enya pisan karaosna, margi teu nalapung, mun dina katuangan mah, malah nepi dituangna sakali, karasa amis pelemna.
414. Ayeuna mah bade naros deui, wireh aya basa opat rupa, Hidayat kahijina teh, dua Darajat disebut, katiluna Ni’mat, ari nu kaopatna, Rohmat nu dicatur, tah eta tacan kapaham, na kumaha ngarasakeunnana deui, perele hiji-hijina.
NERANGKEUN Hidayat, Darajat, Ni’mat, Rohmat Asmarandana
415. Rakana ngawalon manis, naha rai tacan terang, ayeuna rek dicarios, kieu perkawis Hidayat, tapi supaya terang, sangkan babari kamafhum, urang make jeung upama.
416. Engke raoskeun ku rai, kieu pikeun upamana, upamina kang rai teh, mener dina hiji mangsa, kersa midamel kasawah, seja rai bade macul, maculna nu saenyana.
417. Ti isuk tepi ka burit, barang dina parantosan, teras rai mulih bae, ku tina langkung hanaang, hayang geura barang tuang, ma’lum tas ngadamel kitu, ku sadaya ge karasa.
418. Barang dongkap teh ka bumi, pareng Garwa teh teu aya, jeung tuangeun hanteu nyondong, lantaran Garwa keur nyaba, lajeng rai teh ngamanah, didinya kang rai tuluy, angkat ngabujeng ka putra.
419. Barang kang rai geus sumping, sareng putra nyampak aya, sarimbit di bumina teh, tangtu kang rai teh nyebat, aduh aing Hidayat, tangtu dina manah kitu, Hidayat bet nyampak aya.
420. Teras rai teh ka bumi, barang ninggali kang putra, eukeur popolah di pawon, keur nyangu jeung masak-masak, katinggal seueur deungeunna, manah kang rai teh tangtu, nyebat nya aing Darajat.
421. Eukeur mah aing ti tadi, hanaang ku hayang dahar, wantu-wantu tas digawe, ayeuna nyampak pun anak, keur sadia masak-masak, atuh aing teh geus tangtu, bakal dahar ponyo pisan.
422. Cing mangga raoskeun rai, naha leres naha salah, kitu carios engkang teh, raina imut ngajawab, leres taya lepatna, sadaya ge tangtos kitu, piomongeun dina manah.
423. Rakana pok nyaur deui, barang saenggeusna putra, popolahna enggeus beres, terus bae diwadahan, ngaliud di tengah imah, ngamanggakeun bari imut, katinggal atina ikhlas.
424. Putra mantu pada sami, pada saruka manahna, nu wangkeuh ka kang rama teh, barina ngamangga-mangga, mangga Mama geura tuang, tadi putra meser lauk, tah geuning parantos asak.
425. Tangtu didinya kang rai, geus tangtu kana ponyona, moal salah tuang raos, eukeur mah seueur rencangna, kawuwuh ninggal kang putra, budina kalintang alus, beuki tegep rai tuang.
426. Dina jero tuang pasti, rai nyaur dina manah, duh naha ieu dahar teh, Ni’mat teuing karasana, abong geus lapar pisan, ti isuk can manggih sangu, tur entas digawe rosa.
427. Raina ngawalon manis, aduh engkang leres pisan, karaos sareng kahartos, dawuhan taya lepatna, sapiwejang teh karasa, rakana imut jeung nyaur, naha bener geus karasa.
428. Raina ngawalon deui, sumuhun karasa pisan, sadayana ge kahartos, rakana deui ngajawab, tapi naha naon sabab, saparantos tuang kitu, bet osok wuwuh teunangan.
429. Bet leuleus leuwih ti tadi, beuki teu aya tanaga, tambah lesu tambah lungse, embung obah-obah acan, eta naon sababna, ceuk raina eta teluh, teluh sangu disebatna.
430. Rakana ngawalon deui, naha kumaon margina, make aya teluh kejo, engkang mah sok rada heran, kapan sangu teh geus kocap, pikeun ngaleugitkeun lesu, nambahan gede tanaga.
431. Tatapina anu bukti, lain ngayakeun tanaga, puguh mah nambahan lungse, geura ku rai dimanah, eta teh naon sababna, da moal bet hanteu puguh geus tangtu aya sababna.
432. Sumuhun saur kang rai, rai ge bingung kacida, kapan tadi ceuk carios, tina Ni’mat kana Rohmat, tapi ari buktina, tina Ni’mat kana lesu, embung hudang-hudang acan.
433. Ayeuna nyanggakeun rai, ku engkang sae diwejang, supaya rai mangartos, kumaha jalan-jalanna, sangkan karaos kapaham, rai mah kaliwat bingung, ati teh bet poek pisan.
434. Rakana lajeng ngalahir, kieu rai paham engkang, kitu ge lamun karaos, pangna jadi lesu tea, saentasna tuang Ni’mat, sabab eta anu asup kabeh ge aya Erohna.
435. Dina karek asup rai, erohna teh tacan misah, tina kadaharanna teh, lantaran can bubuk pisan, sasat can bijil acina, lami-lami sanggeus bubuk, aci jeung hampasna misah.
436. Hampasna kaluar deui, aci mah tangtu tinggal, ngajadi getih sakabeh, tuluy surup sinurupan, roh tina kadaharan, jeung roh jasmani teh tepung, kajadianna nya Rohmat.
437. Jadina ti Rohmat rai, nya nu nimbulkeun tanaga, murakabah kasakabeh, terang denge bengras tinggal, sowara ge bisa terang, da nu teu dahar mah kitu, haroshos geuning sorana.
438. Tinggalna sok ruam pasti, teu terang kawas biasa, denge sok rajeun torek, nu kitu jadi teu Rohmat, sabab kurang getihna, kurang getih tangtu lesu, taya tangan pangawasa.
439. Raina gumujeng manis, karaos pisan teu lepat, pantes kitu jalanna teh, eta eroh kadaharan, asal ti opat perkara, bumi cai angin banyu, di urangna ge opat.
440. Rakana lajeng ngalahir, liren bae ayeuna mah, lantaran engkang mah cape, sareng enggeus tunduh pisan, tuh geuning geus tabuh dua, hayu rai urang asup, urang sare sareng engkang.
441. Nu kulem hanteu kawarti, Den Muslimin Den Muslimat, urang gentosan carios, nya ieu ku sisindiran, cobi mangga maranahan, eusina nu dina lagu, nu manis aya hartina.
PANAMBAH Dangdingan Purwakanti. Dangdanggula
442. Pangapunten ka pameget istri, disuhunkeun manah anu setra, muga ulah jadi lotro, sumawonajadi nyatru, ka ku ring nu keur salatri, salatri ku anu setra, najan ku bulustru, moal matak jadi setra, mun seeng mah benter miis tina patri, ngagolakna teu walatra.
443. menggah ieu maksad jisim kuring, ma’lum seueur nya kakirang, sok inggis sieun kaperong, hawa nafsu nu ngaberung, tapi bubuhan dijaring, nya tiasa oge kurang, sasatna kakurung, dikurung sanes ku barang, anu nyata karaos ku jisim kuring, kajabi kedah disorang.
444. disorangna kedah ngango bibit, enya eta iman nu kasebat, jeung kedah ngango parabot, tarekat anu kasebut, sangkan terang kana bibit, supaya tiasa kebat, nyatakeun panyebut, tapi kitu oge tobat, jisim kuring kumawantun nyabit-nyabit, nyabit jalan nu panghibat.
445. Sanes pisan guminter peleci, ngan ngemutkeun hate anu seca, kajeun disebatna ngaco, sapedah dangding teu lucu, tuduh jalan anu suci, malah mandar jasa ngaca, ngeunteungan nu lucu, bubuhan jalma mah Arca, tatapina mun urang terang ka Maha Suci, tangtos moal jadi Arca.
446. Dupi ieu sakadar pangeling, malah mandar jadina panalang, nalang kanu masih lolong, margi seueur anu linglung, teu aya pisan kaeling, katungkul ku kamelang, melangna kana gelung, estu teu diselang-selang, badanna teh teu dijaring teu dilingling, da resep kanu digeulang.
447. Biasana mungguhing di lahir, sadaya oge geus ilahar, resepna teh kanu moher, moher tapi hanteu luhur, luhurna ukur dilahir, pada hayang kanu beunghar, supaya kamasyhur, kamashur teu kurang dahar, teu ngemutkeun kumaha engke diakhir, moal terang kanu gahar.
448. Menggah eta nu gahar sajati, mun dibeli ku duit sayuta, leuwih hese taya conto, da meulina sanes kitu, mun hoyong anu sajati, nu resep matak kabita, nu alus saestu, cik akalan sangkan nyata, anu suci padang sajeroning ati, lir urang ninggal permata.
449. Maksad kuring ku pamugi-mugi, ka sadaya sanak kulawarga, sareng kanu sanes oge, sing emut ulah ngawagu, kapan urang geus dibagi, sagala ge geus boga, mangka teu digugu, pibahlaeun teu dijaga, hanteu pisan rek eling kanu ngabagi, marukan taya nu boga.
450. Sanggeus pangna urang hurip, tangtu pisan aya nu ngalarap, teu beda ibarat sirop, amisna anu sumurup, komo nu disebat hurip, tangtu aya nu ngagarap, dina keurna hirup, badan teh aya nu marap, marap laku lampah keur waktuna hurip, sanaos waktu kasarap.
451. Waktu ieu keur dialam kabir, ulah arek kajongjonan sabar, bilih kaburu ku bobor, susah lamun geus dikubur, kumaha rek jasa takbir, da geus misah jeung nu jembar, tungtungna takabur, bongan didunya ngolembar nu digugu pangajak hate malibir, embung neangan nu jembar.
Sinom
452. Mugi eta sadayana, sepuh anom nu kauni, geura jajah salirana, pilari nu nyumput buni, ulah ngan sakadar muni, nu disembah bangsa Wisnu, mun kitu salah nyembahna, nyaah teuing ku jasmani, tangtos pisan moal dugi ka asalna.
453. Da menggahing Gusti Allah, teu nyempad teu milih-milih, sanajan lakuna salah, dianteur tara ditolih, ngan ku urang kudu pilih, ulah tungtung matak ngangluh, mun urang jalanna salah, tangtos moal jasa mulih, sabab urang teu panggih jeung dzatna Allah.
454. Pan aya basa carita, lamun ka jalma nu mati, lumbrah jalma cacarita, pok na teh mulih kajati, pedah dugi kana pasti, tapi saenyana tangtu, ngan ukur dina carita, atina jongjon teu ngarti, na kumaha lamun jatina tacan nyata.
455. Geus lumrah karana aman, nyambung dunga bari hamin, muga ditarima iman, nurutan nu geus muslimin, tapi elmuna muslimin, ukur dicipta kulamun, jauh terang kana iman, henteu cara para mu’min, nyebutna teh geus terang jatining iman.
456. Kapan jalma aya asal, tapi najan teu misil, mun palay mulih ka asal, mangga tungtik tangtu hasil, tangtos mun disisil, ilmuna masing kasusul, sanajan miara bangsal, lamun hantem disisil, geuning sidik rasana teu jadi kosal.
457. Tah kitu jalanna upama, nu jadi jalmi utami, Milari Ilmu Agama, da urang teh moal lami, tangtu misah jeung sasami, geus pisah jadi kamumu, lamtaran teu tumarima, ngan tarima jadi jalmi, marukanan teu aya jatining jalma.
458. Mangga Manahan ku sepah, Manahan masingna rapih, mun salah tong dipilampah, minangka jadi panyapih, lamun leres mangga ampih, susul pigeusaneun sepuh, sepuh dina laku lampah, malar bisa repeh rapih, da jalma teh ibarat jadi palapah.
459. Mun palapahna geus misah, tangkalna hanteu miasih, numawi ilmu kedah sah, ulah sok pasalisih, ka jalmi kedah miasih, ulah rek nyieun musuh, bisi pinanggih jeung susah, tegesna kedah beresih, masing sieun ku Allah da teu papisah.
460. Kumaha atuh jalanna, supados pendak nu buni, tapi di urang ayana, teu katinggal ku jasmani, da puguh badan rohani, geuning ceuk dalil Wujud Nur, mun teu dirakrak wujudna, nya ieu wujud jasmani, hamo bias kapanggih reujeung eusina.
461. Numawi wajib teangan, malar ati bisa dingin, tangtu jadi kasenangan, sing panggih jatining angin, geura manah angin-angin, mun kapanggih moal ngungun, kana tahayul ngiringan, sabab terang jatining angin, geus terang mah da pakeun urang sorangan.
Asmarandana
462. Numawi wajib disungsi, margi urang teu kawasa, kedah ngalakukeun hese, sartana kedah rumasa, rumasa taya kabisa, kabisa ngan nganteur nafsu, teu eling kanu Kawasa.
463. Mugi-mugi sing areling, ulah asih kumapalang, ulah seueur nu dipelong, sapedah aya kamelang, bilih urang jadi belang, tungtungna sok matak linglung, teu terang kanu gumilang.
464. Nu gumilang dina diri, ayana henteu katara, numawi henteu kawaro, upami nu ngaji sara, moal weleh pinanggih lara, upama henteu guguru, guguru ngakat salira.
465. Tapi mun rek milari, milari eusi salira, ngarah urang ngeunah sare, badan ibarat panjara, dikunci henteu katara, tah eta ulah kaliru, pilari kunci salira.
466. Lamun kunci geus katukil, tangtos kaharti ku akal, sagala oge kacokel, bekel sinarengan bakal, mo aya manah basangkal, sanajan anu mukul, ditampa sabar tawekal.
467. Males ku kalimah kalih, Syahadat anu katelah, saratna karana saleh, tah pilari ulah salah, nyatana Dzat Gusti Allah, da henteu mangpuluh-puluh, estu hiji moal salah.
468. Tapi lamun geus kapanggih, poma ulah rek gumagah, baragagah beregegeh, kajeun kolot dipiconggah, carios teu diagah, rasa aing nu geus puguh, tah eta kedah dicegah.
469. Batal ceuk basana Santri, teu terus jadina serta, malahan jadi celetre, sanajan bungkusna sutra, lamun laku henteu setra, tungtungna sok loba satru, dipingewa palamitra.
470. Ku urang kedah diaji, ulah ngan sakadar beja, kudu karana katenjo, dina ati masing ngoja, jeung kudu sidik ka raja, da wujud mah jadi baju, bungkus ngahalangan raja.
471. Ari nu kedah diuji, ngabuktikeun omong beja, sanes ngaji jilid hejo, eta mah anu bebeja, tuduh jalan anu diseja, sangkan urang dipaju, supaya jadi raharja.
Kinanti
472. Ieu kinanti ngajurung, supaya sami ngajaring, malah mandar jadi terang, terang di jatina kuring, kapan teu aya kakirang, pepek karana dijaring.
473. Nu mawi jalmi teh kudu, amis basa alus budi, ku sabab henteu beda, anjeun jeung diri pribadi, ulah rek ngabeda-beda, sing inget asalna tadi.
474. Mangkade ulah kalangsu, masing kenging eta sosi, sosina anu Kawasa, sangkan urang henteu risi, geus kenging tangtos karasa, paeh moal aya risi.
475. Ku sabab urang diandum, diandum Qur’anul ‘Adim, jeung aya basana Qidam, ti heula nyaeta Kadim, kitu sundana teh Qidam, nya eta Qur’anul ‘Adim.
476. Tah eta teh anu perlu, mangkade ulah pahili, anu kasebat tiheula, anumawi ulah lali, sabab aya nu tiheula, disebat mah da pamali.
477. Ngaji teh kudu sing suhud, malah mandar terang tohid, terang ka Qulhu huahad, nganyahokeun anu wahid, geus terang nyatana ahad, tangtos urang bisa tohid.
478. Ieu dangdingan teh tambuh, lumayan eukeur panambih, nambihan malar kaambah, kenging nyutat tinu tebih, cocogkeun sing munasabah, jeung dalil ulah patebih.
479. Lamun rek milari ilmu, pilahir anu utami, ulah ka samarang jalma, utami jatining jalmi, anu geus manjing Ulama, nu nerangkeun asal jalmi.
480. Margi seueur anu palsu, anu mawi kedah risi, risi nyandangan panyiksa, tah nu nyiksa geura sungsi, naon atuh anu nyiksa, ku urang kedah kasaksi.
481. Da bonganna tekad kalbu, teu neang hakekat Nabi, sumawona daek seba, kalindih resep rarabi, seba lain seba domba, ngan kedah nyaho ka Nabi.
482. Kalbu mun hantem dilajur, henteu inget kana ajir, moal pinanggih ginanjar, teu beda jeung embe bajir, tapi mun daek diajar, meureun terang gambar ajir.
483. Ayeuna kinanti mundur, rek neraskeun ieu sindir, dangdanggula nu dipedar, sinom nu dianggo sindir, asmarandana didadar, neda kumandang nu hadir.
Magatru
484. Magatruna ka anggo nyambung pihatur, margina teu weleh ketir, ketir ku margi teu tutur, ibarat nu keur nyekel setir, sieun salah jalan motor.
485. Margi eta nu disebutkeun diluhur, maksad sim kuring di akhir, sanes pisang hayang masyhur, bubuhan eukeur di dohir, tamba kesel ngantos lohor.
486. Nya dikarang ku jisim kuring ditungtut, panon mah asa barintit, neangan ilmu nu patut, nganyahokeun nu nguntit, nu beurang peuting petot.
487. Sadayana eta anu jadi lagu, mangga geura bagi-bagi, supaya ulah ngawagu, sing kapendak bilih rugi, ulah dugi ka ngarogo.
488. Ngarogona mun urang masih takabur, di dunya hate malibir, tangtu disiksa kubur, da bongan teu daek takbir, paeh moal boga obor.
489. Rejeki mah teu milu ka jero kubur, estu wungkul keur di dohir, da puguh keuna ku lebur, henteu cara jembar takbir, ka urangna jasa nyebor.
490. Anu mawi urang teh ulah kumumu, mikir teh anu utami, kotektak masing katimu, katimu bakaling jalmi, sing terang gawena ramo.
491. Pilari teh tegesna nu saestu, nu kira nepi ka Gusti, lain solat lima waktu, pilari solat sajati, sangkan urang boga conto.
492. Ari eta sambahiyang lima waktu, cenah keur nyembah ka Gusti, tapi saenyana kitu, muji dzikir laksa keti, weleh henteu meunang conto.
493. Najan kitab ngabrugbrug mangpuluh-puluh, sakabeh henteu dipilih, diapalkeun ratus puluh, Gustina henteu katolih, teu panggih jeung dzatna Allah.
494. Samarukna nyembah ka Gusti teh kitu, da tuduh kitab teu harti, teu dipikir anu estu, pedah Gusti taya bukti, tacan nganjang ka pageto.
495. Padahal mah lamun dikakat disusul, eta tangtu pisan hasil, tangtu terang Nabi Rasul, sagala rupa kamisil, moal beunang ku pangosol.
496. Saenyana badan teh kedah diukur, diukur reujeung dipikir, ulah ngan saukur akur, teu nanya nyatana dzikir, matak waktuna teh bongkor.
497. Ieu lagu sadaya oge panuduh, cobian geura peredih, hiji-hiji nu dituduh, tapi ulah jadi sedih, ceuk jawa mah boten adoh.
Sya’ir
498. Tah eta dangdanggulana, Hartoskeun sadayana, Naon pimaksadeunnana, Da kitu geuning ngarana.
499. Sarta tah dina komana, Aya sapuluh buktina, Tah eta naon maksudna Di urang naon nyatana.
500. Dina sinom oge kitu, Nu geus disebut diditu, Lain ngan wungkul sakitu, Eta teh anu ngabantu.
501. Koma dalapan nu nyata, Naon maksud di pernata, Jeung naon atuh nu nyata, Ulah ngan wungkul carita.
502. Asmarandana nu katilu, Nu matak urang perelu, Neangan anu mimilu, Mun teu nyaho bodo balilu.
503. Eta komana geuning tujuh, Kudu nyaho gawe nu tujuh, Jalanna kudu tawajuh, Ka guru anu mituduh.
504. Tah ieu nu pikeun ngaganti, Anu kasebat kinanti, Genep koma naon bukti, Mun palay terang ka Gusti.
505. Ieu tungtik keur jalanna, Pati kudu jeung pigawena, Ulah ngan wungkul hayangna, Kudu aya pameulina.
506. Sya’ir nu jadi sindir, Opat komana teu mubadir, Henteu kudu undar-andir, Milari Syekh Abdul Qadir.
507. Lamun ku urang geus dibeuli, Tangtu yakin katinggali, Moal samar moal lali, Jalanna kudu Mujasmedi
508. Lamun urang daeuk leukeun, Sagala rupa-rupakeun, Tangtos moal barieukeun, Urang bisa nganyahokeun.
509. Mungguh jalma teh geus pasti, Sagala ge bakal mati, Disebut mulih ka jati, Matak wajib terang ka Gusti.
510. Bisi urang ngajadi susah, Lamun elmuna tacan sah, Kapan Allah henteu papisah, Emutan perlu diasah.
511. Ngasahna jeung babaturan, Supaya ulah limpeuran, Bisi beunang kacampuran, Ku Idajil nu maturan.
512. Naha iraha deui waktuna, Lamun henteu ti ayeuna, Iraha rek tobatna, Geus paeh nyandang siksaan.
Urang bisa nganyahokeun ka Gusti.
513. Biasa sok ditahlilan, Cenah mantuan keur dijalan, Asana ku pamohalan, Paeh beunang diakalan.
514. Kanyeri beunang ditalangan, Marukan teu kahalangan, Da bongan teu diteangan, Di dunyana kajongjonan.
515. Beurang peuting Yasin jeung dzikir, Tapi hanteu jeung dipikir, Di dunya teu daek mikir, Teu rumasa jadi fakir.
516. Ari waktuna Sembahiyang, Keur nekadkeun taya kahayang, Tapi jongjon ambariyang, Teu khusu kanu diteang.
517. Sembahiyang jeung pujina, Teu tinggal saban waktuna, Tapi teu nyaho maksudna, Teu hasil kantun capena.
518. Mun suuk mah ngan cangkangna, Henteu ngampihan sikina, Kumaha rek dipelakna, Mo enya aya hasilna.
519. Kuring lain ngalainkeun, Nu ku sadaya dilakonkeun, Supayana dipikirkeun, Ku sadayana dikanyahokeun.
520. Anu matak wajib terang, Kana pibalikeun urang, Kudu ayeuna kasorang, Bisi sakarat wiwirang.



LAYANG MUSLIMIN-MUSLIMAT JILID KA II
Sinom
1. Ieu teh sambungannana, neraskeun Raden Muslimin, sinareng Raden Muslimat, eukeur mufakat bab ilmi, tina teu acan sisip, panarosna tacan tutup, narosna masih kebat, ku rakana teu di penging, terus bae dijawab sakuat-kuat.
2. Tina ba’da shalat Isya, meh bae cacap sawengi, liren dina tabuh opat, lajeng arangkat ka cai, rakana sareng rai, pada naretepan shubuh, saparantos naretepan, ajeng marulih ka bumi, tuang leueut papayun-payun duaan.
3. Kocap Raden Muslimat, ka rakana madep deui, hormat tilawat ka raka, madep tungkul sarta ta’dim, miunjukna langkung ajrih, mugi engkang ulah bendu, reh na rai kumalancang, kumawantun naros deui, isin na mah kang rai teh sakalintang.
4. Tina langkung panasaran, ku rai tacan kapikir, dina pasal Sembahyang, ibadah ka Maha Suci, naha kalebet wajib, atawa kalebet fardhu, lima waktu sapoena, pada dilakonan sami, kusadaya nu kasebat kaom Islam.
5. Lajeng ngajawab rakana, ka raina naros deui, naha dina sembahiyang, kumaha dina Usshalli, basana anu kauni, naha wajib naha fardhu, nu mimiti nganiatan, raina lajeng ngalahir, basana maha fardhu bae disebatna.
6. Usshalli fardhu Isya, atawa fardhu shubhi, ceuk rakana geuning eta, fardhu disebatna sidik, teu Usshalli wajib shubhi, fardhu bae nu kasebut, sanajan saterasna, fardhu basana teh geuning, ceuk raina leres kitu disebatna.
7. Mung naha kuma bedana, fardhu sinareng wajib, saur raka tangtu beda, basana ge dua rupi, dua tapi sing ngahiji, hijikeun masingna gulung, kieu katerangannana, wajib mun dina baba ilmi, wajib eta parentahan Gusti Allah.
8. Dina hadist geus kasebat, Wa kawa ‘Idul Imani, wajibul wajib terasna, anjalna unggel dalil, kabeh umatna Gusti, wajib kudu pada weruh, nganyahokeun kana iman, nyaeta iman sajati, ari iman hiji Nurna Gusti.
9. Eta tanda kanyataan, kanyataan aya Aing, Hakekat Muhammadiyyah, Johar Awal eta nami, jatining syahadat deui, atawa sagara hirup, hirupna sagala rupa, saeusina tujuh bumi, taya lian asalna teh ngan hiji.
10. Tina Hakekat Muhammad, nyaeta utusan Aing, ngajadikeun alam dunya, sarawuh eusina deui, tapi teu pisah jeung Aing, jeung Muhammad teu pajauh, sasatna geus sa dzat, Aing jeung Muhammad pasti, moal aya Aing mun taya Muhammad.
11. Kitu deui sabalikna, Muhammad ge moal bukti, lamun teu aya Aing mah, ibarat panas jeung api, gulung ngajadi hiji, moal aya sifat hurung, lamun hanteu aya panas, panas ge pon kitu deui, moal aya mun sifat seuneu ilang.
12. Tah kitu rai leresna, nu ngaran wajib teh rai, sadayana umat-umat, wajib ma’rifatna pasti, kana dzatna Maha Suci, nyaeta nu kasebut, hakekat Muhammad tea, kapan Muhammad teh tadi, awal akhir didamel ku Gusti Allah.
13. Miwarangna Gusti Allah, ka sadaya umat Gusti, sanes bae ka umatna, wungkul ka umat Jeng Nabi, Muhammad Rasulullahi, tapi kasadaya makhluk, sakur nu boga Agama, wajib kudu kataringgali, kana eta sajatina Iman tea.
14. Wajib pisan ma’rifatna, ka Aing kalawan yakin, supaya barisa mulang, baralik deui ka Aing, da maneh asal ti Aing, jalanna maneh teh kudu, nganyahokeun heula dzatna, nyaeta utusan Aing, nu kasebut hakekat Muhammad tea.
15. Mun geus yakin ka Muhammad, ka Aing geus tangtu yakin, sabab Aing teu papisah, ibarat gula jeung amis, cai jeung tiisna deui, ombak reujeung cai laut, tah kitu ibaratna, poma rai sing kaharti, Gusti Allah akrobna reujeung Muhammad.
16. Ceuk raina nuhun pisan, perkawis wajib kaharti, kantun eta fardhuna, parentahna saha deui, perkawis fardhu teh rai, parentahna Kangjeng Rasul, nya Kangjeng Nabi Muhammad, miwarang ibadah misti, sabab makhluk kaulana Gusti Allah.
17. Kudu pisan tumarima, jadi kaulana Gusti, nu matak fardhu nyembahna, bedana kaula Gusti, upama urang teu bakti, teu ibadah ka Yang Agung, atuh jadi nyaruaan, ka Gusti nu Maha Suci, henteu aya luhur handap jadi papak.
18. Jadi hanteu tumarima, ieu teh wujud jasmani, kamurahan Gusti Allah, nu matak urang di dohir, kudu nurut saur Nabi, kudu ngalakonan rukun, rukun nu lima perkara, Syahadat Shalat teh misti, Jazakatna Puasa Munggah Hajina.
19. Fardhu teh kudu lakonan, parentahna Kangjeng Nabi, tapi kudu jeung wajibna, parentahna Maha Suci, nya anu kasebat tadi, dua-dua kudu paju, supaya urang sampurna, salamet lahir jeung batin, parentahna duanana kacumponan.
20. Ceuk raina aduh engkang, estu nyerep kana ati, eta kasauran engkang, moal lepat kitu pasti, tapi rai naros deui pasal wajib jeung fardhu, dines mana mistina, dipigawena kujalmi, dines fardhu atawa dines wajibna,
21. Ceuk rakana mun can terang, enya meureun dines wajib, da eta mah parentahan, notok ti Gusti Yang Widi, pikeun ka sadaya jalmi, yen kudu pada marafhum, ka asal maneh sorangan, sabab mun teu tingali, tangtu moal bisa balik ka asalna.
22. Lamun hanteu bisa pulang, ka asal urang sajati, tangtuna teh nyawa urang, balikna teh enggeus pasti, kana dadamelan deui, dadamelan Maha Agung, boh Naraka boh Sawarga, tunggal dadamelan Gusti teu nyumponan lafad nu sok disebat.
23. Inna lillahi kasebat, jeung waina illaihi, raji’un saterasna, sundana asal ti Gusti, kudu balik deui misti, ka Gusti nu Maha Agung, geuning lain ka Sawarga, da Sawarga mah geus yakin, jalan turun urang rek ka alam dunya.
24. Enya eta kani’matan, Ibu Rama waktu tadi, enya eta Sawarega, bener gening unggel Hadist, kabeh jalmi ti Sawargi, nyatana ti ni’mat kitu, tina rasana syahadat, sa’adatna waktu tadi, Ibu Rama nalika patemon rasa.
25. Kapan sidik Sawarega, jalan rek ka dohir, numawi tekad engkang mah, moal kadinya balik, eta mah Sawaregi, rek dipake jalan wungkul, jalan balik ka Allah, nyaeta sagara hurip, hirup Allah nu langgeng teu keuna ku ruksak.
26. Kapan tadi Ibu Rama, pang ngaraos ni’mat pasti, kumargi aya hirupna, nyaeta dzatna Yang Widi, numawi engkang mah rai, hayang balik teh ka hirup, geuning sakitu sirnana, waktu urang memeh bijil, taya rasa ngeunah teu ngeunah ge lepat.
27. Ceuk raina naha engkang, eta perkawis Sawargi, lebah mana ka sorangna, rakana ngajawab deui, lebah waktu sakaratil, mistina urang teh kudu, nampa rebu kani’matan, kani’matan rama tadi, da tadi ge datangna ti ka’nimatan.
28. Ceuk raina nya paingan, wajib ma’rifat ka Gusti, wajib teh nu pang dinesna, fardhu nuturkeun pandeuri, paingan fardhu mah, aya keneh kaol kitu, lamun jalma nu teu kuat, hanteu wenang munggah haji, di angingkeun hanteu kedah jarah ka Mekkah.
29. Zakat ge ari geus nisab, nu teu nisab mah teu misti, najan dina sembahyang, saperti mungguhing istri, mun keur kotoran mah anging, sanajan hanteu milaku, ngalakonan sembahyang, diwenangkeun unggel Hadist, hanteu kudu ngalakonan sembahyang.
30. Dina perkara wajib mah, teu aya kaolan deui, kedah bae sadayana, nyaho kana dzatna Gusti, mangsa-mangsa teu tinggali, tangtu moal bisa wangsul, ka asal purwa daksina, teu bisa mulih ka jati, hanteu bisa mulang ka asal sorangan.
31. Nyaur deui Den Muslimat, perkawis bieu kaharti, aya deui nu can paham, ka engkang rek naros deui, kumargi hayang kaharti, mugi ku engkang piwuruk, naha dina Sembahyang teu aya wajibna deui, fardhu bae teu nganggo aya wajibna.
32. Rakana enggal ngajawab, saniskara hal ge rai, wajib teh geus tangtu aya,komo dina hal Agami, ibadah ka Maha Suci, pasal sembahyang teh tangtu, malah wajibna teh opat, hiji nangtung nu utami, dua ruku dongko ulah sambewara.
33. Nomer tilu sujud tea, kaopat lungguh geus pasti, sakitu eta wajibna, ari fardhuna mah rai, kudu ngucapkeun misti, sakur-sakur nu perlu, saperti maca Fatihah, Atahiyat,kitu deui, jaba eta naon bae anu lumbrah.
34. Tah kitu ngaran fardhuna, tapi nu kuat mah wajib, fardhu ibarat sambara, wajib ibarat daging, sambara mun teu aya daging, geus tangtu mubadir lapur, hanteu aya gunana, moal katuang geus pasti, talunganan aya daging teu sambara.
35. Sok rajeun kening di tuang, hanteu nepi ka mubadir, mung rasana kurang ngunah, tapi aya oge hasil, mangfaatna kana diri, jadi kuat hanteu lesu, matak seger karasana, ibarat kitu rai, anu mawi ceuk engkang wajib the kuat.
36. Kitu deui hal Sembahyang, upama teu nganggo wajib, batal teu aya gunana, geura kieu saupami, rai maca Usshalli, maca Fatihah anu alus, nepi kana tahiyatna, terus aweh salam deui, tapi rai keur maca eta Tahiyat.
37. Salirana gogleran, ebog dina tengah bumi, kumaha ceuk anu ninggal, disebut eta kang rai, eukeur ngalakunan wajib, Sembahyang lima waktu, ceuk raina tangtu moal, nyebat keur shalat ka rai, ceuk rakana sidik sare’atna batal.
38. Geura mun bener wajibna, nangtung rukuna sing bukti, sujud lungguhna katinggal, raka’atna kitu deui, kajeun teuing dina ati, ngahariring lagu pucung, tatapi ceuk anu ninggal, tetep moal samara deui, kang rai teh keur midamel Sembyang.
39. Sumuhun saur raina, ku kang rai geus kaharti, pasal wajib jeung fardhuna, mung aya keneh saeutik, naon anu jadi margi, dina shalat lima waktu, aya wajibna opat, kumaha asalna deui, haying terang da meureun aya asalna.
40. Rakana enggal ngajawab, kieu asalna the rai, eta pasal Sembahyang, wajibna opat perkawis, sasat ngamulyakeun Gusti, ngadegkeung Asma Yang Agung, nyaeta huruf lafad, nangtung teh nya huruf Alif, kaduana ruku teh huruf Lam awal.
41. Sujud Lam akhir nyatana, lungguh He teu salah deui, dupi takbiratul Ikhram, nyatana nya huruf tasjid, jadi geuning eta sidik, Alif Lam Lam He geus dumuk, lafad jenengan Allah, moal samar puguh yakin, ceuk raina nuhun parantos kapaham.
42. Mung eta Asmana Allah, Alif Lam Lam He nu tadi, timana asal usulna, da eta mah lafad tadi, saparantosna di dhohir, sangeus aya dunya dumuk, kumaha ti Kadimna, rai paparin mangarti, hayang erang timana eta jadina.
43. Rakana lajeng ngajawab, duh eta mah rai penting, hana rai tutuluyan, hayoh bae ngabeberik, pun engkang mah rada risi, rada paur arek nyebut, kapan eta mah rasiah, ulah lalawora rai, tadi Guru nasehat kabina-bina.
44. Tapi sugan geus ugana, enggeus idin Maha Suci, sangkan ulah ka jongjonan, manusa di jaman akhir, hantem asma nu di aji, kitab Qur’an digugulung, eusina teu diteangan, hanteu dirasakeun dalil, dilenyepan disurupkeun ku salira.
45. Keukeuh ngajina kaluar, dirina diluli-luli, paalus-alus ibadah, nyembahna ka Maha Suci, laguna diaranggit, lagam Mesir nu ditiru, tapi kanu disembahna, weleh bae teu kapanggih, teu nyumponan dalil Qur’an nu disebat.
46. Wa’abud robbaka hatta ya’ tiyakal yakin dalil, kapan kieu sundana, lamun maneh nyembah ka Gusti, kudu aenal yakin, sing sidik ka Maha Agung, ulah dikira-kira, dijudi-judi ku ati, yen Allah teh ayana di luhur Arasy.
47. Na teu emut dalil Qur’an, Wanahnu aqrobu uni, Ilaihi saterusna, jeung Min hablil warid deui, sundana teh Maha Suci, geuning aqrob sareng wujud, geus teu aya antarana, sabab kitu kudu pikir, naon tea nu aqrob jeung wujud urang.
48. Beurang peuting teu papisah, Raden Muslimat ngalahir, rai oge tacan terang, aqrobna jeung Maha Suci, mun yaktos aya di diri, meureun rentul Maha Agung, ayana di saban jalma, ceuk rakana aeh rai, poma ulah rek kaliru patekadan.
49. Kapan tadi Gusti Allah, Dzat laesa kamislihi, ari nu aqrob jeung urang, kakawasaannana Gusti, naon eta saur rai, kakawasaan Yang Agung, ceuk rakana hirup urang, eta kawasana Gusti, enya eta Hakekat Muhammad tea.
Dangdanggula
50. Kapan eta utusan Yang Widi, anu matak kedah diteangan, sifatna hirup urang teh, supaya balik ka hirup, hirup Allah nu langgeng pasti, henteu keuna ku ruksak, dzat Maha Agung, nu ngaran Haqullah tea, pangbalikan manusama’rifati, jatining kasampurnaan.
51. Ceuk raina nuhun geus kaharti, pasal eta nyatana Haqullah, kantun nu hiji tacan ngartos, Haqul Adam nu kasebu, naon nyatana anu bukti, ceuk rakana Alam Dunya, nyatana geus puguh, anu mawi rai poma, sing kapendak Hawullahna Maha Suci, sabab upama teu terang.
52. Teu ma’rifat ka dzatna Yang Widi, moal bisa balik ka Haqullah, tangtos balik deui bae, kana Haqul Adam, tangtu nya balik kadieu deui, kakurung keneh ku dunya, marakayangan tangtu, asup kana engon siluman, kana onom atawa ka alam jin, atawa nitis-nitisan.
53. Ka manusa jeung ka hewan deui, bagong atawa buhaya, kana maung sareng monyet, nurutkeun ilmuna kitu, kanyahona keur didohir, meureun rai ge sok mendak, lamun malim maung, paehna sok jadi macan, malim bagong jadi babi enggeus pasti, malim buhaya ge nyata.
54. Lamun asup ka manusa geuning, ngagerebeg bari barang penta, menta cikopi nu lekoh, atawa menta surutu, kuma kabeukina tadi, tah geuning rai nyata, yen teu bisa wangsul, tetep didunya ayana, sabab ari Wali mah, tara kapanggih, sok surup sinurupan.
55. Da Wali mah sampurna geus pasti, enggeus dina Haq na Allah, nyaeta dzatna Yang Manon, raina lajeng nyaur, sakalintang percaya rai, yen nu hanteu ma’rifat, ka dzat Maha Agung, pantes moal bisa mulang, sabab sidik aya nyatana nu yakin, meureun sadaya ge terang.
56. Nu ngageugeuh Gunung Gede bukti, rajana teh geuning sok disebat, nu sok sedep panggang lele, lamun aya pekewuh, sasalad jalma garering, sok geuwat harajat, sangu punar kitu, sareng panggang lele tea, ujubna teh ka Embah Dalem nu linggih, di Gunung Gede Cipanas.
57. Kapan eta Embah Dalem tadi, ceuk cariosna asalna manusa, malah jumeneng Bupatos, nagarana pada mafhum, Timbanganten nu kawarti, geuning ayeuna buktina, bet aya di Gunung, jadi rajana siluman, rahayatna rebu-rebu keti-keti, biasa cara nagara.
58. Jadi tangtu rahayatna pasti, eta oge nyawana manusa, anu teu bias balik the, ka asalna kapungkur, nya asup ka dinya deui, ka nagarana siluman, dina luhur Gunung, ngabedega ngarahayat, cara waktu manehna di alam dohir, aya nu ngabawah prentah.
59. Anu matak rai sing kaharti, eta kitu kajadiannana, jelema anu maraot, lobana ka dinya kitu, jadi badegana deui, raja siluman didinya, bari tunggu-tunggu, tunggu kiamat dunya, enya eta dina Walyaomil akhiri, ruksakna alam dunya.
60. Saruksakna ieu alam dohir, ngajadikeun sagala Naraka, naraka seuneu jeung poek, poek tina bumi tangtu, jeung jadi Naraka cai, anu kaliwat tiisna, angin pon nyakitu, jadi sakur anu aya, anu masih keneh kakurung ku ieu langit, tetep di jero naraka.
61. Naha urang rek lumpat kamendi, salegana ieu alam dunya, ngajadi seuneu sakabeh, sarta langgeung geus tangtu, jeung teu bias paeh deui, sanajan, jero Naraka, tetep moal pupus, ngan tetep rasa teu geunah, salanggengna henteu kacampuran deui, ku rasa kangeunahan.
62. Sabab ieu alam dunya pasti, ditetepkeun pikeun panjarana, keur ngahukum Idajil teh, nu di la’nat ku Yang Agung, Idajil La’natullahi, nu ngalanggar parentahna, Gusti Maha Agung, nu betah di alam dunya, embung balik ka Gusti nu Maha Suci, nya atuh tetep di dunya.
63. Kitu deui mun nyawana jalmi, anu masih keneh ayana di dunya, sasat nu embung balik teh, ka Allah nu Maha Agung, nurutan tekad Idajil, nya atuh jadi bangsana, Idajil kapungkur, sasat jadi rahayatna, sang Idajil La’natullah enggeus pasti, tangtu bareng di naraka.
64. Anu matak wajib sing kapanggih, sing ma’rifat kana dzatna Allah, imankeuneun arek maot, sabab tadi geuning kitu, anging iman anu ditampi, ku Allah anu kawasa, elingna satuhu, lain eling ku carita, nyaeta ku ngucap asmana Gusti, nyebutkeun Allahu Allah.
65. Sabab dina waktu sakaratil, moal bias rek nyebutkeunnana, baroraah bias ngomong, sagala enggeus ditutup, lawang dunya geus dikonci, kantun eungap anu aya, rasa rebu taun, lawang Akherat teu muka, sabab tadi koncina teu kapanggih, utag-atog taya jalan.
66. Tungtungna teh hanteu bisa bijil, sumawonna asup hanteu bisa, lawang Akherat teu tembong, tetep hanteu bisa asup, tina ku bakating nyeri, kapaksa roh Jasmanina, jadi alam tangtu, nya eta alam antara, ceuk hadis mah Alam Barjah eta nami, nya eta alam antara.
67. Ti dunyana manehna geus indit, ka Akherat masih tacan datang, raina lajeng ngawalon, leres percanten kalangkung, nya kitu mo salah deui, nu mawi make sakarat, ciri teu katimu, lawang Akherat teu muka, buktina teh molotot jeung larak lirik, siga anu neangan jalan.
68. Mun ku rai can kapikir, anu tadi saur engkang tea, anu ngajadi alam teh, alam antara disebut, nu jadi teh roh Jasmani, naon kanyataannana, di badan sakujur, roh Jasmani tacan terang, ceuk rakana mun lamun rai tacan ngarti roh Jasmani teh nyatana.
69. Enya eta sifatna teh getih, nu ngajadi alam barjah tea, kapan tadi asalna ge, getih teh eta geus tangtu, asal tina aci-aci, aci seuneu jeung tanah, angin pon nyakitu, nya buktina katuangan, anu didahar ku urang teh beurang peuting, sasat aci alam dunya.
70. Kapan bukti geuning anu mati, anu maot teu aya getihna, da ngajadi alamna teh, alam antara disebut, alam Barjah kesebat nami, geura bae titenan, mun aya nu pupus, paehna anu kapaksa, anu dibunuh atawa digeleng ku mobil, getihna ragrag didinya.
71. Ririwana hanteu salah deui, nya didinya sok nembongannana, tah geuning eta geus aen, getih balik deui tangtu, ngajadikeun alam gaib, nu mawi hanteu katinggal, kahalangan kitu, kahalangan ku alamna, nyawana teh ngaraga sukma geus pasti, jadi dedemit siluman.
72. Eta kitu kajadian jalmi, anu hanteu kapanggih, jeung asal, asal keur dina Kadim teh, nyaeta nyatana Nur, Nur Muhammad ceuk unggel Hadist, Hakekatna Adam tea, bibit dunya kitu, atuh pantes moal bisa, ngan saukur bisa balikna teh pasti, kana asalna dunya.
73. Dunya ieu bumi seuneu angin, anu bakal ngajadi teu ngunah, meureun sadaya ngaraos, seuneu dunya mah tangtu, karasana panas geus pasti, cai tiis rasana, bumi poek tangtu, atun nya Naraka tea, kapan tadi bibitna mah teu kawarti, taya tiis taya panas.
74. Den Muslimat teras nyaur deui, sadayana bieu saur engkang, nuhun parantos kahartos, ayeuna gaduh piunjuk, pasal Haqullah nu tadi, sareng Haqul Adam tea, rai masih keneh bingung, naon nyatana di badan, hakekatna di badan urang pribadi, ku rai tacan kapaham.
75. Cauk rakana lamun tacan harti, Haqna Allah tetep hirup urang, Haqul adam mah geus tangtos, nya rasa sareng nafsu, nyawa kasebatna rai, ceuk raina naha beda, nyawa sareng hirup, saur raka tangtu beda, malah-malah sifatna ge beda pasti, sabab basana ge dua.
76. Ari sifat hirup mah kang rai, enya eta sifat cahya, ari nyawa mah geus tangtos, sifatna getih kitu, datangna ge ti pandeuri, meureun ku rai karasa, waktu keur dikandung, hirup mah kapan geus aya, anu matak dijero beuteung geus usik, pertanda aya hirupna.
77. Malah dina gujragna ka dohir, masih keneh tacan aya nyawa, anu mawi taya raos, sumawonna aya nafsu, taya dangu taya tinggali, taya angsu-angsu acan, sababna pang urang kitu, keur masih dina Haqullah, hirup Allah anu sakalangkung suci.
78. Lami-lami eta murangkalih, saprantos lebet kadaharan, sarupaning naon bae, kaayaan dunya kitu, mimiti rasa teh bijil, ngarasa aya ngeunah, teu ngeunah pon kitu, panon ge bijil awasna, cepil ge bijil danguna geus pasti, baham bisa cacarita.
79. Lami-lami tuluy bijil deui, tina rasa nya bijil kahayang, hayang naon hayang naon, nyaeta ngaran nafsu, lebah dinya enggeus pasti, hirup kalawan nyawa, dua geus ngagulung, tadi memeh aya rasa, hirup wungkul nyaeta hgirup sajati, roh suci kasebatna.
80. Barang enggeus kacampuran getih, enya eta aci kadaharan, nu di dahar ku urang teh, roh bumi seuneu banyu, roh angin pon kitu deui, roh sagala hewan-hewan sadayana asup, jadi hirup suci tea, lami-lami ka bulen ku sifat getih, anu kalangkung kotorna.
81. nya nimbulkeun nafsu tilu rupi, enya eta Amarah Lowamah, Sawiyah katiluna teh, mawana eta nu tilu, narikna ka alam dohir, karepna kasukaan dunya, hayang seubeuh nyatu, jeung ngajujur kasukaan, resep ngadu resep lacur jinah maling, jeung ngagedekeun Amarah.
82. Jadi eta nafsu tilu tadi, jadi tempat setan la’natullah, didinya marunggonna teh, numatak bedas kalangkung, Mutmainnah nafsu nu suci, teu kuat eleh loba, remen sok kabaud, bukti langka anu iman, nu ngestokeun kana parentahna Nabi, sumawon parentah Allah.
83. den Muslimat lajeng nyaur manis, yaktos pisan eta Mutmainnah, nafsu nu sok narik hade, kumaha sangkanna punjul, ulah sok elehan teuing, ceuk rakana taya akal, lian ti nyalindung, nyalindung ka dzatna Allah, nu matak urang wajib ma’rifati, sangkan kuat salawasna.
84. Jadi iman sabeurang sapeuting, sabab henteu rasa papisahan, jeung Allah Gusti Yang Manon, geus Wahua Ma’akum, babarengan siang jeung wengi mun geus kitu mah mokaha, moal rek kabaud, ku nafsu nu goreng tea, sabab isin inggis sieun kuku nguntit, nu Murba ka wujud urang.
85. Lami-lami setan tangtu nyingkir, moal daek ngagoda rancana, sabab sieuneun geus tangtos, rasana panas geus tangtu, deukeut jeung nu iman pasti, tah kitu gunana, mun ngelmuna tutug, jadi salamet bawana, lahir batin moal rek manggih balai, sabab beresih lakuna.
86. Den Muslimat lajeng nyaur deui, pasal eta parantos kapaham, kahartos sareng karaos, ayeuna wangsul kapungkur, panarosan jisim abdi, nu tadi tacan dijawab, dina pasal huruf, enya eta lafad Allah, Alif Lam Lam He timana asalna deui, pang ayana Lafad Allah.
87. Ceuk rakana aeh engkang lali, enya bae eta can dijawab, nya neda tawakuf bae, tina bakating khusu, nyarioskeun dzat Maha Suci, nu kalangkung pentingna jeung bab sakaratul, ayeuna mah atuh mangga, rek didadar ku engkang sangkan kaharti, kieu usul asalna.
88. Anu matak aya huruf dalil, huruf Allah aya opat rupa, nya eta Alif Lam Lam He, nya eta Asma Yang Agung, awalna eta geus pasti, asalna tina dzat sifat, Gusti Maha Agung, dzat hartina kanyataan, sifat rupa eta hanteu salah deui, Johar Awal kasebatna.
89. Caang padang sifatna geus pasti, tina padang bijil kanyataan, bijil cahya opat tembong, Nur Muhammad nu kasebut, nyaeta Adam hakeki, babakalna alam dunya, hiji ngaran Narun, cahya beureum sifatna, kaduana Hawaun kasebat nami, cahya koneng sifatna.
90. Katiluna Maun eta nami, cahyana bodas hanteu salah, Turobbun kaopatna teh, cahyana nu hideung mulus, tah sidik geus opat rupi, kalima caangna, jadi tasjid kitu, nu opat teh Alif Lam Lam, sareng He na rai kitu mun teu harti, asalna teh lafad Allah.
91. Sabab eta bibit nu kumelip, tujuh Bumu tujuh Langit pisan, sarawuh eusina kabeh, dina Hadist ge kasebut, sadaya anu kumelip, sakabeh asal ti Allah, lumbrah geuning kitu, tah sayaktosna tidinya, tina Enur anu opat perkawis, kalimana Johar Awal.
92. Henteu pisah dzatna Maha Suci, jeung sifatna sumawon asmana, geus ngagulung moal geseh, geus saädzat anu tilu, hanteu patarengga deui, sasat Allah jeung Muhammad, Adam jadi gulung, Ahadiyat sareng Wahdat, katiluna Wahidiyat eta nami, dzat sifat sarawuh asma.
93. Kantun anu kaopatna deui, anu kasebat Af’al Gusti Allah, enya ieu buktina teh, alam dunya anu dumuk, sarawuh eusina deui, nya anu jadi bakalna, nu tadi disebut tina cahya Nur Muhammad, opat rupi kalima caangna pasti, hakekat Muhammad tea.
94. Aya seuneu ieu alam dohir, ku sorotna Narun hanteu salah, cahaya anu beureum eces, kaduana angin kitu, sorot Hawaun geus pasti, cahya koneng sifatna, ari nu katilu, aya ieu cai dunya, ku sorotna Maun anu putih, ka opat bumi anu nyata.
95. Nya eta sorotna Turobun geus pasti, cahya hideung sifatna teu salah, kalimana Panon poe, geuning buktina kitu, eta asmana Yang Widi, teu beda jeung Kadimna, tetep lima huruf, sabab sakitu bibitna, najan rukun anu lima perkawis, tah asalna ti dinya.
96. Waktu oge geuning lima deui, teu kaluar ti asmana Allah, sanajan di Mekkah oge, Imamna opat tangtu, kalimana Baetullahi, sanajan Gusti urang, kangjeng Nabi Rasul, sahabatna geuning opat, kalimana sareng anjeuna pribadi, lafad Allah sadayana.
97. Saur rai ayeuna mah harti, nya paingan kitab enggeus nyebat, yen tujuh langit bumi teh, di angliputi Yang Agung, ayeuna kakara sidik, sifatna ngangliputina, ku asmana kitu, asal asma tina cahya, Nur Muhammad utusanana Yang Widi, rai sakalintang bingah.
98. Ceuk rakana anu mawi wajib, urang kudu ma’rifat ka asal, nya eta anu bieu teh, sangkan ulah kasarung, balik deui ka alam dohir, da dunya mah kalangkangna, dzat nu Maha Agung, tangtuna enggon Naraka, geura bae didunya ge geuning sidik, kalangkang jadi Naraka.
99. Saupami sorot Matahari, dihalangan ku sahiji kaca, kalangkangna tangtos bae, ngajadi seuneu hurung, anu panas teu salah deui, matak ngaruksak ka urang, bisa jadi tutung, naha tina bibitna mah, Panon poe teu matak jadi balai, malah lamun dideukeutan. 100. Saupama naek kana pasir, Gunung luhur bet tambah tiisna, tambah deukeut tambah raos, eta teh siloka wungkul, mere upami ka jalmi, supaya boga pikiran, ulah arek jauh, tina dzatna Gusti Allah, nu moncorong lir Srangenge nuju bijil, Srangenge alam Akherat.
101. Ceuk raina teu kinten kaharti, namung aya saeutik anu samar, pasal kaca can ngahartos, naon nyatana anu dumuk, rakana deui ngajawab, rai mun can mafhum, kaca panghalangna tea, enya ieu buktina wujud jasmani, mindingan kana dzat tea.
102. Sungsum tulang daging sareng kulit, anu jadi hijabna ka Allah, dina Hadist kacarios, lafadna geuning kitu, Laa Hijabbaka kauni, jeung Illa Wujudika, Fafnin ‘anil Wujud, Takun Wasilan terasna, saurna teh Gusti anu Maha Suci, euweuh anu jadi hijab.
103. Lian eta wujud maneh eta pasti, anu jadi hahalang ka Allah,hijab ka Gusti Yang Manon, lamun maneh saestu, hayang nyaho ayana Aing, burak heula wujudna, sing ulah ngajarentul, ulah boga rasa aya, wujud reujeung bumi langit, sabab Aing Nafi Isbat.
Asmarandana
104. Ceuk raina bingung teuing, dina palebahan eta, kumaha nya akalna teh, bisa ngailangkeun jasad, sumawonna alam dunya, rai sakalintang bingung, hanteu katepi ku akal.
105. Hanteu kahartos ku pikir, kajaba dina sare mah, didinya hanteu ngaraos, boga wujud rawuh dunya, tapi weleh teu kapendak, sareng dzatna Maha Agung, hanteu aya pependakan.
106. Saur raka moal manggih, dina keur waktu sare mah, da lebah sare mah poho, ilang ilmu ilang rasa, teu iman-iman acan, najan wujud teu kaemut, da sanes kitu jalanna.
107. Kapan ari ngelmu rai, kudu keur nyaring mistina, eta mah palebah sare, hanteu aya terekatna, kapan geus aya patokan, jalan ma’rifat teh kudu, jalanna tina tarekat.
108. Sanajan bisa ninggali, lamun teu make tarekat, hanteu sah kanyahona teh, ibarat lafad Muhammad, nya eta Mim He Mim Dal, teu make tasjid mah luput, teu jadi lafad Muhammad.
109. Kitu ibaratna rai, nyatana tasjid tarekat, atawa konci panyorog, pamuka lawang Akherat, panutupna lawang dunya, kakara bisa kasusul, eta dzatna Gusti Allah.
110. Tapi kudu bisa mati, paeh samemehna wafat, kapan dina Hadist oge, Antal Mautu Qoblal Mauta, tah dalil eta saksina, lamun ngelmu tacan kitu, can ditarima ku Allah.
111. Ari geus katimu tasjid, nya Marotan Wahidatan, kitu eta ceuk dalil teh, tegesna babar sapisan, geus tepi ka asal Qur’an, Qur’an Nul’adzim kasusul, bibitna sagala rupa.
112. Raina lajeng ngalahir, aduh engkang nuhun pisan, kang rai nembe mangartos, ayeuna mah moal samar, anu parantos diwejang mah, mung aya deui pihatur, perkawis lafad Muhammad.
113. Naon nyatana di diri, dina wujudna manusa, rai masih keneh helok, teu acan pisan kapaham, muga ku engkang diwejang, ulah kapambeng ngawuruk, da engkang bubuhannana.
114. Rakana ngajawab deui, kieu rai mun can terang, lafad Muhammad eta teh, rupana wujud manusa, Mim the nya sirah urang, He dada manusa estu, Mim akhir bujal manusa.
115. Dal teh suku enggeus pasti, tah kitu rai nyatana, raina lajeng ngawalon, nuhun Alhamdulillah, kahartos Mim He Mim Dal, mung tasjidna teuacan disebut, naon kanyataannana.
116. Ceuk rakana pasal tasjid, geus tangtu rai aya mah, dina salira urang teh, sareatna hakekatna, mung engkang moal tiasa, sabab rasiahna guru, kudu papada duaan.
117. Raina ngawalon deui, naha bet aya rasiah, ceuk rakana tangtos bae, hanteu beunang lalawora, nyarita pasal ieu mah, kusabab geus kana ilmu, lain perkara Agama.
118. Bener mun dina Agami, teu meunang aya rasiah, kudu dicarios bae, sabab eta mah Agama, keur pikeun sarerea, keur ibadah ka Yang Agung, kabeh kudu pada terang.
119. Sarat sah nyembah ka Gusti, batal haram jeung makruhna, sunat farduna sakabeh, persasat nuduhkeun jalan, jalan tuduh Agama, mun prakna tah kudu kitu, kudu nurut kitab Qur’an.
120. Mereskeun jalan Agami, Agama sareat tea, laku ucap anu aen, nu katinggal ku sadaya, anu kudu dilakonan, parentahna Gusti Rasul, rukun Islam anu lima.
121. Ari hakekat mah rai, tarekat sareng ma’rifat, bagian ilmu eta teh, pikeun kayakinannana, sadirina-sadirina, keur kapercayaan kitu, kanu baris disembahna.
122. Jadi geus kaluar garis, lain hukumaneun jalma, sumawon ku sareat teh, boh salahna boh benerna, anging Allah nu uninga, Allah nu pikeun ngahukum, engke di alam Akherat.
123. Teu aya gunana jalmi, pipilueun ngahukuman, sareat ka tarekat teh, mangsa bodo Gusti Allah, da ari sareat mah, ngan kudu menerkeun laku, aturan amal ibadah.
124. Kapan ari Iman rai, aya dua perekara, hiji Iman ka Yang Manon, nyaeta eling ka Allah, kana dzatna jeung sifatna, tapi sahna eling kudu, kalawan ma’rifat heula.
125. Sasatna kedah papanggih, sabab kumaha rek Iman, lamun teu acan paamprok, saperti ayeuna urang, kumaha arek elingna, kana rupa Mekah kitu, sababna tacan ma’rifat.
126. Ngan karek asmana badis, teu acan katinggal ku soca, atina teu daek nyaho, sanajan dicipta-cipta, weleh geuning pasalia, jeung buktina nu diditu, sidik henteu mangfa’atna.
127. Tapi kade salah ngarti, perkara nyaho ka Allah, lain kudu sapertos, urang ninggal tanah Mekah, sidik ku panon kapala, ka Allah mah sanes kitu, kapan aya ceuk Hadistna.
128. Mimiti Ru’yatullahi, Fidun’ya anu kasebat, Bi ‘ainil Qalbi sayaktos, hartina ninggal dzat Allah, ti dunya teu meunang salah, kudu ku awasna kalbu, ku awas panon atina.
129. Raina ngawalon deui, perkawis Iman ka Allah, rai parantos mangartos, kantun Iman anu ka dua, naha Iman ka saha, ku rai tacan kaemut, rakana enggal ngajawab.
130. Dupi Iman hiji deui, bagian ahli sareat, Imanna eta geus tangtos, Iman kana Parentahna, Gusti Allah nu kawasa, kudu ngalokonan rukun, rukun Islam anu lima.
131. Kapan geuning eta bukti, anu sakitu suhudna, tanda-tanda elingna teh, kana parentahannana, kudu daraek ibadah, buktina pasuhud-suhud, dina nalika cageur mah.
132. Tapi dina waktu gering, dina keue aya halangan, wujud teu bias migawe, teu tiasa ngalakonan, ngalakonan Sembahiyang, atuh teu Iman mun kitu, sabab teu aya cirina.
133. Teu Iman ka parentah Gusti, Sumawon Iman ka Allah, atuh rek eling ka naon, rek eling ka parentahna, da geus teu bisa hudang, rek eling ka Maha Agung, da can nyaho ti tadina.
134. Mun kitu kafiran pasti, paeh henteu reujeung Iman, atuh meureun poek bae, jadi linglung rarasaan, nya meureun nyasab jadina, nyawana teh kapidangdung, teu bisa balik ka asal.
135. Numatak urang mah rai, kudu bae dua-dua, Iman teh urang pigawe, kahiji Iman ka Allah, nya kana dzat sifatna, nu henteu diwaktu-waktu, eling bae salawasna.
136. Bari leumpang bari cicing, eling bae hanteu pegat, keur cageur keur gering komo, salawasna moal pegat, nepi ka rek maot pisan, geus Wahua wama’akum, siang wengi reureujeungan.
137. Kaduana Iman deui, kana parentahannana, lakonan waktu lima teh, dina keur nalika jagjag, keur wujud taya halangan, masih keneh bias nangtung, lakonan sakuat-kuat.
138. Raina ngawalon deui, kumaha mun geus teu kuat, badanna geus ruksak kabeh, geus teu bisa walakaya, ceuk rakana moal pegat, Iman mah geus tangtu terus, Iman kanu marentahna.
139. Asal geus ma’rifat jati, moal samara moal hilap, da hanteu kudu jeung praktek, sanajan badanna ruksak, hanteu bisa walakaya, da teu kudu ruku sujud, teu ku lisan-lisan acan.
140. Sababna enggeus ngahiji, jalanna tina tarekat, teu jauh sareng dzatna teh, najan nepi ka ayeuna, hanteu ngarasa papisah, cicing leumpang diuk nangtung, henteu weleh reureujeungan.
141. Raina ngawalon manis, seja diestokeun pisan, sakur piwuruk engkang teh, margi kahartos percaya, manusa kedah kituna, kakara bisa kasusul, bisa balik ka asalna.
142. Mung ayeuna aya deui, bade tumaros ka engkang, rai masih keneh poek, margi Hadist enggeus nyebat, yen eta dalil Qur’an, pangandikana Yang Agung, disebatna Kalamullah.
143. Saha jalma anu mungkir, hanteu percaya ka Qur’an, yen eta Kalamullah teh, kufur kafir kasebatna, tapi aya deui kitab,nerangkeun yen Maha Agung, ngan dika Gusti Allah.
144. Teu huruf sowara deui, tapi eta dina Qur’an, kapan make huruf eces, kalintang abdi sesahna, teu acan tetep mikiran, hate masih kalangkabut, percayana masih mangmang.
145. Sieun jadi kufur kafir, tapi upami percaya, kumaha da can karaos, kapan kedah sareng sahna, sagala pangakuan, ibarat nyebatkeun cau, boh amisna boh kesedna.
146. Kedah geus di dahar misti, kakara sah pangakuna, moal taklid moal bohong, rek nyaritakeun rasana, boh kesed boh amisna, nyaritakeun rasa cau, moal arek asa-asa.
147. Sareng kapan saur Hadist, Qur’an teh damel sahabat, Gusti Usman nu nulis teh, nyatet saur Rasulullah, geuning kitu asalna, kaluar ti Kangjeng Rasul, malah basana ge Arab.
148. Kapan sidik Kangjeng Nabi, pangkat Nabi kasebatna, naha ari Nabi sanes, sapertos Jeng Nabi Isa, ngadamelna Injil tea, geuning naha teu disebut, dalil pangandika Allah.
149. Ditetepkeun bae Hadist, pangandika anu anyar, kitu deui Zabur Toret, Hadist bae disebatna, tah kumaha bedana, kapan sami pangkat Rasul, utusan Allah ta’ala.
150. Rakana ngajawab manis, kieu rai mun can terang, pasal ka dalil Qur’an teh, kudu buleud nya percaya, yen eta pangandikana, Allah anu Maha Agung, sanajan aya hurufna.
151. Geura dangukeun ku rai, unggel dina lebet Qur’an, eta teh nyaurkeun naon, kapan geuning eta Qur’an, nyarioskeun ti awalna, memeh aya awang uwung, tina Johar Awal tea.
152. Terus kan Nur Jeng Nabi, nyaeta Nur Muhammad, bibit nu kumelip kabeh, teus nepi ka jadina, ngajadi alam dunya, sareng ngajadikeun makhluk, mimitina ti Nabi Adam.
153. Terus Babu Hawa deui, bibit nurunkeun manusa, turun ka para Nabi kabeh, lalakonna dicarita, kabeh aya dina Qur’an, teu aya anu kalarung, nepi ka kiamat pisan.
154. Dicarios ku Jeng Nabi, sadaya hanteu kaliwat, awal akhir dicarios, padahal Nabi Muhammad, teu kocap aya guruna, nu ka anjeuna miwuruk, nu muruk bangsa manusa.
155. Tapi naha Kangjeng Nabi, bet sagala uninga, boro-boro nu geus tembong, sanajan nu teu acan, nyaeta kiamat dunya, anjeuna enggeus misaur, yen bakal kitu jadina.
156. Padahal Kangjeng Nabi, teu aya nu ngawartosan, anging ku terbitna hate, jol tiasa sasauran, nyaurkeun sadayana, ayat-ayat nu kasebut, nu aya salebet Qur’an.
157. Jadi ngandikana Gusti, bener teu nganggo sowara, sumawon make huruf teh, sabab ngandikana Allah, kana Qur’an Nul’adzimna, kana kadimna Jeng Rasul, nyaeta kana manahna.
158. Maparin caangna ati, ka Kangjeng Nabi Muhammad, ngadak-ngadak anjeuna teh, bray bae sagala terang, sagal geus kauninga, lahir batin geus kamafhum, caang padang narawangan.
159. Tah kitu ngandikana Gusti, nu matak teu ku sowara, sumawon make huruf teh, ngan cumah maparin caang, kapan sidik caang eta, hanteu sowara huruf, tapi Kangjeng Rasulullah.
160. Sadayana jol kaharti, terus disaurkeun pisan, ka sahabat nu opat teh, nyaurna ku basa Arab, teras dicatet ku Usman, sasaur-saur Jeng Rasul, nya jadi kitab Qur’an.
161. Ngaranna Qur’an Nul-Majid, meunang nurun tina Qur’an, tina Qur’an Nul’adzim teh, nu teu huruf teu sowara, jeung teu nulis teu papan, hanteu arah engon kitu, tah kitu rai sababna.
162. Raina gumujeng manis, mani cirambay socana, bakating tina karaos, hanteu aya papadana, tina kalangkung karasa, geus sumurup kana kalbu, geus nyayang kana sungsuwam.
163. Barina ngalahir deui, rek naros rai ka engkang, naha ari Nabi sanes, sapertos Jeng Nabi Isa, midamelna Injil tea, naha bet hanteu disebut, dalil pangandika Allah.
164. Tetep disebatkeun Hadist, pangandika anu anyar, kapan Jeng Nabi Isa ge, tunggal utusanna Allah, naha bet dibeda-beda, malah sumpingna tipayun, saheulaeun Nabi urang.
165. Ceuk rakana bener rai, sarua pada utusan, tapi kieu bedana teh, nu matak hanteu disebat, dalil pangandika Allah, sabab Ijnil Toret Zabur, nyarioskeun geus akhirna.
166. Sajarah anjeuna pasti, nu parantos kalakonan, ku salira anjeuna teh, hanteu sami sareng Qur’an, kapan Qur’an mah eusina, nyariosleun Wal Awwalu, nepi ka akhirna pisan.
167. Saha nu mere warti, nanging ti Allah ta’ala, jadi anjeuna mah notok, hanteu naros ti manusa, sabab manus amah mohal, bisa nyaritakeun kitu, kapan teu daya teu upaya.
168. Ngalahir deui kang rai, nya nuhun Alhamdulillah, rai aya kadar ngartos, lantarannana ti engkang, ayeuna mah moal samara, sanajan Saumur hirup, moal robah patekadan.
169. Mung ayeuna aya deui, bade tumaros ka engkang, margi rai tacan ngartos, hal eta kitab nu opat, hiji ngaran Toret tea, kaduana kitab Zabur, kitab Injil katiluna.
170. Kaopatna Qur’an nami, naon kanyataannana, dina badan sakujur teh, kang rai hayang terang, hakekatna di urang, kitab Hadist anu tilu, dalil mah Qur’an nyatana.
171. Ari sundana teh Hadist, nya eta nu anyar tea, dalil mah nu heubeul tangtos, tah eta naon nyatana, di badan urang sapata, rai mah ku hayang dumuk, ulah ngan ukur basana.
Kinanti
172. Rakana engal ngawangsul, kieu rai mun can harti, pasal kitab anu opat, kanyataan dina diri, ayeuna baris didadar, geura dangukeun ku rai.
173. Mimiti Toret dicatur, sanyatana dina diri, nyaeta pangdangu urang, Zabur pangucap pribadi, Injil nyatana paninggal, Qur’an mah pangangseu rai.
174. Sifatna nafas geus tangtu, sifatna hirup kang rai, tah eta nyatana Qur’an, nu tadi disebat dalil, anu tiheula ayana, ti barang gurujag dohir.
175. Ari eta mah nu tilu, nyaeta nu ngaran Hadist, anu pandeuri datangna, pangdangu anu kahiji, paninggal sareng pangucap, eta hanteu salah deui.
176. Meureun ku rai kamafhum, keur waktu gurujag lahir, tina kaluat si Bijang, panon teu awas ninggali, cepil teu aya danguna, baham teu bisa wawarti.
177. Nafas mah geus jalan terus, barang enggeus lami, saparantos barang tuang, kalebetan aci, aci seuneu angin tanah, sinarengan aci cai.
178. Bukti anu ngajarentul, katuangan warna-warni, lami-lami eta soca, bet bijil awasna geuning, cepil kaluar danguna, baham ge bisa wawarti.
179. Kitu deui dina pupus, anu pangheulana leungit, nya danguna jeung tinggalna, ucapna pon kitu deui, nya eta nu anyar tea, nafasna mah ongkoh bijil.
180. Numawi Qur’an disebut, disebatkeun awal akhir, awalna nu pangheulana, pangheula ayana pasti, akhirna oge teu lepat, pangakhir-akhirna leungit.
181. Raina ngawalon nuhun, leres mun kitu kaharti, kanyataan dina badan, estuning aenal yakin, karaos kabina-bina, mo hilap saumur hirup.
182. Mung awon teu kapiunjuk, aya deui nu can harti, pasal tadi Gusti Allah, sifat Goniyyun ceuk Hadist, hartina teh Allah beunghar, taya kabutuhna Gusti.
183. Naha engkang bener kitu, Gusti anu Maha Suci, hanteu aya kabutuhna, rakana ngawalon manis, ceuk engkang mah masih aya, kabutuhna Maha Suci.
184. Tapi kabutuh Yang Agung, teu butuheun kunu ngaji, teu butuh kunu ibadah, da kabeh kagungan Gusti, teu butuheun ku Ulama, teu butuheun kunu muji.
185. Raina Lajeng ngawangsul, atuh lamun kitu Gusti, hanteu kasebutkeun beunghar, lamun aya keneh pambrih, ah engkang mah sok murtad, naon kabutuhna Gusti.
186. Rakana walon jeung imut, bener ceuk dalil teh tadi, Allah ta’ala taya kabutuhna, tapi engkang mah sok nilik, sareatna anu nyata, nu karasa sareng bukti.
187. Ceuk raina naon atuh, kabutuhna Maha Suci, rakana lajeng ngajawab, ceuk engkang mah anu yakin, kabutuhna Gusti Allah, hanteu seueur ngan sarupi.
188. Ngan butuh teh ku wujud, teu ku naon-naon deui, kapan buktina di dunya, teu elat-elat nu bijil, jalma pada aranakan, tatangkalan nungtut jadi.
189. Ting torojol ting palentung, ampir pinuh ieu bumi, sato-sato ge aranakan, najan seueur nu dipeuncit, tapi teu kurang nu datang, nandakeun butuhna Gusti.
190. Raina mani ngagukguk, seuri ngeunah bakat harti, sidik pisan jeung buktina, teras nyaur bari manis, aduh engkang sidik pisan, kasauran teh bet yakin.
191. Ayeuna gaduk piunjuk, hiji pasal nu can harti, ku engkang kedah di dadar, supados rai mangarti, ulah ngajadikeun bimbang, kana ati tuang rai.
192. Pasal dina pangkat mahluk, nyaeta ngaran hawadist, naon nu jadi sabab, pang sok ditungtungan mati, kedah wae osok wafat, henteu kenging mungkir deui.
193. Malah dalil oge nyebut, dalilna teh Qulu nafsin, jeung daikatul mauta, sundana teh eta dalil, sakebeh awak-awakan, yen kudu ngarasa mati.
194. Tah naon sababna kitu, Allah geus maparin jangji, kumaha sabab-sababna, kersana Gusti Yang Widi, make mere katetepan, yen sakabeh kudu mati.
195. Naon maksadna Yang Agung, ku rai hoyong kaharti, dina hal sabab-sababna, da moal enya mubadir, samangsa-mangsa keresa, tangtos aya sabab tadi.
196. Rakana lajeng ngawangsul, sugan kieu kersa Gusti, upama jalma teu wafat, pinuh temen ieu bumi, sesek moal aya tempat, tah kitu sababna rai.
197. Raina enggal ngawangsul, ka rakana bari seuri, mun ngan sakitu sababna, atuh Gusti Maha Suci, sanes nu sifat kawasa, asa kabireukan teuing.
198. Naha matak naon atuh, ngersakeun Gusti Yang Widi, ngalegaan alam dunya, nyieun sarebueun kali, sarebueun alam dunya, moal datang ka teu jadi.
199. Rakana mesem ngadawuh, eta mah entong dipikir, da kitu kersana Allah, sumuhun saur kang rai, sanajan kersana Allah, moal hanteu aya pambrih.
200. Meureun aya sabab tangtu, moal mubadir Yang Widi, samangsa-mangsa keresa, aya sababna nu penting, cik geura terangkeun engkang, rai enggeus lieur teuing.
201. Ceuk rakana mangga atuh, ari keukeuh-keukeuh teuing, perkawis pang Gusti Allah, Pang ngersakeun kudu mati, ka sakabeh anu anyar, najan alam dunya rai.
202. Tanda bedana Yang Agung, reujeung sakabeh hawadist, lamun hawadist teu ruksak, langgeng hanteu owah gingsir, ana kitu nyaruaan, sarua jeung Maha Suci.
203. Kapan ceuk dalil teh kitu, Allah sifat Baqo pasti, langgeng teu keuna ku ruksak, sumawon keuna ku mati, pertanda beda-bedana makhluk sareng Maha Suci.
204. Pendekna sakabeh makhluk, tanda bedana jeung Gusti, hanteu meunang nyaruaan, kitu rasiah Yang Widi, anu matak kudu wafat, sakumelip tujuh bumi.
205. Saur rai lamun kitu, kahartos ku tuang rai, aya deui nu can paham, rehna dina umur jalmi, naon margi teu sarua, beda-beda umur jalmi.
206. Aya orok-orok pupus, aya nu geus aki-aki, aya nu geus jadi bujang, nu keur tengah tuwuh deui, rupi-rupi teu sarua, tah eta kumaha margi.
207. Naha kersana Yang Agung, mun enya kersa Yang Widi, naha bet ngabeda-beda, kawas anu pilih kasih, kapan tadi Gusti Allah, asih ka sadaya sami.
208. Rahman Rahim Maha Agung, ka sadaya murah asih, kumaha buktina murah, kumaha buktina asih, nu rata ka sadayana, ulah siga pilih kasih.
209. Rakana lajeng ngawangsul, perkara murahna Gusti, nu rata ka sadayana, nu kumelip jero bumi, geus ngayakeun lima rupa, hiji seuneu dua angin.
210. Tilu bumi opat banyu, kalimana matahari, eta kamurahan Allah, ka sadaya makhluk Gusti, mahi ku lima perkara, geura mun taya sarupi.
211. Saupami taya banyu, teu aya cai sarupi, kumaha kira-kirana, urang bisa hirup rai, ceuk raina moal bisa, sagala ge moal jadi.
212. Tatangkalan moal hirup, sato-sato kitu deui, uteuk tongo walang taga, moal aya anu hurip, cacakan taya sarupa, bener karaos ku rai.
213. Kantun asihna Yang Agung, naon nyatana anu yakin, nu papak kasadayana, nu sami teu pilih kasih, anu teu dibeda-beda, ka sakur anu kumelip.
214. Ceuk rakana mun can mafhum, asihna Gusti Yang Widi, mere hirup kasadaya, najan sireum tongo reungit, sami teu aya bedana, pada bisa usik malik.
215. Tepi ka akherat kitu, Allah tetep bae asih, ceuk raina matak heran, kapan jalma the sok mati, tangtos ari maot tea, teu aya hirupna pasti.
216. Rakana enggal ngawangsul, ulah rek kaliru rai, da kapan ari hirup mah, sifat Baqo enggeus pasti, langgeng teu keuna ku ruksak, jeung teu keuna ku maot pasti.
217. Lamun ruksak eta hirup, Allah milu ruksak pasti, ceuk raina masih heran, kapan geuning anu mati, hanteu usik hanteu obah, tanda taya hirup pasti.
218. Rakana ngajawab terus, rai ulah belet teuing, hal perkara anu hilang, hirupna mah tetep pasti, nu paeh tea mah raga, nya eta badan jasmani.
219. Kurungannana nu pupus, bungkusna eroh jasmani, roh jasmani teh nyatana, nyaeta nyawa geus pasti, ari nyawa teh nya rasa, nu tadi asal ti dohir.
220. Tapi rasa ge pang hirup, nyaeta ku dzatna Gusti, matak hirup mah teu robah, najan geus kasebut mati, sabab ngahirupan rasa, ti dunya nepi ka batin.
221. Nu ruksakna teh ngan wujud, nya ieu wujud jasmani, rasana mah tetep aya, saperti kieu deui, boga ngeunah jeung teu ngeunah, ngan alamna salin deui.
222. Tah kitu sababna makhluk, umurna teh hanteu sami, sanes pangersa Pangeran, panjangna pondokna deui, ngan wadahna anu teu kuat, nu matak sok tereh mati.
223. Dadamelan Rama jeung Ibu, nu ngaran Wadi jeung Madi, Mani anu katiluna, Maningkem kaopat deui, tah eta nu kurang kuat, nu matak sok tereh mati.
224. Piwadaheunnana hirup, anu kurang kuat rai, anu ngaran mani tea, sabab eta asal mani, lamun rai teu uninga, asal tina aci getih.
225. Lamun getih Rama Ibu, dina waktu tadi bijil, keur getihna hanteu sehat, keur nuju aya kasakit, nya manina ge teu sehat, kacampiran ku panyakit.
226. Atuh jadina teh tangtu, papada bisa ngajadi, tangtu babari bobona, umurna ge moal lami, ibarat dina kai mah, geus koropok ti tadina.
227. Ceuk raina langkung nuhun, rai tiasa ngaharti, lantaran piwejang engkang, asa sidik-sidik teuing, paingan bangsa Walanda, sakitu ngurusna diri.
228. Getih kudu jalan alus, ayeuna mah rai harti, sihoreng bisi manular, ka anakna peribadi, jeung teu kening ngora-ngora, lamun arek boga rabi.
229. Ayeuna gaduh pihatur, rek naroskeun anu tadi, kasauran engkang tea, nu kasebat Wadi Madi, Mani maningkem terasna, timana asalna jadi.
230. Timana asalna dumuk, asal naon nu ngajadi, naon kanyataannana, di diri urang pribadi, muga ku engkang diwejang, nu karasa anu bukti.
231. Rakana lajeng ngawangsul, Wadi teh asalna rai, asal aci seuneu tea, jadina di urang daging, ari Madimah asalna, hanteu salah aci angin.
232. Nyatana diurang sungsum, dupi Mani asal cai, di urang ngajadi tulang, Maningkem mah aci bumi, jadi kulit awak urang, tah kitu eta kang rai.
233. Raina nyaur jeung imut, aya deui anu can harti, Hadist enggeus mere terang, yen jalma Iman pinasti, meunang ganjaran Akherat, dipapag ku Widadari.
234. Seueurna teh opat puluh, sareng kalangkung gareulis, rai dina lebah dinya, masih keneh bingung pikir, can tetep kapercayaan, rehna eta Widadari.
235. Widadari isteri wungkul, teu ngupingkeun Widadari-widadari lalakina, pikeun mapag para istri, istri nu meunang Iman, anu ibadah ka Gusti.
236. Kapan istri ge geus tangtu, seueur nu lakon Agami, jeung lalaki sama timbang, kadang kala seueur istri, naha bet hanteu ka kocap, dipapag ku Widadari.
237. Rakana lajeng ngawangsul, pasal eta Widadari, bener pisan tangtu aya, tatapi eta munasif, nyilokaan kani’matan, ganjaran ti Maha Suci.
238. Ku urang kudu ka ilmu, pikir sing nepi kaharti, kudu papay mimitina, pikeun mikir Widadari, ari Widadari tea, rupa istri nu gareulis.
239. Kapan istri teh geus tangtu, sifat kasukaan ati, kani’matan kagenahan, kabirahian nya ati, ka deudeuh jeung kacintaan, mungguhing di alam Akhir.
240. Bener bae opat puluh, ceuk Hadist teh Widadari, pikeun sahiji manusa, kabagiannana pasti, eta teh rai siloka, yaktos mah opat siki.
241. Enol mah da nalapung, kosong hanteu aya eusi, kieu ari sayaktosna, anu opat Widadari, hiji kangeunahan baham, dua kani’matan cepil.
242. Widadari anu katilu, kabungahan soca rai, Widadari nu kaopat, kadeudeuh pangambung rai, kapan tina opat tea, bijil kani’matan sami.
243. Ceuk raina kuma atuh, pang mapagna Widadari, saur rakana pan nyata, upami baham kang rai, kadatangan lauk hayam, atawa kueh persetik.
244. karaosna raos tangtu, malah osok hayang deui, deudeuieun karasana, sumuhun saur kang rai, kahartos ari kitu mah, istri pameget ge nampi.
245. Ganjaran ti Maha Agung, leres hanteu pilih kasih, ayeuna nu kadua, ku engkang terangkeun deui, supados kahartos pisan, Widadari tina cepil.
246. Ceuk rakana tina dangu, piraku hanteu kaharti, meureun rai osok mendak, ngadangukeun anu nyuling, atawa tembang nu ngunah, naon bae rupi-rupi.
247. Meureun ni’mat nu kadangu, raos ceuk rasana cepil, kitu deui tina soca, lamun kang rai ninggali, naon bae kaanehan, boh barang boh rupa istri.
248. Geus tangtu resep kalangkung, bakating resep ninggali, kitu deui nu kaopat, tina pangambung ge bijil, upami ngangseuan minyak, naon bae anu seungit.
249. Kaanggseuna raos tangtu, matak nyelengit nya ati, bakating raos-raosna, matak ngahudang birahi, ceuk raina nuhun pisan, ayeuna mah kahareti.
Pangkur
250. Namung rai mo kapalang, masih aya nu rek ditaroskeun deui, mugi raka ulah bendu, ulah bosen ngajawab, atuh saha anu arek mere pitutur, lian ti salira engkang, dulur abdi ngan sahiji.
251. Ceuk rakana Insya Allah, moal bosen engkang mitutur ka rai, salah bener oge tangtu, dijawab sakuat-kuat, moal ngewa sumawonna lamun bendu, naha iraha jamanna, ngamudarakahkeun ili.
252. Lian ti waktu ayeuna, meungpeung hirup dikersakeun ku Yang Widi, buru-buru geura putus, bilih kabujeng ku wafat, masing tutug ulah aya nya kabingung, sing nepi kahartina, kaluar jerona deui.
253. Saur rai nuhun pisan, mikawelas engkang teh ka diri rai, kieu abdi nya kabingung, tadi aya babasaan, opat rupa hiji basa Maha Agung, kaduana Maha Mulya, nu katilu Maha Suci.
254. Maha Tinggi kaopatna, naha eta basa opat perkawis, aya kanyataan dumuk, atanapi wungkul basa, lamun aya muga ku engkang pitutur, nyatana dibadan urang, carioskeun hiji-hiji.
255. Anu luyu nu karasa, Agung Mulya Sucina hayang kaharti, ulah ngan babasan wungkul, teu hasil mun teu harti mah, salamina moal matak jadi ilmu, mun ngapalkeun bae asma, teu hasil mun teu jeung bukti.
256. Rakana teras ngajawab, puguh bae aya buktina mah, perkawis Yang Maha Agung, nyatana di badan urang mun teu salah, nyatana pangucap tangtu, ceuk raina kuma sabab, kedah diterangkeun deui.
257. Ceuk rakana kapan nyata, najan tujuh bumi sareng tujuh langit, anu gedena sakitu, diucapkeun sadayana, malah-malah Asma Allah ge disebut, dilisankeun ku pangucap, tanda ku agungna leuwih.
258. Ceuk raina leres pisan, nembe terang ayeuna karek kaharti, nu kasebat Maha Agung, kantun nu kaduana, Maha Tinggi atawa Maha Luhur, naon kanyataannana, di diri urang pribadi.
259. Rakana lajeng ngajawab, Maha Luhur atawa Maha Tinggi, nyatana paninggal tangtu, eta nu pangluhurna, geuning bukti eta langit nu sakitu, luhurna tanpa wangenan, ku tingal mah geus kaberik.
260. Cacakan teu kahalangan, saluhureun langit ge tangtu katepi, ku awas tangtu kasusul, ku bakat tinggi-tinggina, ceuk raina aduh leres geus kaemut, sihoreng aya nyatana, nembe ayeuna kapanggih.
261. Ayeuna nu katiluna, Maha Mulya ku engkang terangkeun deui, ulah kapambeng miwuruk, babarkeun bae sadaya, ulah pambeng miasih ka sifat dulur, kang raka bubuhannana, miwejang ka diri abdi.
262. Ceuk rakana Maha Mulya, nyaeta nyatana pangdangu rai, ceuk raina can kaemut, naha kumaha mulyana, saur raka naha rai sok ngadangu, nu nyebat nyeri dengena, rajeun oge nyeri ceuli.
263. Mulya bae salawasna, pangdenge teh salawasna tara gering, raina teras ngawangsul, yaktos ari dengena mah, teges Mulya tara kasebut-sebut, nyeri denge tara aya, bener mulyana teh sidik.
264. Maha Suci anu mana, saur raka nyatana pangangseu rai, nafasna dina pangambung, eta nu pang sucina, geuning bukti nafas teh tara belewuk, sanajan tara dikumbah, nafas mah tetep beresih.
265. Ceuk raina geus kapaham, pasal eta ku rai teh geus kaharti, kantun anu genep Rusul, nomer hiji Nabi Adam, dipangkatkeun Adam Khalifatullahu, Nabi Enoh nu kadua, pangkatna Habibullahi.
266. Dupi Rusul katiluna, nyaeta kasebat Nabi Ibrahim pangkatna halillullohu, nu kaopat Nabi Musa, dipangkatkeun Musa teh Kalamullahu, kalimana Nabi Isa, pangkatna teh Rohullahi.
267. Kangjeng Nabi kagenepna, dipangkatkeun Muhammad Rasulullahi, tapi ayeuna geus pupus, sadaya parantos sirna, jadi meureun ayeuna nu Maha Agung, geus taya utusannana, sadayana geus lastari.
268. Rakana enggal ngajawab, moal enya geus taya utusan Gusti, kapan Rusul mah teu pupus, sadayana oge natrat, terus bae nepi ka poe panutup, nepi ka kiamat pisan, teu robah utusan Gusti.
269. Sabab mun taya utusan, henteu aya alam dunya oge sepi, moal aya tangtu lebur, nya eta kiamat tea, poma-poma rai ulah rek kaliru, nu pupus mah majajina, nya eta wujud jasmani.
270. Nu teu beda sareng urang, nu sarupa saperti wujud kang rai, make sirah dada suku, Nyatana Mim He Mim Dal, tah eta hawadistna anu pupus, Rusul mah hanteu wafat, langgeng teu owah teu gingsir.
271. Hakekatna mah berjalan, malah-malah geus kumpul di kang rai, nu kagenep rusul ngagulung, kumpul dina hirupna, kapan eta hirup ayana geus tangtu, sifatna aya diurang, nu masih gumelar dohir.
272. Raina lajeng ngajawab, naon atuh hakekatna dina diri, buktina teh para Rusul, sakalintang hayang terang, enggal bae ku raka teras diwangsul, kieu rai mun can terang, hakekatna para Nabi.
273. Pasal eta Nabi Adam, enya eta Adam Khalifatullahi, teges Khalifatullahu, wawakil Allah ta’ala, pikeun bibit nurunkeun manusa kitu, bukti sadaya manusa, asal Adam Hawa pasti.
274. Ceuk raina leres pisan, geus kahartos Adam teh nyaeta bibit, bibit manusa saestu, mung naon sanyatana, Adam eta nyata di badan sakujur, ceuk rakna kapan nyata, eta adegan rai.
275. Ti luhur sahibas sirah, ti handapna sahibas suku deui, sasat saadegna wujud, tah eta nyatana Adam, iradatna Gusti anu Maha Agung, pikeun nurunkeun manusa, sabab moal salah deui.
276. Nyieun jalma ku jelema, nyieun domba tangtu ku domba deui, nyieun kerud nya ku kerud, kitu Allah kawasana, iradatna Gusti anu Maha Agung, ngan sakali ngadamelna, tatapi sakali mahi.
277. Ngawalon raden Muslimat, nuhun engkang Adam parantos kaharti, nyatana teh enya eta wujud, ayeuna nu kaduana, hakekatna Enoh Habibullahu, naon nyatanadi urang, ceuk rakana mun can harti.
278. Nyatana pangdangu urang, enya eta Enoh Habibullahi, ari eta nu katilu, Ibrahim Halillullah, hakekatna nyaeta paninggal tangtu, nya awasna panon urang, kitu sanyatana rai.
279. Dupi Musa Kalamullah, hakekatna nya pangucap kang rai, ari Isa Rohullohu, pangangsu hakekatna, ari eta hakekat Muhammad Rosul, nya rasana wujud urang, kitu hanteu salah deui.
280. Panghulu Rosul sadaya, bukti kapan dangu sareng tinggali, angsu ucap pon nyakitu, asupna teh kana rasa, najan ieu wujud oge nu nganggung, taya lian ngan ku rasa, pang bisa nangtung jeung usik.
281. Dupi eta rasa tea, pangna kuat aya nu nguatkeun deui, nyaeta nyatana hirup, hirup ngokop kana rasa, ari rasa ngokop deui kana wujud, wujud ngokop ka kahayang, kana nafsu opat rupi.
282. Raina mani ngalenggak, bakating ni’mat gumujeng mani ngagikgik, duh engkang rebu kasuhun, rai teh untung kacida, dipiwejang ku engkang anu saestu, saestu henteu khianat, taya nu dipinding-pinding.
283. Estu saterus terangna, hanteu aya barang anu dibuni-buni, taya nu disumput salindung, diterangkeun sajelasna, lulumbrahna geuning nu sanes mah kitu, najan geus jadi Ulama, mun ditaros anu penting.
284. Pokna teh eta mah ujang, hanteu beunang diterangkeun pamali, matak doraka kasiku, ilmu Wali eta mah, ku urang mah moal kaberik kasusul, malah matak jadi murtad, eta mah ilmu Laduni.
285. Sihoreng teh ayeuna mah, geus kapikir ku rai eta Kiyai, ku aranjeunna can kasusul, tangtuna nyingsieunan matak murtad ulah arek nanya kitu, bisi kabendon ku Allah, sabab eta ilmu Wali.
286. Padahal geus masyhur pisan, ilmu wali nu geus sidik ditampi, ku Allah nu Maha Agung, sabab bisa ma’rifat, enya eta kana sajatining hirup, nya sajatining Syahadat, nyaeta dzatna Yang Widi.
287. Ceuk rakana bener pisan, da nyakitu osok nampik ilmu Wali, nu bakal sampurna puguh, pedah Wali sok tatapa, taun-taun sangkaannana teh kitu, urang ge kudu tatapa, cara wali waktu tadi.
288. Eta kaliru pikiran, tangtu bae tadina mah para Wali, tatapana taun-taun, da ibarat keur ngabedah, leuweung ganggong nu pinuh ku haur cucuk, jeung sagala tatangkalan, nu gede kaliwat saking.
289. Eusina maung jeung badak, gajah oray nu kalangkung marantih, tangtu bangga liwat langkung, tapi teu weleh disorang, lami-lami leuweung ganggong bisa tumpur, bungbang lenglang sadayana, beresih taya nu kari.
290. Kitu rai upamana, Wali eta nyusulna tarekat jati, ku tapa mang taun-taun, bakat ku hayang ma’rifat, enya eta ma’rifat jatining hirup, kapan ari geus bersih mah, leuweungna enggeus dibasmi.
291. Nya tanahna pikeun urang, kudu tampa warisan ti Wali-wali, pira urang mah ngan macul, hanteu sakumaha bangga, ukur macul moal sakumaha ripuh, meureun ari hasil mah, sarua jeung Wali tadi.
292. Sabab Wali sadayana, pangna suhud tapa dibeuli ku pati, neangan jatining hirup, ku jalan tarekat tea, taya deui kua anjeuna nu dituju, lain ngan keur salirana, hayang sampurna pribadi.
293. Bakating ku ngabelaan, umat-umat nu daratang pandeuri, tina nyaahna kalangkung, sanajanna Gusti Allah, pang maparin pangkat Wali-wali Kutub, tina bakat Wali eta, nyaah ka umatna Gusti.
294. Jadi kadieuna umat, lamun hayang kana kasampurnaan diri, moal saperti kapungkur, tatapana naunan, da geus hampang tadi diibaratkeun kitu, urang mah kantun maculna, moal bangga cara tadi.
295. sabab leleberannana, leleberan tina karamatna Wali, numawi kedah disusul, teangan tarekatna, sabab mohal tarekat dicandak pupus, tangtuna tinggal di dunya, pikeun umat Kangjeng Nabi.
296. Raden Muslimat ngajawab, nuhun pisan ku rai eta katampi, diestokeun lebet kalbu, mung aya keneh kabingbang, ku Syahadat syahna ngucapkeun Asyhadu, hana cukup ke pangucap, geus jadi Islam sajati.
297. Rakana enggal ngajawab, jadi bae mung teu acan jadi utami, teu acan Islam satuhu, karek dina kaomna, lamun karek bisa maca bae wungkul, da maca mah Ferduna, wajibna mah kedah ngarti.
298. kapan geus aya rukunna, arek maca Syahadat kalimah kali, kahiji urang teh kudu, netepkeun heula dzatna, kaduana netepkeun sifatna kitu, sifatna Allah ta’ala, katilu asmana deui.
299. Ari anu kaopatna, kudu bae netepkeun heula rai, disidikna para Rasul, teh geuning kitu rukunna, kakara syah pang macana urang tangtu, numawi wajib kapendak, eta dzat nu Maha Suci.
300. Kumaha netepkeunnana, lamun tacan ma’arifat anu sajati, kana dzat Gusti Yang Agung, sumawon kana sifatna, sabab henteu beunang ku omongan wungkul, syahna sing kapendak heula, sing sidik sarta sing yakin,
301. Kapan kieu ceuk ma’nana, sundana teh Syahadat kalimah kalih, kaula nekadkeun kitu, satemen-temen kaula, hanteu aya anu wajib disembah tangtu, lian ti Allah ta’ala, Gusti Allah ngan sahiji.
302. Anu kadua kalimah, jeung kaula satemen-temen nyakseni, yen Kangjeng Muhammad Rasul, eta teh utusan Allah, kapan sidik sundana teh rai kitu, bet make enggeus nyaksian, na kumaha ari saksi.
303. Kapan syahna saksi tea, kudu nyaho kalawan aenal yakin, sing sidik kanu diutus, sumawon kanu ngutusna, kudu yakin ulah ceuk beja ti batur, na iraha rai tepang, sinareng Muhammad Nabi.
304. Sareng ngutus naon tea, Gusti Allah ka Kangjeng Muhammad Nabi, raina lajeng ngawangsul, abdi teu acan patepang, sareng Nabi sumawon sareng Yang Agung, ceuk rakana atuh gagal, eta pangakuan rai.
305. Kapan ngaku geus nyaksian, waktu maca Syahadat kalimah kalih, lamun kitu saksi palsu, na teu sieun ku hukuman, kapan bukti di dunya ge saksi palsu, tangtu meunang hukum beurat, tilu taun mah geus pasti.
306. Saur rai aduh kutan, hayang Islam rugina kaliwat saking, sugan teh cukup ku rukun, ngalakonan rukun Islam, anu lima sihoreng teh gening kitu, ari diboker eusina, ku Syahadat ge sahiji.
307. Anu sakitu banggana, nya paingan dibarerikna ku Wali, ku tapa mangtaun-taun, toh pati jiwa raga, hayang nyusul ka jatining Asyhadu, jadi mun ayeuna urang, dikadarkeun bisa mangih.
Pucung
308. Atuh untung sarebu kali nya untung, pangasihna Allah, nampa leleberanna ge, leleberan ilmu Wali nu baheula.
309. Bangga mah geus dilakonan kapungkur, ku Wali sadaya, geuning Wali teh sihoreng, pangna kitu bakat ku nyaah ka umat.
310. Nya paingan meunang ganjaran Yang Agung, dipaparin pangkat, pangkat Wali-wali kabeh, da manahna nyaah ka umat sadaya.
311. Ulah sampe umat seueur nu tigebrus, asup ka Naraka, jadi batur Idajil teh, eta kitu manah Wali sadayana.
312. Saur raka bener rai eta kitu, Wali teh maksadna, ngabelaan umat kabeh, ngan lobana manusa sok salah tampa.
313. Ngalainkeun kana ilmu Wali kitu, nyarek diteangan, urang mah teu kudu nyaho, ilmu Wali lain keur ajieun urang.
314. Ana kitu eta omongan teh racun, ngajakan cilaka, mawa sasar kanu bodo, nyarek ulah tulus rek neangannana.
315. Matak naon mun balaka bae atuh, yen tacan kapendak, tacan katepi ku dewek, ulah sok nyingsieunan matak murtad.
316. Den Muslimat ka raka lajeng ngawangsul, nuhun geus kapaham, hal Syahna syahadat teh, aya deui rai nu teu kapaham.
317. Pasal eta rukun Iman can ka mafhum, anu genep tea, hiji Amantubillah teh, nu kadua Wamalaikatihi tea.
318. Anu katilu Wakutubihi disebut, ari nu kaopat, Warusulihi carios, nu kalimana limbrahna nu sok disebut.
319. Nya eta Wal yaomil akhiri di sebut, anu kagenepna, Waqodri wasorihi teh, Minallohi ta’ala eta disebat.
320. Ceuk rakana bener rai eta kitu, ari sundana mah, Amantubillah eta teh, kula ngandel percaya ka Gusti Allah.
321. Naha rai percaya bener saestu, ka Allah ta’ala, ceuk raina tangtu bae, percaya rai hanteu asa-asa.
322. Ceuk rakana nuhun geus percaya kitu, tapi pang percaya, percaya kana naon, saur rai percaya kana ayana.
323. Saur raka ayana dimana atuh, ngajawab raina, panngna abdi percaya teh, pedah aya bumi langit sareng eusina.
324. Sabab ieu damelan Gusti Yang Agung, samangsana aya, damelanna geus tangtu bae, tangtu pisan aya anu ngadamelna.
325. Saur raka naha rai ngan sakitu, teu aya kebatna, lamun kitu kawas ngaco, najan budak paham kitu mah geus boga.
326. Nya leuleugeur atuh ari geus kolot mah, sing aya rangkepan, ulah bet bolostrong bae, pek larapkeun lirik ka badan sapata.
327. Lamun paham cara tadi bae tangtu, bet siga-sigana, ayana Gusti Allah teh, saluareun langit ieu nu katinggal.
328. Nya paingan sok nunjuk-nunjuk ka luhur, ayana teh Allah, da dunya mah damelan teh, sigana manusa nyieun sangrayan.
329. Lamun kitu jeung urang komo pajauh, da tunggal damelna, keur naon aya dalil teh, dina Qur’an geuning dalilna disebat.
330. Enya eta dalil Wanahnu aqrobu, ‘alaihi kebatna, min habril warid geus eces, kapan kieu sundana anu geus lumbrah.
331. Gusti Allah ngaku geus hanteu pajauh, geus tara antara, Aing teh reujeung maraneh, najan urat jeung beuheung maneh sorangan.
332. Masih aya antarana eta kitu, perkara Aing mah, geus taya antarana teh, kapan kitu ceuk eta dalilna Qur’an.
333. Ceuk raina duh kumaha engkang atuh, syahna nya percaya, ka Allah nu sayaktos, sidik pisan paham nu tadi mah lepat.
334. Yaktos pisan osok boga tekad kitu, ayana teh Allah, diluhur langit tujuh teh, sumawonna jeung wujud mah rasa anggang.
335. Tapi geuning ceuk dalil eta kitu, aqrob teu antara, sareng wujud manusa teh, mangga engkang rai paparinan terang.
336. Saur raka kieu rai mun can mafhum, geura pek lemesan, kaayaannana wujud teh, papay heula tina dzatna Gusti Allah.
337. Ari dzat teh nyaeta Nurullah kitu, sundana cahaya, cahayana Gusti Yang Manon, ari cahya nya eta hirup manusa.
338. Kudu kieu ngama’naan eta rukun, rukun Iman tea, anu kasebat tadi teh, nu kahiji nyaeta Amantubillah.
339. Sategesna kaula percaya estu, ka hirup sorangan, ka hirupna wujud dewek, mangsa hirup pertanda ayana Allah.
340. Najan ieu bumi tujuh langit tujuh, bisa soteh aya, kulantaran ayana teh, aya hirup dina wujudna manusa.
341. Lamun hanteu aya manusa mah eta luput, saha nu rek nyebat, ayana alam dunya teh, karek sare geus teu aya alam dunya teh.
342. Sidik pisan ieu alam dunya tangtu, kaliputannana, ku hirup Allah geus tangtos, sifat hirup nyaeta dzat Gusti Allah.
343. Saur rai duh engkang nuhun sarebu, kahartos kacida, mun kitu rukun Iman teh, aya patri moal arek paburantak.
344. Ngajauhkeun ka Allah nu Maha Agung, ayeuna karasa, pang akrobna jeung wujud teh, tambah isin siang wengi babarengan.
345. Kantun eta nu nomer dua rukun, nu lumbrah disebat, sadaya pada mangartos, nyaeta Wamalaikatihi.
346. Sundana teh kaula percaya estu, ka Malaikat Allah, kitu eta sundana teh, ceuk rakana rai percaya kumaha.
347. Saur rai kieu abdi mah lamun sapuk, sareng manah engkang, yen aya Malikat teh, enya eta utusannana Pangeran.
348. Anu tadi ngadatangkeun ayat kitu, ka Nabi Muhammad, utusan Gusti Yang Manon, Waktu eukeur jumeneng keneh di Mekah.
349. Cek rakana lamun paham rai kitu, meureun ayeuna mah, teu aya Malaikat teh, sabab Kangjeng Nabi Muhammad geus wafat.
350. Jadi meureun ayeuna mah geus teu ngutus, geus hanteu miwarang, Malaikat teh keur pere, Den Muslimat mesem bari kaisinan.
351. Tungkul mando den Muslimat bari nyaur, leres mun kitu mah, Malaikat taya gawe, na kumaha atuh sangkan percayana.
352. Mangga engkang abdi neda piwuruk, kuma sangkan Iman, ka Malaikat Allah teh, nu tadi mah salah ku abdi karasa.
353. Saur raka naha atuh ngaji kitu, ngaji kawas budak, kapan tadi ceuk engkang ge, lamun ngaji ulah ical ti salira.
354. Geura kakat kotektak badan sakujur, sangkan tereh Iman, kudu ngajinis ngaji teh, gancang-gancang bisi kaburu wafat.
355. Susah temen lamun kaburu ku pupus, ngajina can tamat, da katungkul maca bae, maca tulis tutulisan kitab Qur’an.
356. Teu diaji Qur’an teh dibaca wungkul, ngapalkeun basana, eusina teu dipalire, ukur bisa maca jeung nyundakeunnana.
357. Pedah bisa nyundakeun asa geus cukup, pake kumagungan, bakal ka sawaregana teh, tapi naon dalil nu jadi Iman.
358. Jadi Iman ka Gusti nu Maha Agung, waktu keur sakarat, dalil naon nu bisa teh, anu bisa nulung nyampurnakeun nyawa.
359. Sabab hanteu gampang Iman ka Yang Agung, teu beunang ku tekad, sumawonna mun ku enyom, beunangna teh anging kunu geus ma’rifat.
360. Cauk raina leres engkang eta kitu, umumna jelema ngan saukur maca bae, lain ngaji da ngaji mah anu karasa.
361. Mangga engkang anu tadi geura tutur, pasal rukun Iman, Wamalikatihi teh, ati abdi hoyong enggal-enggal terang.
362. Saur raka kieu atuh mun can mafhum, papay heulaanan, perkara malaikat teh, kapan tadi utusan Allah ta’ala.
363. Ari Allah nya eta sifatna hirup, jadi malaikat, nyatana usik sakabeh, usik ati sumawon usikna jasad.
364. Kapan sidik usik teh utusan tangtu, hurip nu miwarang, najan usik bulu oge, nu manjangan kabeh oge Malaikat.
365. Anu matak ceuk Hadist teh rebu-rebu, para Malaikat, tatapi Malaikat teh, hanteu jirim saperti wujud manusa.
366. Sareng tara barang dahar siang dalu, tara sasarean, meureun ku rai karaos, keur sare ge manjangan bulu mah teras.
367. Tah nyaeta nyatana Malaikat, teu ical di badan, beurang peuting ge digawe, nya mandorna Malaikat nu opat.
368. Usik baham usik tinggal usik dangu, usik angseu tea, enya eta mandorna teh, anu ngaran Jibril, Mikail tea.
369. Nu katilu Isrofil nu kasebut, anu kaopatna, Ijrail nya ngaranna teh, ceuk raina kahartos ari kitu mah.
370. Nya paingan Malaikat teh kamasyhur, hanteu warna rupa, teu lalaki teu awewe, sidik pisan usik teh teu warna rupa.
371. Teu awewe sumawon pameget kitu, mun kitu teu salah, ceuk pangandika Hadist teh, kitab eta nu purah mere kabar.
372. Kantun eta rukun Iman nu katilu, mangga geura dadar, Wakutubihi eta teh, kudu ngandel ka kitab Allah ta’ala.
373. Ceuk rakana coba heula rai atuh, anu geus kapaham, kuma tadi ngandelna teh, kana eta kitabna Allah ta’ala.
374. Den Muslimat ka raka lajeng ngawangsul, tadi percayana, kana tulis Qur’an bae, ngan sakitu teu aya rangkepannana.
375. Ceuk rakana eta ge nya bener kitu, ngandel tulis Qur’an, tapi kudu dirangkep teh, kana eta tutulisan wujud urang.
376. Jadi kieu lamun rai tacan mafhum, kudu ngandel urang, kana tutulisan dewek, boh beungharna boh miskinna sing narima.
377. Tutulisan wujud urang nu saestu, lamun geus kitu mah, urang bisa sabar bae, moal aral mun dina keur waktu kakurangan.
378. Den Muslimat ngajawab bari jeung imut, kumaha upama, urang ninggang meunang berok, tetep bae tulis ti Allah ta’ala.
379. Ceuk rakana lamun urang meunang hukum, aya dua pasal, dihukum lantaranna teh, tina maling atawa tina maehan.
380. Jadi eta tutulisan nu dihukum, tulisan ti setan, tina nafsu dewek, kapan nyaho mun maling sok dipanjara.
381. Tutulisan ti Allah mah lain kitu, mun ninggang cilaka, nu tara dihaja teh, eta bener tutulisan ti Pangeran.
Dangdanggula
382. Den Muslimat ka raka ngalahir, geus kaharti ku rai kapaham, rukun anu tilu teh, kantun anu kaopat rukun, nyaeta Warusulihi, teges kudu ngandelna, ka utusan kitu, ka utusan Gusti Allah, ari tadi ku pahaman jisim abdi, ka para Nabi sadaya.
383. Nu baheula para Nabi-nabi, ceuk rakana etage teu lepat, majajina mah sayaktos, tapi kusabab geus pupus, sadayana geus lastari, kantun urang percayana, malik kana wujud, kana hekekatna badan, anu jadi utusan hirup pribadi, jadi kieu tekad urang.
384. Sategesna geus percaya tigin, kana ieu rasa wujud urang, rasa tinggal rasa denge, rasa baham rasa ambung, pek geura rasakeun rai, kumaha teu percayana, kana rasa wujud, lamun lamun baham dahar uyah, tangtu bae ceuk rasa baham teh asin, moal enya nyebut lada.
385. Kitu deui lamun dina cepil, ngeng ngadangu sowarana gelap, ceuk rasa dangu geus tangtos, bieu teh sora guludug, tara sok pahili deui, tetep bae tara cidra, moal nyebat bedug, atawa sora gamelan, tadi ge Rusul mah geus kawarti, tara sok bohong jeung cidra.
386. Kitu deui mun rasa tinggali, upami ninggal sifat caang, moal nyebat ninggal poek, tetep ngaku caang tangtu, angseu ge pon kitu deui, saupami ngangsu minyak, boh seungit boh bau, tara pahili ambeuna, eta kitu piraku hanteu kaharti, tangtu ku rai karasa.
387. Ceuk raina leres kaharti, Rusul eta tara bohong cidra, atuh saha nu sok bohong, kang rai teh masih ewuh, weleh bae teu kapikir, timana torojolna, rakana ngawangsul, nu bohong mah manusa, torojolna enya eta tina biwir, pangucap manusa tea.
388. Geuning sidik upami rai, bade meuli hiji rupa minyak, di warung atawa toko, memeh ditawar teh tangtu, diambung heula ku rai, saparantosna kamanah, kasaksi ku Rusul, yen ieu nu dimaksud, sabab nya seungit ieu nu dipilari, terus nanyakeun hargana.
389. Ceuk nu dagang hargana saringgit, tina margi hayang harga murah, tuluy ucapna ngabohong, mahal teuing ah embung, minyakna ge da teu seungit, padahal ceuk rasa mah sengit tetep ngaku, nya ieu nu diteangan, ngan kusabab hayang murah nu dipambrih, eta akalna manusa.
390. Den Muslimat ka raka ngalahir, leres pisan ayeuna kapaham, pasal Warusulihi teh, nuhun sarebu nuhun, dikadarkeun jasa ngarti, kantun nu kalimana, rukun nu disebut, Wal yaomil akhiri tea, muga-muga ku engkang dipiwejang deui, dina hal ngimankeunnana.
391. Saur raka pek heula ku rai, carioskeun paham rai heula, kumaha ngimankeunnana teh, raina lajeng ngawangsul, kieu percayana tadi, rai teh percaya pisan, yen dunya teh tangtu, bakal ruksak alam dunya, enya eta nekanan poe nu akhir, naming sakitu rai mah.
392. Saur raka bener bae rai, kitu oge eta hanteu salah, geus percaya bakalna teh, namung ngan eta mah jauh, kiamatna jagat kabir, kawasna moal kasorang, najan anak incu, jadi rai teh ayeuna, kudu lirik kana jagat pribadi, kiamatna diri urang.
393. Kudu pikir ieu jagat shagir, jasad urang bakal nu tiheula, nekanan poe akhir teh, nyaeta bakal pupus, eta nu kudu dipikir, jadi rukun nu kalima, saenyana kitu, urang teh kudu percaya, ieu wujud bakalna nekanan pasti, nya eta kiamat tea.
394. Mun geus kitu ngimankeunnana jalmi, tangtu bae gede kasieunna, meureun suhud ibadah, buru-buru nyiar ilmu, supaya enggal katepi, nepi kan ma’rifatna, ka Gusti Yang Agung, sieun kaburu ku wafat, enya eta nekanan kiamat shagir.
395. Nya mukaha mun imanna jalmi, enggeus kitu sageuy teu ngajaga, kana laku anu awon, moal ngajujur nafsu, tangtuna aya pamilih, nu goring moal disorang, raina ngawangsul, duh engkang sumuhun pisan,enggeus kaemut ayeuna ku tuang rai, yen kitu ngimankeunnana.
396. Rukun Iman mun kieu diaji, biasana ngan ukur dibaca, sadayana pada nyaho, apal basana mah tangtu, imanna henteu dipikir, teu dirasakeun eusina, jadi ngaler ngdul, rukun Islam Rukun Iman, manus amah jongjong iman kana duit, ngajujur bae nafsuna.
397. Ceuk rakana bener kitu rai, eta rukun Iman diajina, kitu diimankeunnana teh, ulang ngan apalna wungkul, basana dipake cuih, sabab eta rukun Iman, bibitna rahayu salamet dunya Akherat, di dunyana moal keuna hukum bui, laku nu goreng dijaga.
398. Nagara ge tangtu aman pasti, lamun kabeh ngarti rukun Iman, sarta eusina kahartos, dirasakeun nu saestu, sihoreng Gusti Yang Widi, pang ngayakeun rukun Iman, pamagerna nafsu, nafsu anu awon tea, ulah sampe nafsuna dijujur teuing, nafsu goreng kudu cegah.
399. Saur rai kantun hiji deui, rukun Iman anu kagenepna, untung ala jeung becik teh, papasten ti Yang agung, tapi rai can kaharti, piraku Gusti Allah, nyieun goreng kitu, rakana enggal ngajawab, kapan tadi diluhur ku engkang rai, kapan parantos didadar.
400. Tetep Allah ngan midamel suci, gorengna mah ti Idajil tea, tadi ge geus dicarios, saur rai teh eh sumuhun, rai parantos mangarti, kumaha atuh eta, ngama’naan rukun, kumargi kitu sundana, saur raka kieu mun hanteu tinggali, ngimankeun nu kagenepna.
401. Urang kudu percaya sing tigin, mangsa-mangsa jalma keur didunya, hirupna euweuh kadaek, teu ibadah hanteu ngelmu, teu ngabakti ka Yang Widi, urang sing tetep percaya, yen jalma nu kitu, dina engkena geus hilang, nyawana teh bakal tigebrus geus pasti, kana untung ala tea.
402. Bakal asup ka Naraka api, anu langgeng teu aya watesna, cicingna di Naraka teh, jeung meunang siksaan kubur, sakarat mah puguh deui, jadi tilu kali nyorang, nu matak disebut, untung ala nya ngaranna, hartina teh untung ku siksaan badis, taya pisan kangunahan.
403. Sabalikna sing percaya ati, mangsa-mangsa jalma keur di dunya, amal ibadahna daek, suhud neangan elmu, sareatna hakekatna deui, tarekat sareng ma’rifat, kabeh geus kasusul, urang kusu percayana, eta jalama bakal meunang untung becik, beunghar ku kani’matan.
404. Saupami jalma geus mangarti, kana eta harti rukun Iman, piraku teu bageurna teh, sabab sieun geus tangtu, sageuy hanteu ati-ati, ngajaga kana lakuna, sieun meunang hukum, dunya sarawuh Akherat, sieun jatoh kana untung ala tadi, beunghar ku ka teungeunahan.
405. Saur rai duh engkang kaharti, pasal eta rukun Iman tea, nya kitu ngimankeunna teh, ayeuna mah jadi ilmu, tangtos eling siang wengi, jeung matak suhud ibadah, bakti kanu Agung, sabab geus aya pokona, kayakinan dina diri tuang rai, percaya bakal kituna.
406. Mung ayeuna bade naros deui, aya keneh nya kapanasaran, pasal amal can kahartos, reh geuning amal teh kitu, aya opat perekawis, lahiji amal Jariyah, dua Sadrah, tilu amal Sholeh, nu kaopat amal Ma’ruf nu kauni, tah eta nu opat amal.
407. Mugi rai paparin mangarti, anu beres sahiji-hijina, ceuk rakana mun can hartos, pasal amal teh geus tangtu, aya dua perkawis, aya ferdu jeung wajibna, ari nu feredu, ferdu pikeun ka manusa, enya eta sakumaha unggel Hadist, meureun rai ge uninga.
408. Sakumaha unggel Hadist misti, dilakonan lamun urang kuat, aya pikeun hajatna teh, boga barang anu cukup, sarta kudu ikhlas ati, dupi amal kaduana, amal wajib kitu, wajib mah ka Gusti Allah, Henteu beunang manusa sulaya deui, sabab wajib kasebatna.
409. Den Muslimat lajeng naros deui, nu kumaha amal ka Pengeran, rai mah tacan mangartos, rakana enggal ngawangsul, kieu amal ka Yang Widi, kahiji amal Jariyah, sua Sadrah kitu, amal Sholeh katiluna, tumerapna dina waktu lima misti, dina waktu Sembahiyang.
410. Sabab dina Sembahiyang rai, nya bagian nu tilu perkara, Kasdu ngaranna teh, kaduana nu ngaran Ta’rud, nu katilu nu ngaran Ta’yin, ari eta Kasdu tea, bagian geus tangtu, bagian panggawe badan, jadi urang lebah dinya kudu ngarti, yen ieu teh wujud urang.
411. Eukeur jadi Jariyahna Gusti, kudu nurut kersana Pangeran, wujud teh eukeur dianggo, keur nangtung ngajadi huruf, huruf Alif eta sidik, ruku huruf Lam awal, sujud teh geus tangtu, huruf Lam akhir nyatana, lungguh eta huruf He teu salah deui, sidik pisan lafad Allah.
412. Anu matak masing suhud rai, ngalakonan eta waktu lima, keur Jariyah ka Yang Manon, kapan keur kieu mah wungkul, ieu teh badan jasmani, meureun ku rai karasa, Jariyahna nafsu, ngaula kana kahayang, udar ider dibelaan ruksak diri, pasal ngudag kadunyaan.
413. Saur rai Jariyah kaharti, kantun eta amal Sadrah tea, dimana tumerapna teh, rakana lajeng ngawangsul, tumerapna eta rai, nyaeta panggawe lisan, jadi urang kudu, dina keur maca kalimah, waktu urang keur Sembahiyang teh misti, puji kabeh waktu eta.
414. Ulah nganken puji urang rai, da tadi ge puji teh nu Allah, nya sadrahkeun deui bae, ka Allah nu Maha Agung, manusa mah kapan rai, hanteu daya teu upaya, ulah ngaku-ngaku, pedah urang geus Sembahiyang, ujub bakal ditarima ku Yang Widi, bakal manjing Sawarega.
415. Nu katilu amal Sholeh rai, enya eta pagawean manah, pagawean ati yaktos, sundana Sholeh kitu, kudu beresih pisan ati, dina keur waktu Sembahiyang, ati teh sing lulus, ulah boga patekadan, jual meuli jeung nu Maha Suci, kudu Lillahi ta’ala.
416. Ulah kieu pangna daek rai, ngalakonan waktu anu lima, hayang diganjar engke teh, diburuhan ku Yang Agung, dipaparin Sawarega, engke dimana geus wafat, eta ulah kitu, kapan dina Ushallina, di tungtungan aya dalil nu kauni, make Lillahi ta’ala.
417. Sundana teh kapan eta dalil, kudu ikhlas beresih nya manah, ulah rek aya kahoyong, tapi digawe sing suhud, jeung ati sing bersih, beresih taya pamandang, kumaula wungkul, kitu ibadah ka Allah, sanes deui sareng ibadah ka jalmi, pandang kana buruhan.
418. Den Muslimat nyaur semu manis, aduh engkang nuhun keti laksa, rai dipaparin mangartos, ku engkang anu sakitu, teu aya hargana deui, ayeuna mah mangga engkang, liren bae atuh, tapi engke kapayunna, sugan aya Mas’alah nu can kaharti, muga engkang kersa jawab.
Asmarandana
419. Kocapkeun enjingana deui, den Muslimat sareng raka, bada netepan Lohor, teras duaan taruang, sabab parantos waktuna, saban tuang waktu Dzuhur, bada tuang den Muslimat.
420. Ka rakana nyaur deui, kieu engkang saleresna, rai bade naroskeun teh, naha ieu alam dunya, sareng ngaran manusa, mana nu heula dumuk, heula dunya heula jalma. 421. Rakana gumujeng manis, naha rai kawas gundam , kapan enggeus sidik jentre, Kangjeng Nabi Yullah Adam, nu didamel asalna, ku kersana Maha Agung, aci seuneu aci tanah.
422. Aci cai aci angin, meureun tanda heula dunya, naha rai masik helok, sareng ieu alam dunya, ieu alam pangbuangan, malah alam dunya dumuk, alam pangriged-rigedna.
423. Raina ngawalon deui, kang rai kalintang heran, dunya disebatkeun kotor, sarta riged pangbuangan, naha naon margina, ku rai tacan kaemut, mangga terangkeun ku engkang.
424. Rakana ngawalon deui, kieu lamun tacan terang, geuning Hadist leuwih bentes, Kangjeng Nabi Yullah Adam, tumurunna ka dunya, di tundung ku Maha Agung, sasatna adam dibuang.
425. Dipaksa teu meunang ngancik, ku Gusti Allah ta’ala, pedekna kenging bebendon, ti Sawarega dibuburak, kusabab boga dosa, ngala titipan Yang Agung, larangan Gusti di ala.
426. Mana ngarana ge dohir, hartina dohir doraka, dohir teh nyata pabuen, malah aya sajabana, jaba ti Adam jeung Hawa, nu dibendon ku Yang Agung, hiji sato oray naga.
427. Eta ge dibuang deui, oray tukang jaga lawang, ingkah ti Sawargana teh, dosana ngabuskeun setan, nu ngagoda Adam Hawa, oray sanggeusna ditundung, nya didamel bengker dunya.
428. Kawasana Yang Sajati, didamel pamageuh dunya, sasat didamel pademen, ngabudeur ngabengker dunya, jadi pamageuh jagat, buntut asup kana sungut, sarta teu patok cicingna.
429. Sirahna teu patok cicing, kitu kersana Pangeran, najan didamel pademen, sirahna teu patok tempat, dina palebah-lebahna, mun sirah lebah kidul, ngan tilu bulan lilana.
430. Saparantos tilu sasih, sirahna teh teras pindah, geleser pindah ka kulon, tara langkung tara kirang, beulah kulon cicingna, ngan tilu bulan teu langkung, upami geus tilu bulan.
431. Sirahna teh ngeser deui, ti beulah kulon teh pindahna ka kaler, nya tilu bulan lamina, lajeng pindah ka wetan, lamina deui sakitu, angger bae tilu bulan.
432. Nya tilu bulan sakali, sirah pipindahannana, salawasna kitu bae, geus satahun tepung gelang, ti urut ka urutna, mana kiwari kamasyhur, aya ngaran kala.
433. Tegesna kala teh rai, eta sanyatana ula, nu disebut kala gede, atanapi jatingarang, sarta awakna oray, dina saban-saban taun, ngariutkeun alam dunya.
434. Sabab buntut oray tadi, dikokopan ku sungutna, beuki lila beuki jero, kawasna mah alam dunya, geus tangtu ngariutna, sabab bengkerna ngariut, oray awakna mondokan.
435. Raina ngawalon manis, eta engkang leres pisan, perekawis jagat gede, tangtu pisan ngariutna, tina heubeul-heubeulna, emutan rai ge kitu, tangtos pisan moal lepat.
436. Dibanding jeung jagat shagir, enya jagat wujud urang, upama jalma geus kolot, geus sidik meotannana, eta enggeus kalumbrahan, tambah sepuh tambah lembut, tetela meotannana.
437. Jagat kabir jagat shagir, da moal aya bedana, kusabab eta oray teh, nyatana pikiran urang, anu tetela nyata, kapan pikir oge kitu, lamun geus kolot umurna.
438. Lamun geus ngariut pikir, ragana tangtu meotan, beda jeung keur ngora keneh, urat wangkeng kulit merat, sartana tanaga rosa, geuning ari enggeus sepuh, urat kendor kulit goplak.
439. Tanaga oge meh leungit, ngariut sagala rupa, riut tinggal riut denge, ngariut nya rarasaan, ucap rawuh ambekan, bukti geuning osok ngarahuh, najan leumpang deudeukeutan.
440. Ceuk rakana aya deui, batu bodas ti Sawarga, eta ge meunang bebendon, ti Gusti nu Maha Mulya, dibijilkeun ti Sawarga, lantaran dianggo diuk, ku Hawa bari meresan.
441. Ku kersana Maha Suci, batu dipuragkeunnana, hanteu salah ceuk sakaol, muragna ka tanah Mekah, malah bukrina ayeuna, di mekah teh aya batu, dingaranan Hajar Aswad.
442. Namung jadi salin rupi, Hajar aswan hanteu bodas, jadi hideung rupana teh, sabab batu panuhunna, neneda ka Gusti Allah, panuhunna eta batu, nyuhunkeun siksaan dunya.
443. Anu matak salin rupi, hideung teh eta siksaan, kitu riwayat Hadist teh, aya deui hiji tangkal, ngaran kayu candana, eta ge meunang bebendu, ti Gusti Allah ta’ala.
444. Terus dibijilkeun deui, sabab pake eureun Hawa, muragna ka leuweung ganggong, nya ka leuweung alam dunya, aya deui hiji tangkal, anu ngaran kayu garu, eta ge kai sawarga.
445. Nya meunang bebendon deui, lantaran eta kulitna, ku Siti Hawa dianggo, dianggo pipinding orat, dianggo cawet ku Hawa, eta ge tuluy ditundung, di buang ka alam dunya.
446. Adam muragna ka bumi, mener ka tanah Hindustan, ninggang kana leuweung gede, gunung Surandil ngaranna, ari muragna Hawa, ka Jidah pinggir laut, nu sakitu jauhna.
447. Tur taya batur sahiji, margi tacan aya jalma, masih ngeplak tegal keneh, tacan aya tatangkalan, panasna ngabebetrak, sataranjang teu disarung, teu kekemben teu raksukan.
448. Hawa nangis jerat jerit, nalangsa sampe les-lesan, ninggal laut ngeplak hejo, sareng tegal ngentak-ngentak, henteu aya keur ngiuhan, nangis ngenes manah ngungun, keueung taya papadana.
449. Aduh Gusti tobat teuing, panutan dimana lenggah, Siti Hawa utrak-atrok, nuturkeun indung sampean, sarta barina sasambat, aduh Gusti hamba tulung, Gusti Adam teh dimana.
450. Naha mana Ikhlas teuing, jisim abdi ngan sorangan, abdi pundut nyawa bae, tinimbang abdi kieu mah, les-lesan nangisna Hawa, sora peura soca cindul, meh merem socana Hawa.
451. Tina nangis siang wengi, emut waktu di Sawarga, taya papadana raos, nu’mat bae salawasna, taya pisan kasusahan, siang wengi ni’mat wungkul, barang ayeuna di dunya.
452. Ngan wungkul bae prihatin, ngenes peurih salawasna, cape balas utrak-atrok, geus taun-taun lawasna, neangan Adam panutan, beurang peuting usrak-asruk, nuturkeun indung sampean.
453. Tunda Hawa keur prihatin, geus jauh ti tanah Jidah, ayeuna nu kacarios, Kangjeng Nabiyullah Adam, anu murag ka Hindustan, nangisna mani ngagukguk, tina emut ka geureuhna.
454. Aduh-aduh Hawa Siti, duh nyai aya dimana, naha nyai hirup keneh, atawana enggeus wafat, duh Gusti anu kawasa, mugi Gusti Maha Agung, ngahampura dosa hamba.
455. Duh Gusti Robbul ’alamin, abdi nyanggakeun duduka, neda hampura Yang Manon, sadayana kalepatan, mugi Gusti ngahampura, Adam keur sasambat kitu, jol Jabrail Malaikat.
456. Malak Jabrail mepeling, ka Jeng Nabiyullah Adam, kieu saurna malak teh, kudu tobat ieu baca, dalil dawuhan Allah, Robbana dlollamna kitu, lajengna teh anfussana.
457. Jeung aya lajengna deui, Wa in-lam taghfirlana, dzunu banna ulah geseh, terasna Lana qunnana, Minal khosirin kebatna, dawuhannana Yang Agung, lajeng bae Nabi Adam.
458. Nurutkeun saur Jabrail, Adam maca eta ayat, beurang peuting hanteu petot, lamina teh ngaos Ayat, sarta teu peugat-peugat, lamina saratus taun, kitu ceuk hiji hikayat.
459. Barang maosna geus nepi, saratus taun lamina, dihampura ku Yang Manon, saparantos dihampura, teu kungsi lami Adam, sareng Babu Hawa tepung, amprokna di Gunung Arfah.
460. Mana dongkap ka kiwari, di Mekah teh aya Arfah, eta sasakala amprok, Adam sareng Babu Hawa, eta kitu hartina, anu mawi dunya dumuk, disebatkeun pangbuangan.
461. Tina sabab eta yakin, sacarios Hadist tea, kitu unggeling carios, eta Hadist moal lepat, dawuhan para Aulia, tah eta kang rai kitu, bilih teu acan kamanah.
462. Geuning nepi ka kiwari, anu jararah ka Mekah, anu munggah Haji kabeh, upama can ka arfah, najan geus ka Madinah, tacan jadi Haji kitu, jadina sanggeus ka Arfah.
463. Kitu sareatna Haji, tapi ceuk Ahli hakekat, jasmani rohani oge, sing amprok ulah papisah, hijikeun ulah rek renggang, supaya bisa purkatut, mulih kana kasucian.
464. Saur rai kahareti, munggah Haji geus kapaham, sareatna hakekatna ge, ayeuna muga diwejang, pasal tadi ceuk engkang, ieu alam dunya dumuk, disebatkeun pangbuangan.
465. Sabab kitu asal tadi, pang Nabi Adam ka dunya, persasat dibuang bae, atuh meureun najan urang, urang ge eukeur dibuang, da aya di alam dunya dumuk, ceuk rakana bener pisan.
466. Numatak mungguhing jalmi, nu pada gelar didunya, akang wani taroh bae, moal aya nu merdika, boro-boro pangkat urang, najan anu jadi Ratu, moal pisah ti kasusah.
467. Da bubuhan keur dibui, cicing di panjara Allah, nya ieu alam dunya teh, munatak saha jalmana, anu ngumbara didunya, cicing dina ngeunah terus, sanajan di Raja pisan.
468. Teu weleh-weleh dibanding, teu lepot ti kasusahan, da sasat di jero berok, saha bae anu ngunah, nu betah dipangbuangan, sanajan diempuk-empuk, hanteu aya kakurangan.
469. Teu pisah tina prihatin, ganti-ganti kasusahan, ku sadaya ge karaos, boh nu miskin boh nu beunghar, pangkat menak pangkat cacah, moal ucul ti kabingung, ngan ukur pasangka-sangka.
470. Sangkaannana nu miskin, kanu beunghar nyebat ngeunah, padahal sarua bae, beunghar barang beunghar susah, nu miskin oge sarua, mun miskin taya kagaduh, miskin deui kasusahna.
471. Nu miskin mah geuning yakin, ngan sarupa kasusahna, wungkul ku dahareun bae, kumaha isuk nya dahar, keur anak pamajikan, geus cumpon ge keur isuk, cukup pikeun meuli beas.
472. Geus suka bungah nya ati, geus hanteu aya pikiran, tibra sasareanna ge, emut-emut geus isukna, bakating ku sare ngeunah, kumaha ari nu cukup, bisa kitu sare tibra.
473. Tah kitu eta kang rai, anu matak ieu dunya, pangbuangan hanteu geseh, meureun ku rai karasa, bandingkeun jeung memeh gelar, samemeh ka dunya turun, naon rai nya kasusah.
474. Nu matak ayeuna rai, wajib urang kudu tobat, enggoning eukeur diberok, sangkan ulah tutuluyan, urang jadi buangan, di hampura ku Yang Agung, dilepas tina hukuman.
475. Balik kasalna tadi, ka asal purwa wiwitan, kawit ge teu naon-naon, teu aya pisan kaboga, teu rasa-rasa acan, sumawonna boga wujud, estu sidik Lahaola.
476. akang paur liwat saking, sieun engke dina wafat, teu ditampi ku Yang Manon, tetep dina pangbuangan, balik deui ka dunya, marakayangan usrak-asruk, samemeh kiamat dunya.
477. Jadi tetep bae ngancik, dina rasa kasusahan, cicing di Naraka bae, beurang peuting hanteu pegat, tina loba kahayangna, haying dahar haying nginum, kabeh jadi kasusahan.
478. Sareng nyanghareupan deui, kana poe akhir tea, nyaeta kiamat tangtos, Landratan Allah ta’ala, bongan aya di dunya, geus tangtu pisan dihukum, sabab salah pangbalikan.
Kinanti
479. Raina deui ngawangsul, ka rakana bari ta’dim, duh engkang percaya pisan, kasauran engkang tadi, yen bakal kitu jadina, manusa tungtungna pasti.
480. Ayeuna gaduh piunjuk, yen nguping carios Hadist, jagat aya dua rupa, Jagat shagir Jagat kabir, Jagat shagir wujud urang, kabir mah nya alam dohir.
481. Kaayaannana kitu, teu beda geus tangtu sami, tah kusabab kitu engkang, ayeuna neda piwangsit, kumaha pangna teu beda, shagir sareng Jagat kabir.
482. Ceuk rakana bener kitu, Hadist moal salah deui, kieu bisi teu uninga, geura bandungan ku rai, ieu dina alam dunya, eusina eta geus pasti.
483. Aya beurang peuting tangtu, di diri urang ge bukti, meureun ku rai karasa, aya sare sareng nyaring, nyaring babandingan beurang, sare babandingan peuting.
484. Ceuk raina geus kaemut, ayeuna mah rai harti, kantun poe tujuh tea, naon nyatana di diri, saur raka palawangan nu diluhur eta rai.
485. Nyata dua liang irung, dua soca dua cepil, geuning geus genep jumlahna, katujuhna baham rai, tah eta poe nyatana, moal enya salah deui.
486. Saur raina sumuhun, karaos pisan ku rai, mana ari dawuh lima, tumerapna dina diri, muga ku engkang dipiwejang, rai ku hayang kaharti.
487. saur raka pasal dawuh, dawuh lima nu sidik, eusina nu tujuh tea, hiji pangdanguna cepil, dua tinggalina soca, katilu pangucap pasti.
488. Kaopat pangangseu irung, kalima rasana pasti, tah geuning jejeg geus lima, sidik geuning enggeus bukti, naon deui nya kabingbang, pek geura taroskeun deui.
489. Raina lajeng ngawangsul, kantun bulan can kaharti, aya bulan dua belas, dina ieu alam dohir, naon nyatana di urang, ku rai tacan kapikir.
490. Cuk rakana mun can weruh, pasal bulan eta rai, anu dua belas tea, nyatana di diri rai, mangga bilang ugel tangan, nu dua sabaraha hiji.
491. Pek ku raina diitung, ugelna panangan bukri, aya tilu sabeulahna, jadi dua tangan pasti, aya genep sadayana, lajeng raina ngalahir.
492. Ka raka lajeng ngawangsul, geuning karek genep siki, mana anu sawarehna, saur raka kapan bukti, ugelna dua sampean, aya deui genep pasti.
493. Saur raina sumuhun, bener dua belas siki, ugel dilihur dihandap, aduh naha cocog teuing, kantun dina jero bulan, naon buktina nu pasti.
494. Dina sabulan teh tangtu, tilu puluh poe pasti, eta naon sanyatana, nu yakin dijero diri, ngajawab deui rakana, kieu rai mun can harti.
495. Nyatana ugel nu lembut, uel-ugel ramo rai, geura mangga bae etang, tilu puluh eta sidik, nu dina dua panangan, ramo suku kitu deui.
496. Sami bae tilu puluh, nyatana beurang jeung peuting, panangan bagian beurang, sampean bagian peuting, numatak dina sabulan, aya tilu puluh peuting.
497. Beurangna oge sakitu, tilu puluh beurang deui, raina enggal ngajawab, aduh naha leres teuing, paingan carios kitab, taya bedana sautik.
498. Kantun taun nya kasebat, kabehna dalapan pasti, sawindu eta ngaranna, naon nyatana nu bukti, nyatana di badan urang, mangga ku raka pilahir.
499. Saur raka pasal taun, nu dalapan eta rai, antarana ugel tangan, peupeuteuyan dua siki, jeung dua tangan geus nyata, jumblah aya opat siki.
500. Dihandap oge sakitu, dua bitis dua pingping, jadi opat jumblahna, jeung opat diluhur tadi, dijumblah jejeg dalapan, eta taun teh kang rai.
501. Jadi ngarana sawindu, hartina windu teh rai, saajegna diri urang, cukup hanteu kurang leuwih, panggahota diri urang, taya kakurangan deui.
502. Ceuk raina aduh-aduh, bet nyata kabeh di diri, kaayaan alam dunya, geus kumpul di Jagat shagir, tapi aya nu kaliwat, ku engkang teu dipilahir.
503. Di alam dunya teh dumuk, aya Srangenge pasti, kitu deui aya Bulan, Bentang-bentang laksa keti, sareng aya deui hawa, hawa panas hawa tiis.
504. Hawa angin bumi kitu, naon nyatana nu yakin, di badan urang sapata, ceuk rakana eta rai, nyatana hawa nu opat, nafsu urang eta pasti.
505. Amarah Lowamah kitu, Sawiah katilu rai, kaopatna Mutmainah, eta moal salah deui, kanyataan dina badan, sumuhun saur kang rai.
506. Ku rai prantos kamafhum, prantos kacatet ku ati, kantun Srangenge jeung Bulan, naon nyatana di diri, ceuk rakana hirup urang, tapi eta mah kang rai.
507. Geus asup hakekat kitu, teu beunang dijirim-jirim, dibuktikeun dina badan, sabab eta mah geus ghaib, kakara bisana nyata kudu ku tarekat rai.
508. Nganyatakeun sifat hirup, hanteu kenging ditinggali, ku awas panon kapala, kudu ku awasna ati, da aria was mata mah, keur ninggali Johar pirid.
509. Caang dunya eta kitu, Bulan Panonpoe dohir, nu nguatkeun alam dunya, ngahirupkeun eusi bumi, sarupaning tatangkalan, da mun taya Matahari.
510. Hawa bumi angin banyu, moal bisa jalan pasti, samangsa teu jalan eta, tatangkalan moal jadi, moal aya hasil dunya, meureun manusa ge mati.
511. Tah eta geuning geus dumuk, hirupna teh Jagat kabir, ku ayana Bentang Bulan, Panonpoe nu kahiji, kitu deui badan urang, enya ieu Jagat shagir.
512. Sageuy taya nu ngawengku, nu ngahirupkeun jasmani, Panonpoe wujud urang, anu ngaran Johar latif, cahya anu lemes tea, teu beunang katinggali.
513. Ku panon kapala kitu, tapina wajib kapanggih, mun teu panggih di dunyana, di Akherat poek pasti, poek mah atuh Naraka, tangtu jadi eungap pasti.
514. Kapan di dunya ge puguh, betah teh ku caang bukti, jeung jadi sagala lampah, pagawean jalmi-jalmi, kapan kitu sidik pisan, kari-kari caang batin.
515. Nu tetela langgeng tangtu, teu dipiluruh ku jalmi, atuh kumaha rek ngeunah, engke urang teh dibatin, poek mongkleng buta rata, sarta langgeng henteu gingsir.
516. Geus taya tanyaeun kitu, da geus lain tempat ngilmi, lain tempat keur ibadah, engke dina alam batin, ngan pikeun nampa siksaan, ganjaran pon kitu deui.
517. Raina lajeng ngawangsul, rai nuhun laksa keti, engkang sampe bebeakan, miwejang ka rai, nya nuhun Alhamdulillah, laksa ribu rai nampi.
518. Mung bae engke kapayun, upami rai tacan harti, engkang keresa miwejang, margi ayeuna geus burit, mangga urang pada siram, urang naretepan magrib.

Aya keneh sambungannana
SYA’IR
1. Neda maaf kasadaya wargi, Ka pameget rawuh ka istri, Ieu suluk dijieun sya’ir, Sugan kasasar ku pikir.
2. Carita kitab nu ditukil, Nyokot misil nu jadi hasil, Ieu jaman parantos akhir, Bakal maot kudu kapikir.
3. Ulah atoh ku loba duit, Lain duit pati hurip, Raoskeun mun datang sakit, Sakumaha lobana duit.
4. Ari diri saperti kembang, Di dunya pikir kumambang, Malati di pinggir lobang, Geus ligar murag kalombang.
5. Poe ieu bisa leumpang, Poe isuk can kawangwang, Poe ieu urang senang, Isukan mah biheung mulang.
6. Kembang malati rupana putih, Sedep seungit sajero ati, Sok bingbang mikiran diri, Kumaha isuk nepi ka jangji.
7. Nu kasebat enggeus yakin, Rasa dua ngangin-ngangin, Ngangin rasa sajati, Karaos hirup jeung mati.
8. Manahan sadaya Sobat, Istri dibeuli ku Syahadat, Rek nampa rasana madat, Supaya jadi Syahadat.
9. Haram lamun hanteu nikah, Anakna sok jadi jadah, Urang sing suhud ibadah, Ibadah ka Gusti Allah.
10. Sing suhud urang di dunya, Neangan elmu nu enya, Supaya bisa sampurna, Pigeusaneun dina paehna.
11. Mun urang lolong di dunya, Lolong jaga di Akheratna, Pangeran awas ka urang, Urang sing ninggal Pangeran.
12. Gusti Allah wajib ayana, Euweuhna dina ayana, Geura tareangan dzatna, Engke harti sadayana.
13. Dua puluh sifatna Pangeran, Dzatna kudu tareangan, Sangkan ulah kabingungan, Kakat di diri sorangan.
14. Wali turutaneun urang, Ulah salsah tekad urang, Ulah ngagugu nu ngalarang, Eta teh omongan baruang.
15. Ulah Iman ka barang ruksak, Qur’anul Adzim sing kapendak, Ulah eureun memeh mendak, Ulah kawas ngaji budak.
16. Ulah katungkul dudunya, Teangan elmu sampurna, Nafsu mah taya putusna, Karasa dina pupusna.
17. Kafir lain Walanda Cina, Kafir teh nu jahat atina, Nu ngumbar bae nafsuna, Kanu goreng taya pegatna.
18. Jalan jahat mah babari, Jalan hade rasana nyeri, Elmu teh kudu pilari, Nuduhkeun jalan lastari.
19. Kufur teu percaya ka kitab, Nu dusun teu nyaho adab, Nu kitu ngarana Murtad, Sabab bongan salah tekad.
20. Mudu Guru pondok caritana, Sangkan babari kahartina, Da lafad mah taya beakna, Beak umur can sampurna.
21. Ari nafsu opat kabehna, Masing-masing eta karepna, Nu tilu karep balaka, Diturut matak cilaka.
22. Nu hiji karep nu muji, Nya eta nafsu nu suci, Ulah jail ka pada jalmi, Matak poek kana ilmi.
23. Ulah Guru loba omongna, Matak keder pikirannana, Ngagulung caritana, Tapi henteu jeung barangna.
24. Ulah sok ngarah ngarinah, Matak pinanggih tugenah, Jeung poma ulah mitenah, Wawalesna sok teu ngeunah.
25. Sing isin kunu kawasa, Nu bareng hanteu papisah, Eta nu murba kawasa, Terang ka sagala dosa.
26. Malikan Malati tadi, Resep kanu beresih ati, Amis budi carita ilmi, Matak narik manah resmi.
27. Ngajelengit inget teu leungit, Nyaurkeun ilmu nu repit, Selap-selip mapay peujit, Nyaurkeun jatining hurip.
28. Nyaur ilmu matak tiis, Carita ilmu ngajinis, Ka kuping beres patitis, Jasmani sok panas tiris.
29. Beda jeung saur nu sompral, Kakuping matak garihal, Loba omong salah pasal, Ngabegal elmu nu asal.
30. Mudu mulung kanu susah, Engke diwales kunu kawasa, Urang kudu ngaji rasa, Sing inget bakal papisah.
31. Mudu mandi cai suci, Kain cai ngala ti kali, Cai suci ti jero ati, Cai suci matak beresih.
32. Teangan di badan urang, Aya cai bening nya herang, Mudu nyandak ka gunung larang Kunci larang alam padang.
33. Meungpeung hirup kudu Guru, Sangkan salamet diditu, Laku lampah kudu jeung ilmu, Lahir batin gampang katimu.
34. Teangan hirup sajero hirup, Sing inget urang bakal ditutup, Walanda Cina meureun nya kitu, Geus ditutup teu nyaho ka incu.
35. Teangan kubur nu tangtu, Lain kubur tutup batu, Kubur hirup dijero kalbu, Nya eta sifatna elmu.
36. Ahadiyat naon hartina, Basa Baqo langgeng sundana, Poe tujuh aya dimana, Ulah ngitung beurang peutingna.
37. Ari Qudrat teh kawasa, Bisa leumpang urang ku saha, Jeung urang asal timana, Enggeusna balik kamana.
38. Hanteu bijil ti beulah batu, Ahadiyat eta geus tangtu, Kangjeng Rasul hanteu pupus, Mun pupus dunya ge lampus.
39. Ulah loba nu diaji, Syahadat heula nu misti, Kitab Qur’an jieun saksi, Asupkeun ka jero diri.
40. Tilu puluh Juz kudu tamat, Sajero eta teh tobat, Sajol bulan eta tamat, Nembe salamet Akherat.
41. Poek ati poek bulan, Poek bulan poek iman, Lain caang caang bulan, Caang soteh caang iman.
42. Paribasa ditetepkeun iman, Tetepna dimana kutan, Nyaho ge iman teu acan, Da lain caangna bulan.
43. Diteangan leuwih rugi, Sarebu hiji anu manggih, Dibeulina satengah mati, Tutup mulut buka kunci.
44. Ngaji teh ulah ngajibris, Mudu ngaji kudu ngajinis, Ngaji badan masing tapis, Ma’na Qur’an lapis-lapis.
45. Bisa ngaji Ulah kumaki, Mun tacan isbat jeung nafi, Dalil Qur’an tuduh harti, Jauh keneh kana katepi.
46. Teu gampang neangan iman, Jauhna tanpa wangenan, Enya soteh deukeut pisan, Saur Jeng Nabi Utusan.
47. Mudu nyaho ilmu Pangeran, Ulah jongjon ka kitab Qur’an, Ulah dipake andelan, Dalil naon nu jadi iman.
48. Guru teh kakasih Allah, Gagntina Rasulullah, Anu Guru ahli rasa, Nu sidik kanu kawasa.
49. Kasebatna Guru Mursyid, Bisa nuduhkeun nu wahid, Kalawan nerangkeun Tohid, Laku lampahna ge tartib,
50. Hewan anu hanteu iman, Kasebat ceuk kitab Qur’an, Hanteu daek nareangan, Pikukuh patokan Islam.
51. Hanteu sahil cicing di dunya, Lamun barisan cilaka, Dahar nginum jadi Naraka, Sabab lacuna henteu diriksa.
52. Euweuh deui sifat hirup, Anging dzat Allah nu cukup, Masing ngarti urang hirup, Mun harti ngelmuna cukup.
53. Ulah hirup nya hirup urang, Nuduh Allah diawang-awang, Nu kitu jalama badawang, Kahakanannana bugang.
54. Allah ninggali ka urang, Urang ninggal hirup urang, Panon teh pipinding terang, Manahan ku ahli ngarang.
55. Sembahiyang kudu khusu, Mudu tutup sakabeh nafsu, Nafsu opat ulah metu, Lain Shalat nangtung kitu.
56. Allahu akbar kudu ta’yin, Mudu sidik ka alam batin, Lain beurang lain peuting, Lalangse beureum jeung kuning,
57. Geus euweuh wujud kaula, Didinya naon nu aya, Lain akbar mata kapala, Akbar anu sajatina.
58. Kaula geus hanteu aya, Ganti Pangeran nu aya, Nyebut aya teu ngarasa, Manahan ku ahli rasa.
59. Silokana sing kapanggih, Kunci Muhammad nu rugi, Rasiahna Maha Suci, Teangan tarekat jati.
60. Lain Muhammad di Madinah, Hakekatna kudu kamanah, Da aya awal akhirna, Pek taroskeun ka Ulama.
61. Taroskeun ka Ajengan Kolot, Anu dzikirna ngageot, Nya eta elmu nu kolot, Duit meunang berekah kolot.
62. Resep ninggal istri sae, Rasana lacuna hade, Dzikirna dilewe-lewe, Allah mah nurutkeun bae.
63. Jalaran gogoda diri, Pujina ngarah sasaji, Ajengan hayang dipuji, Ganjaranna geus bukti,
64. Ijrail teu ninggal puji, Ninggalina iman nu suci, Lampahna gemi nastiti, Karesepna dana dini.
65. Teu iman jagana poek, Di kubur tangtu dipekprek, Lampahna sadaek-daek, Nurutkeun nafsuna dewek.
66. Barang ruksak dibeberik, Nu langgeng hanteu diberik, Katungkul ku sirik pidik, Nu kitu teh kafir Jindik.
67. Pang urang sagala gampang, Di dunya sab aya caang, Di Akherat kumaha leumpang, Di dunya teu daek neang.
68. Geura tinggal rupana Guru, Tinggali ilmu nu tangtu, Ulah rasa guru jauh, Geua megat dilawang buntu.
69. Mudu terang wuruk Guru, Lain terang omongan kitu, Terapkeun ramo jeung suku, Teu lila amprok jeung Guru.
70. Ari Guru wajib disembah, Lain nyembah kanu aya, Nyembah kanu euweuh aya, Eta Guru anu mulya.
71. Ibu Rama wajib disembah, Sabab miara ti baheula, Wajib deui nyembah ka Raja, Wakilna anu Kawasa.
72. Agungkeun Guru jeung Ratu, Sangkan urang teh rahayu, Lahir batin ulah tatu, Diri ulah laku satru .
73. Mudu Guru sajero hirup, Eta nu wajib diturut, Nafsu opat kudu tutup, Karasa paeh jeung hirup.
74. Nya eta Guru sajati, Nuduhkeun jalan nu suci, Gawena tirakat nyepi, Tanda Guru nyekel sosi.
75. Ari iman sifatna caang, Laku lampah kudu terang, Jalmana pantes lalenjang, Gawena sok kirang tuang.
76. Dahar ulah kawas kebo sapi, Beurang peuting teu berenti, Jalma teu inget ka pati, Lampahna teu ati-ati.
77. Beuteung jemblung awak gede, Sasauran jiga Kalde, Ngawakseun ka jalan gede, Nempoan istri nu hade.
78. Meujeuhna dahar sakali, Nurutkeun karepna ilmi, Ulah sare satengah mati, Matak lali ka Maha Suci.
79. Cukupna urang di dunya, Lampahkeun lima perkara, Sahiji nyaho Syahadat, Kaduana kudu Shalat.
80. Syahadat syahna teh opat, Dzat sifat asma af’alna, Sholat nyaho asal opat, Nangtung ruku sujud lungguhna.
81. Katilu kudu jazakat, Zakat pare geus mufakat, Eta mah teu matak kuat, Zakat diri matak kuat.
82. Kaopat kudu puasa, Ramadhan kudu sabulan, Sasatna sing manggih bulan, Dina sajerona badan.
83. Kalima leumpang ka Mekah, Lamun cukup aya bahan, Samemeh indik ka Mekah, Teangan Bet dina badan.
84. Sya’ir waca senangna pikir, Mun lepat mangga dipungkir, Wantu-wantu kecap sya’ir, Sabijilna tina pikir.
85. Saena kedah ku istri, Laguna pantun manyanyi, Komo mun gentrana istri, Halimpu jeung mawa sari.
86. Pasosore kudu mandi, Disamping baju beresih, Make subal kembang malati, Geu Sholat tuluy manyanyi,
87. Jalaran saurna Guru, Nyegah ulah sore turu, Istri kitu leuwih lucu, Matak beurat batan batu.
88. Dipiresep ku pameget, Nyaeta istri kameumeut, Manyanyina matak resep, Duriat ge matak tetep.
89. Moal kagembang ku wayang, Istri urang bisa tembang, Sora ngeunah matak senang, Geus manyanyi tuluy tuang.
90. Ieu sya’ir sedeng ditutup, Geus wengi urang arasup, Seungit malati geus kaambu, Kulambu geura pek ingkup.

LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID KA III
Sinom
1. Sambungan anu katiluna, terasna raden Muslimin, sinarengan raden Muslimat, keur mudakarah bab ilmi, lamina geus tilu wengi, panarosna masih terus, den Muslimat ka rakana, teu weleh bae ngurihit, ditaroskeun saniskanten hal Mas’allah.
2. Papayun-payun duaan, dijero kamar tur sepi, teu kagiridig ku jalma, wantuning di Taman Sari, langka pisan aya jalmi, bumi nenggang sareng singkur, dikuriling kebon kembang, Eros Ermawar Malati, geus meleber seungitna teh mancawura.
3. Dipungkureun aya empang, caina herang beresih, mani katinggal keusikna, dijero cai, laukna warna-warni, ting soloyong ting suruwuk, silih udag jeung baturna, ditengah aya Masigit, Tajug alit pantes pisan pangujlahan.
4. Kocapkeun raden Muslimat, jeung raka dijero bumi, caralik sabada tuang, lajeng ka tajug ngaralih, saparantos Jongos Koki, amitan neda warangsul, kantun anjeuna duaan, calik dina pramedani, buludru sutra hipu dicalikannana.
5. Rakana pek sasauran, ka rai budina manis, saurna teh rai mangga, kabingung teh naon deui, geura pariksakeun rai, sangkan teu jadi nguluwut, manawi engkang tiasa, nyaangan ka manah rai, malah mandar disarengan ku Pangeran.
6. Ceuk raina nuhun pisan, engkang teh aya pilahir, eukeur maksad titadina, rai bade naros deui, mung rada isin saeutik, sieun engkang jadi bendu, rai tamparaos pisan, bok bilih geus bosen galih, rehna rai seueur pisan panarosan.
7. Ayeuna bet luntur manah, rido ditaros ku rai, nepi ka dipundut pisan, sakur kabingung kang rai, nuhun berebu keti, atoh kantenan kulanun, seueur keneh kabingungan, tacan caang ati rai, rehna seueur keneh anu can kapaham.
8. Ayeuna tumaros eta, aya basa opat rupi, nu kahiji Muhammad Haq, dupi nu kadua deui, ngaran Muhammad Hakeki, Muhammad Harid katilu, dupi anu kaopatna, ngaran Muhammad Majaji, tah sakitu engkang eta ngaranna mah.
9. Mung buktina tacan terang, margi bet mustahil teuing, aya ngaran taya rupa, muga engkang rido galih, tiasa nerangkeun deui, barangna anu sakitu, rai langkung panasaran, lamun jinisna can bukti, sabab lepat lamun ngaji kana asmana.
10. sabab aya ceuk dalilna, dina Qur’an geus kauni, Wa’asmaihi ta’ala, abadan bi kufro deui, hartina eta dalil, timbalan Jeng Rosul, saha-saha manusa, nu ngaji asmana badis, tetep kafir mun teu timu barangna.
11. Saur raka bener pisan, ngaji teh kudu ngajinis, nya eta aen barangna, lamun asma bae rai, nu kitu mah sanes ngaji, ngaran maca bae wungkul, maca buktina aksara, tulis Qur’an sareng Hadist, teu diemut ngarasakeun dalil Qur’an.
Nerangkeun : 1. Muhammad Haq, 2. Muhammad Hakeki, 3. Muhammad Harid, 4. Muhammad Majaji
12. Kieu perkawis eta, barangna nu opat rupi, nu disebat Muhammad Haq, eta teh dzat sifat Gusti, rupina caang dumeling, nya eta sagara hirup, bibit nyawa sadayana, tah eta barangna rai, ku rai ge meureun parantos kapendak.
13. Saur rai kutan eta, Muhammad Haq teh geus sidik, atuh kantenan eta mah, digugulung titatadi, ayeuna nembe kaharti, nuhun engkang rai nuhun, sidik ngaran jeung buktina, moal rek sulaya deui, kantun eta anu nomer kaduana.
14. Nu disebatkeun Muhammad, Muhammad Hakeki tadi, eta teh naon sifatna, rakana ngalahir deui, pasal Muhammad Hakeki, nyaeta nu opat kitu, sorotna tina dzat sifat, bijil cahya opat rupi, sategesna nu kasebat Narun tea.
15. Cahaya beureum sifatna, ari nu kaduana deui, Hawaun eta disebat, cahya koneng eta sidik, ari nu katilu deui, cahya bodas ngaran Ma’un, kaopat nu hideung cahya, Turobun ngaranna pasti, kapan sidik jadi lafadna Muhammad.
16. Nu bereum huruf Mim awal, nu koneng huruf He pasti, dupi anu katilu na, cahya nu bodas beresih, nya jadi huruf Mim akhir, kaopatna nu kasebut, cahya nu hideung nyata, nya eta huruf Dal pasti, geuning sidik jadi lafad Mim-He-Mim-dal.
17. Tah eta anu kasebat, Muhammad Hakeki rai, ceuk raina nuhun engkang, ayeuna rai mangarti, leres percanten yakin, ku rai prantos kaemut, Muhammad Hakeki tea, eta sifatna teh pasti, kantun eta Muhammad nu katiluna.
18. Muhammad Harid nyatana, ceuk rakana mun can harti, Muhammad Harid nyatana, nyaeta rasa pribadi, nya ieu rasa jasmani, eta sifatna teh tangtu, jawab rai nuhun pisan, Muhammad Harid teh bukti, kantun eta Muhammad Majaji tea.
19. Saur raka ari eta, nu disebatkeun ku rai, Muhammad Majaji tea, nya ieu rupa jasmani, Mim teh mastaka rai, He teh nya dada geus tangtu, Mim akhir nya udel urang, Dal teh sampean geus bukti, kapan sidik eta teh Mim-He jeung Mim-Dal.
20. Jadi unina Muhammad, saur raina kaharti, mung aya saeutik pisan, nu rek ditaroskeun deui, dupi eta Kangjeng Nabi, Muhammad Rasulullahu, nu sumareh di Madinah naon disebatna deui, walon raka eta mah Muhammad pangkat.
21. Pangkat Nabi Rasulullah, utusanna Maha Suci, nya nu ngagelarkeun Agama, sare’at tarekat deui, hakekat ma’rifat rai, sangkan manusa teh mulus, salamet dunya Akherat, jeung supaya terang deui, jeung percaya ayana Allah ta’ala.
22. Sabab nabi Muhammad mah, kabagi ma’rifat jati, ma’rifat ka Gusti Allah, kana dzat sifat Yang Widi, sabab bisa mi’raj rai,ari nu liana Rusul, teu kabagian ma’rifat, umatna pon kitu deui, Muhammad mah teras ka umat-umatna.
23. Sabab aya wawakilna, enya eta para Wali, Wali Kutub disebatna, nya Kangjeng Syekh Abdul Qadir, nu mimitina rai, tarekat ma’rifat timbul, nya eta awal-awalna, tibana ti Kangjeng Nabi, akhirna mah nya Gusti Syarif Hidayat.
24. Teras ka Wali salapan, di Cirebon anu bukti, tah didinya mencar-mencar, terus ka ayeuna pasti, mana nu kabarengan rai, ku pitulung Maha Agung, tanwande bisa narima, nampa tarekatna ilmi, enya eta tarekat ma’rifat tea.
25. Nya eta jalan tarekat, tilas Wali anu tadi, jeung kalawan dibarengan, ku pitulung Maha Suci, numawi ulah sok mungkir, ilmu Wali mo kasusul, hoream neangannana, kapan tadi Maha Suci, sifat Rahman nu murah dialam dunya.
26. Piraku mun cengeng tekad, keukeuh neda ka Yang Widi dibarengan sareng prakna, dibeulina ku prihatin, sageuy teu tiasa nepi, atuh mun kitu mah palsu, murahna di alam dunya, hanteu cocog sareng dalil, kapan dalil wajib pisan dipercaya.
27. Sabab eta tuduh jalan, numawi Gusti Yang Widi, nurunkeun ayat sa Qur’an sing kasungsi, ulah ngan tulisna wungkul, eta mah pangandika na, Allah anu Maha Suci, wajib susul eta anu ngandikana.
28. Sabab basa Allah eta, sategesna ngaran Gusti, tiap-tiap aya ngaran, tangtu nyandak tina bukti, tina dzat sifatna pasti, mung dzat sifatna Yang Agung, gaib pisan pang ayana, moal kenging katingali, ku awasna panon kapala anu nyata.
29. Kengingna ku panon rasa, hakekat Muhammad Nabi, nu nganepikeun kana dzat, sifatna Yang Maha Suci, dupi nu nganepikeun pasti, kana sifatna Yang Agung, nyaeta ku asma tea, kapan awalna ge rai, mimitina nya eta dzat anu kasebat.
30. Kaduana kana sifat, tilu asma nu kawarti, eta tiluhur ka handap, ayeuna kedah dibalik, lamun hayang kasungsi, kedah ti handap kaluhur, kedah tina asma heula, naek kana sifat deui, kantun terus kana dzat deui naekna.
31. Atawa Allah Muhammad, Adam anu tipandeuri, tadi tiluhur ka handap, ayeuna kedah dibalik, tihandap ka luhur deui, Adam mimitina disebut, naek nya ka Muhammad, terus ka Allah sing tepi, perelena nya Adam Muhammad Allah.
32. Geuning bukti di manusa, pang gumelarna dohir, nya eta ku tilu basa, Hirup-Rasa-Adeg pasti, hirup kanyataan Gusti, rasa kanyataan tangtu, nya eta Muhammad tea, adeg kanyataan pasti, enya eta kanyataan Adam pasti.
33. Tah geuning kitu geus nyata, perelena kitu rai, jadi lamun hayang terang, ka Allah nu Maha Suci, kedah heula kasungsi, Muhammad nu tipayun, tapi rai hakekatna, da majajina mah geus bukti, parantos pupus makamna ge di Madinah.
Nerangkeun NAKTUNA MADINAH
34. Mangga ku rai dimanah, geuning makamna Jeng Nabi, kasebatna di Madinah, ayeuna manah ku rai, Madinah teh naon rai, da aya hartina tangtu, kedah pendak sajatina, kakara engke kapanggih, sareng Gusti Nabi Muhammad kapendak.
35. Ceuk raina bingung engkang, ku rai tacan kaharti, rai teu sanggem mikirna, matak butak sirah rai, bakating hantem mikir, ayeuna mah kulanun, mangga bae ku engkang, terangkeun sama sakali, bilih rai jadi owah pipikiran.
36. Rakana lajeng ngajawab, kieu atuh mun can ngarti, ku rai tacan kamanah, ayeuna mah kudu sungsi, naktuna aksara tadi, Madinah anu kasebut, geura mangga bandungan, naktuna sahiji-hiji, aksara Ma naktuna teh genep belas (16).
37. Dupi anu kaduana, aksara di eta pasti, genep (6) naktuna teu lepat, ari nu katilu rai, aksara nah eta pasti, naktuna teh dua (2) tangtu, mangga ayeuna dietang, genep belas nu mimiti, dihijikeun sareng genep nu kadua.
38. Jadi dua puluh dua, pek jumlahkeun deui rai, sareng anu katiluna, nyaeta dua nu tadi, mangga etang ku rai, jumblahna sabaraha naktu, ceuk raina mun teu lepat, dua puluh opat siki, ceuk rakana eta kamana surupna.
39. Raina hanteu ngajawab, ngahuleng hanteu ngalahir, lami-lami pek ngajawab, aduh engkang can kaharti, rai poek liwat saking, eta naktu nu sakitu, hanteu terang sumurupna, rakana ngalahir deui,pasal eta naktu dua puluh opat.
40. Eta teh huruf Syahadat, lamun rai tacan ngarti, mangga bae rai etang, hurufna kalimah tadi, sabaraha huruf nu uni, geura mangga rek diitung, tah ieu engke dihandap, rek dijejerkeun sakali, supayana rai bisa terang.
Nerangkeun HURUFNA SYAHADAT ANU HIRUPNA
As1-ha2-du3-an4-la5-i6-la7-ha8-il9-lal10-loh11-wa12- as13-ha14-du15-an16-na17-mu18-ham19- mad20-ras21-sul22-lu23-loh24
41. Eta rai sabaraha, hurufna kalimah kali, raina lajeng ngajawab, dua puluh opat sidik, tah geuning eta rai, Madinah teh jadi huruf, huruf kalimah Syahadat, sategesna asma Gusti, geura susul jati-jatining Syahadat.
42. Supaya syah dzatna, numawi kedah kasungsi, nya eta dzat sifat Allah, dupi kenging na teh pasti, ku hukum akal rai, sing ngarasa ilang wujud, nya eta adegannana, adegan wujud jasmani, enya eta nu kasebut Adam tea.
43. Upami geus ilang Adam, teu ngarasa boga diri, kakara jasa kapendak, hakekat Muhammad Nabi, tiap-tiap mun kapanggih, hakekat Muhammad Rasul, tanwande jasa ma’rifat, kana dzat sifatna Gusti, sabab eta Rasul nu nepikeunnana.
44. Raina lajeng unjukan, nuhun ayeuna kaharti, sadaya nu dipiwejang, ku engkang ka tuang rai, mung bade naros deui, aya nu tacan kaemut, rai bingung kacida, weleh bae teu kapikir, pasal dina rukun Agama can terang.
45. Aya sabaraha perkara, jeung naon ngarana deui, da piraku hanteu aya, da kapan Islam ge bukti, aya rukunna geuning, lima eta nu geus umum, sanajan iman ge aya, rukunna genep perkawis, Agama ge piraku taya rukunna.
46. Kapan kieu disebatna, biasana teh ku jalmi, rukun nu heula disebat, terasna Agama pasti, Islam disebat pandeuri, lumbrah kitu anu nyebut, bet geuning rukun Agama, nu heula disebat pasti, geus merele nya rukun Agama Islam.
47. Teu lumbrah anu nyarebat, jeung teu pantes deui bae, mun disebatkeun ku urang, dibalikeun saupami, rukun Islam Agami, meureun teu raos geus tangtu, da kitu kapan pantesna, lumbrahna sadaya sami, pantesna teh nya rukun Agama Islam.
48. Atuh lamun kitu urang, ibadah ibadah teh enggeus yakin, aya anu diluncatan, nya eta rukun Agami, ku urang teu dipilari, bet jol bae kana rukun, nyaeta rukun Islam, dipigawe siang wengi, dupi eta rukun Agama diliwat.
49. Ari emutan rai mah, nurutkeun bahana tadi, nyaeta rukun Agama, nu kedah heula pilari, saparantosna kapanggih, teras ngalakonan rukun, nyaeta rukun Islam, anu lima perkawis, Syahadat Sholat Zakat Puasa Hajina.
Nerangkeun RUKUN AGAMA
50. Rakana lajeng ngajawab, atuh kantenan kang rai, nu wajib heula kapendak, rukun Agama geus misti, ku urang kedah kapanggih, supaya urang teh puguh, ngalakonan rukun Islam, Islamna enggeus kapanggih, kapanggihna tangtu ku rukun Agama.
Asmarandana
51. Kapan basana ge rai, Iman Tohid Ma’rifat Islam, geuning kitu dalilna ge, Islam teh geus sidik pisan, saparantosna ma’rifat, jalanna ma’rifat kudu, nyaeta ku tohid tea.
52. Ari hartina teh tohid, cengeng jeung khusu tekadna, nya suhud milarina teh, temen wekel teu bengbatan, milari jalan ma’rifat, pangna suhudna teh tangtu, asal tina iman tea.
53. Teges tina eling rai, eling sieun ka Naraka, Naraka di alam baqo, nu langgeng taya tungtungna, asalna kasieun eta, tina Qur’an Hadist kitu, nu nerangkeun di Akherat.
54. Tuduh jalan eta Hadist, kasalametan manusa, di dunya Akheratna ge, geuning bukti di dunyana, mun jalma teu beragama, lantaran teu daek campur, sareng nu ahli Agama.
55. Teu ngupingkeun dalil Hadist, jadi buta tuli pisan, teu nyaho diakhirna teh, yen aya Sawarga Naraka, jadi geus tangtu pisan, teu aya kasieun kitu, da hanteu ngadenge beja.
56. Numawi manusa wajib, daek ngaji kitab Qur’an, sangkan aya kasieun teh, mun geus sieun mah mokaha, moal sakama-kama, laku goreng mo dijujur, kapager ku kasieunna.
57. Raina ngalahir deui, pasal eta geus kapaham, mangga anu tadi bae, ku engkang enggal piwejang, hal rukunna Agama tea, da rukun Islam mah puguh, sadaya ge pada terang.
58. Rakana ngawalon deui, lamun rai tacan terang, kana rukun Agama teh, tegesna rukun Agama, aya opat perekara, sahiji Sareat kitu, kadua Hakekat tea.
59. Katilu Tarekat rai, kaopatna nya Ma’rifat, eta kitu basana teh, ceuk rai kapan eta mah kalakon, dina Sembahiyang cukup, sareatna hakekatna.
60. Tarekat ma’rifat deui, geus gulung bae didinya, rakana lajeng ngawalon, eta oge bener pisan, gulungna anu opat, sareat hakekat kitu, tarekat sareng ma’rifat.
61. mung engkang rek naros deui, ma’rifatna waktu eta, rai geus ninggali naon, dina waktu Sembahiyang, tadi geus ngaku ma’rifat, tegesna geus nyaho kitu, nyaho kana naon tea.
62. Naha ninggali ka Gusti, ku tinggal panon kapala, mutajillah mun kitu teh, raina lajeng ngajawab, sanes ninggal Gusti Allah, rai nyebat soteh kitu, terang soteh pertingkahna.
63. Pertingkah nyembah ka Gusti, kapan rai geus ma’rifat, tegesna parantos nyaho, Sembahiyang Subuh eta, terang dua rakaat, pujina oge pon kitu, geus awas ti samemeh prak.
64. Kitu deui waktu Dzuhri, rai parantos ma’rifat, terang rakaatna Lohor, nyaeta opat rakaat, sumawon ushallina, eta saterusna kitu, nepi kana waktu Isya.
65. Tarekatna mah pan bukti, migawe dina waktosna, Nangtung Ruku Sujudna teh, saur raka da eta mah, lain ma’rifat ka Allah, ma’rifat nyembahna wungkul, da eta mah rukun Islam.
66. Sanes rukun Agami, ari rukun Agama mah, anu ngabuktikeun aen, aen kanu disembahna, pikeun kayakinan urang, Agama nu Maha Agung, pikeun ngesahkeun ibadah.
Nerangkun HARTINA AGAMA
67. Kieu hartina Agami, sategesna hirup tea, sabab mun taya hirup teh, mo aya ngaran Agama, Islam ge moal aya, sumawonna rukun-rukun, enggeus tangtu moal aya.
68. Jadi sifat hirup pasti, nya sajatining Agama, atawa sifat elmu teh, numatak ngelmu teh urang, sing nepi kana caangna, sifat Agama kasusul, ulah ngan ku kira-kira.
69. Kapendakna eta rai, nya eta ku rukun tea, ku rukun Agama tangtos, sareatna hakekatna, tarekatna ma’rifatna, dina bagian bab ilmu, sanes bagian ibadah.
70. Dina Sembahiyang mah rai, ma’rifat laku ibadah, tina kitab kenging nyonto, najan di sagala barang, tetep eta anu opat, sareat hakekat kitu, tarekatna jeung ma’rifat.
71. Ibarat rek nyieun korsi, niat eta mimitina, ari geus niat mah tangtos, tegesna eta hakekat, ari terbitna hakekat, tina ma’rifat geus tangtu, nya tina kanyaho tea.
72. Sabab tadi geus ka ilmi, geus nyaho sareng bisana, kana migawe korsi teh, teras di tarekatan, nepi ka nyareatna, sifatna sidik ngajentul, rupa korsi teu sulaya.
73. Kapan ieu mah keur ngilmi, tegesna eukeur neangan, ma’rifatna ka Yang Manon, enya eta kana dzatna, jeung sifatna Gusti Allah, nya eta wujudna elmu, atawa jati Agama.
74. Geus tangtu kengingna rai, ku rukun Agama tea, sareat hakekat tangtos, tarekat sareng ma’rifat, tapi anu sajatina, dina bagian bab ilmu, rasa anu narimana.
75. Jalanna ku rukun tadi, anu opat perekara, anu aya di badan dewek, poko sareat hakekat, tarekat jeung ma’rifati, anu aya dina wujud, di sajero badan urang.
76. Raina lajeng ngalahir, kahartos atuh kitu mah, ngaran rukun Agama teh, bagian ilmu ayana, keur nyusul wujud Agama, nyaeta sifatna hirup, nu ngangliputi sadaya.
77. Namung paneda kang rai, sumangga ku engkang dadar, sing hawatos kanu bodo, margi weleh teu kapaham, eta basa anu opat, buktina nu dina wujud, naon nyatana sareat.
78. Hakekatna pon kitu deui, nyatana di badan urang, tarekat ma’rifat oge, rai teu acan uninga dina poko-pokona mah, rakana lajeng ngawangsul kieu atuh mun can terang.
79. Dupi sareat teh rai, poko-pokona teh baham, jalan omongan geus tangtos, tah eta pangucap urang, sajatina sareat, kapan pangucap teh puguh, nu ngabuktikeun sagala.
80. Karamean alam dohir, rentul sakur anu aya, bibitna tina carios, mangga ku rai dimanah, ieu kaanehan Kota, karesikan Nagri Bandung, gedong-gedong nu marakbak.
81. Model gedong rupi-rupi, paalus-alus bangunna nu ngadamel eta gedong, pang buktina teh teu lepat, pokona tina pangucap, nu ngabuktikeun samaksud, piraku hanteu kamanah.
82. Najan aya niat rai, bahan-bahan geus sadia, moal jadi mun teu ngomong, ngabetem teu sasauran, raina lajeng ngajawab, sayaktosna eta kitu, duh engkang karaos pisan.
83. Pokona sareat yakin, teu lepat deui pangucap, nya eta sajatina teh, paingan ceuk unggel kitab, lamun nu ngaji hakekat, teu sareng sareat kitu, batal ku Hadist disebat.
84. Ayeuna mah rai harti, batalna karaos pisan, sabab hartina batal teh, henteu jadi ceuk sundana, kapan nyatana hakekat, keretegna ati kitu, niat sagala perkara.
85. paingan kamari rai, kereteg niat ka pasar, maksud teh rek meser bako, barang dongkap teh ka pasar, nangtung hareupeun nu dagang, bet Cina teu buru-buru, ngaladangan bako tea.
86. Salila-lila kang rai, nangtung hareupeunnana, sapedah rai teu ngomong, jongjon hanteu ngaladangan, sakitu dina ati mah ngomong, ngomong bae dina kalbu, meuli bako anu ngeunah.
87. Barang pok mah ngomong rai, Babah meuli bako kula, ku Cina teh bol sok bae, teu lami deui ngantosan, bener mun ngaji hakekat, teu make sareat lapur, hanteu jadi pamaksadan.
88. Pasal eta jol kaharti, tegesna poko sareat, pangucap teu lepat tangtos, anu aya di badan urang, ayeuna nu kaduana, hakekat nu kasebut, naon nyatana di badan.
89. Rakana ngalahir deui, kieu rai mun can terang, hakekatna enggeus tangtos, nyatana pangangseu tea, nu aya di wujud urang, sinareng anu tipayun, kieu katerangannana.
90. Ibarat rek tuang bistik, memeh ku baham karasa, pangangseu nu tipayun teh, hakekat pada hakekat, sabab hakekat teh aya, aya tapi taya jentul, sabab seungit bistik tea.
91. Seungitna mah taya rupi, kitu deui angseu tea, teu aya rupina tangtos, dupi ari buktina mah, sifatna bistik tea, bagian paninggal tea, anu nyidikeun sifatna.
92. Raina gumujeng manis, duh engkang karaos pisan, teu lepat kasauran teh, teu sulaya jeung barangna, nuhun Alhamdulillah, ayeuna anu katilu, tarekat naon nyatana.
93. Ceuk raka tarekat rai, nyatana pangdangu urang, salamina ge digawe, teu aya pisan eureunna, dina keur waktu nyaring mah, sora naon oge kumpul, pangdangu anu narima.
94. Raina ngalahir deui, tetela karaos pisan, eta jinis tarekat teh, nyatana di badan urang, moal lepat deui engkang, ayeuna mangga pitutur, ma’rifat nu kaopatna.
95. Saur raka mun teu harti, nyatana eta ma’rifat, dina salira urang teh, nyaeta paninggal tea, sifatna panon nu nyata, sagala sifat teh kumbuh, panon nu ngesahkeunnana.
96. Sifat-sifat nu di dohir, gulungna kana paninggal, numawi disebatkeun teh, panutup kanyaho tea, kakara sah kanyahona, beja-beja teh ti batur, kapanggih sareng buktina.
97. Lahir batin oge sami, moal bet aya bedana, pokona ku eta bae, enya eta sategesna, nu ngaran rukun Agama, atawana rukun Ilmu, keur nganyahokeun Agama.
98. Agama anu sajati, enya sifat hirup urang, samangsa parantos nyaho, kana jatining Agama, nya Islam eta ngaranna, sanggeus Islam kudu suhud, ngalakonan jeung rukunna.
99. Nya anu lima perkawis, kahiji maca Syahadat, dua Sholat lima waktos, nomer tilu kedah Zakat, opat kedah Puasa, lima Munggah Haji kitu, mun kabedag ku saratna.
100. Raina ngawalon deui, nuhun parantos kapaham, hal rukunna Agama teh, nu aya di wujud urang, nya eta nu opat tea, sareat hakekat kitu, tarekat sareng ma’rifat.
101. Mung aya keneh saeutik, anu teu acan karasa, rai masih keneh helok, dina basa rukun tea, rukun teh naon hartina, ceuk rakana ngaran rukun, bareng hanteu pili ganca.
102. Paribasa sepuh tadi, ka urang sok mituturan, eh anak-anak sakabeh, engke bapa geus teu aya, omat turut weling bapa, jeung dulur teh kudu rukun, ulah arek panca bagah.
103. Ka cai kudu saleuwi, ka darat kudu salebak, jeung kudu bongkok ngaronyok, bengkung ngariung ceuk basa, supaya maneh waluya, mun rempug jungkung jeung dulur, salamet dunya akherat.
104. Raina lajeng ngalahir, sumuhun sok nguping pisan, kasauran sepuh teh, mung kumaha ari eta, rempugna nu opat tea, rukunna paninggal dangu, pangangseu sareng pangucap.
105. Margi keur kieu mah geuning, ieu nu opat perkara, lakuna teh nu karaos, masih bae pili ganca, hanteu bareng lakuna, ucap ucap dangu dangu, angseu sumawon paninggal.
106. Teu nurut babasan tadi, yen kudu sabilulungan, nya eta bongkok ngaronyok, jeung bengkung ngariung tea, ka cai saleuwi pisan, kitu anu ngaran rukun, atuh dimana barengna.
107. Rakana ngawalon deui, piraku tacan kamanah, meureun ku rai karaos, dina waktu eukeur Sholat, Sholat sajatina tea, waktos Nafi Isbat gulung, nerapkeun Muhammad.
108. Aworna kalimah kalih, huruf Ta’udz jeung Bismallah, keur nyalindung ka Yang Manon, kapan didinya barengna, nu opat teh ngahijina, ilangna dunya jeung wujud, kapendak wujud Agama.
109. Nembe Islam mun geus panggih, kana sajati Agama, nyaeta hirup urang teh, anu matak wajib pisan, nyaho jatining Agama, sangkan sah ibadah kitu, nyaho bibit rukun Islam.
110. Raina gumujeng manis, duh engkang karaos pisan, nya didinya barengna teh, babasan tadi teh keuna, bongkok ngaronyok teh nyata, sumawon bengkung ngariung, kacai saleuwi pisan.
111. Ayeuna nembe kaharti, babasan sepuh baheula, aya Hekekatna horeng, kudu rukun teh nya eta, nu opat di badan urang, ngaran dulur nu saestu, opat kalima pancerna.
112. Ayeuna rek naros deui, nya anu tacan kapaham, reh dina Hadist nyarios, aya basa opat rupa, ngaran Dalil Hadist, Ijma, opat ngaran Qiyas kitu, eta kumaha hartina.
Nerangkeun Dalil, Hadist, Ijma, Qiyas
Dangdanggula
113. Lajeng rakana ngawalon ka rai, pasal eta nu opat basa, kieu pihartieunna teh, hartina dalil teh Agus, pangandika Maha Suci, nya Qur’an eta buktina, anu mawi kudu, wajib percaya kana Qur’an, lamun henteu percaya teh kufur kafir, cadang Naraka Jahanam.
114. Ari Hadist pangandika Nabi, enya eta Rusul-rusul tea, utusan Gusti Yang Manon, eta wajib digugu, dupi nu katilu deui, anu ngaran Ijma tea, lamun tacan mafhum, nyaeta pangandikana, para Wali jeung para Muslim deui, eta ge wajib percaya.
115. Dupi Qiyas moal salah deui, hartina teh akal sategesna, pikeun ngakalan geus tangtos, ngakalan tadi nu tilu, Dalil Hadist Ijma pasti, sangkana bisa karasa, ma’na Dalil kitu, Hadist Ijma sumawonna, da eta teh pikeun pikiraneun deui, sangkan nyata jeung barangna.
116. Sabab geura pek manah ku rai, sagala hal mun teu make akal, moal bisa jadi bae, ibaratna kapan puguh, karamean Alam Dohir, karajinnana manusa, tambah beuki maju, ayeuna ge kabuktian, kajadian kapal udara jeung mobil, jadina tangtu ku akal.
117. Anu matak ngilmu ge rai, lamun ngilmu pikeun kabatinan, kalanggengan Alam Baqo, ulah cicing bae atuh, dina asma bae badis, tegesna dina omongan, kapan asma mah tuduh, najan Dalil Hadist Ijma, eta oge pituduh teu salah deui, tuduh jalan pikeun mulang.
118. Sareng tuduh ka manusa deui, pikeun urang gumelar di Dunya, kudu daek ibadah teh, ka Gusti nu Maha Agung, kalawan jeung sahna misti, nyaeta sahna ibadah, kudu ma’rifatu, kana Dzat Sifatna Allah, enya eta piwadaheunnana rai, amal ibadah urang.
119. Ulah cicing dina Asma badis, tetep cicing dina panunjukna, mun kitu mah tangtos bae, mo tepi kanu dijugjug, nyaeta ka asal tadi, da teu disorang jalanna, cicing ngadedeluk, nyaeta dina tunjukna, nu ditunjuk teu disusul dipilari, mun kitu mah moal datang.
120. Ibaratna upami urang kang rai, hayang terang ka hiji Nagara, upami Batawi bae, barang dileresan Bandung, lajeng kang rai ninggali, hiji jalan parapatan, jeung ninggal nu nangtung, hiji pilar make papan, dina papan aya aksara Batawi, ditunjuk ku gambar tangan.
121. Ramo nunjuk ka huruf Batawi, boh ka kulon ka kaler ka wetan, tuluy rai cicing bae, dina hareupeun panunjuk, naha kira-kira rai, dikirana bakal datang, ka Batawi tunjuk, ceuk raina atuh moal, sabab cicing di dinya teu maju deui, sumawon ka Batawina.
122. Jalanna ge teu disorang deui, nu ditunjuk ku gambarna tea, kumaha bisana nyaho, da betah dina panunjuk, hurupna asma Batawi, tah kitu ceuk rakana, nu ngaji asma wungkul, teu terang nu diasmaan, lamun kitu ngaji teh teu bisa nepi.
123. Panunjuk teh ibaratna Dalil, kitab Qur’an eta sategesna, tuduh jalan nu sayaktos, numatak urang teh kudu, hukum Qiyas geura tungtik, kumaha pikeun akalna, tarekatna ilmu, sangkan urang bisa datang, ka Batawi nepi ka ‘aenal yakin, sidik teu ngandelkeun beja.
124. Mun geus cicing dina panunjuk tadi, kantun bae neangan akalna, sangkan tereh tepina teh, naha rek leumpang suku, atawa rek tumpak mobil, kahar kapal udara, da aya geus tangtu, ari eta tutumpakan, ngibaratkeun tarekat ilmu tadi, kapan tarekat teh loba.
125. Qodariyah Satariyah rai, Anfasiyah jeung Muhammadiyah, Juziyah Hak Maliyah teh, kantun milih bae atuh, mana nu gancang tepi, nu pangheulana datang, bisa ma’rifatu kana dzat sifatna Allah, sagarana hirup tujuh langit tujuh bumi, Johar Awal kasebatna.
126. Lamun hanteu make akal rai, enya eta milih tutumpakan, mana anu gancang bae, misti kudu buru-buru, bisi kaburu ku pati, payunkeun hukum akal, kajeun rada ripuh, geura beuli ku tirakat, gancangna teh teu lian kudu prihatin, dahar sare dikurangan.
127. Den Muslimat ka raka ngalahir, nuhun akang rebu keti laksa, rai napi piwuruk teh, cukup eta mah kulanun, sumerep ka sanubari, mun ayeuna gentos pasal, nu tacan kamafhum, bade naros Rukun Islam, naha hanteu aya rangkepannana deui, sare’atna hakekatna.
Nerangkeun Rukun Islam Sare’atna Hakekatna Tarekatna, Ma’rifatna.
128. Ceuk rakana tangtu aya rai, rukun Islam nu lima perkara, dina hiji perkara teh, opat-opat geus tangtu, dina sahiji perkawis, saperti dina Syahadat, opat pangkal kitu, aya sare’at hakekat kitu, tarekat ma’rifatna kitu deui, Sholat ge opat perkara.
129. Enggeus tangtu opat deui rai, aya sare’at hakekatna, tarekat pon kitu keneh, ma’rifat geus tangtu, saterasna kitu deui, Zakat Puasa Hajina, opat-opat kitu, ceuk raina atuh mangga, ku engkang teh dadarkeun sama sakali, da rai mah tacan terang.
Nerangkeun Sare’at Hakekat Tarekat, Ma’rifat dina Syahadat.
130. Saur raka kieu mun can harti, sare’atna Syahadat teh ngucap, ngucapkeun kalimah roro, enya eta Asyhadu Anlaa Ilaaha Illallohi, teras Wa Asyhadu Anna, Muhammad Rosulullohu, eta Syahadat sare’at, hakekatna ngaran Syahadat teh rai, hirup eta tegesna.
131. Tarekatna Syahadat teh rai, dina waktu Shalat sajatina, keur tajali ka Yang Manon, ma’rifatna mah kudu, sing ngarasa kaangliputi, nu moncorong lintang Johar, caang padang alus, nya eta dzat sifat Allah, ceuk raina aduh engkang penting teuing, eta kasauran engkang.
132. Ceuk rakana naha atuh rai, mana nanya bet tepi kadinya, da engkang mah taya sanes, mung isin ku Yang Agung, mun engkang nyumputkeun ilmi, da aya hukumannana, mun sumput salindung, tur aya nu naros pisan, goreng temen mun engkang ngabuni-buni, turug-turug ku Ikhwan.
133. Namung aya nu dibuni-buni, saperkawis anu hanteu beunang, diterangkeun kanu sanes, nu sanes saikhwan kitu, nyaeta tarekat ilmi, sabab eta mah titipan, Nabi Wali kitu, sabab lamun samarangan, diterangkeun ka jalma nu lain-lain, doraka Dunya Akherat.
134. Sarta matak pecat iman pasti, Gusti Allah moal rek narima, ibadahna najan getol, dila’nat enggeus tangtu, disamikeun jeung Idajil, sakumaha mujina, ka Allah nu Agung, tetep moal dihampura, tetep bae keur eusi Naraka Jamhir, langgeng teu aya putusna.
135. Ceuk raina atuh mangga deui, diteraskeun dadar sadayana, Rukun nu kaduana teh, nyaeta Sholat kitu, naon sare’atna deui, hakekat jeung tarekatna, ma’rifat pon kitu, rakana lajeng ngajawab, kieu rai lamun teu acan kaharti , sareatna Sholat eta.
Nerangkeun Sare’at Hakekat Tarekat, Ma’rifat dina Sholat (Sembahiyang).
136. Sareatna Sholat teh kang rai, enya eta nangtung ruku tea, sujud lungguh bukti ‘aen, ari hakekatna puguh, Alif Lam Lam He geus pasti, nyaeta lafad Allah, hanteu salah kitu, dupi tarekatna Sholat, tetep bae dina keur Sholat sajati, Tajali ning Dzattul Mutlaq.
137. Ma’rifat ge kudu kapanggih, sareng eta Nur Muhammad tea, ka cahya opat sing ‘aen, Narun Hawaun Maun, kaopat Turobun deui, nya eta nu ngaran Sholat, memeh awang uwung, tah eta anu geus aya, anu matak Sembahiyang teh wajib, sabab asal tina Shalat.
138. Ceuk raina nuhun kahareti, dina pasal eta Sholat tea, ayeuna katiluna teh, Zakat anu geus kamayhur, naon sare’atna deui, hakekat tarekatna, ma’rifat pon kitu, sumangga teraskeun engkang, gantung raos reh ni’mat kaliwat saking, teu emut ka barang teda.
Nerangkeun Sare’at Hakekat Tarekat, Ma’rifat dina Zakat.
139. Saur raka rai mun can harti, rukun Islam anu katiluna, Zakat bade dicarios, sare’at mah geus umum, hajat pare atawa duit, ditarima ku jalma, fakir miskin kitu, hakekatna ulah salah, kudu bae urang ngazakatkeun diri, ka Gusti Allah Ta’ala.
140. Tarekatna nya kudu Tajali, ma’rifatna sing bisa ngarasa, ilangna jasmani kabeh, tanda ditarima kitu, ku Gusti nu Maha suci, tah kitu sahna teh Zakat, ulah rek kaliru, lebetkeun ka jero manah, supayana jadi rai bisa tohid, pasal dina sahna Zakat.
Nerangkeun Sare’at Hakekat Tarekat, Ma’rifat dina Puasa.
141. Hal Puasa nu kaopat deui, sare’atna kapan geus ilahar, dina bulan Ramdhan tangtos, tilu puluh dinten tutup, hakekatna mah geus pasti, kudu nahan nafsu hawa, ulah rek diturut, temahna matak cilaka, tarekat nya gulung dina Tajali, dupi ari ma’rifatna.
142. Kudu panggih jeung Ramdhanna rai, enya eta jeung saperti bulan, lir bulan pat belasna teh, raina mani ngaranjug, bakating ku kahareti, teu sulaya ti basana, paingan disebut, Puasa di bulan Ramedhan, sihoreng teh yen urang kudu ninggali, lir bulan opat belasna.
143. Kantun eta nu hiji deui, rukun Islam anu kalimana, ku engkang enggal carios, hoyong dongkap katutup, sangkan rai bisa tohid, harti kana sare’atna, hakekatna pon kitu, tarekat jeung ma’rifatna, dina rukun kalima nya Munggah Haji, mangga ku engkang dadar.
Nerangkeun Sare’at Hakekat Tarekat, Ma’rifat dina Munggah Haji.
144. Ceuk rakana sare’atna Haji, nu geus lumbrah nya jarah ka Mekah, Baitullah nu dijugjug teh, hakekatna mah tangtu, ngalebur dosa nu tadi, tarekatna mah teu lepat, dina eukeur waktu Tajali tea, ma’rifatna kudu ngarasa ngahiji, jasmani jeung rohanina.
145. Mangga etang ayeuna ku rai, rukun Islam anu lima tea, sabaraha jumblahna teh, opat-opat hiji rukun, raina enggal ngalahir, atuh lima kali opat, jadi dua puluh, ceuk rakana itu diyah, geuning eta sifat dua puluh rai, sifatna Allah Ta’ala.
146. Den Muslimat ka raka ngalahir, sihoreng teh dua puluh sifat, asalna ti Islam kabeh, rai nuhun sarebu, aya sih pitulung Gusti, ditakdirkeun bisa terang, lebah dieu kitu, mung ayeuna masih aya, nya kabingung ku rai tacan kaharti, bade tumaros ka engkang.
147. Lebah mana Gusti Maha Suci, maparinna nyawa ka manusa, ku rai tacan karaos, sabab keur jaman dikandung, ku Ibu salapan sasih, ceuk engkang waktu harita, karek hirup wungkul, hanteu acan aya nyawa, hirup suci tandana geus bisa usik, karaos ku Ibuna.
Nerangkeun Gusti Allah Maparinna Nyawa ka Manusa.
148. Cuk rakana rai mun can harti, Gusti Allah maparinna nyawa, dina waktu Ibu ngowo, barang gubragna turun, ti Batin ka alam Dohir, tepungna Hawa nu dua, hawa Batin tepung, kontak sareng hawa Dunya, kajadian jadi nafas murangkalih, nya eta ngaranna nyawa.
149. Tiap-tiap aya nafas pasti, tangtos barengna jeung rasa, sabab hakekatna nyawa teh, nyatana rasa kitu, raina lajeng ngalahir, kahartos lamun kitu mah, rai hanteu bingung, kumargi tetela pisan, da buktina waktu dijero mah tadi, orok teu aya nafasna.
150. Geuning hirup ciri bisa usik, sidik pisan hirup suci mah, hanteu kalawan nafas teh, ayeuna mah leres kitu, hirup teh jeung nyawa sidik, nya eta sifatna nafas, namung bade nyundul, pihatur deui ka engkang, rehna tadi ku engkang geus dipilahir, nafas teh bareng jeung rasa.
151. Tapi rai waktos tadi lahir, barang gubrag tina Guha Garba, teu ngaraos naon-naon, tapi ceuk engkang kitu, rasa teh bareng geus pasti, jeung ayana nafas tea, rai rada bingung, rakana enggal ngajawab, lamun enya teu aya rasa ge rai, orok moal gogowakan.
152. Tangtu pisan pang orok teh ceurik, tina sabab enggeus aya rasa, tiris buktina ngadegdeg, hukuman ti Yang Agung, turut-turut asal tadi, tina bibitna manusa, Adam Hawa kitu, kapan Adam teh ceuk kitab, pangna lungsur ka alam Dunya teh geuning, meunang bebendon ti Allah.
153. Nya dibuang ka alam Dohir, tina sirna ngajadi teu ngeunah, barang gubrag ka Dunya teh, nangis bakating kaduhung, Adam Hawa jerat-jerit, ku tina raos teu ngeunah, ti Sawarga turun, asal bungah jadi susah, anu matak orok oge geuning ceurik, tara gubrag seuseurian.
154. Den Muslimat gumujeng ngagikgik, tina sidik nyakitu pisan, asalna orok ceurik teh, sasakala Karuhun, jeung karasa dibuang teh yakin, jadi lamun anu wafat, masih aya dumuk, nyawana masih di Dunya, sasat tacan kaluar ti hukum Gusti, paingan marakayangan.
155. Tanda tacan dileupas ti bui, masih tetep keur dina hukuman, tacan bisa meunang pones, pones lepasan ti hukum, tetep hanteu meunang bijil, sabab tina hanteu bisa, ngadeuheusan kitu, kanu boga pangadilan, neda ampun tina dosa anu tadi, hanteu pisan boga akal.
156. kapan geuning di Dunya ge bukti, lamun urang meunang hukum beurat, geuning kawidian apel, tapi apelna kitu, ulah make surat deui, leuwih hade ngadeuheusan, payuneun nu Agung, jeung sing bener caritana, neda ampun moal rek sakali deui, migawe kitu lampah.
157. Ulah ampun ditukangeun badis, teu ngadeuheus kapayuneunnana, ka karatonna Yang Manon, tegesna ka dzat Yang Agung, Baetullah anu sajati, nu teu dikulon diwetan, dikaler di kidul, eta tempat pangadilan, nu sampurna nya sifat Ghofurur Rohim, tempat ngahampura dosa.
158. Mun di Dunyana Raad Van Justisi, pangadilan nu langkung sampurna, rakana enggal ngawalon, aduh rai engkang nuhun, ku rai tereh kaharti, bisa ngaibaratkeunnana, atuh bener kitu, da moal aya bedana, sami bae Dunya Akherat ge rai, aya babandingannana.
159. Mun geus terang kana dzat Gusti, kantun suhud kana ibadahna, kudu khusu tobatna teh, ulah kendat sawaktu, dipayuneunnana Gusti, Insya Allah dihampura, lamun hanteu kitu, tangtu nyorang paribasa, beungeut madep atina mah jongjon mungkir, Akbarna kamana-mana.
160. Mun nu kaya Akbarna ka duit, mun nu tani Akbarna ka sawah, palangsiang galeng totos, Sembahiyang teu khusu, ka Gusti nu Maha suci, eling bae ka sawah, tungtungna teh atuh, pujina ge diliwatan, da tekadna hayang buru-buru tepi, kana Aweh Salam tea.

  PIHATUR NU NGARANG
161. Lebah dieu tobat jisim kuring, anu ngarang ieu Layang tea, mugi sadaya saderek, nu ngaos anu ngadangu, sanes pisan jisim kuring, nyindiran kasadayana, sakur dulur-dulur, anu geus kersa ibadah, ngalakonan parentahna Kangjeng Nabi, namung ieu mah nyindiran.
162. Kana diri sim kuring pribadi, nu karasa ku badan sorangan, nya osok kitu nya gawe, lamun keur netepan waktu, upami keur resep tani, bet Akbar teh clok ka sawah, keur dagang pon kitu deui, Akbar teh bet los ka Pasar, mun keur lacur Akbarna teh bet ka Istri, hanteu khusu ka Pangeran.
163. Sihoreng teh pang kitu teh geuning, pangna Akbar sok kamana-mana, pantes arek kituna teh, lantaran can ma’rifatu, kana Dzat Sifatna Gusti, teu puguh nu dikiblatan, ngan diwangwang wungkul, dicipta dikira-kira, saestuning ngan saukur tuturut munding, nuturkeun anu nungtunna.
164. Sigeg Raden Muslimat-Muslimin, keur guneman carios Agama, silih tempas jeung saderek, raina lejeng nyaur, rai nuhun ka pangasih, pangasih salira engkang, parantos miwuruk, mitutur nu sayaktosna, nu karaos sumurup ka sanubari, anu teu aya hinggana.
165. Mung ayeuna rek tumaros deui, rehna rai sering sok mendakan, bangsa orok nu rek maot, rai bingung kalangkung, pajar orok mah beresih, teu acan aya dosana, naha atuh kitu, maotna make sakarat, renghap ranjug siga nyeri-nyeri teuing, kumaha eta sababna.
Pangkur
166. Rakana lajeng ngajawab, pasal eta rai ulah helok ati, pang orok sakarat tangtu, kusabab tadi jalanna, waktu gubrag gumelar ka Dunya turun, jalanna kana Naraka, Narakana Ibu tadi.
167. Waktu ngababarkeunnana, kapan sidik Ibuna satengah mati, raosna nyeri kalangkung, malah sok aya nu misan, bakat nyeri seueur nu dugi ka pupus, tah didinya jalan urang, tadi rek turun ka Dohir.
168. Balikna ge moal salah, nyorang deui kana jalan anu tadi, anu matak renghap ranjug, nyorang nanjak upamana, pantes bae nyorang nanjak tangtu ripuh, cacakan tadi turunna, Ibu teh satengah mati.
169. Tah rai kumargi eta, anu matak urang wajib nyiar ilmi, supayana ulah kitu, akalna teu aya lian, kudu sorang dina ayeuna keur hirup, sing kapanggih jeung ilmuna, ilmu sakarat di Dohir.
170. Kapan aya ceuk dalilna, Antal maotu qoblal maota rai, tah eta kedah kasusul, samemehna urang hilang, sing ngarasa hilang samemeh pupus, ngarasa rasa sakarat, karaos nyerina misti.
171. Mun disorang ti ayeuna, tangtu bae engke moal nyorang deui, ti ayeuna geus ditungtut, unggal poe sakarat, sangkan engke lamun geus tepi ka waktu, sakarat enggeus beak, kantun ni’mat bae pasti.
172. Sabab asalna ge ni’mat, enya eta ni’mat Ibu Rama tadi, dina waktu keur waktos salulut, nya buktina wujud urang, balikna ge kudu ni’mat deui atuh, dina Hadist geus kakocap, ganjarana ti Gusti.
173. Nampa sarebueun ni’mat, nya sarebu ni’mat Rama Ibu tadi, sabalikna urang lamun, mun teu kapendak ilmuna, sarebueunkanyerian tadi Ibu, sarebu kalieun babar, kitu siksaanna Gusti.
174. Raina lajeng ngajawab, nya percaya mun kitu mah kahareti, pang orok sakarat kitu, balik deui ka jalanna, waktu tadi memeh kadunya turun, da moal salah mulangna, tangtuna kasampeur deui.
175. Ayeuna mah ganti pasal, rek naroskeun anu teu acan kaharti, dina hal perkara Rosul, Rosul anu genep tea, naha sami Syahadatna teh nya kitu, saperti anu biasa, Syahadatna Kangjeng Nabi.
176. Sinareng dina waktuna, Sholatna teh naha beda hiji-hiji, naha sawaktu-waktu, jeung naon sanyatana, hakekatna di badan urang sakujur, muga ku engkang diwejang, sing perele hiji-hiji.
177. Rakana lajeng ngajawab, tangtu pisan Syahadatna hanteu sami, beda hiji-hiji Rosul, kitu deui waktuna, hanteu sami pada-pada boga waktu, geura kieu mun can terang, mangga dangukeun ku rai.
Nerangkeun Rusul nu Kahiji Nyaeta Nabi Adam.
178. Mimitina Gusti Allah, nya ngadamel utusan nyaeta Nabi, Nabi Adam nu tipayun, kieu rai Syahadatna, Asyhadu anlailaaha Illallohu, Wa asyhadu anna Adam, kholifatullohi deui.
179. Dawuhanna Gusti Allah, maneh Adam dikersakeun ku Kami, jadi utusan geus tangtu, tatapi maneh ayeuna, ulah hayang ma’rifat ka Kami kitu, kanyahokeun bae heula, wujud maneh pribadi.
180. Sabab wujud maneh eta, kanyataan ayana Kami pasti, dalilna geus kasebut, Wallohu batinul insan, Al insanu dohirulloh eta kitu, tapi maneh ayeuna, kudu Sholat maneh misti.
181. Nyaeta dua raka’at, waktu subuh kaluarna fajar sidik, ari sababna pang kudu, maneh kudu tumarima, boga nyawa kaduana boga wujud, tah kitu eta asalna, mana aya Shalat Subhi.
182. Raina teras ngajawab, kutan kitu asalna teh Sholat Subhi, paingan manusa kudu, Sembahiyang subuh tea, tumarima boga nyawa sareng wujud, ka Gusti nu murbeng jagat, kantun kaduana deui.
Nerangkeun Rusul nu Kadua Nyaeta Nabi Enoh.
183. Saur raka nu kadua, Gusti Allah ngadamel deui utusan, Nabi Enoh nu kamasyhur, kieu rai Syahadatna, Asyhadu anlailaaha Illallohu, terasna Wa asyhadu anna, Enoh Habibullah deui.
184. Ngadawuhan Gusti Allah, maneh Enoh dikersakeun ku Kami, jadi utusan geus tangtu, tatapi maneh ayeuna, entong hayang ma’rifat ka Kami kitu, kanyahokeun heula denge maneh denge Aing.
185. Dalilna Sama-Sami’an, jeung ayeuna maneh teh Enoh misti, kudu Shalat waktu duhur, lobana opat raka’at, sing narima boga dua cepil tangtu, jeung dua suku geus nyata, numatak manusa wajib.
186. Wajib kudu Sembahiyang, tumarima boga cepil dua siki, sinarengan dua suku, ceuk raina nuhun pisan, ayeuna mah rai Sembahiyang teh puguh, da nyaho asal usulna, waktu tadina ti Nabi.
Nerangkeun Rusul nu Katilu Nyaeta Nabi Ibrahim.
187. Kantun anu katiluna, geura mangga ku engkang terangkeun deui, Nabi naon kasebut, rakana lajeng ngajawab, nu katilu utusannana Yang Agung, Jeng Nabi Ibrahim tea, kieu Syahadatna rai.
188. Asyhadu anlailaaha Illallohu, Wa asyhadu anna Ibrahim deui, terasna Halilullahu, he maneh Ibrahima, ayeuna teh jadi utusan geus tangtu, tapi maneh montong hayang, hayang ma’rifat ka Aing.
189. Kanyahokeun bae heula, paninggal maneh nyaeta paninggal Aing, dalilna anu kasebut, Basar jeung Basiran tea, ayeuna mah pek maneh teh geura sujud, kudu Sholat pat raka’at, Asyar waktuna pasti.
190. Sabab maneh ngabogaan, boga panon dua siki enggeus bukti, jeung leungeun kenca katuhu, kitu eta asalna, pangna aya Sholat Asyar nu geus dumuk, numatak manusa Islam, kudu Sholat Asyar misti.
191. Raina deui ngajawab, kantun eta Rusul nu kaopat deui, mangga ku engkang pitutur, Nabi naon ngarana, tunga rai sama sakalican mafhum, ceuk raka nu kaopatna, Nabi Musa eta rai.
Nerangkeun Rusul nu Kaopat Nyaeta Nabi Musa.
192. Kieu rai Syahadatna, Asyhadu anlailaaha Illallohi, saterasna Wa asyhadu, anna Musa Kalamullah, ngadawuhan Gusti nu Maha Agung, heh maneh Musa utusan, utusan Aing pribadi.
193. Tapi montong hayang terang, hayang nyaho kana dzat sifat Aing, kanyahokeun bae kudu, pangucap maneh teh eta, sategesna pangucap Aing geus tangtu, dalilna teh geus disebat, Kalam Mutakalliman deui.
194. Pek Shalat tilu raka’at, waktu magrib maneh ulah salah deui, sabab maneh teh geus puguh, saperkara boga baham, kaduana boga lisan eta kitu, nomer tilu ngabogaan, ati moal salah deui.
Nerangkeun Rusul nu Kalima Nyaeta Nabi Isa.
195. Saparantosna Nabi Musa, nya gumelar Kangjeng Nabi Isa deui, Syahadatna ge puguh, Asyhadu anlailaaha, Illallohi teras ngucap Wa Asyhadu, anna Issa Rohullohi, kitu Syahadatna Nabi.
196. Ngadawuhan Gusti Allah, maneh Isa geus jadi utusan Kami, tapi maneh hanteu kudu, teu kudu hayang terang, hayang nyaho kana dzat Aing satuhu, kanyahokeun heula bae, nafas maneh pribadi.
197. Sabab nafas maneh eta, kanyataan hirup Aing enggeus pasti, ngan maneh ayeuna kudu, Shalat dina waktu Isya, pat raka’at lantarannana pang kitu, di maneh teh kanyataan, dua liang irung bukti.
198. Katiluna boga nafas, nu kaopatna boga getih enggeus bukti, sabab mun getihna lampus, nafas ge moal aya, anu matak ayeuna ge geuning kudu, Sholat dina waktu Isya, sabab asalna ti Nabi.
Nerangkeun Rusul nu Kagenep Nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad Sholallohu ‘Alaihi Wasalam.
199. Barang Rusul kagenepna, nyaeta gumelarna Kangjeng Nabi, Muhammad Nabi panutup, enggeus lumbrah Syahadatna, Asyhadu anlailaaha Illallohu, terasna Wa Asyhadu anna Muhammad Rasulullohi.
200. Ngadawuhan Gusti Allah, eh Muhammad maneh teh utusan Kami, ayeuna maneh mah kudu, ka Aing kudu ma’rifat, sabab maneh anu pangdeuheusna kitu, dalilna enggeus disebat, dina Qur’an geus kauni.
201. Kieu dalilna geus kocap, enya eta Al insanu siri rai, terasna Wa ana siruhu, hartina teh maneh Muhammad, sategesna rasa Aing geus tangtu, kapan pangkatna teu lepat, Muhammad Rosulullohi.
202. Ieu Aing mere burak, pikeun engke ngadeuheus ka Hadraut Aing, jeung turun ka anak incu, teras ka para Wali sadaya, malah tepi ka poe Kiamat kitu, Muslimin para Olia, nu meunang pitulung Gusti.
203. Kitu geuning sajarahna, tapi heran bangsa Islam osok mungkir, keukeuh pokna mo kasusul, kapan eta Gusti Allah, enggeus jangji ka Jeng Nabi geus ngadawuh, terus nepi ka Kiamat, turun-turun burak tadi.
204. Tangtu bae mo kapendak, lamun urang cicing dina tarekat muji, teu nyusul tarekat ilmu, teu make Ijma Qiyas, sategesna hukum akal teu disusul, tadi diluhur disebat, teu ku akal moal jadi.
205. Haturan deui raina, leres pisan kurai geus kaharti, eta anu genep Rusul, dina waktu-waktuna, hakekatna di badan urang sakujur, tumarima kaayaan, dina wujud peribadi.
206. Hakekatna Adam tea, nya adegan wujud urang peribadi, Enoh nyatana pangdangu, Ibrohim paninggal urang, ari Musa nya pangucap enggeus tangtu, Isa teh panggangseu urang, nafas sifatna geus pasti.
207. Muhammad mah rasa jasad, nya paingan Muhammad ceuk unggel Hadist, Panguluna para Rusul, ayeuna karaos pisan, tingal dangu pangucap angseu pon kitu deui, sumurupna kana rasa, wujud oge geuning bukti.
208. Lamun hanteu aya rasa, ngajolopong hanteu bisa usik malik, ceuk rakana bener kitu, nuhun rai jol kamanah, hakekatna sadayana para Rusul, da geus sulung dina jasad, hanteu kakurangan deui.
209. Ceuk raina atuh naha, nu ngaraji sok ngalainkeun teuing, teu percaya kanu nyebut, nu ngaku enggeus ma’rifat, kana dzatna Gusti anu Maha Agung, pokna teh sabab ceuk kitab, moal aya hiji jalmi.
210. Anu bisa ma’rifat dzat, anging Nabi Muhammad Rosulullohi, nu bisa ma’rifat kitu, jelema mah moal aya, jadi lamun hiji jelema geus ngaku, ngaku enggeus ma’rifat dzat, murtad hanteu salah deui.
211. Malah ulah dideukeutan, bisi nular katepaan murtad deui, seueur pisan anu kitu, sareng anu nyaritana, lain jalma jore-jore nu geus masyhur, nya nu pangkat Ajengan, anu ngajina salapis.
212. Rakana lajeng ngajawab, enya kitu mun nu ngaji Hadist Dalil, puguh oge sok kaliru, lamun hanteu ngaji Qiyas, sumawonna Ijma oge teu disusul, tangtuna kaliru basa, da teu make akal deui.
213. Geura ku rai dipaham, saur Hadist moal aya hiji jalmi, nu ma’rifat dzat Yang Agung, atuh kantenan pisan, sabab anu ngaran jalma mah geus tangtu, ninggalna tangtu ku soca, panon ieu nu buncelik.
214. Mun kitu mah bener pisan, Mutajilah enggeus moal salah deui, sabab ngajirimkeun enggeus tangtu, ngajirimkeun Gusti Allah, aya urang sinarengan aya itu, jadi aya hirup dua, tah kitu mun teu kaharti.
215. Ari Hadist mah teu salah, pangandika para Rusul para Nabi, nu salah mah geus puguh, anu ngajina tea, kulantaran ma’nana salancar wungkul, sahinasna ma’na kitab, henteu dipikiran deui.
216. Kapan ma’na kitab Qur’an, aya dua dina Qur’an geus ditulis, dina Lam yakunil kitu, ma’na Syahrul bariyyah, kaduana Khaerul bariyyah puguh, nya ma’na anu kasar, aya ma’na lemes pasti.
217. Kasar pikeun Naraka, anu lemes pikeun bagian Sawargi, kapan ceuk Qur’an teh kitu, naha arek teu percaya, kana eta dalil Qur’an nu geus puguh, dalil teu meunang dirobah, ma’nana pon kitu deui.
218. Namung wajib kailmuna, ma’na dalil kadua karasa kaharti, kaluar jerona kitu, jalankeun hukun Qiyas, sabab anu pikeun nyampurnakeun maksud, taya lian ngan ku akal, elmu lahir elmu batin.
219. Geuning tadi Hadist nyebat, moal aya nu ma’rifat ka Gusti, Anging Jeng Nabi Muhammad Rusul, eta oge bener pisan, tapi ulah netepkeun bae kaditu, Kangjeng Rosulullah Mekah, eta mah nu jadi bibit.
220. Bibitna anu ma’rifat, tapi geura teangan hakekat Nabi, anu aya diwujud, sabab Rosulullah eta, hanteu pupus sabab mun pupus Dunya ge lebur, pupus soteh majajina, hakekat mah teu mati.
221. Numawi geura teangan, Rosululloh tegesna rasana Gusti, di wujud urang sakujur, lamun geus kapanggih eta, tangtu bae ma’rifat, ka dzat Yang Agung, da eta nu ma’rifatna, jalma mah moal tinggali.
222. Tetep bae pang bodona, henteu boga daya upaya pasti, anging rasana Yang Agung, anu tetep uninga, nu ninggalna hanteu make panon kitu, ngandikana teu ku baham, ngadanguna teu ku cepil.
223. Nu gaib di wujud urang, sing kapangih supaya bisa balik, balik ka rasa kapungkur, nyaeta rasana Allah, sabab mun teu kapanggih ayeuna tangtu, moal bisa deui mulang, ka rasa anu tadi.
224. Tetep dina rasa Dunya, marakayangan balik ka Dunya deui, ku Dunya ieu kakurung, tegesna tacan kaluar, masih tetep dina pangbuangan kitu, buktina loba ririwa, loba nu surup sumanding.
Kinanti
225. Raina pok deui nyaur, ayeuna rek naros deui, reh ngupingkeun dina kitab, aya puji opat rupi, nu kahiji kasebat, puji Hadist ‘alal Hadist.
226. Nomer dua nu kasebut, puji Hadist ‘alal Qadim, dupi anu katiluna, puji Qodim ‘alal Qodim, anu opat geus disebut, puji Qodim ‘alal Hadist.
227. Ku rai tacan kaemut, pisundauennana dalil, sumawon dina pernahna, dina waktu mana deui, muga ku engkang diwejang, rai hoyong mangarti.
Nerangkeun Sundana Puji Hadist ‘alal Hadist jeung Pernahna.
228. Rakana ngawalon imut, kieu rai mun can harti, eta pisundaeunnana, dalil anu nomer hiji, nu tadi disebat tea, puji Hadist ‘alal Hadist.
229. Sundana anu geus umum, nu rempug jeung para Santri, puji anyar kanu anyar, kitu sundana mah rai, raina lajeng ngajawab, leres sundana kaharti.
230. Mung barangna can kamafhum, pernahna pon kitu deui, atuh nu kumaha tea, atuh nu kumaha tea, puji Hadist ‘alal Hadist, puji anyar kanu anyar, ku rai tacan kaharti.
231. Ceuk rakana mangga atuh, pikiran heula ku rai, piraku hanteu kamanah, pimaksudeunnana dalil, puji anyar kanu anyar, barang negrak eta rai.
232. Raina lajeng ngawangsul, kieu numawi katampi, nu anyar muji nu anyar, ibaratna tuang rai, muji ka salira engkang, pada-pada anyar sami.
233. Lajeng rakana ngadawuh, mun kitu lain bab ilmi, da moal jadi manfa’at, engkang ku rai dipuji, muji mah kedah ka Allah, jalma teu wenang dipuji.
234. Ulah nyamian Yang Agung, dina Syahadat ge rai, anging hiji Gusti Allah, nu wajib disembah misti, da kapan ari dalil mah, aturan ilmu geus pasti.
235. Sanes keur muji ka makhluk, tapi tetep keur ka Gusti, enya eta ti makhlukna, dupi muji pada jalmi, eta mah sejen aturan, ngan ukur pikeun di Dohir.
236. Saur rai kumaha atuh, muga bae parin harti, da ngan sakitu rai mah, anu katepi ku pikir, mun lepat sadaya-daya, nyanggakeun bae kang rai.
237. Rakana jawab jeung imut, kieu atuh kieu mun can harti, puji anyar kanu anyar, nya dina waktu keur rai, maca kitab sareng Qur’an, pada-pada anyar pasti.
238. Kapan huruf Qur’an tangtu, anyar dadamelan Nabi, Qadim teh pangandikana, hurupna mah anyar pasti, barang urang nu macana, sorana teh anyar deui.
239. Piraku hanteu kamafhum, eta sowara teh sidik, sanggeus urang ka Dunya, kapan urang eukeur tadi, dijero kaluat bijang, teu nyowara geuning rai.
240. Ceuk raina geus kamafhum, puji Hadist ‘alal Hadist, kantun anu kadua, puji Hadist ‘alal Qadim, anu sarupa kumaha, pernahna dimana deui.
Nerangkeun Sundana Puji Hadist ‘alal Qadim jeung Pernahna.
241. Ceuk rakana mun can mafhum, puji Hadist ‘alal Qadim, kieu pisundaeunnana, nu anyar muji kanu Qadim, dupi eta perenahna, dina Sembahiyang pasti.
242. Nu anyarna teh nya wujud, nangtung ruku sujud deui, lungguh eta kaopatna, kapan eta anyar sami, dupi anu Qadimna mah, Nur Muhammad asal tadi.
243. Cahya anu opat geus puguh, nu geus diterangkeun tadi, dina jilid nu kadua, sugan moal lali deui, ceuk raina hanteu lepat, warnana anu opat rupi.
244. Kantun eta nu katilu, puji Qadim ‘alal Qadim, dimana engkang pernahna, jeung kuma sundana deui, muga ku engkang didadar, seepkeun bae sakali.
Nerangkeun Sundana Puji Qadim ‘alal Qadim jeung Pernahna.
245. Rakana deui ngawalon, ari nu katilu deui, kieu pisundaeunnana, nu Qadim muji nu Qadim, dupi eta perenahna, dina keur Shalat sajati.
246. Kapan didinya mah tangtu, pada-pada anu Qadim, nu muji nu dipujina, buktina teu make biwir, da pada Qadim sadaya, piraku hateu kapikir.
247. Ceuk raina muji nuhun, leres ku rai kaharti, perenahna waktu eta, pada-pada anu Qadim, ayeuna nu kaopatna, muga diterangkeun deui.
248. Nya eta anu kasebut, puji Qadim ‘alal Hadist, anu sarupa kumaha, anyar dipuji nu Qodim, kuma ngarasakeunnana, dina lebah mana deui.
Nerangkeun Puji Qadim ‘alal Hadist.
249. Rakana lajeng ngadawuh, kieu upami teu harti, nu Qadim muji nu anyar, lamun ibadahna jalmi, kalawan jeung ma’rifatna, kana dzatna Maha Suci.
250. Ibadah kalawan ilmu, tah eta anu dipuji, sasatna geus syah dzatna, jeung syah sifatna deui, syah asmana jeung af’alna, teu petot-petot nya eling.
251. Sumawon ibadahna kitu, usik malikna geus pasti, jadi puji sadayana, sabab enggeus tetep eling, teu ngaku usik sorangan, anging ku kawasa Gusti.
252. Raina lajeng ngawangsul, nuhun parantos kaharti, ayeuna mah ganti pasal, seja rek tumaros deui, aya keneh kabingungan, hal nohidkeun hirup hiji.
253. Rai teh masih kaliru, can terang sama sakali, dina pasal hirup eta, reh hirup teh ngan sahiji, teu dua teu tilu opat, kitu ceuk unggeling Hadist.
254. Mung heran kaliwat langkung, margi dina saban jalmi, pada aya hirup eta, jeung lamun hirup ngan hiji, kapan buktina nu wafat, nungtut bae beurang peuting.
255. Mun hiji mah eta hirup, meureun maot sahiji, kudu maot sadayana, sabab hirup ngan sahiji, kang rai di lebah dinya, mana helok-helok teuing.
Nerangkeun Yen Hirup Hiji jeung Make Ibarat.
256. Ceuk raka ulah kaliru, tetep hirup mah ngan hiji, sareng perkawis hirup mah, da tara keuna ku mati, hirup Allah tara ruksak, langgeng bae ngangliputi.
257. Dupi nu sok keuna ku pupus, hirupna manusa pasti, anu ngaran nyawa tea, hakekatna nyawa rai, nyaeta buktina rasa, awak-awak nafsu pasti.
258. Dupi anu ngaran hirup, hirup kagungan Yang Widi, sifatna nu padang tea, nu langgeng teu keuna mati, nu ngangliputi sadaya, tujuh bumi tujuh langit.
259. Arasy Kursyi pon nyakitu, Sawarga Naraka deui, kaangliputi sadaya, ku sifatna hirup Gusti, ceuk kasauran Wali mah, disebat sagara hirup.
260. Bibitna nyawa disebut, hirupna sakabeh jinis, Uteuk Tongo Walangtaga, Manusa pon kitu deui, Sato Siluman-sileman, asalna tinu sahiji.
261. Raina lajeng ngawangsul, ayeuna rai mangarti, leres hirup mah teu lepat, mung hiji-hijina pasti, ari nu seueur tea mah, nyawa aya saban jinis.
262. Mung bade nyundul pihatur, ku rai tacan kapikir, dupi anu jadi nyawa, naha jinisna nu tadi, nyaeta nu padang tea, nu aya di wujud jalmi.
263. Lamun sayaktosna kitu, tangtu dzat anu Maha Suci, nungtut ngirangan teu lepat, margina dibagi-bagi, ka maliunan manusa, ka sato pon kitu deui.
264. Rakana enggal ngawangsul, rai ulah salah harti, ari dzatna Gusti Allah, teu robah langgeng geus pasti, teu ngurangan teu nambahan, mohal ruksak dzatna Gusti.
265. Kieu atuh mun can mafhum, urang ibaratkeun deui, sangkan kaharti karasa, ulah belet-belet teuing, ibarat lamun di Dunya, ngurungan damar sahiji.
266. Ku hiji ayakan kitu, nu liangna laksa keti, sorotna teh tangtu loba, salobana liang tadi, hiji sorot liang eta, jadi hiji nyawa jalmi.
267. Jadi sategesna kitu, nu jadi hirup jasmani, nyaeta sorotna tea, sorotna Sagara Hurip, kajeun rebu maliunan, damarna mah tetep hiji.
268. Raina enggal ngawangsul, ayeuna teu samar deui, bol karaos teu sulaya, ibarat mun di Dohir, saperti nu tadi tea, ayakan jeung damar hiji.
269. Rakana lajeng ngadawuh, ayeuna ku engkang rai, rek ditambah katerangan, rek diibaratkeun deui, mungguhing hirupna Allah, mahi teu kurang teu leuwih.
270. Ibaratna hiji lampu, nyaeta damar nu tadi, seuneuna dicarokotan, hiji jalma roko hiji, nya nyareungeut ka dinya, boh laksa rebuan jalmi.
271. Naha seuneu dina lampu, ngurangan atawa leuwih, diala rebuan jalma, raina lajeng ngalahir, angger moal robah-robah, teu kirang sumawon leuwih.
272. Aduh engkang langkung cukup, katerangan teh utami, piraku mun aya jalma, teu ngarti ibarat tadi, nu sakitu eces pisan, katerangan anu yakin.
Magatru
273. Mung aya keneh saeutik kabingung, reh rai sok nguping dalil, nyaeta anu disebut, Innalillahi kauni, aya terasna kasohor.
274. Enya eta Wa inna ilaihi raji’un, ari hartina teh dalil, asal ti Allah geus tangtu, misti kudu balik deui, ka Allah Gusti Yang Manon.
275. Lamun kitu naha urang teh enggeus undur, geus jauh ti Maha Suci, kapan Gusti Maha Agung, ngangliputi tujuh Bumi sarawuh eusina tangtos.
276. Kapan tadi rai dina waktu turun, gumelar ka alam Dohir, teu kalawan ingkig kitu, ngaraos teu clok di Dohir, inditna mah teu karaos.
277. Tapi eta geuning ceuk dalil teh kitu, kudu bae balik deui, ka Allah nu Maha Agung, naon atuh anu balik, ku rai tacan karaos.
Nerangkeun Dalil ﺍﻥﷲﻭﺍﻥﺍﻟﻴﻪﺭﺍﺟﻌﻮﻥ
Pasal nu Balikna.
278. Ceuk rakana rai masih bingung, bener rai kudu balik, tapi lain ngingkig kitu, kawas ti luar ka bumi, balik soteh balik raos.
279. Rasa Dunya balik rasa kapungkur, tapi pangbalikan rai, pangbalikan rasa kitu, aya tilu perekawis, nomer hiji kacarios.
280. Nomer hiji Haqna Adam nu kasebut, dua Haq Muhammad Nabi, katilu Haqna Yang Manon, tah sakitu pikeun balik, kumaha ilmuna tangtos.
281. Lamun rasa balik ka Haq adam kitu, cicing di Naraka pasti, ngarasa kanyeri wungkul, sasatna di jalan cicing, dina jalanna bareto.
282. Lamun turun keur dibabarkeun ku Ibu, kapan didinya teh nyeri, karaos ku tuang ibu, tah lebah dinya kang rai, Haqna Adam teh geus tangtos.
283. Nu kadua Haq Muhammad rek dicatur, rasa Dohir lamun balik, ka Haqna Muhammad tangtu, jadi ni’mat geus pasti, Sawarga ngaranna sohor.
284. Tetep langgeng dina ni’mat taya tungtung, teu dicampuran ku nyeri, kapan di Dunya mah campur, kangeunahan jeung kanyeri, kalem timbul sapapaos.
285. Tapi engke dimana urang geus pupus, pipisahan enggeus pasti, ngeunah teu ngeunah teh tangtu, mun nu jatoh ka Sawargi, tetep ni’mat bae jongjon.
286. Anu balik ka Naraka pon nyakitu, teu selang-selang deui, ku kangeunahan kitu, tetep langgeng dina nyeri, salamina taya tempo.
287. Ceuk raina abdi rek nyelang pihatur, eta nu ngaran Sawargi, naha siga naon atuh, naha saperti di Dohir, make aya gedong-gedong.
288. Barang-barang meja korsi nu aralus, jeung istri anu gareulis, ceuk rakana bet piraku, kawas keur di Dohir deui, rai mah kawas nu ngaco.
289. Ari mungguh Sawargana Maha Agung, gaib hanteu aya bukti, teu katinggal soca kitu, hanteu kadangu ku cepil, ngan ni’mat anu karaos.
290. Kani’matan di Sawarga Maha Agung, teu karana dipigawe deui, teu saperti Rama Ibu, sapatemon waktu tadi, keur waktu ngajadi orok.
291. Kani’matan Akherat mah Agus, rasa kitu teh geus pasti, teu karana deui kitu, ni’mat bae salamina, tah kitu anu sayaktos.
292. Tah nyaeta rai Haq Muhammad Rusul, raina ngalahir deui, kantun nu hiji can mafhum, anu katiluna deui, nu ngaran Haqna Yang Manon.
293. Mun nu tepi balik kana Haq Yang Agung, jadina kumaha deui, rakana lajeng ngawangsul, nu tepi kadinya rai tetep langgeng dina poho.
294. Nya sampurna balik ka rasa kapungkur, samemeh ka Dunya lahir, keur masih ngajadi Enur, Nur Muhammad waktu tadi, teu ngaraos naon-naon.
295. Hanteu aya ngeunah teu ngeunah ge luput, Dzat laesa kamishlihi, teu arah teu enggon kitu, hanteu warna hanteu rupi, sajatining suwung raos.
296. Di dunyana nu nepi pangkat kitu, ngilmuna eukeur di Dohir, pangkatna geus ma’rifatu, kana sagarana hurip, nyaeta dzatna Yang Manon.
297. Dupi anu balik ka Sawarga Agung, nyaeta nu ma’rifati, nu geus ma’rifat kana Nur, Nur Muhammad opat rupi, nu diluhur kacarios.
298. Barang anu balik ka Naraka kitu, di Dunyana nu teu manggih, kulantaran kurang suhud, ngan ukur tuturut munding, ibadahna luak-leok.
299. Ngalakonannana ngan era ku batur, hanteu isin ku Yang Widi, teu sieun ku siksa kubur, Akherat pon kitu deui, kaduhung engke karaos.
300. Ceuk raina nuhun parantos kamafhum, pasal eta pikeun balik, aya tilu tempat kitu, kumaha waktu di Dohir, tepina ilmuna tangtos.
301. Kantun ieu aya keneh kabingung, reh urang tadi di Qadim, keur waktu keneh dina Nur, rasa teh sama sakali, teu ngaraos naon-naon.
302. Barang dongkap ka Dunya urang geus dumuk, bet boga rasa kanyeri, kangeunahan pon nyakitu, kuma sajarahna deui, rai masih keneh helok.
303. Sugan aya ibaratna sangkan puguh, enggal ku rai kaharti, hayang caang ulah bingung, saperti di luhur tadi, ku ibarat mah karaos.
Nerangkeun Pang Bedana Rasa Dohir Sareng Rasa Batin Jeung Make Ibarat.
304. Ceuk rakana lamun rai masih keneh bingung, rek diibaratkeun deui, supaya enggal kaemut, enggal karaos ku rai, mungguhing dzatna Yang Manon.
305. Nu disebat ku Wali Sagara Hirup, nu mahi ka tujuh Bumi, ngangliputi Langit tujuh, ibaratna mun di Dohir, Sagara cai nu tembong.
306. Satungkebing ieu Bumi ngan ti Laut, caina teu salah deui, mahi ngahuripkeun makhluk, sanes kanten bisa jadi, saeusina Dunya tangtos.
307. Ci Sagara rasana asin geus tangtu, tah ibarat urang tadi, samemeh urang ka Dunya turun, keur dina Sagara Hurip, nyaeta dzatna Yang Manon.
308. Ibaratna cicing dina asin kitu, nyaeta rasana Gusti, tacan jadi rasa wujud, nyaeta rasa jasmani, sasat ngancik dina poho.
309. Rasa asin nyaeta poho kapungkur, kapan laut oge bukti, caina asin geus tangtu, datang ka darat mah geuning, geus jadi ci hujan tangtos.
310. Asal asin bet jadi hanteu geus tangtu, ci hujan mah henteu asin, tur tadi teh cai laut, barang kadarat geus tepi, bet beda rasana gentos.
311. Jadi rasa cai asin nu di Laut, ibaratna rasa batin, rasa ci hujan mah puguh, rasa Dohir anu bukti, aya raos jeung teu raos.
312. Ibaratna nu jadi hirupna wujud, nyaeta ci hujan tadi, sakeclak sewang geus tangtu, nya jadi nyawa jasmani, anu mawi ewon-ewon.
313. Teu kaetang ibarat ci hujan kitu, hiji keclak hiji jalmi, jadi nyawa enggeus puguh, sifatna nafas nu bukti, saban wujud oge nyondong.
Pucung
314. Anu mawi jalma wajib nyiar elmu, sangkan cai hujan, anu tadi geus ragrag teh, masing bisa balik deui ka asalna.
315. Teu aya deui akalna teh kudu, teangan jalanna jalan cai ka Laut, sing kapanggih Solokan-solokannana.
316. Mun geus kapanggih Solokanna geus puguh, teangan akalna, sangkan cai teh ngaleos, bisa balik nya ka Sagarana tea.
317. Balik deui ka rasa asin kapungkur, ulah cicing betah, dina cai hujan bae, enya eta dina rasa alam Dunya.
318. Lamun henteu kapanggih Solokan kitu, jalan cai tea, cai hujan nu tadi teh, terusannana anu bras ka Laut tea.
319. Bakal tetep didarat bae geus tangtu, teu pulang ka asal, dina rasa dunya bae, tetep langgeng dina rasana Naraka.
320. Marakayangan jadi salundang salindung, saha anu nyambat, lamun disambat ku Onom, nya jadi rahayatna Onom tea.
321. Den Muslimat ngawalon barina imut, percanten kacida, kitu kajadianna teh, margi sidik aya jeung bukti-buktina.
322. Aya deui nu ku rai can kamafhum, muga engkang kersa, rido ngawuruk saderek, dina eta pasal nafsuna manusa.
323. Ayana teh kumaha, jalanna dumuk, da waktu tadi mah, waktu medal ti Ibu teh, taya nafsu teu hayang sagala rupa.
Nerangkeun Datangna Nafsu.
324. Ceuk rakana datangna eta si nafsu, nyaeta kahayang waktu keur dibere nyonyo, rasa kontak jeung aci opat perkara.
325. Sabab eta pang ayana cai susu, asal tinu opat, aci tanah jeung angin teh, aci seuneu aci cai moal salah deui.
326. Nya buktina nu dituang ku Ibu, sabab mun Ibuna teu tuang naon-naon, Tuang Ibu moal aya ci susuan.
327. Barang tepung baham sareng cai susu, tangtu aya rasa, rasa pelem jeung amis teh, deudeuieun tina karasana ngeunah.
328. Hayang deui hayang deui jadi baku, henteu kaop elat, sok ngambek mun teu sok geuwat teh, meni jeger ceurikna bakating hayang.
329. Saniskanten jadina teh ku patepung, ceuk basa Walanda kontak eta ngaranna, kapan bukti kontakna Ibu jeung Rama.
330. Kabuktian jadi orok ngaguluntung, dina patuangan sareng aya hirupna teh, tanda hirup geus usik gugurinjalan.
331. Barang gubrag deui ka Dunya patepung, hawa anu dua, hawa Batin jeung Dohir teh, barang kontak terus bae aya nyawa.
332. Sifat nyawa nyaeta nafas geus puguh, hakekatna nyawa, rasa eta buktina teh, barang rasa kontak sareng katuangan.
333. Jadi nafsu loba kahayang geus tangtu, bibitna kahayang sabab, tadi geus ngaraos, ci susu teh ngeunah diraoskeunnana.
334. Mangsa-mangsa aya raos teh geus kudu, babandingannana, sareng teu raos geus tangtos, saniskanten aya lalayanannana.
335. Murakabah ngeunah teu ngeunah teh tangtu, kana cepil soca, ka pangangseu kitu keneh, enggeus tangtos aya ngeunah jeung teu ngeunah.
336. Geuning bukti dina dangu oge kitu, aya dangu ngeunah, aya dangu nu teu raos, nimbulkeun jadi amarah.
337. Kuma bae dangu teh kontakna kitu, lamun dangu kontak, sareng sowara nu awon, kajadian nya jadi rasa teu ngeunah.
338. Kitu deui mun kontak jeung sora alus, nya nimbulkeun ngeunah, saterasna kitu bae, anu opat bae kumaha kontakna.
339. Dina panon bukti geuning enggeus puguh, aya tinggal ngeunah, aya tinggal henteu raos, malah aya tinggal sok jadi amarah.
340. Panon oge kumaha kontakna kitu, kontakna jeung sifat, sifat nu sae nu awon, mun nu sae nya ngajadi ngeunahna.
341. Najan dina pangangseu oge nyakitu, aya angseu ngeunah, aya angseu hanteu raos, sami bae sareng dangu tinggal baham.
342. Den Muslimat ka raka lajeng ngawangsul, nya karaos pisan, nyerep nyurup kana hate, sajarahna manusa gelar ka Dunya.
343. Mung ayeuna rek naros deui kulanun, dina waktu wafat, kumaha sajarahna teh, muga engkang ka rai maparin terang.
Nerangkeun Sajarahna Dina Waktu Sakaratil Maot.
344. Ceuk rakana engke dina waktu pupus, kumaha ilmuna, kanyaho di Dunya bae, mun nyahona ngan saukur ka barang Dunya.
345. Dina waktuna sakarat badena pupus, tangtu eta nyawa imanna ka Dunya bae, jadi kontak nyawana jeung barang Dunya.
346. Mun geus kontak nyawana jeung Dunya kitu, nya balik ka Dunya, kana Maung kana Bagong, kuma bae dina pamuhitannana.
347. Anu mawi wajib manusa teh kudu, wajib kapendakna, sareng asal bareto, enya eta ma’rifat ka Nur Muhammad.
348. Sangkan nyawa engke dimana rek pupus, elingna kadinya, geus tangtu kontakna oge, sareng cahya Nur Muhammad asal jasad.
349. Tetep langgeng dina ni’mat bae tangtu, nyaeta Sawarga, anu hanteu petot-petot, langgeng bae rasa ni’mat salawasna.
350. Lamun urang di Dunyana ma’rifatu, kana dzatna Allah, Sagara nyawa sakabeh, dina waktu rek maot ge tangtu pisan.
351. Nyawa kontak sareng Sagarana Hirup, Gedong Rosulullah, tangtu jadina teh poho, hanteu emut ngeunah teu ngeunah ge lepat.
352. Balik deui kana rasa nu kapungkur, rasa Allah tea, hanteu aya naon-naon, anging Allah anu langgeng jumenengna.
353. Semet ieu bae rai urang tutup, sakitu ge cekap, kantun ngaraoskeun bae, lamun Tohid Insya Allah sampurna.

LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID KA IV
Mudakarah Raden Insan sareng Raden Kamil
Asmarandana
1. Simkuring nembean deui, maksad rek ngadangding Layang, namung kalintang ku awon, dangdingna sareng basana, sakalangkung garihalna, muga sadaya nawakuf, ulah kirang pangampura.
2. Mung ku banget tekad ati, disarengan ku dudu’a, neda-neda ka Yang Manon, reh Gusti mah sifat wenang, ngabulkeun paneda jalma, nu maksudna jalan alus, ngudag hak kasampurnaan.
3. Kasampurnaan lahir batin, salamet Dunya Akherat, sareng ku safa’atna teh, mu’jizatna Gusti urang, Kangjeng Nabi Muhammad, nu jeneng Rosulullohu, Shalallahu ‘alaihi wassalam.
4. Teu mungguh ka jalma dhaif, Allah ngabukakeun ilham, sakersana jadi bae, jeung moal aya nu bisa, ngahalang-halang kersana, sakersana Maha Agung, moal aya mustahilna.
5. Ngawitan anu didangding, seja rek neraskeun hanca, hanca simkuring bareto, nyaeta anu kasebat, Layang Muslimin Muslimat, anu nembe jilid ka tilu, ieu jilid kaopatna. 6. Kocapkeun Raden Muslimin, sinarengan Raden Muslimat, parantos dugi ka waktos, marulih ka Rahmatullah, mung sasasih antarana, rakana anu tipayun, sasih Hapit dinten Juma’ah.
7. Dina gentos sasih deui, dinten Saptu ping opat belas, Rayagung dawuh nu sae, raina Raden Muslimat, mulih ka Rahmatullah, kitu kersana Yang Agung, ayeuna gentos nu kocap.
8. Nilarna Raden Muslimin, ngantunkeun sahiji putra, kalangkung kasep, sinareng gentur tatapa, mutih ngabeuti puasa, ahli ngulik Ilmu Nahwu, Ilmu Sare’at Hakekat.
9. Tarekat pon kitu deui, teras kana Ma’rifatna, Ilmu luar Ilmu jero, tatas jeung Tohid-tohidna, hanteu aya nu kaliwat, wajib farduna nya kitu, dina bagbagan Agama.
10. Jenengannana kawarti, katelahna Raden Insan, kinten-kinten yuswana teh, dina waktos tilar ku rama, nuju sumedeng pisan, kinten dua puluh taun, untungna kersa Pangeran.
11. Ilmu ramana katampi, geus kapaham sadayana, bubuhan uteukna encer, da turunan ti ramana, hanteu susah diwarahna, ku saliwat ge kamafhum, kawantu dibarung tapa.
12. Kocap Den Muslimat deui, nyaeta raina tea, nyakitu anjeuna oge, ngantunkeun sahiji putra, pameget sami kasepna, yuswa tujuh belas taun, Raden Kamil katelahna.
13. Sami bae pada ngarti, kana bagbagan Agama, kalangkung calakanna teh, sakur piwiruk ramana, teu aya anu kaliwat, tatapana ge nyakitu, sami sareng Raden Insan.
14. Tabe’atna kitu deui, teu beda sareng ramana, runtut raut jeung saderek, tara kersa pipisahan, siang sumawon wengina, layeut rukun rempug jukung, ka darat jadi salebak.
15. Ka cai jadi saleuwi, kitu ceuk paribasana, sasat salaku sahate, barang dina hiji mangsa, sasarengan pelesiran, ngalantung di pipir situ, bari ninggalian kembang.
16. Teras lalebet ka Masjid, Masjid alit tengah empang, tilas ramana bareto, osok didinya ujlahna, neda-neda ka Pangeran, menekung nyepi tafakur, ngilangkeun babadag raga.
17. Dua putra gek caralik, papayun-payun duaan, dina alketip nu sae, sareng teras sasauran, ngahusukeun papahaman, Tohid-tohidna bab Ilmu, nu paparin ti ramana.
Nerangkeun Asma’ul Husna atawa Asmana Gusti Allah
18. Ngawitan nu nyaur rai, nyaeta Den Kamil tea, ka rakana cacarios, saurna abdi teh lepat, pasal Asma Gusti Allah, saurna rama kapungkur, seueurna sabaraha tea.
19. Sareng sabaraha hiji, Asma anu saleresna, rakana lajeng ngawalon, manawi mun teu lepat mah, Asmana Gusti Allah, sadayana teh saratus, tapi ari nu gelar mah.
20. Anu kocap unggel Hadist, salapan puluh salapan, tapi nu sakitu oge, ari pek diringkeskeun mah, ngan ukur jadi lima, kahiji nu kasebut Asmaullidzati tea.
21. Kadua anu kauni, ngaran Asmaullisifat, nu katilu kacarios, ngaran Asmaulliasma, kaopat anu disebat, Asmaulliaf’al kitu, dupi anu kalimana.
22. Ngaran Asmaullijinsi, tapi eta ge nu lima, nu leres mah hiji bae, saur raina nu mana, Asma anu saleresna, rakana lajeng ngawangsul, Asmaullijinsi tea.
23. Ngan eta bae sahiji, raina teras haturan, na kumaha margina teh, sumangga paparin terang, hartosna eta basa, nu lima tadi disebut, ku rai tacan kapaham.
24. Rakana enggal ngalahir, kieu pihartoseunnana, pasal Asmaullidzati teh, nu nyebut jenengan Allah, manurut tina jentulna, sabab Dzat teh aya tangtu, geus mohal hanteu ayana.
25. Dupi nu kadua tadi, Asmaullisifat tea, netepkeun Asma Allah teh, nurutkeun tina sifatna, tegesna tina rupana, dupi eta nu katilu, nu ngaran Asmaulliasma.
26. Nyebutkeun Asmana Gusti, nurutkeun tina Asmana malah nu kaopat oge, Asmaulliaf’al tea, nyebutna jenengan Allah, nurutkeun Af’alna kitu, dupi anu nomer lima.
27. Ngaran Asmaullijinsi, kieu pihartoseunnana, nyebutna Yang Manon nurutkeun tina jinisna, kitu bae sundana mah, raina enggal ngawangsul, nuhun parantos kapaham.
28. Namung saur engkang tadi, eta Asma anu lima, ngan sahiji anu sae, naha kumaha margina, pang seueur teuing nu lepat, rai sakalangkung bingung, mangga ku engkang didadar.
29. Lajeng rakana ngalahir, lepat soteh nu nampana, Asmana mah sae kabeh, ngan seueur pisan nu salah, dina ngabarangkeunnana, seueur Paguron kaliru, sok netepkeun kanu anyar.
30. Geuning seueur pisan jalmi, nu ngaku dzat ka jentulna, jentulna jasad nu ‘aen, ngaku dzat kana awakna, kana raga anu badag, sapedah tadi kasebut, geus aya dina Hadistna.
31. Geus disebatkeun ku Hadist, Wallohu batinul insan, Al insanu dhahirullah, kieu pisundaeunnana, mun engkang teu lepat mah, ari Allah teh disebut, batin-batinna manusa.
32. Sabalikna kitu deui, dohirna Allah manusa, kitu eta sundana teh, nu matak kek kana badan, ieu teh dohirna Allah, geus hanteu panjang diemut, da kasaksi ku Hadistna.
33. Tah kitu lepatna rai, nyebut dzat kana ayana, kana ayana wujud dewek, sanes kana dzatna Allah, anu dzatlaesa tea, nu teu warna rupa kitu, sumawon puguh jentulna.
34. Nu kitu eta teh pasti, kufur dihukumanana, wujudiyah nu kitu teh, ngaku Allah ka awakna, tur aya deui Hadistna, Wallahu ghaibun, sareng aya terasna.
35. Al insanu ghaibun deui, kieu pisundaeunnana, perkara Gusti Allah teh, ghaib teu aya jentulna, kitu deui manusa, sami bae pada kitu, pada ghaib sadayana.
36. Kapan ieu mah jasmani, teu ghaib da geus nonggerak, ngajentul beurang peuting ge, kapan nu ngaran ghaib mah, aya tapi taya rupa, da ieu mah nu ngajentul, ngarana wujud manusa.
37. Lain manusa sayakti, da ghaib manusana mah, tah rai kedah hartos, mana nu ngaran manusa, wajib urang kudu terang, supaya ulah kaliru, bisi nuduh kana awak.
38. Raina lajeng ngalahir, nuhun ayeuna kapaham, pasal Asmaullidzati teh, kantun anu kaduana, Asmaullisifat tea, reh tadi engkang misaur, eta oge rajeun lepat.
39. Ku rai tacan kaharti, nu kumaha nu sok lepat, rakana enggal ngawalon, pang sok jadi kalepatan, sok seueur tekad manusa, netepkeun Asma Yang Agung, kana rupana manehna.
40. Sapedah ceuk dina dalil, Allah teh teu aya dua, tetep ngan sahiji bae, barang ngareret awakna, nu ngan hiji di manehna, lian ti rupana kitu, nu moal aya bangsana.
41. Sanajan ngider sabumi, ngider satangkarat jagat, moal manggih anu ceples, nu hanteu aya bedana, sareng rupana manehna, eta oge bangsa kufur, sami bae wujudiyah.
42. Raina ngawalon deui, kahartos atuh kitu mah, pang disebatkeun lepat teh, nuduh Allah ka rupana, sanes ka sifatna Allah, salah wesel anu kitu, pantes jadi matak nyasar.
43. ayeuna sumangga deui, dadarkeun nu katiluna, supados rai mangartos, pasal Asmaulliasma, anu kumaha nu lepat, ka rai mangga pitutur, ulah kapambeng miwelas.
44. Lajeng rakana ngalahir, kieu sababna pang lepat, mungguhing jalma nu bodo, sok gampang dibobodona, sabab seueur nu percaya, netepkeun Asma Yang Agung, kana ngaranna sorangan.
45. Perkara Allah teh pasti, nyaeta antero ngaran, sabab kapan tadi oge, Allah teh nu ngaliputan, kana sakabeh sifat, buktina teh kapan puguh, diliputan ku ngaranna.
46. Jeung langgengna oge bukti, asmana anu teu ruksak, langgeng bae sapapaos, jalma nu kitu tekadna, eta musyrik ngaranna, ngareuaykeun Maha Agung, kapan tadi unggel kitab.
47. Mungguhing nu Maha Suci, hiji dzat hiji sifat, hiji asmana geus tangtos, sareng ngan hiji af’alna, teu beunang direuay-reuay, samalahan lamun kitu, lamun netepkeun ka Asma.
48. Atuh Allah teh geus pasti, sifat anyar disebatna, sabab kapan tadi oge, dina kitab geus kakocap, Dzat-Sifat-Asma-Af’al, kapan eta geuning puguh, pang ayana eta asma.
49. Tina sifatna geus sidik, kitu deui eta sifat, tina dzatna enggeus tangtos, tah kitu margi lepatna, jalma nu kitu tekadna, pasti eta ngaran kufur, ngalobakeun Gusti Allah.
50. Lajeng raina ngalahir, ayeuna nu kaopatna, mangga ku engkang carios, Asmaulliaf’al tea, kumaha pang jadi lepat, rakana lajeng ngawangsul, nu kieu tekad manusa.
51. Nu kieu tekadna jalmi, ngaku Allah kana Af’alna, kana kalakuanna teh, nya kalakuan manehna, pedah aya dalilna, Laa haula wa laa quwwata, pendek teu daya upaya.
52. Sasat teu usik teu malik, anging ku kersana Allah, laku hade laku goreng, tah nu kitu patekadan, jalma teu boga akal, saperti anu ngalindur, atawana jalma owah.
53. Atuh eukeur naon teuing, Allah ngayakeun Agama, para Nabi utusan teh, jeung nurunkeun kitab Qur’an, keur ngahukuman nu salah, ngayakeun Sawarga kitu, pon kitu deui Naraka.
54. Tah kitu nu matak wajib, ka Allah kudu ma’rifat, ku sok kitu sababna teh, sok jadi sasar tekadna, bakating ku poekna, Allahna hanteu kailmu, poek mongkleng buta rata.
55. Da nu geus yakin mah geuning, nu nyahona lain beja, sagala perkara oge, tara jadi kabingungan, padang caang narawangan, jeung boga pamilih tangtu, moal sakawenang-wenang.
56. Sabab ngaraoskeun isin, ngarasa geus teu papisah, teu aya antarana teh, siang wengi babarengan, palaur sieun salah, teu ngalajur hawa nafsu, kana jalan kagorengan.
Sinom
57. Kapan kitu kersana, anu geus yakin mah geuning, tapi tadi nu nyarita, majarkeun sagala rupi, hade goreng ge ti Gusti, padahal mah geuning kitu, sidik yen Gusti Allah mah, teu idin sama sakali, teu maparin kana jalan kagorengan.
58. Ngan wungkul bae miwarang, kana kahadean misti, kedah suci laku lampah, teu kenging migawe dengki, ka papada makhluk Gusti, sumawon ujub takabur, piara laku jeung tekad, ati teh kudu beresih, masing soleh sabar tawekal darana.
59. Jadi ayeuna mah urang, poma rai sing mangarti, lamun bae kadatangan, ku kereteg karep ati, jadikeun budi pamilih, kuma barisna dipayun, samemeh prak dipilampah, sabab tangtu katawis, pijadieun kana hade jeung gorengna.
60. Lamun pijatoheunnana, kana kagorengan pasti, nu kitu sanes ti Allah, aya anu nyiliwuri, parentahanna Idajil, da Allah tara kitu, tara sok miwarang salah, wungkul miwarangna Gusti, kana jalan rahayu dunya Akherat.
61. Kitu deui sabalikna, mun datang kareping ati, ngajak jalan kahadean, kamulyaan lahir batin, geuwat ulah lami-lami, pek lampahkeun buru-buru, nu kitu ngaran ibadah, ibadah ka Maha Suci, ibadah teh lain bae wungkul ngan Sholat.
62. Sagala hal kalakuan, nu hade mah eta rai, tunggal keneh nya ibadah, da tunggal parentah Gusti, sanajan getol ngabakti, getol Sholat lima waktu, tapi laku jeung tekadna, jongjon bae sirik pidik, amalna teh lir tipung katiup barat.
63. Geus moal aya sesana, musna leungit tanpa lebih, nu beunang hese capena, mubadir sama sakali, di hijab deui ku Gusti, numawi rai sing emut, sing iyatna kudu kuat, kana panggodana Iblis, masing pengkuh keukeuh nyalindung ka Allah.
64. Ulah kabengbat ku Setan, nu narik jalan balai, balai Dunya Akherat, sareng ngabatalkeun deui, kana jalan ma’rifati, ma’rifat ka Maha Agung, geus tangtu deui ka hijab, jadi poek buta rajin, kapindingan ku kokotor laku tekad.
65. Raina lajeng ngajawab, mugi Gusti Maha Suci, rai tiasa nyumponan, kana piwuruk engkang tadi, sareng nganuhunkeun deui, rai ayeuna teu bingung, pasal Asma anu opat, nu geus didadarkeun tadi, kantun eta anu ka limana tea.
66. Anu ku engkang disebat, Asmaullijinsi tadi, ceuk engkang eta nu enya, kumaha enyana deui, rai hayang enggal ngarti, rakana enggal ngawangsul, eta mah engke heula anan, ulah bendu bae rai, moal bisa dicarioskeun ayeuna.
67. Kedah dina salse pisan, jeung kudu ditempat sepi, bilih kadenge ku cakcak, da kapan rasiah Wali, pasal Asmaullijinsi, Asma tina jinis kitu, bagian nu ahli Qurbah, tegesna anu geus yakin, anu ahli adep-adepan jeung Allah.
68. Naon bae ayeuna mah, nu can kaharti ku rai, nu bieu mah keun heulaan, raina lajeng ngalahir, aya nu can kaharti, pasal Iman anu tilu, Iman Taqlid kahijina, dua Iman Idlal deui, katiluna Iman Takhkiq disebatna.
Nerangkeun Iman aya tilu panta
69. Kuma pihartoseunnana, hiji-hiji Iman tadi, rakana lajeng ngajawab, kieu mun teu lepat mah rai, nu kahiji Iman Taqlid, Iman tina beja wungkul, percaya ayana Allah, ngan wungkul beja ti jalmi, eta kitu Iman Taqlid teh sundana.
70. Iman Idlal nu kadua, martabat undak ti tadi, eta mah nu geus percaya, kana ayana Yang Widi, tur kalawan aya saksi, tina dalil Qur’an kitu, ari anu katiluna, enya eta Iman Takhkiq, tah eta mah martabat anu utama.
71. Eukeur mah tadi percaya, di ayana Maha Suci, turug-turug nyaho pisan, boga saksi tina dalil, kawuwuh jeung bisa yakin, ma’rifat ka Yang Agung, percayana geus teu samar, geus teu asa-asa deui, malah-malah geus teu ngarasa pisahna.
72. Geus ngarasa aqrobiyah, jeung Gusti nu Maha Suci, wujudna geus jadi lafad, geus ngajadi wujud dalil, lafad Muhammad Nabi, raina lajeng ngawangsul, naha kumaha hartosna, nu geus jadi lafad dalil, kang rai mah masih bingung can kapaham.
73. Sabab lafad Muhammad mah, dina saban-saban jalmi, sadaya pada mirupa, dina keur Attahiyati, dina Sembahiyang sidik, jadi lafad Muhammadu, sirahna jadi Mim awal, dadana jadi He sidik, Mim akhirna udel kanyataannana.
74. Dal buktina teh sampean, walon raka tacan jadi, dina keur Sembahiyang mah, lantaran teu aya hiji, teu aya hurup Tasjid, tacan syah upami kitu, teu uni lafad Muhammad, tacan jadi wujud dalil, didinya mah karek uni Mim-He-Mim-Dal.
75. Raina mani ngarenjag, ngadak-ngadak kahareti, bener tacan uni lafad, kumargi teu aya Tasjid, wekasan enggal ngalahir, duh engkang rai kaliru, raos tadi bener pisan, lebah dinya jadi dalil, sihoreng nembe uni Mim-He-Mim-Dal.
76. Ayeuna ulah kapalang, engkang hawatos ka rai, mugi dipaparin terang, pasal Hakekatna Tasjid, mesem rakana ngalahir, keun heula eta mah agus, engke dina salsena, dina dawuh nu mustari, ayeuna mah Manahan bae heula anan.
77. Kumargi penting kacida, eta hal perkara Tajid, lamun jalma tacan terang, hal praktekna Sholat Da’im, nyaeta Sholat sajati, padamelan Kangjeng Rasul, moal bisa kapaham, sanajan hayoh dipikir, kalah botak dipikir moal kapendak.
78. Sabab pasal Tasjid eta, koncina Bumi jeung Langit, eukeur muka lawang hijab, hijabna ka Maha Suci, keur ngaburak jagat shagir, nimbulkeun raga nu lembut, upama kapanggih eta, geus tangtu engke kaharti, pasal tadi aya basa Nafi isbat.
79. Lamun Wujudna manusa, tacan jadi lafad dalil, ngawujud dalil Muhammad, moal pinanggih jeung Gusti, sasat moal ma’rifati, kapan geuning para Rusul, nyaeta utusan Allah, enya eta Nabi-nabi, Nabi Adam Nabi Enoh Nabi Ibrahim.
80. Nabi Musa jeung Isa, sadayana teu diselir, geuning teu aya nu Mi’raj, salian ti Kangjeng Nabi, Muhammad Rasulullohi, nu diselir ku Yang Agung, sina ninggali Akherat, kayaan Alam Batin, memeh pupus anjeuna mah geus uninga.
81. Cirina Nabi nu lian, numawi teu Mi’raj rai, da bukti tina lafadna, sadaya teu nganggo Tasjid, mangga ku rai tinggali, lafad-lafad para Rusul, lafad Adam lafad Enoh, Ibrahim, Musa jeung lafad Isa sadaya teu di Tasjidan.
82. Lian ti lafad Muhammad, anu nganggo lafad Tasjid, sami sareng lafad Allah, cirina teu aya deui, anu dipaparin Kunci, keur ngadeuheus ka Yang Agung, jadi sanajan ayeuna, sadayana umat Nabi, tangtu bisa lamun kapanggih Tasjidna.
83. Asal sing suhud neangan, jeung dibeuli ku prihatin, tirakat mutih, puasa, sareng dibarengan deui, ku kalakuan nu suci, ucap tekad sareng laku, dijaga ulah rek salah, sing suhud bae ka Gusti, Insya Allah awal akhir tinekanan.
Nerangkeun : Elmu nyaeta gulungna Sare’at, Hakekat, Tarekat, ma’rifat
84. Raina lajeng haturan, nuhun rai bakal harti, pasal eta tasjid tea, ayeuna mah gentos deui, ku rai nu can kaharti, aya basa opat kitu, kahiji ngaran Sare’at, kadua Hakekat deui, katiluna eta Tarekat ngaranna.
85. Ka opat ngaran Ma’rifat, eta anu opat rupi, ceuk dina unggeling Hikam, eta anu opat tadi, sing bisa ngajadi hiji, rukunkeun sangkan kasusul, sabab kieu ibaratna, Sare’at teh lir upami, parahu ngambang dina luhureun sagara.
86. Hakekat lir upamana, ibarat lautan cai, Tarekat lir upamina, diibaratkeun kemudi, pangboseh supaya tepi, ka tengah-tengahna laut, Ma’rifat mah lir upamana, inten didasaring cai, eta kitu ceuk unggeling kitab Hikam.
87. Tah kumaha ngalarapna, saenyana dina diri, naon kanyataannana, disebat parahu tadi, sinareng lautan cai, kemudina pon nya kitu, inten teh naon nyatana, ku rai tacan kaharti, muga-muga engkang keresa miwejang.
88. Rakana lajeng ngajawab, bener kitu eta rai, tapi pasal dina kitab Hikam, nyebatkeun Sare’at tadi, Hakekat Tarekat deui, Ma’rifatna pon nyakitu, sanes dina bab Sare’at, tegesna eta mah rai, nyarioskeun dina bab elmu Hakekat.
89. Da ku ilmu Sare’at mah, netepkeun Sare’at tadi, parantos umum sadaya, yen eta Sare’at rai, netepkeunnana pasti, kana kalakuan kitu, kalakuanna ibadah, nyaeta dzikir jeung ngaji, getol Sholat anu lima waktu tea.
90. Ari Hakekatna eta, ceuk ilmu Sare’at rai, ati kanyataannana, dupi Tarekatna deui, nyaeta puji dzikir, anu geus lumbrah disebut, Qodariyah Satariyah, sareng saterasna deui, dupi ari eta Ma’rifat ahli Sare’at.
91. Asal bae sing percaya, yen ieu bumi jeung langit, dadamelan Gusti Allah, eta moal salah deui, tiap-tiap aya bukti, dadamelanna kitu, geus tangtu ayana Allah, nu ngadamelna geus misti, kitu bae lumbrahna elmu Sare’at.
92. Malahan dipigawena, ditungtut sahiji-hiji, teu bareng opatannana, kapan ceuk Hikam mah tadi, nu opat teh sing ngahiji, kudu barengan sing rukun, ulah sina patorengga, da puguh Hikam mah tadi, nyarioskeun dina bab ilmu Hakekat.
93. Sok moal barung sulaya, mun nyurupkeun pahili, puguh bagean Hakekat, keur ngudag inten nu tadi, hayoh disurupkeun deui, ka ilmu Sare’at kitu, atuh moal weleh mijan, najan dipaksa ge rai, da teu ninggang kana pibarangeunnana.
94. Kieu rai saenyana, lamun teu acan mangarti, pituduh kitab Hikam mah, supayana bisa katepi, Ma’rifat ka Maha Suci, ku ilmu Hakekat kitu, nyaeta kudu bisa, nu opat sing jadi hiji, nya Sare’at Hakekat jeung Tarekatna.
95. Sing gulung kana Ma’rifat, anu matak geuning tadi, kitu diibaratkeunnana, Sare’at teh lir upami, parahu teu salah deui, Hakekat ibarat laut, Tarekat lir kemudina, parabot supaya nepi, kana tengah-tengah pusering sagara.
96. Pikeun ngudag inten tea, nyaeta Ma’rifat jati, raina lajeng ngajawab, naon buktina nu yakin, pasal parahu tadi, jeung anu kasebat laut, katilu kemudina, kaopat intenna deui, mugi-mugi rai dipaparin terang.
97. Rakana lajeng ngajawab, nyatana parahu tadi, nya ieu buktina badan, nu ngaran wujud jasmani, dupi lautna teh rai, nyatana roh urang kitu, anu ngobahkeun ka jasad, pang bisa usik jeung malik, taya lian ngan ku idin roh tea.
98. Saperti parahu tea, pang parahu bisa usik, diusikeun ku sagara, eta moal salah deui, persis saperti jasmani, diusikeun ku roh kitu, raina ngabarakatak, gumujeng mani ngagikgik, sihoreng teh kitu merenahkeunnana.
99. Kantun eta kemudina, naon nyatana nu bukti, larapna dina salira, rakana lajeng ngalahir, kamudina teh rai, panangan kenca katuhu, eta anu ngamemenerna, mawa ka tengah jalan, nyaeta ka tengah-tengah sagara.
100. Tapi najan geus ditengah, mun teu jeung teuleum mah pasti, inten teh moal beunang, sabab jero liwat saking, lamun tega ka pati, wani teuleumna ka laut, hamo pibisaeun beunang, turug-turug seueur jurig, barehala anu nyingsieunan.
101. Rupa badawang barongsai, bangbarongan cuat-cuit, ngagoda supaya bolay, sangkan teuleumna teu jadi, kadarat mulih deui, diakhir tangtu kaduhung, beunang kagoda, maotna teu bisa nepi, tetep ngangkleung palid ngambang di lautan.
102. Kaombak-ombak ku lambak, ting dalagor kana curi, kana batu karang tea, sareng campur deui pasti, sareng nu bangsa narajis, kokotoran luhur laut, bangke anjing bangke oray, siksaan anu hanteu nepi, kana dasar sagara berlian tea.
103. Sasat tempat kani’matan, nu langgeng teu owah gingsir, anu taya upamana, raina lajeng ngalahir, bari ci socana bijil, ramisak bakating ngungun, kareueung sagala aya, sieun hanteu bisa nepi, ngudag eta inten dina jero lautan.
104. Wekasan teras haturan, rai masih samar ati, hal perkawis inten tea, naon nyatana nu sidik, da meureun sanes deui, lain inten dunya kitu, da inten di dunya mah, kenging di peser ku duit, mugi rai dipaparin katerangan.
105. Saur raka nya kantenan, nu diibaratkeun tadi, inten dijero sagara, sanes inten dunya rai, lain inten biduri, nu jadina tina batu, dupi saenya-enyana, inten sajeroning diri, sategesna hiji Nurna Gusti Alllah.
106. Nyaeta nu ngaran Iman, sifatna Iman Sajati, nu diudag ku sadaya, ku kaom Islam sabumi, saha anu bisa nepi, martabatna leuwih luhur, pangkat Nabi Willayah, nu geus diharamkeun misti, diharapkeun nyorang ka api Naraka.
107. Sumawon nyorang sakarat, siksa kubur kitu deui, sanajan siksa Akherat, geus moal kasorang deui, dilepas samasakali, kantun nampa bae wungkul, ganjaran ti Gusti Allah, sarebueun ni’mat dohir, sarta langgeng nu moal aya putusna.
Nerangkeun : Patekadan dina Sakaratil Maot.
108. Raden Kamil ka raka ngalahir, pasal inten nu parantos didadar, aya hibar kahartos, ayeuna aya piunjuk, muga paparin mangarti, reh ayeuna geus pertela, kana inten jambrut, aya pitulung Pangeran, bisa sidik ka sifat Iman sajati, mung kumaha angkeuhan.
109. Waktos engke dina sakaratil, naha kudu tekad teh kadinya, angkeuhan arek mulang teh, rakana lajeng nyaur, kade rai salah harti, anu matak ti ayeuna, kudu tohid kitu, nyaeta bilih sulaya, hak manusa pahili jeung hakna Gusti, kapan hak manusa mah.
110. Hanteu daya teu upaya rai, sategesna teu boga kawasa, anging Gusti Allah bae, teu kudu boga maksud, nu geus Ma’rifat mah rai, kapan geus di dalilan, Man ‘arofa nafsahu, faqod ‘arofa robbaha, sareng wa man ‘arofa robbahu deui, faqod jahilan nafsaha.
111. Kapan kieu sundana teh rai, saha-saha mun bae manusa, geus nyaho ka dirina teh, eta manusa tangtu, geus tangtu nyaho ka Gusti, tiap-tiap geus uninga ka Allahna kitu, ngarasa bodo dirina, sabab harti yen teu bisa usik malik, sumawon boga kawasa.
112. Jadi lamun engke arek mati, urang arek boga patekadan, atuh sasat ngaku bodo, ngaku bodona teh palsu, ngan sakur dina biwir, ati mah ngaku kawasa, mapakan Yang Agung, bet kawas hanteu karasa, kapan urang ayeuna ge keur di dohir, hayang beunghar bet teu beunghar.
113. Hayang cageur bet teu weleh gering, hayang senang bet teu weleh bae susah, lebah mana kawasana teh, komo deui dina pupus, tekad kumaha ge rai moal bisa katekanan, tinimbang dikabul, anggur ditambah siksaan, da doraka nyaruaan ka Yang Widi, sasat ngaku kawasa.
114. Mising imut ka wiwitan tadi, waktu urang samemeh ka dunya, ti alam Akherat oge, teu ngabogaan maksud urang gumelar ka dohir, tapi hanteu burung aya, di dunya ngawujud, eta kersana saha, saur rai atuh hanteu aya deui, anging ku kersana Allah.
115. Saur raka eta geuning harti, pang ayana urang teh di dunya, ku kersana Gusti Yang Manon, atuh naha tadi kitu, rai mariksakeun deui, hal dina pamulihan, engke waktu pupus, kawas boga cita-cita, cita-cita boga tekad arek mulih, kana inten tadi tea.
116. Raden kamil enggal nyaur deui, pangna tadi naros pamulihan, kapan nurutkeun dalil ge, geus umum anu sok disebut, Inna lillahi kauni, jeung aya terasna, wa inna ilaihi kitu, rojiun eta tuluyna, sundana teh yen urang asal ti Gusti, nyaeta ti Gusti Allah.
117. diwajibkeun kudu bisa balik, balik deui ka Allah Ta’ala, kitu kapan ceuk dalil teh, jadi mun teu bisa wangsul, ka Allah asalna tadi, nya tangtu bakal cilaka, nyasab moal burung, tangtu sakaparan-paran, untrak atrok sakabulang bentor pasti, temahna jadi sangsara.
118. Kapan kitu unggeling ceuk dalil, pangna rai naros pamulihan, raina lajeng ngawalon, bener rai eta kitu, yen urang teh kudu balik, ka Allah teu kenging salah, mung ulah kaliru, kudu tohid ti ayeuna, sing mirasa urang geus aya di Gusti, geus mulang ka Gusti Allah.
119. Mun geus tohid ngarasa geus balik, rasa urang geus ngancik di Allah, dina sifatna geus ‘aen, nu tadi disebat Nurullah iman sajati, nu caang padang gumawang, dina lebet kalbu, beubeunangan teuleum tea, dina laut nu jerona tanpa tepi, nyaeta Sagara Hayat.
120. Saur rai ayeuna kaharti, yen mulih teh kedah ti ayeuna, ka Allah sing kapiraos, mung rai masih bingung, ngarasakeunna geus balik, bubuhan da masih aya, urang teh lumantung, keur aya keneh di dunya, na kumaha ngarasakeunnana geus balik, geus aya di Gusti Allah.
121. Ceuk rakana aduh deudeuh teuing, kutan rai tacan mirasa, yen geus aya di Allah teh, kapan tadi rai ngaku, ngangken Ma’rifat ka Gusti, tapi naha teu mirasa, Wa huwa ma’akum, babarengan jeung Pangeran, mun kitu mah masih ngarasa patebih, ngaraos aya antara.
122. Sabab mun boga tekad balik, tanda-tanda boga rasa anggang, jeung Allah pajauh keneh, teu wanahnu aqrobu, geuning kitu unggel dalil, sundana taya antara, Allah sareng makhluk, sing lenyep rai manahan, geura kieu rai engkang rek naros ka rai, muga ku rai dijawab.
123. Na ayeuna ngaraos patebih, jeung sifatna anu Maha Mulya, anu tadi enggeus ‘aen, nyaeta sifatna Enur, wujudna iman sajati, ceuk raina henteu hilap, teu rasa pajauh, wengi sumawonna siang, rupina teh moal tiasa lepat deui, najan nepi kana wafat.
124. lajeng deui rakana ngalahir, eta geuning ku rai karasa, yen teu rasa jauhna teh, atuh mun rasa teu jauh, jeung dzat sifatna Yang Widi, sasat urang enggeus aya, di Gusti geus dumuk, kapersifat ku Pangeran, diuk nangtung leumpang sare jeung nyaring, teu weleh aya di Allah.
125. Mun geus kitu eukeur naon teuing, kudu boga patekadan, engke dina waktu maot, da henteu rasa pajauh, kapan basa ngaran balik, kudu aya antarana, sareng lamun kitu, atuh Allah teh bertempat, bumen-bumen kapan tadi unggel dalil, mungguhing Gusti Allah mah.
126. Henteu arah henteu enggon deui, sareng henteu warna henteu rupa, emutkeun bae rek sare, dina saparantos tunduh geuning teu karaos deui, tina eling kana lesna, sareng henteu puguh, teu ninggal aya tempatna, malah henteu kudu ditekadan deui, sumawon bade nyaringna.
127. Eta bae contona mah rai, da sare teh gambar wafat tea, tapi nyaring sare oge, sanajan ngimpina kitu, geus hanteu kaluar deui, tina Qudrat Iradatna, Gusti Maha Agung, tina kawasa kersana, jadi atuh ayeuna mah urang rai, kantun nyekelan sarupa.
128. Eta bae dalil saperkawis, nu kasebat lafad Laa haula, wa laa quwwata eta teh, illa billahil kitu, terasna ‘alillyul ‘adzim, tegesna sing ngarasa, bodona si wujud, teu daya teu upaya, sing ngarasa jadi rokrakna sakali, upama geus kitu tekad.
129. Jadi sasat urang teh geus mati, enya soteh masih usik obah, sarta masih aya keneh, di alam dunya kitu, dikersakeun keneh ku Gusti, hanteu gaduh nya kahayang, kantun pasrah wungkul, nandean sakersana, cuk dalilna lillahi ta’ala rai, pasrah bae ka pangeran.
130. Kantun urang Iman bae rai, siang wengi ulah samar-samar, kana dzat sifat Yang Manon, Haqullah anu disebut, lenyepkeun ulah rek lali, insya Allahu ta’ala, lamun enggeus kitu, salamet dunya akherat, boh hirupna sumawon maotna deui, da teu kaluar ti dinya.
131. Geus kakurung ku hak Maha Suci, keur hirupna sumawon paehna, atuh bet piraku bae, manggih siksaan kitu, da tetep dina hak Gusti, enya soteh bakal aya, siksaan di kubur, sareng siksaan di Akherat, enya eta nyawa jalma anu balik, kana Haqul Adam tea.
132. Lajeng deui raina ngalahir, pasal eta Haqul Adam tea, anu mana nyatana teh, rakana terus nyaur, kapan ieu anu bukti, nyatana teh alam dunya, lamun nyawa makhluk, paehna balik ka dunya, enggeus tangtu cilaka bakal balai, nyorang sagala siksaan.
133. Dina engke Walyaomil akhiri, enya eta kiamat dunya, raina lajeng ngawalon, eta nyawa anu wangsul, nu balik ka dunya deui, nya ieu ka Haqul Adam, eta jalma kitu, kumaha keur di dunyana, ceuk rakana jalma nu kitu teh rai, anu teu pisan ibadah.
134. Kawuwuhan nu teu nyaho deui, kana eta sifatna Haqullah, anu tadi geus kacarios, nu ngaran sagara hirup, sabab tangtu bae rai, samangsa lolong di dunya, ka Akheratna terus, lolong bae saterasna, sabab dina waktu keur sakarati, teu bisa ninggal Haqullah.
135. Da nyahona eukeur di dohir, taya lian ukur kana barang, kana barang dunya bae, keur sakaratna ge tangtu, taya anu dipieling, lian ti barang dunya, boh anak boh incu, atawa ka pamajikan, kana dunya upamana mun teu boga duit, naon bae kabeuratna.
136. Atuh tangtu eta nyawa jalmi, da imanna beurat kana dunya, nya tangtu ragragna oge, ka dunya deui tangtu, kakurung ku alam dohir, nya jadina marakayangan, ka onom nyalindung, kana dedemit siluman, kana batu kana cai kana kai, boh nitis menitisan.
137. Ka manusa sok surup sumanding, lamun dina keur aya kahayang, sok nyurup ka saha bae, pokna teh hayang surutu, jeung cikopi anu amis, sakur kabeuki tadina, dina keurna hirup, da ilahar di dunya mah, hirupna teh kudu barang dahar rai, kapan geuning sidik pisan.
138. Lajeng deui raina ngalahir, pasal eta rai geus percaya, ayeuna gentos panaros, reh aya deui kabingung, hal anu langgeng ti Gusti, anu teu aya pegatna, dohir batin oge kitu, di jaman samemeh aya, alam dunya nepi ka Akherat deui, naon anu teu ruksak-ruksak.
Nerangkeun : Anu Langgeng di Gusti Allah jeung di Manusa.
139. Ceuk rakana anu langgeng di Gusti, taya lian ngan Qudratna Allah, nya eta kawasana teh, sareng kersana kitu, nu taya pegatna deui, ti awal-awalna mula, ka akhir pon kitu, terus tepi ka Akherat, langgeng bae teu aya pegatna deui, kitu paham engkang mah.
140. Ceuk raina teu sulaya deui, kawasana sareng kersana, anu langgeng di Allah teh, margi lamun ruksak kitu, kawasana nu Maha Suci, atuh Allahna ge ruksak, saperti makhluk, mung kumaha di manusa, naha aya langgengna saperti Gusti, nu teu aya pegatna.
141. Ceuk rakana tangtu bae rai, aya anu langgeng di manusa, naha tacan kapiraos, ku rai henteu kaemut, kapan tadi geus tinggali, anu langgeng di Allah, diluhur disebut, yen Qudrat jeung Iradatna, atuh kantun dibalikeun bae rai, lamun langgeng di Allah.
142. Kawasana kersana yakin, di manusa kantun kabagian, nyaeta bodona bae, tegesna bodo teh agus, teu nyaho sama sakali, asal tina hanteu aya, geus aya pon kitu, tetep bae teu nyahona, malah-malah terus ka batin ge rai, langgeng bae moal terang.
143. Kapan geuning urang waktu tadi, memeh turun ka alam dunya, henteu terang naon-naon, malah keur waktu dikandung, ku Ibu salapan sasih, didinya ge teu uninga, malah keurna turun, ti Ibu ka alam dunya, henteu emut teu terang sama sakali, cacakan geus bukti jasad.
144. Samalahan tina orok tadi, tina kawit leutik jasad urang, tina leutik jadi gede, sama sakali teu emut, ngagedeanana jasmani, sumawonna datangna rasa, paninggal pangdangu, pangangseu sareng pangucap, henteu terang duka ti mana ti mendi, da bakating bodona tea.
145. Sabab bongan katetepan dalil, Laa haula jeng wa laa quwwata, kitu eta ceuk dalil teh, manusa mah geus tangtu, teu daya upaya rai, hartina teh teu bisa obah, estu rokrak wungkul, raina lajeng haturan, sakumaha piwejang engkang katampi, nuhun Alhamdulillah.
Nerangkeun Patohidan
146. Namung aya deui nu can harti, pasal eta jatining manusa, ku rai can kapiraos, weleh henteu kaemut, mana nyatana nu sidik, rakana lajeng ngajawab, pasal eta anu disebut, jatining manusa eta, jirimna mah teu lepat yen, Kangjeng Nabi Muhammad Rasulullah.
147. Tapi ari ayeuna mah rai, geus teu aya jeung Nabi Muhammad, mung kantun gaibna bae, saban umat ge teu luput, pada katetepan misti, ku gaibna manusa, barang enggeus tangtu, lamun kaudag ilmuna, bisa oge kapendak sarta kaharti, kana gaibna manusa.
148. Lajeng raina deui ngalahir, na kumaha bisana kapendak, kapan gaib henteu ‘aen, ceuk raka kapan ku ilmu, pada-pada gaib deui, mun hayang terang gaibna, nya ku gaib tangtu, jalanna nganggo tarekat, sanggeus kitu urang bisa tohid, nyaho ka gaibna urang.
149. Geura kieu jalanna teh rai, akang bade maparin ibarat, supaya enggal kahartos, tah ieu aya cau, cau asak dina piring, pang diayakeun ku urang, naon nu dimaksud, naonnana anu diarah, ceuk raina hanteu aya lian deui, ngan rasana nu diarah.
150. Lajeng deui rakana ngalahir, atuh lepat lamun ngarah rasana, kapan rasa mah tangtos, geus aya dina sungut, dina letah urang pribadi, kapan da ari cau mah, teu katetepan Rusul, sabab lamun boga rasa, eta cau tangtu bisa usik malik, lumpat kawas sato hewan.
151. Saur rai yaktos kahareti, tapi atuh naonnana tea, nu dipandang ku urang teh, rakana enggal ngawangsul, ngan amisna bae rai, kapan geuning bukti tina, urang ninggal cau, anu masih keneh ngora, nu kacipta masih tacan aya amis, geuning teu hayang ngadahar.
152. Kajabana mun si nafsu tadi, eukeur hayang kana kekesedan, nya neangan cau hejo, nu masih ngora kitu, da kesedna nu dipambrih, tah kitu paham engkang mah, raina ngawangsul, leres yaktos teu sulaya, yen amisna atawa kesedna deui, da rasana mah geus nyampak.
153. Enggeus tetep di manusa pasti, wujud cau henteu boga rasa, ngan boga amisna bae, rakana teras ngadawuh, tah eta tegesna rai, nu ngaran cauna tea, amisna anu dumuk, kapan gaib amisna mah, ngan karasa amisna mah henteu jirim, aya tapi taya rupa.
154. Tapi eta amis cau tadi, moal beunang sumawon karasa, upama wujud cau teh, diantep bae dipayun, henteu dituang ku rai, wujud cau teu diruksak, dibeuweung sing lembut, kakara mun geus diruksak, wujudna kapanggih amisna misti, nya jatining cau tea.
155. Kitu deui manusa ge rai, kudu nyaho ka gaibna urang, anu aya hanteu tembong, akalna deui nyakitu, kudu bisa ngabongkar diri, ngabongkar wujud sorangan, kampa kawas suuk, supaya bijil minyakna, nyaeta manusa nu sajati, nu kasebat gaib tea.
156. Raden Kamil teras nyaur deui, na kumaha ngabongkarna jasad, ku rai tacan kahartos, da moal saperti cau, atawa saperti bungkil, keur dibijilkeun minyakna, dikampa ku kayu, rakana enggal ngajawab, poma rai ulah salah harti, nu tadi mah ibaratna.
157. Sanes deui yen ngabongkar diri, enya eta keur laku tarekat, Mautu anta qoblal maut, ruksak teh mirasa suwung, ngaraos teu boga diri, bakating fana-fanana, khusu ka Yang Agung, lat poho kana ragana, teu ngarasa boga raga nu ngajungkiring, alam dunya ge sirna.
Kinanti
158. Raina lajeng ngawangsul. Kahartos teu lepat deui, namung anu mana tea, nyatana manusa gaib, nu aya taya sifatna, masih bingung keneh rai.
159. Rakana deui pek nyaur, naha rai tacan kaharti, kapan eta anu ninggal, dina waktu keur Tajali, keur Sholat Karohanian, nu ngaran manusa gaib.
160. Kapan geuning rai puguh, pasal eta nu ninggali, aya tapi taya rupa, raina teras ngalahir, duh kahartos ayeuna mah, nya eta manusa gaib.
161. Parantos bae Kulanun, da ku rai jol kaharti, moal lepat tangtu eta, nu ngaran gaibing abdi, nu ninggal waktuna Sholat, waktu keur ilang jasmani.
162. Najan ayeuna ge kitu, nu ninggal gaibing Gusti, eta bae henteu lepat, gaib abdi pribadi, da tetela dohirna mah, panon abdi teu ninggali.
163. Nuhun ayeuna mah putus, patohidan rai nepi, moal samar moal mangmang, kana gaib jero diri, ayeuna kantun miara, dohir abdi pribadi.
164. Ngatur laku kai wujud, satungtung gelar di dohir, kasucian laku lampah, ngaji laku ki jasmani, bubuhan masih di dunya, dibanding rancana Iblis.
165. Ngarancana kana nafsu, ngajakan mungkir ka Gusti, rupa-rupa pangbibita, kasukaan alam dohir, beurang peuting hanteu kurang, panggodana sang Idajil.
166. Saur raka bener kitu, urang kudu ati-ati, kantun ngajaga salira, sing pageuh muntang ka Gusti, neda pitulung Pangeran, nyalindung siang jeung wengi.
167. Nya Insya Allah rahayu, lamun tohid mah ka Gusti, Iman urang tangtu kuat, hese katarikna Iblis, sabab geus kasafa’atan ku mu’jizat Kangjeng Nabi.
Nerangkeun Pasal Bismillahirrahmanirrahim.
168. Raina deui lajeng miunjuk, pasal eta geus kaharti, aya deui panarosan, muga engkang luntur galih, pasal sundana Bismillah, ku rai tacan kaharti.
169. Rakana lajeng ngawangsul, sundana teh Bismillahi, lamun engkang hanteu salah, kaula mimiti muji, nyebutkeun jenengan Allah, jeung aya terasna deui.
170. Rahmanirohim disebut, kieu sundana teh rai, Rohman murah di dunya, jeung ari hartina Rohim, Allah asih di Akherat, ka sakur jalma Muslimin.
171. Ceuk rai eta sumuhun, rai ge sok sering nguping, kitu disurahannana, mung bae hayang kaharti, kumaha Allah murahna, ka manusa keur di dohir.
172. Ceuk rakana kapan puguh, murahna nu Maha Suci, bukti ieu di dunya, geus ngayakeun cai bumi, seuneu sareng angin tea, bibit sakur nu kumelip.
173. Tatanduran ting pelentung, pang jadina taya deui, anging ku opat perkara, tangkal asal tina leutik, jadi gede jeung buahan, rasana ge rupi-rupi.
174. Sanggeus jadi buah tangtu, keur dahareun jalmi-jalmi, nya didahar ku sadaya, makhluk nu gede nu leutik, tah kitu murahna Allah, nu bukti di alam dohir.
175. Raina enggal mihatur, jadi kitu murah Gusti, naha teu aya undakna, salangkungna tinu tadi, rai mah tacan narima, mun eta murahna Gusti.
176. Sabab buktina teh puguh, geuning urang saupami, hayang dahar bubuahan, mun sanes pelak pribadi, geuning langka kasorang, lamun urang hanteu meuli.
177. Mun maksa ngala nu batur, kadangkala sok dibui, tah dina lebah etana, rai ewed liwat saking, malahan ceuk dina kitab, geus unggel dina Hadist.
178. Lamun manusa keur hirup, sok miresep kana maling, maling barang anu lian, engke di Akherat misti, bakal disiksa ku Allah, asup ka Naraka pasti.
179. Atuh meureun sanes kitu, murahna nu Maha Suci, da teu rata ka sadaya, eta mah emutan rai, kamurahannana Allah, sanes murahna Yang Widi.
180. Rakana lajeng ngadawuh, ngagelenyu imut leutik, sarta teras sasauran, bari mencrong raray rai, edas bae bet rai mah, teu meunang pisan pahili.
181. Teu kaop luar ti wujud, teu kaop ical ti diri, sok tara weleh ngungudag, heug atuh ayeuna rai, ku engkang arek dipedar, murahna nu Maha Suci.
182. Murahna Gusti Yang Agung, ka manusa keur didohir, parantos maparin tangan, ka manusa dua siki, keur ngajadikeun sadaya, kaayaan alam dohir.
183. Geura mangga bae emut, ieu kaayaan dohir, nu sakitu arahengna, saperti adegan bumi, kareta api jeung kapal, kapal udara jeung mobil.
184. Pang bisana jadi tangtu, ku tangan teu salah deui, sanajan pabrik-pabrikna, anu golangna ku cai, atawa ku seuneu tea, kenging leungeun bae rai.
185. Maju eureunna ge puguh, boh kapal boh pabrik-pabrik, motor-motor saterasna, ku tangan bae geus sidik, naon nu henteu ku tangan, nu jadi di alam dohir.
186. Najan tatanduran tangtu, sakur nu jadi di bumi, asalna aya nu melak, di pelak ku leungeun jalmi, ahirna jadi buah, diala ku tangan deui.
187. Malah keur ibadah kitu, tangan bae nu mimiti, nu dipake ngabantun Qur’an, dibukana kitu deui, ti awal tug dugi ka ahirna, ku tangan bae geus misti.
188. Malah dina waktu keur, ngalakonan Sholat geuning, dina waktu Sembahiyang, tangan bae anu mimiti, tina kawit wulu mula, nepi ka nangtungna deui.
189. Tangan mimiti dijungjung, kaluhur dianggo takbir, terus dongko ruku tea, ku tangan dibantu deui, dina tuur pake nulak,mun teu ditulak mah pasti.
190. Meureun tijongklok geus tangtu, sujudna ge kitu deui, mun teu dibantu ku tangan, tisusud teu salah deui, rek hudang tina sujudna, niat bade lungguh calik.
191. Mun teu ku tangan dibantu, rek lunguhna hese deui, raina mani ngalenggak, bakating ku kahareti, sidik pisan teu sulaya, sasaur-saur teh bukti.
192. Kantun Rohimna Yang Agung, nyaeta asihna Gusti, di alam akherat tea, naon sifatna nu bukti, rakana lajeng ngajawab, kapan eta keneh rai.
193. Piraku henteu kaemut, pang rai bisa ningali kaayaan di akherat, ku asih-asihna Gusti, waktu keur jalan tarekat, bisa nyaho alam goib.
194. Akherat samemeh pupus, malah ayeuna ge geuning, akherat teh kababawa, babarengan siang wengi, dunya sarawuh akherat, geus gulung ngajadi hiji.
195. Lajeng raina mihatur, duh engkang karaos teuing, parantos teu kedah panjang, mung ayeuna gentos pasal, rek naros keur pasal puji.
Nerangkeun Pasal Puji
196. Reh dalil Alhamdu, Alhamdulillahi tadi, Robbil ‘alamin terasna, sundana nu kakuping, umumna nu nyurahan, yen ari sakabeh puji.
197. Eta kagungan Yang Agung, tapi kalumbrahan jalmi, keukeuh patekadannana, eta pasal puji dzikir, diangken puji manehna, dipake muji ka Gusti.
198. Keukeuh sok diaku, mun parantos muji dzikir, pokna tas muji ka Allah, rakana lajeng ngalahir, nya bener bae eta mah, nu dilisankeun mah rai.
199. Eta teh puji ti mahluk, neneda ka Maha Suci, neda dihampura dosa, dosa gede dosa leutik, jadi puji lisan eta, bener ti urang ka Gusti.
200. Ceuk raina mana atuh, sategesna puji Gusti, rakana deui ngajawab, lamun rai can tingali, tegesna puji Allah, nya wujud urang pribadi.
201. Tah ieu badan sakujur, sategesna puji Gusti, pujina Allah Ta’ala, tapi kitu oge rai, mun teu acan ma’rifat mah, teu jadi pujina Gusti.
202. Sabab mun tacan ma’rifatu, dalil laa haola teh pasti, moal enya kapirasa, ukur pangakuan biwir, ati mah teu mirasa, ngan wungkul tuturut munding.
203. Kumaha rek mangaku, teu daya upaya diri, lamun tacan uninga mah, ka nu ngobahkeun jasmani, nyaeta sifat roh tea, anu ngusikeun jasmani.
204. Malah saterusna kitu, kudu nganyahokeun diri, kanu ngobahkeun roh eta, nyaeta sifatna Gusti, sabab lamun teu uninga, eta jalma bisa jadi.
205. Ngangken Allah na teh tangtu, kana rohna pribadi, lamun kitu jadi salah, sasatna teu acan tepi, teu sampurna ma’rifatna, ma’rifat ka Maha Suci.
206. Sabab nu tepi mah tangtu, sumawon ieu jasmani, sanajan rohna pisan, jadi laa haola deui, anging dzat bae nyalira, nu jumeneng lahir batin.
207. Mun tohid jalma geus kitu, wujud teh ngajadi puji, geus jadi pujina Allah, sabab sagala perkawis, parantos teu dipiboga, teu ngarasa pakir miskin.
208. Tumarima rokrak wungkul, jadi saniskara rupi, nu tumiba ka badan, sanajan usik malik, ngan ku Kudrat IradatNa, Gusti anu Maha Suci.
209. Usik malikna jeung nangtung, mun geus kitu tohid jalmi, geus jadi puji sadaya, ngajadi pujina Gusti, sumawonna ibadahna, tingal danguna ge jadi.
210. Ditarima ku Yang Agung, pangbaktina ditampi, saniskarana engeus sah, sah Dzat sah Sifatna deui, sah Asmana sah Af’alna, enggoning hirup di dohir.
211. Raina enggal miunjuk, reh bieu engkang milahir, anu geus kitu tohidna, sah bae sagala rupi, kumaha mun eta jalma, sanggeus kitu nyorang deui.
212. Nyorang laku nu teu puguh, ngalanggar sala sahiji, anu dicegah ku sara, naha sah bae geus misti, rakana enggal ngajawab, ulah rek kaliru rai.
213. Atuh mun milaku kitu, nyorang cecegahna Gusti, sasat ngaku geus ma’rifat, sabab teu sieun ku isin, nu kitu martabat hewan, ciung bisa ngomong jalmi.
214. Ngan sungut wungkul nu harus, hanteu terus kana ati, da kapan anu bener mah, ngakuna tohid ka Gusti, nu terus kana atina, tangtu sok boga pamilih.
215. Sabab Allah teh kaceluk, dina Qur’an dina Hadist, ku sadaya geus disebat, Gusti Allah sifat Suci, suci Dzat suci Sifatna, suci Asma Af’alna deui.
216. Kari-kari urang lamun, ngaku geus tohid ka Gusti, geus teu ngarasa pipisahan, aqrob bae beurang peuting, tegesna taya antara, babarengan jeung nu suci.
217. Tapi laku nurus tunjung, masih keneh resep cicing, dina laku nu ma’siat, dinu kotor haram najis, kumaha arek jadina, ngaku geus ma’rifat jati.
218. Sidik nu kitu mah wadul, nyebutna tohid ka Gusti, najan geus boga tarekat, batal tegesna teu jadi, lamun pare mah ku hama, gapong moal jadi siki.
219. Tangtu bakal meunang hukum, ti dunya terus ka batin, lamun teu gancang pertobat, sumpah moal deui-deui, ngajalankeun kitu lampah, rek tohid deui ka Gusti.
220. Tapi tobatna teh tangtu, beurat leuwihan ti tadi, sabab bongan geus uninga, bet henteu sieun teu isin, hare-hare jeung Pangeran, teu saadat jeung nu suci.
221. Pantes rek gancang kasiku, doraka ti Maha Suci, jauh kamulyaanana, ti dohir dugi ka batin, hese rek dihampurana, teu gampang saperti tadi.
222. Bilih rai tacan mafhum, tegesna perkara tohid, nyaeta anu geus bisa, misahkeun tina rurujit, nyingkiran laku ma’siat, ngahiji kanu beresih.
223. Raina lajeng mihatur, yaktos ayeuna mah harti, samangsa-mangsa manusa, anu masih keneh cicing, betah dina laku salah, atuh nyalindung ka Iblis.
Pangkur
224. Ayeuna teu panasaran, parantos seep kapanasaran kang rai, hal tohid-tohidna Ilmu, ageman urang tea, geus kieu mah kantun ngajaga hal laku, kudu beres laku tekad, ucapna pon kitu deui.
225. Saur rakana kantenan, saupami ngarasa aqrob jeung Gusti, kudu ngaberesihan laku, jaga bisi kakotoran, turut-turut ka Gusti Allah nu Agung, kudu sarua sucina, sangkan dalit jeung hiji.
226. Sing isin kunu nyarengan, siang wengi nu hanteu anggang ti diri, tingali sagala laku, kana hade jeung gorengna, lampah urang enggeus moal nyumput, kudu ngarasa isinna, sangkan laku teh diaji.
227. Kapan tadi teh nu matak, diwajibkeun kudu ma’rifat ka Gusti, gunana nyakitu, supaya hade lampah, tekad ucap satungtung urang keur hirup, gumelar di alam dunya, sing isin ku Maha Suci.
228. Mun ngarasa geus isin mah, sugan sageuy boga keneh sirik pidik, ujub ria jeung takabur, hasud sumawon khianat, ka manusa ka sasama pada hirup, da tangtu meureun ngarasa, saniskara kersa Gusti.
229. Upama henteu ma’rifat, moal bisa Iman kanu Maha Suci, najan ibadahna suhud, sabab moal ngarasa, di bodona hina apesna si wujud, samangsa henteu ngarasa, di apesna ku ki jasmani.
230. Tangtu boga patekadan, urang ngaku boga kawasa geus misti usik malik diuk nangtung, diaku usik sorangan, nya doraka ngahinakeun kanu Agung, ngakukeun boga kawasa, jadi musyrik ka Yang Widi.
231. Sabalikna lamun urang, geus mirasa hina apesna diri, estu teu aya kagaduh, pakir miskin bodo hina, jadi timbul Gusti Allahna nu Agung, nu kawasa anu kersa, nu murba dohir lan batin.
232. Kitu puji anu enya, sanes puji nu diharewoskeun ku biwir, kudu ngarasakeun kitu, kudu tumarima hina, pakir miskin estuning taya kagaduh, sagala kersana Allah, ti dunya nepi ka batin.
233. Najan nu ahli ibadah, wajib bae kudu ma’rifat ka Gusti, sabab lamun henteu kitu, sok rajeun salah weselna, elmuna teh beunang ngaji ti lelembut, berkasna rajeun sulaya, sok dipake sirik pidik.
Nerangkeun Rijalul ‘Alam jeung Rijalullah
234. Kahartos saur raina, kantun ieu aya deui nu can harti, nu ngaran Rijal disebut, kumaha eta hartina, sareng naon kanyataannana nu estu, rakana lajeng ngajawab, lamun rai tacan ngarti.
235. Sategesna basa Rijal, hartina teh nyaeta Senapati, malah dua nu kasebut, kahiji Rijalul ‘alam nu kadua Rijalullah eta kitu,Senapati duanana, kapangkatannana sami.
236. Ngan ari Rijalul ‘alam, Senapati ngagelarkeun Ilmu dohir, Ilmu Kadewaan kitu, gelaran ti Sayid Anwar, nu nurunkeun para Dewa kapungkur, nepi ka jaman ayeuna, turun tumuruna rai.
237. Nyekelan Ilmu Istijrad, kagagahan eta anu dicangking, sapanedana sok dimakbul, lamun hayang bisa gagah, sapertina hayang kuat hayang weduk, hayang Maen Po ge bisa, ku ditepak ge jadi.
238. Hayang gampang ngarah sarat, hayang nyirep atawa ngemat jalmi, najan hayang jadi dukun, nyageurkeun nu gering payah, ku ditepak tempo-tempo sok Kabul, bisa cageur ngadak-ngadak, henteu aya tempo deui.
239. Kusabab Ilmu Istijrad, naon bae sakahayang bisa jadi, wantu Senapati kitu, urusan hal kadohiran, tuturunan ti Dewa Guru, terus nepi ka Ayeuna, turun tumurunna misti.
240. Malah manusa ayeuna, enggeus campur pagalo ngajadi hiji, malah Ilmuna ge tangtu, lantaran geus loba pisan, anu nyekel ilmu Kadewaan kitu, ngakukeun Ilmu Ma’rifat, agama Islam Sajati.
241. Pedah sakur panedana, sok dikabul naon bae tekad ati, sanajan hayang patepung, jeung karuhun nu geus wafat, ku ditepak ge harita geus tangtu tunduh, nya terus ngimpi patepang, jeung karuhun nu geus mati.
242. Tapi anu masih aya, anu tacan sampurna Rohna rai, anu marakayangan kitu, anu aya keneh didunya, tangtu bisa dina sare bisa patepung, tatapi nu sampurna mah, weleh teu bisa kapanggih.
243. Lajeng raina haturan, Pasal eta Rijalul ‘alam kaharti, Senapati Dewa Guru, turunan ti Sayid Anwar, kantun eta Rijalullah, timana turunanana, tabeatna kitu deui.
244. Rakana teras ngajawab, pasal eta Rijalullah mah rai, turunan anu kasebut, ti Syaidina Anwas, nu nurunkeun turun-tumuruna Rasul, teges Senapati Allah, nu ngagelarkeun bumi.
245. Sare’at sareng Hakekat, jeung Tarekat Ma’rifatna kitu deui, tepi ka poe panutup, tuturunanana natrat, terus bae Agamana ge nya kitu, nyekelan Agama Islam, saksina Qur’an jeung Hadist.
246. Teu nirca tina amarna, nyaeta parentah Kangjeng Nabi Muhammad Rasulullahu, nyaeta rukun Islam, rukun Iman sadayana ge diturut, raina enggal ngajawab, nuhun parantos kaharti.
247. Namung rai masih samar, tacan terang sajarahna anu tadi, asal-usulna kapungkur, Sayid Anwas sareng Anwar, naha eta teh tunggal sadulur, atawa misah turunan, muga ku engkang pilahir.
248. Rakana lajeng ngajawab, geura kieu eta sajarahna tadi, lamun rai tacan mafhum, Sayid Anwas sareng Anwar, estu dulur sarama henteu saibu, ramana anu kasebat, nu jenengan Nabi Isis.
249. Putra Kangjeng Nabi Adam, ngan sahiji anu dijadikeun Nabi, Nabi Sis anu kasebat, kocapkeun Nabi Sis tea, geus kagungan garwa putri leuwih lucu, putri geulis ti Sawarga, sang Dewi Mulat kakasih.
250. Gancangna bae nu kocap, Dewi Mulat ngandeg enggeus tilu sasih, gaduh kakandungan kitu, aya deui anu kocap, hiji putri aya didasaring laut, ngaranna Dewi Jelajah, nyaeta anak Idajil.
251. Sang Idajil la’natullah, nu dibendon tadi ku Maha Suci nu asal Malaikatu, kocapkeun Dewi Jelajah, hiji mangsa jeung Nabi Sis geus patepung, keur pelesir jeung garwana, ngalantung sisi basisir.
252. Dewi Jelajah kabita, ningal Nabi kasepna kaliwat saking, cahayana mani mancur, gancangna Dewi Jelajah, geus teu tahan ngabijilkeun akal tipu, terus eta Dewi Mulat, disamber henteu katawis.
253. Diserenkeun ka Bapana, sarta terus ditenung sama sakali, Dewi Mulat geus teu emut, saperti anu sare tibra, kakocapkeun Dewi Jelajah dipungkur, wantu-wantu anak setan, sacipta-ciptana jadi.
254. Digedogkeun salirana, diijabah manehna salin rupi, ilang rupana kapungkur, ceples rupa Dewi Mulat, Nabi Isis teu terang aya nu nyamur, raos garwana nu enya, teu terang aya nu nyalin.
255. Gancangna bae geus mulang, ka bumina pakaleng-kaleng jeung Nabi, kocapkeun anu dicatur, biasa bae jeung garwa, geus salulut dina jero tempat tidur, teu lami deui waktuna, geus reuneuh deui Nyi Dewi.
256. Parantos gaduh kakandungan, sanggeus boga perasaan Nyai Dewi, boga ingetan rek wangsul, barang dina hiji mangsa, tengah peuting keur meujeuhna simpe kitu, Nabi Sis keur kulem tibra, ditinggalkeun ku Nyi Dewi.
257. Balik deui ka bapana, gancang bae bapana ge indit, mawa putri nu ditenung, dipulangkeun ka Nagara, diebogkeun dina jero tempat tidur, digedengeun carogena, nyaeta Jeng Nabi Isis.
258. Duanana teu mirasa, dipacikeuh anjeuna ku Idajil, kocap deui anu dicatur, Dewi Mulat geus waktuna, ngababarkeun murangkalih sarta mulus, jeung moncorong cahyana, murangkalihna lalaki.
259. Kasep taya papadana, wantu-wantu nu bakal nurunkeun Nabi, para Wali Mu’min kitu, nya teras dijenengan Sayid Anwas nu geus pada nyarebut, kocapna Dewi Jelajah, garwa anu palsu tadi.
260. Ngababarkeun deui putra, sami bae putrana oge lalaki, jenengannana disebut Sayid Anwar katelahna, sanggeus ageung yuswana sapuluh taun, ka ibu nanyakeun rama, saha ari rama abdi.
261. Teu hese deui ibuna, terus terang ka putra teu lila deui, ibuna gancang cacatur, yen tuang rama ujang, Nabi Isis putra Nabi Adam estu, di Nagara jadi Raja, barang ku putrana kakuping.
262. Anjeunna teras pamitan, bade nyusul ramana di nagri, bade nyuhunkeun diaku,diangken yen putrana, hanteu lami murangkalih teh geus cunduk, geus tepang sareng ramana, nyaeta Jeng Nabi Sis.
263. Yaktos dina sagokan mah, teu diangken ku rama sama sakali, ditampik henteu diaku, kabujeng aya dawuhan, nyaeta Nabi diturunkeun wahyu, yen enya eta teh putra, Ibuna Jelajah Dewi.
264. Nu bakal nurunkeun Dewa, nu teu nurut kana agama Yang Widi, tekadna hayang ngaratu, sasat ngan Allah sorangan, malah-malah saumurna embung pupus, satungtung ayana dunya, memeh ruksak bumi langit.
265. Ari eta Sayid Anwas, anak maneh anu cikal enggeus pasti, nu bakal nurunkeun Rasul, nurunkeun para Anbiya, enya eta para Nabi Wali kitu, jeung para Mu’min sadaya, nu nurut Agama Aing.
266. Kitu rai sajarahna, Sayid Anwas sareng Sayid Anwar tadi, jadi kusababna kitu, ayeuna geus akhir jaman, geus pacorok turunannana patepung, turunan Anwas jeung Anwar, geus gulung ngajadi hiji.
267. Geus loba jalma Kadewaan, baster Bapa Dewa Indung Jalmi, Agamana ge pon kitu, campur geus sarosopan, da buktina loba anu niru-niru, niru-niru siga Islam, caritana make dalil.
268. Malah-malah aya tarekatna, niru-niru tarekatna para Wali, dipake kedokna kitu, dipake mipindingan, mipindingan enya eta ilmu tenung, ngakuna mah kabatinan, tapi buktina mah lain.
269. Puguh ilmu kadohiran, da buktina ditembongkeun di dohir, Istijradna ilmu tenung, jeung teu kudu ditapaan, asal bae percaya terus jeung kalbu, sagala ge di ijabah, jeung kalimahna di puhit.
270. Najan nyokot nyawa jalma, ku ditepak harita geus hanteu eling, kawas nu sare malulu, tapi ka jalma salancar, anu henteu boga kayakinan kitu, kapercayaannana ka Allah, sinareng ka Kangjeng Nabi.
271. Gampang pisan katerapna, ku dipencrong beungeutna eta jalmi, lamun imanna teu teguh, maunatna sok kaluar, ngaburinyai katingali gancang dikepuk, ditepak lebah-lebahna, nya terus bae teu eling.
272. Siga anu sasarean, anu tibra sarena teu eling-eling, sidik pisan ilmu tenung, hirup tapi hanteu obah, da buktina nafasna mah ongkoh terus, kitu eta padikana, netepkeun laa haola tadi.
273. Nu matak urang sing awas, lamun bae rek neangan elmu batin, mangkade bisi kapalsu, ku ilmu Rijalul ‘Alam, kajabana mun ku urang nu dimaksud, nyiar ilmu kadohiran, nya mangsa bodo teuing.
274. Raina lajeng haturan, margi eta rai kedah dipaparin, cicirenna eta ilmu, ilmu Rijalul ‘Alam, bilih rai engke kapalsu dipayun, rakana lajeng ngajawab, kieu cirina teh rai.
Asmarandana
275. Cirina nu saperkawis, dina waktu rek narima, nampa eta tarekat teh, teu nganggo kudu puasa, dina samemehna nampa. Jol prak bae dipiwuruk, teu aya bema karama.
276. Sarsilahna kitu deui, teu Bismillah teu Syahadat, jeung ari saenggeusna teh, kudu bae sok ditepak, dina palebahan tarang, anu jadi mah sok terus, neunggeulan badan sorangan.
277. Terus nangtung jeung sisirig, pek hut het maenpo sorangan, tah kitu padikana teh, coba ku rai dimanah, anu kitu polahna, eta teh Agama Rasul, asa pamohalan pisan.
278. Teu cocog jeung Hadis Dalil, sanajan aya Ru’yatna, lain Ru’yat nu sayaktos, Johar Firid nu kitu mah, cahya dunya kasebatna, bagian Banujan kitu, atawa para Dewa.
279. Da kapan Dewa mah rai, jasadna ngabadan cahya, ceuk dina sajarahna ge, maotna para Dewa mah teu terus ka Akherat, surup sinurupan kitu, losna ka Sawarga Loka.
280. Ciri kadua perkawis, mun geus nyangking ilmu eta, hanteu kudu marigawe, kana amal Rasulullah, patokanana Islam, ari sababna da puguh, sok jadi aya matakna.
281. Sok camal ilmuna rai, teu jadi pangawasana, mun khusu ka Agama teh, anu matak sidik pisan, lain ilmu kabatinan, estu keur didunya wungkul, tara dirampid ilmu mah.
282. Ilmu dohir keur di dohir, pikeun nganteur nafsu hawa, batin mah keur batin bae, kajaba mun getol tapa, saperti Wali baheula, karamatna tangtu timbul, bisa dipake di dunya.
283. Tapi lain kana Julig, tara nirca tina sara, sareng tara boga hate, hasud takabur sareng ria, ngaku luhur sorangan teu pambrih dipuji batur, jeung geus teu hayang dudunya.
284. Ciri nu katilu perkawis, tabe’at Rijalul ‘Alam, saurna sok harung gampong, ngagedekeun ujub ria, takabur caritana, ngaku ilmu aing punjul, sadunya ge moal aya.
285. Lamun kitu eta sidik, ical ti patokan Islam, taya pisan sucina teh, kapan tadi ceuk Islam mah, tekad kitu teh teu meunang, sumawon ujub takabur, ngahina ka papada jalma.
286. Kapan manusa mah rai, teu ngabogaan kawasa, bodo tur taya kanyaho, jadi mun boga tabe’at, ujub takabur ria, nyaruaan Maha Agung, ngaku aing jadi Allah.
287. Nu sarupa kitu rai, lain tabe’at manusa, Idajil anu di tiron, sabab ngan tabe’at setan, anu wani nyaruaan, kana kawasa Yang Agung, mangpang meungpeung keur di dunya.
288. Sabab engke mah di akhir, dina geus kiamat dunya, geus dipatok ku Yang Manon, bakal langgeng di Naraka, dina intipna Jahanam, sakanca-kancana tangtu, nyaeta nyawa manusa.
289. Anu waktuna di dohir, nu biluk ka tabe’atna, milu Musyrik ka Yang Manon, jeung teu nurut ka Amarna, parentahna Rasulullah, utusan Yang Agung, tetep keur eusi Naraka.
290. Raina ngalahir deui, parantos percanten pisan, anu tabe’at kitu teh, eukeur waktuna di dunya, pibatureunana setan, cadang Naraka Waelul, anu kalangkung poekna.
291. Ayeuna mah aya deui, nu ditaroskeun ka engkang, pasal nyawana nu maot, nyawana eta kamana, ku rai tacan kapaham, naha bijil naha asup. Tina kurungan manusa.
292. Rakana lajeng ngalahir, perkara nyawa manusa, ceuk kitab mah geus diparios, ditetepkeun yen kaluar, bijil tina kurungan, jalanna oge kaluhur, nya kana embun-embunan.
293. Raina ngalahir deui, upami nyawa manusa, make kaluar mah tangtos, meureun masih ka kurungan, ku ieu alam dunya, atuh mun kitu teu wangsul, tetep di pangumbaraan.
294. Ceuk rakana bener rai, eta cariosan kitab, yen nyawana manusa teh, kaluar tina kurungan, tapi nyawana manusa, anu hanteu bisa wangsul, lantaran hanteu kapendak.
295. Sareng jalanna di dohir, jalan balik ka Akherat, kana asalna bareto, hanteu kapendak ilmuna, ilmu nganyahokeun asal, nya tangtu bae kasorang, manggih poek sakaratna.
296. Mun poek mah tangtu rai, moal ninggal aya jalan, dihijab hanteu katembong, nya tangtu nyasab jadina, rasana ge tangtu eungap, sakaratna renghap ranjug, tina ku bakating eungap.
297. Lila-lila bitu pasti, ibaratna dina ban mah, kaliwatan ngompana teh, nya tangtu bitu jadina, nu mawi akang percaya, yen nyawa bijil tina wujud, nobros ti embun-embunan.
298. Nya tetep aya di dohir, dina jero Haqul Adam, marakayangan terusna teh, kapan sidik kabuktian, ieu di jero alam dunya, ku Dedemit ampir pinuh, bangsa Onom jeung Siluman.
299. Numawi urang di Dohir, hirup ulah kajongjonan, buru-buru memeh maot, geura teangan ilmuna, ilmu kasampurnaan tea, tarekatna sing kasusul, sing nepi ka ma’rifatna.
300. Kana asal urang tadi, jeung jalanna kudu sorang, dipigawe saban poe, sabab urang sing rumasa, ganti menit jeung ganti jam, umur urang kapan maju, ngadeukeutan ka Akherat.
301. Kudu dibarengan misti, disorang jalanna wafat, poma ulah lelewodeh, bisi tinggaleun engkena, mun geus tepi ka waktuna, Roh jasmanina teu katut, nyawa teu kabawa mulang.
302. Tinggaleun aya di dohir, tetep dina Haqul Adam, dina kurungan pabuen, teu balik ka Haqullah, nya eta sifatna Iman, kana Nurna Maha Agung, akherat nu sajati.
303. Ceuk raina nembe harti, pasal nyawa nu kaluar, bijil ti kurungan teh, nyaeta nu sampurna, kumaha sabalikna, nyawa jalma nu kasebut, nu ngaran sampurna tea.
Nerangkeun Kasampurnaan Nyawa
304. Rakana ngajawab deui, pasal nyawa nu sampurna, teu kaluar teu kajero, hanteu tetep-tetep acan, da basana ge sampurna, hartina kapan geus puguh, basa sampurna teh beak.
305. Sirna sampurna beresih, mun mungguh dina damar mah, pareum beak minyakna teh, beak hurung beak panas, beresih taya sesana, hurungna ibarat nafsu, panasna ibarat rasa.
306. Minyak teh eta rai, ibaratna Rohna manusa, sadayana oge seep, bareng bae teu ayana, beresih taya sesana, henteu aya nu kakantun, kitu anu sampurna mah.
307. Raina haturan deui, kaharos ari kitu mah, basa sampurna teh seep, tapi kumaha terasna, saparantosna beak, naha teras bae kitu, ngan sasemet beak tea.
308. Saperti asalna tadi, teu aya ngeunah teu ngeunah, suwung taya nanaon, ceuk rakana aeh kutan, ku rai tacan kamanah, atuh mun cara kapungkur, teu aya ngeunah teu ngeunah.
309. Saperti memeh ka dohir, martabat hewan kitu mah, sabab ngan ngan martabat sato, anu hanteu ngabogaan Naraka jeung Sawarga, sabab ku dalil disebut, nyaeta Kuntu turobba.
310. Kieu hartina teh rai, pangandika Gusti Allah, ka sadaya sato-sato, asal maneh hanteu aya, ayeuna ngajadi aya, sanggeus engke aya tangtu, balik deui ka teu aya. 311. Taya Naraka taya Sawargi, nyaeta ngeunah teu ngeunah, balik ka asal bareto, waktu samemeh ka dunya, nu matak teu katetepan, teu boga Agama kitu, beda deui jeung manusa.
312. Kapan manusa mah rai, dina dalilna ge beda, kieu dalilna ge eces, Kuntu kanjan makhfian, eta bagian manusa, hartina teh kapan kitu, pangandikana Gusti Allah.
313. Manusa teh asal tadi, tina asal teu aya, dikersakeun ku Yang Manon, tina euweuh jadi aya, gumelar di alam dunya, tapi engke dina waktu, sanggeus mulang ti dunya.
314. Bakal disampakeun deui, siksaan sareng ganjaran, nya eta nu kacarios, Naraka Sareng Sawarga, Naraka pikeun tempat, nyawa jalma nu dihukum, anu teu nurut parentah.
315. Barang Sawarga mah rai, pikeun tempat sadiaan, ganjaran Gusti Yang Manon, nyaeta kanu sampurna, geus tangtu bakal nampa, ganjaran ti Maha Agung, ni’mat taya upamana.
316. Raina ngalahir deui, hal perkara nu diganjar, ku engkang geus dicarios, nya eta anu sampurna, tegesna anu beak tea, naha naonnana atuh, anu narima ganjaran.
317. Ku rai tacan harti, rakana lajeng ngajawab, bener anu diganjar teh, manusa anu sampurna, nyaeta anu seep tea, seep rasa seep nafsu, seep ka wujud-wujudna.
318. Mung ulah kaliru rai, yen anu kudu sampurna, nyaeta rasa dunya teh, anu dipake ayeuna, teu ngeunah najan ngeunahna, sumawonna nafsu, sadaya ge kudu sampurna.
319. Saupama rasa dohir, tegesna rasa jasad, nu ayeuna keur dipake, bisa sampurna sadaya, tegesna beak tea, engke aya anu timbul, rasa anu saenyana.
320. Nu kasebat rasa jati, tah eta nu bakal nampa, ganjaran Gusti Yang Manon, ni’mat nu taya bangsana, sarta langgeng hanteu pegat, raina lajeng mihatur, duh engkang kahartos pisan.
321. Nu nampa ganjaran Gusti, engke waktu di Akherat, anu bakal nampana teh, rasa sajatina tea, rai parantos percaya, mung bae rada bingung, dina rasa jati tea.
322. Naon eta anu ngajadi, rasa anu sajatina, rakana enggal ngawalon, lamun rai can terang, Rasa Jati asalna, aci tina rasa Wujud, Rasa jasmani ayeuna.
323. Engke mah rasa jasmani, jadi hampas ibaratna, tatapina kitu oge, mun ayeuna di dunyana, kapanggih sareng ilmuna, ilmu kasampurnaan kitu, lamun henteu kapanggih mah.
324. Tetep bae eta misti, rasa dunya nu ayeuna, bakal kababawa bae, langgeng teu aya anggeusna, pantes atuh mun kitu mah, bakal nyorang enggeus tangtu, nyorang sagala siksaan.
325. Pendek bae mun di batin, make rasa nu ayeuna, nu dipake di dunya teh, moal rek bisa narima, ganjaran ti Gusti Allah, Sawarga moal asup, tetep keur eusi Naraka.
326. Sabab ari ni’mat batin, sanes keur bagian rasa, rasa dunya ayeuna teh, da kapan rasa dunya mah, ngan ukur pikeun nampa, kani’matanana wungkul, sanes pikeun nampa ni’mat.
327. Raina ngalahir deui, kutan teh aya bedana, ni’mat jeung kani’matan teh, ceuk rakana tangtu beda, ari eta kani’matan lamun rai tacan mafhum, anu make pagawean.
328. Saperti urang di dohir, resep betah dinu caang, kapan make dipigawe, buktina kudu ditingal, tunggal keneh pagawean, najan boga imah alus, ngeunahna kudu ditingal.
329. Malah saresmi jeung istri, eta oge kani’matan, sabab make dipigawe, jeung tangtu aya bosenna, teu langgeng salamina, tah rasa dunya mah ukur, sakitu bagiannana.
330. Dupi ni’mat Maha Suci, nyaeta Sawarga tea, eukeur di batin mah engke, teu kalawan pagawean, teu dituang teu ditingal, teu diangseu teu didangu, kapan dalilna oge aya.
331. Ceuk dina unggeling dalil, Maa laa ‘Aena Roat, jeung aya saterasna teh, Wa laa Udunun Sami’at, kieu eta hartina, mungguh Sawarga Yang Agung, henteu katinggal ku soca.
332. Hanteu kadangu ku cepil, geus teu make pagawean, mung ni’mat anu karaos, atuh mun kawas di dunya, meureun Sawarga teh tempat, aya gedong nu aralus, istri-istri nu arendah.
333. Enya soteh unggel Hadist, dicarioskeun ku kitab, dirupakeun ku gedong-gedong, sareng Widadari tea, rupa-rupa kaanehan, sangkan manusa narurut, kabita ku kaayaan.
334. Jeung supaya sieun deui ku Naraka Akherat, anu matak ku Hadist teh, disapertikeun di dunya, Naraka teh seuneu panas, godogan timah nu hurung, pitempateun nu doraka. 335. Tapi mun menurut dalil, anu bieu diluhur tea, Sawarga teh hanteu tembong, atuh nyatana Sawarga, ngan wungkul bae ngeunah, Naraka ge pon kitu deui, ngan wungkul bae nyerina.
336. Lamun di Naraka api, panas bae nu karasa, lamun di Naraka poek, eungap bae karasana, pon kitu mun di Naraka, keur dina Naraka banyu, tirisna anu karasa.
337. Di dunya ge kapan bukti, lamun keur muriang panas, awak teh asa digodog, tur seuneuna mah teu aya, najan dina nirisan, tirisna kapan sakitu, hanteu beunang disimbutan.
338. Tur kapan teu aya cai, ngan mungguhing di dunya mah, lamun nampa Naraka teh, nyaeta nampa teu ngeunah, sok rajeun aya cageurna, kitu deui urang lamun, nuju aya kani’matan.
339. Tara langgeng bae rai, sok bae aya tungtungna, nyorang deui Naraka teh, tatapi ari engke mah, urang di alam Akherat, ngeunah teu ngeunah teu campur, teu saperti waktu di dunya.
340. Di Akherat mah geus misti, lamun jatoh ka Naraka, tetep teu ngeunahna bae, langgeng teu aya watesna, kitu deui lamun urang, jatoh ka Sawarga kitu, langgeng dina ni’mat tea.
341. Raina milahir deui, ni’mat teh anu kumaha, naha di dunya ge nyondong, eta anu ngaran ni’mat, rakana teras ngajawab, di dunya mah ngan saukur, saper sarebu Akherat.
342. Anu mana saur rai, ni’mat saper sarebuna, nu katampa ku urang teh, rakana enggal ngajawab, tah eta sare tibra, dina waktu hanteu emut, keur poho ka alam dunya.
343. Tapi lain waktu ngimpi, nyaeta di waktu tibra, keur poho ka naon-naon, tah eta ni’mat Akherat, nu saper sarebuna, geuning karek ku sakitu, rasa jasmani teu kuat.
344. Geus beak sama sakali, geus ilang dunya barana, boga duit ewon-ewon, najan anak pamajikan, anu tadi dipicinta, lebah dinya mah teu emut, ni’mat bae anu aya.
345. Tah eta kapan geus sidik, anu nampa ni’mat eta, nya eta rasa jati teh, da rasa jasmani mah, kapan enggeus hanteu aya, nya rasa jati nu timbul, aci tina rasa jasad.
346. Ari rasana jasmani, asal tina katuangan, da kapan eukeur waktu orok, samemehna di daharan, ku aci-aci nu opat, aci seuneu angin banyu, geuning tacan boga rasa.
347. Ayeuna mah enggeus wengi, itu jam geus tabuh dua, urang parantosan bae, gampang isuk pagetona, lamun rai masih aya, dina manah nya kabingung, taroskeun deui ka engkang.

☼Tamat Jilid ka IV☼

ﺑﺴﻢﺍﷲﺍﻟﺮّﺣﻤﻦﺍﻟﺮّﺣﻴﻡ
Kacarios Raden Insan sareng Raden Kamil, rai raka tambah sohor kalungguhannana, elmuna malah parantos disebat Pandita ku sadaya jalmi-jalmi sarta didamel panarosan jalmi-jalmi ti suklakna ti siklukna. Pangglinggihannana mah tetep dina tilas ramana bae. Enggalna carios Raden Insan parantos kagungan putra pameget sakembaran, dupi raina mah Raden Kamil teu kagungan putra, jalaran anjeuna mah teu kersa kagungan garwa, salamina damelna ngan tatapa bae, dupi eta putra sakembaran teh, ku ramana dijenengan, nu hiji Raden Kamil ngalap jenengan ti ramana reh parantos sepuh, nu hiji deui Raden Mukamil, eta murangkalih ti kawit hideng oge teras diwuruk ngaos Qur’an, saparantosna tamat Qur’an, teras kana kitab-kitab ngawurukna hiji sewang, rakana nya ku ramana, raina ku pamanna. Kacarios eta dua murangkalih ngaosna parantos tatas seep kabeh kitab-kitab parantos dijajah. Barang parantos sedeng akil baligh, ku ramana sareng ku pamanna ditibanan ilmu-ilmuna Agama Islam, nyaeta Sare’at, Tarekat, Hakekat, Ma’rifat teras sareng Tauhid-tauhidna, pendekna pada ngetrukeun kopeah, elmu batin elmu lahir. Kacarioskeun lami-lami Raden Insan sareng Raden Kamil parantos dugi kana waktosna, diselir ku Maha Suci, mulih ka Rahmatullah, rai raka ngan tuturut bae pupusna teh, dipendem dina hiji tempat anu singkur sarta pakuburannana disae-sae jalaran emutannana supaya kenging sakalian dianggo tempat Ujlah. Tafakur mujasmedi ku aranjeunna. Ayeuna kantun putrana, nyaeta Raden Kamil sareng Raden Mukamil, neraskeun padamelan ramana, ngawuruk kitab Qur’an ka santri-santri. Santri-santrina oge tetep henteu incah balilahan, neraskeun pangajiannana ka Raden Kamil sareng Raden Mukamil. Kacarios lami-lami aranjeunna ngaraos kirang senang ngalinggihan dina tilas ramana, reh ngaraos kirang sirna, jalaran parantos rame teuing, seueur tatangga anu ngaradon mukim di dinya, jadi waktos harita parantos jadi lembur ageung. Hiji waktos aranjeunna babandantenan rai sareng raka ngamufakatkeun bade ngababakan dinu singkur nyaeta dinu caket ka pakuburan ramana, tanahna sae bahe ngetan ngaler. Enggalna carios, rai raka parantos gilig manahna, barang parantos kapendak dintenna nu sae, teras marentah ka santri-santrina, piwarang ngalelemah pibumieun pimasigiteun, enggalna parantos salase, teras bae diadegan bumi, parantos bumi ngadegkeun Masigit, namung Masigitna mah teu ageung sedengan bae, barang parantos beres nya teras dialihan. Namung santri-santri mah ditetepkeun dina tilas ramana bae, sarta ngangkat Lurah santri anu diwakilan ngawuruk santri sadidintenna, dupi aranjeunna mah sumpingna ka pondok 10 dinten sakali. Jadi anjeuna mah anu jadi babaku padamelanna teh, suhud khusu kana tirakat tatapa bae. Digentos-gentos aya nyegah teu kulem, aya saum, aya kanaat Nabi, aya siram tengah wengi, aya mutih sareng sajabi ti eta. Eta babakan ku anjeuna ditelahkeun Babakan Karang Kasirnan, ku tina anjeunna ngaraos teu kinten sirnana teu kagembang ku naon-naon, kana sanis kanten tambah khusu, tempo-tempo anjeunna teu aya deui nu disaurkeun mung mutala’ah bab ilmu-ilmu lahir batin wincikan dina salira. Kaleresan hiji wengi nuju caang bulan kaping 14 sarta nuju halodo, rakana sasauran ka raina “Rai, wengi ieu teh kaping 14, hayu urang ngabungbang ulah sare sawengi ieu, tapi ontong kamana-mana urang ngampar samak bae di buruan da moal aya jalma sejen”. Raina ngawalon “Kalangkung nuhunna engkang sasauran ti payun, keur mah abdi oge gaduh emutan, bade unjukan hoyong ngabungbang”. Enggalna teras nyarandak amparan sareng Kampuh hiji sewang, gek caralik papayun-payun bari ninggali bulan sakitu moncorongna caangna beresih pisan. Barang kinten-kinten tabuh 10, rakana sasauran ka raina “Rai naha engkang mah bet rada tunduh, cik atuh urang ngawangkong, naon bae nu dimutala’ahkeun mah, geura beresihkeun bilih rai aya kabingung keneh, dina bab Tohid-tohidna ilmu”. Saur raina “Nuhun atuh, kantenan bae kang rai mah seueur keneh kabingung, moal sapertos engkang panginten buleud dina pasal Tauhidna elmu teh, ayeuna rai bade ngawitan tumaros. Dupi manusa anu mawi diwajibkeun kedah Ma’rifat ka Gusti Allah teh, naha supaya kumah diakhirna? Sareng supaya kumaha di Dinyana?” Jawab rakana “Euh rai pikeun di akhirna mah Wallahu ‘alam, teu beunang diujubkeun boh kana kasampurnaannana, boh kana teu sampurnana oge, da kasampurnaan di akherat mah, nurutkeun kumaha di dunyana”. Saur raina “Atuh anu kumaha di dunyana teh?” jawab rakana “Anu nyumponan kana ilmu-ilmuna Kangjeng Rasulullahu Shalallahu ‘alaihi wasalam, nyaeta milampah ibadah Sare’at, Hakekat, Tarekat, Ma’rifat. Tah lamun urang bisa nyumponan eta opat perkara, tangtu sampurna dunya rawuh Akheratna, di dunyana jadi syah ibadahna, hartina amal kalawan iman, kapan ceuk Hadist oge kieu : ﻣَﻦْﺻَﻼَّﺑِﻼَﻣَﻌِْﺮِِﻓَﺔٍﻻَﺗَﺴِﺢُ ﺻَﻼَﺗُﻪُ Man Shollaa bilaa ma'rifatin laa tasihu sholaatuhu
Hartosna pami teu lepat : “Jalma Sholat teu kalawan ma’rifat teu syah Sholatna”. Malah saur Imam Ghazali mah : ﺍﻭّﻝﺩﻳﻦ ﻣﻌﺮﻓﺔﺍﷲ ﺗﻌﺎﻟﻰ Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala
Hartosna : Awal-awalna Agama kudu ma’rifat heula ka Allah ta’ala. Dupi dawuhan Allah ta’ala dina Qur’an Surat Al-Hajr ayat 99 ﻭﺍﻋﺒﺪﺭﺑّﻚ ﺣﱵّﻳﺄﺗﻚﺍﻟﻴﻘﲔ Wa' bud robbaka hatta ya'tikal yaqiinu
Hartosna upami teu lepat : “Kudu nyembah maneh ka Pangeran maneh sing tepi ka yakin”.
Dina palebah ma’nana ieu dalil kumaha hartina? Kumaha tepina? rek yakin kana nyembahna bae, ti baligh nepi ka maot sae bae. Cenah rek tepi kana yakin nyembahna bari yakin kanu disembahna, atuh naon batalna? Piraku matak batal kana Islam mah, malah teu euweuheun nu ma’rifat ti baheula oge, nepi ka jaradi Wali gening, mungguh darajat manusa teh teu sami, kadua perkawis wajib ma’rifat teh, supaya urang hirup di dunya teh boga benteng anu kuat, pikeun ngajaga hawa nafsu kanu goreng, jalaran ngaraos isin ajrih siang wengi ku Gusti nu Maha Suci margi tos ngaraos tos teu aya antarana tea, salamina ngaraos ditingali bae”. Jawab raina “Ku rai nembe kahartos faedahna, numawi manusa wajib ma’rifat teh, pikeun syarat syahna amal ibadah ayeuna keur di dunya, supaya yakin nyembahna moal pegat tepi ka maot. Yakin kanu disembahna moal poho-poho tepi ka maot. Duanana kapigaw, amal kalawan imanda sanajan dina bagian dunya oge, bener nyembahna teh kedah tepung heula sareng nu disembah. Tara ngaheulakeun sembah samemeh kapanggih, benerna puji kedah bukti heula nu dipujina, mun urang tumarima jadi kaula kedah tingali di Gustina”. “Upami urang karep nyiar rizki jalan tina kuli-kuli, kedah milari pidununganeun nana heula, tara jol kana digawena, margi upami darapon meunang gawe mah, atuh da seueur pigaweeun mah, sajalan-jalan oge seueur tanah bukaeun aya sawah paculeun, aya kebon koredeun, upami ku urang jol prak bae dipacul, teu carita heula kanu bogana, kumaha balukarna? Tangtos dongkap nu gaduh teh, tibatan daek muruhan mah kalah ngusir, da rasana eta sawah atawa kebon rek dipiboga kunu macul tea, atuh puguh bae rugi kadua katilu, saperkawis rugi ku jalaran geus ngaluarkeun tanaga anu sakitu capena, kadua perkawis teu diburuhan, turug-turug bari diusir dicarekan”. Jawab rakana “Puguh nyakitu geuning jadina teh, tapi rai ari dina bagian Agama mah wajib migawe amal ibadah sateuacanna ma’rifat ka Gusti Allah oge, sabab perlu kudu diajar heula supaya bisa, pibekeleun keur kumawula ka Gusti Allah engke dina geus ma’rifatna. Ngan bae eta ibadah urang lamun tacan nepi kana ma’rifatna ulah ujub bakal aya buruhan (ganjaran), di kengingna oge ganjaran make aya landratan heula. Tangtu ditimbang amal hadena sareng amal gorengna, kamana beuratna. Beurat kana amal hadean tangtu ragrag ka Sawarga (ganjaran kani’matan), beurat kana amal gorengna tangtu ragrag ka Naraka (kateugeunahan), tah kitu paurna urang lamun teu ma’rifat teh. Upami manusa geus ma’rifat mah moal aya landratan deui, moal aya timbangan deui, sabab di dunya geus bisa ngalandrat diri sorangan, geus bisa nimbang hawa nafsuna sorangan, mana nu katimbang goreng moal dilampahkeun, mana nu katimbang hade tangtu dipigawe. Saur raina “Kumaha upami jalmi teu acan terang kana jalan-jalan ibadah, namung aya kadar ma’rifat ka Gusti nu Maha Suci? Jalanna tina tarekat?” Jawab rakana “Jalma kitu leuwih untung tanda eta jalma meunang taufik (pitulung) ti Maha Suci, ciri eta jalma dihampura dosana, ti mana bae jalanna mah tangtu nyorang heula tarekat, sabab pikeun ngabuktikeun sifat-sifatna hakekat, nyaeta siaft-sifatna hakekat teh Dzat,Sifat,Asma, barang gaib tea, nu ditingalina sanes ku panon kapala. Hadist nerangkeun kieu : ﺭﺋﻴﺔﺍﷲﺗﻌﺎﻟﻰﰱﺍﻟﺪّﻧﻴﺎﺑﻌﲔﺍﻟﻗﻠﺐ Ru'yatullahi ta'ala fiddunya bi'ainil qalbi
Hartosna upami teu lepat : Ningali Dzat, Sifat Allah ta’ala di dunya ku awasna ati.
Tah kitu rai katerangannana nu ma’rifat ka Allah Subhanallahu wa ta’ala teh, henteu dipastikeun yen kedah tina sare’at jeung kudu bisa ngaji heula kitab, Qur’an bae da gening bieu diluhur disebatkeun ahli sare’at oge ari rek ngudag ma’rifat mah kedah nyorang heula tarekat, sareng elmuna kapan Gusti Allah mah wenang, henteu kedah ka jalma nu bisa maca kitab Qur’an bae maparinna taufik teh, buktina para Wali oge aya nu teu masantren heula, da kadieuna oge teu kurang-kurang anu tarepi kana ma’rifat, nu sanes tina pasantren heula, sok komo deui kautamiannana ka anu mapay ti pasantren, teras dugi kana ma’rifatullah, margi kasaksi ku dalil ku Hadist. Saur raina “Pasal faedahna yen manusa kedah ma’rifat ku rai parantos kahartos, saperkawis pikeun syarat syahna amal ibadah, sangkan sampurna ibadahna. Kadua perkawis pikeun ngabenteng hawa nafsu goreng, sangkan sampurna laku lampahna hirup di dunya. Katilu perkawis ma’rifat ka Allah pikeun laku kasalametan dunya rawuh Akherat, sabab sifatna anu mawa salamet teh caang, sifatna jalan cilaka teh poek, sanajan ahli agama oge upamu teu ma’rifat ka Allah ta’ala mah, sasat teu acan boga lampu, upami teu acan boga lampu, temahna sok hayang tutubruk bae ka batur ibarat ngajalankeun mobil ti peuting teu make lampu, kajadiannana nya tangtu diaradu bae jeung baturna, nu pada-pada teu make lampu. Saur rakana “Nyakitu pisan, nu matak ngaji teh sing tepi kana anggeusna, anggeusna ilmu, nya ma’rifat. Tiap-tiap geus ma’rifat tangtu itikadna tetep dina bodo, sanggeusna mirasa bodo moal ujub ria takabur moal rek sirik pidik ka batur kanu kitu kanu kieu oge. Raina haturan deui “Ayeuna rai bade tumaros deui pasal ma’rifat. Kumaha jalanna supados enggal tepina?” Jawab rakana “Teu aya sanes mimitina lamun hayang ma’rifat kedah pilari rukunna heula. Lamun teu kapanggih rukunna salilana moal bisa tepi, kapan sadayana oge ngangge rukun bae. Saperti hayang Iman aya rukunna 6 perkawis, hayang Islam aya rukunna 5 perkawis, hayang ngalakonan Agama aya rukunna 4 perkawis, nyaeta sare’at hakekat tarekat ma’rifat, kitu deui lamun hayang ma;rifat ka Allah ta’ala, kudu kanyahokeun rukunna”. Saur raina “Naon te rukunna ma’rifat teh? Sareng sabara hiji?” Jawab rakana “Rukun ma’rifat aya opat perkara, ceuk sifat dua puluh mah sifat Wahdaniyah tea. Hartina 1 Dzatna, 1 Sifatna, 1 Asmana, 1 Af’alna. Eta anu opat perkara kumpul aya di manusa, mung anu tilu mah Dzat, Sifat, Asma eta barangna gaib tapi aya. Nu matak manusa diwajibkeun kudu percaya kana barang goib, geuning dalilna tina surat Al-Baqarah dina palebah : ﻫﺪﻯﻟﻠﻤﺘّﻘﲔ Hudan lil muttaqiina
Hartosna pami teu lepat : Ari nu kasebut jalma muttaqin teh nyaeta jalma nu sieun ku Allah, anu ngalakonan sakabeh parentahna, jeung nu ngajauhan kana sakabeh cecegahna. ﺍﻟّﺬﻳﻦﻳٴﻮﻣﻨﻮﻥﺑﺎﻟﻐﻴﺐ Alladziina yu' minuuna bil ghoibi
Hartosna pami teu lepat deui : Jeung nyaeta sakabeh jalma anu Iman nekadkeun, ngabenerkeun sarta ngaku kana perkara nu gaib.
Tuh gening rai jalan anu kasebut Muttaqin teh nu ngalakonan kana parentahna Allah, nu ngajauhan kana cecegahna Allah jeung anu Iman sarta ngaku kana goib teh kedah yakin heula kana barang-barangna, sabab goib teh lain teu aya, tangtu ayana tapi katingalina kedah ku goib deui, ari nu goib di wujud manusa teh nyaeta Dzat Sifat Asma Allah tea, jadi ditingalina oge kedah ku goibna manusa deui, da manusa oge aya goibna, gening ceuk Hadist : ﻭﺍﷲﻏﻴﺐﺍﻟﺌﻨﺴﺎﻥﻏﻴﺐ Wallaahu ghoibun al insaanu ghoibun Hartosna : Allah goib, manusa goib. Jadi hartina eta goib teh sifat-sifatna hakekat.
Dzat nyaeta hakekatna Allah Sifat nyaeta hakekatna Muhammad Asma nyaeta hakekatna Adam
Tah lamun urang geus yakin ningali kana eta sifat-sifatna hakekat, tanwande urang bisa tepi kana ma’rifatullah. Sabab sing emut ari basa “Allah” teh eta tetep ngaran, ngaran saparantosna Isbat hartosna sanggeusna dohir manusa, ari dohirna manusa teh sanggeus gulungna Dzat, Sifat, Asma, Af’alna Allah. Alhasil lamun manusa geus ma’rifat (ningali) kana eta sifatna nu opat perkawis, nya nu kitu pisan nu disebat ma’rifat ka Allah teh, sabab eta nu 4 teh jadi lafad Alif (ﺍ), Lam (ﻝ), Lam (ﻝ), He (ﻩ), barang dikantetkeun jadi lafad Allah (ﺍﻟﻠﻪ). Dina lebah dinya eta lafad teh teu acan uni Allah, jalaran teu acan aya Tasjid (ﱞ), jadi ana kitu eta tasjid teh kanyataan manusa, sabab aya jenengan Allah teh sanggeusna aya manusa. Jadi eta nu opat huruf kalima tasjid gulungna nya uni Allah (ﺍﷲ). Paingan dawuhan moal aya Aing mun teu aya Muhammad (manusa), moal aya Muhammad lamun teu aya Aing, ayeuna bukti dina lafadna oge, Alif Lam Lam He teh teu pipisahan sareng Tasjidna. Jadi tetela manusa teh teu aya antarana sareng Gusti Allah, gening aya dalilna : ﻭﳓﻦﺍﻗﺮﺏّﺍﻟﻴﻪﻣﻦﻫﺒﻠﻞﻭﺭﻳﺪ Wa nahnu aqrobbu ilaihi min hablil wariid
Hartosna : Aing leuwih deukeut ka maneh sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung maneh oge, deukeut keneh Aing jeung maneh.
Saur raina “Ieu katerangan engkang langkung kahartos, namung manawi aya, babandingan di dunya eta jenengan Allah te,h supados kahartoseun ku jalma umum. Jawab rakana “Tangtu bae aya mah, sabab sare’at teh kalangkang hakekat. Kieu rai ari mungguh sare’at mah jenengan Allah teh beda sareng jenengan Governement, da Governement oge teu kenging ditunjuk wujudna, sabab upama ditunjuk mah kaburu lain, geura upama urang netepkeun Governement teh ka Paduka Sri Baginda kapan eta mah Raja, nuduh ka Residentna Assistant Bupati, kapan eta mah Pamarentahna, nunjuk ka bawahannana kapan eta mah Nagarana, nuduh ka jalma-jalma urang kampungna, kapan eta mah Rayatna, jadi hartina eta Governement teh hiji perkumpulan, rukunna opat perkara 1 ku ayana Raja, 2 ku ayana Pamarentah, 3 ku ayana Rayat, 4 ku ayana Nagara (bawahannana). Sarukunna eta opat sifat nya ngadeg jenengan Governement, jadi ana kitu eta Governement teh, ngaran anu ngaliputan kana 4 sifat. Sanggeus ngadeg jenengan Governement nya didinya nyieun Wet hukuman-hukumannana, aturan-aturan nya buktina Wet Staatsblad. Jadi Allah oge jenengan, nyaeta jenengan nu ngaliputan kana 4 sifat, nyaeta Dzat Sifat Asma Af’al tea, Dzat teh ibarat Raja, tah naon Rajana dina wujud manusa? Asma ibarat Rayatna, tah naon nyatana dina wujud manusa? Af’al ibarat Nagarana, tah naon buktina dina wujud manusa? Upami parantos terang kana barangna, eta nu opat kalawan yakin katingali ku panon ati, tah nu kitu pisan nu disebutkeun ma’rifat ka Allah teh, matak boro-boro kurang tilu, kurang hiji oge teu syah ma’rifatna. Gening bukti dina lafadna oge, lamun urang nulis lafad Allah, tapi hurufna kurang hiji, naha uni lafad Allah? Toh moal, komo lamun kurang tilu mah beuki nyocod. Jadi ieu oge adegan wujud manusa, kirang hiji moal bisa ngadeg. Kitu deui nami Governement nya eta kumpulana anu opat, Dzat Sifat Asma Af’al”. Raina tumaros deui “Dupi eta kana Dzat naha wajib katingalina? Sedeng kapan Dzat mah ceuk dalilna Bila Haeffin, hartina teu warna teu rupa, teu beureum teu koneng, teu bodas teu hideung, teu poek teu caang”. Jawab rakana “Teu wajib ningali kana Dzat mah, wajib soteh tingali (nyaho) bae ayana bari karasa, diibaratkeun kana barang dunya mah sapertos kana seuneu, ningali mah keur kana hurungna (sifatna), dupi tingali mah keur kana panasna, wajib nyaho kana ayana panas, saratna upama hayang yakin kana ayana panas kedah dirampa eta sifatna seuneu, tangtos yakin ayana panas teh, kitu deui lamun urang geus ningali kana sifatna Gusti, tangtos karaos ayana Dzat teh, sarta karaos ngaliputannana kana sagala sifat-sifat, malah karaos sifat teh kaluar tina Dzat. Jadi, Dzat anu leuwih kawasa, ibarat hurung (sifatna) seuneu tangtu pisan bijilna tina panas, da buktina upama urang rek nyieun seuneu tina kayu api, rek hurungna teh gening kudu digesrekeun heula sikina sareng cangkangna, sina panas heula. Barang geus panas kakara bijil hurungna, didinya hurung jeung panas jadi hiji, nu nyieun sareng nu dijieun. Da kitu padika Allah mah nu nyieun sok ngahiji jeung nu dijieunna, teu saperti padika manusa mun barang jieun teh, sok pipisahan jeung nu dijieunna, dupi Gusti Allah mah Anjeuna nu midamel, Anjeuna nu jumeneng, asal Nafi jadi Isbat. Isbat Nafi jadi hiji, nu matak lafad ﻻﺍﻟﻪﺍﻻّﺍﷲ ﻻ kanyataan ayana ﺫﺍﺕ ﺍﻟﻪ kanyataan ayana ﺻﻔﺔ ﺍﻻّ kanyataan ayana ﺍﺳﻤﺎ ﺍﷲ kanyataan ﺍﻓﻌﻞ tah eta teh gulungna Nafi Isbat ﻻﺍﻟﻪﺍﻻّ nu Nafi, ﺍﷲ nu Isbat”. Raina nyaur deui ”Dupi eta kanyataannana Dzat Sifat Asma Af’al, naon nyatana dina wujud urang?” Jawab rakana“Euh rai eta mah rasiah teu kenging dicarioskeun didieu, sabab eta teh Ilmu, jeung kapan ngambah kadinya mah kudu boga wudu heula, hartina kudu Qurais (Tapa), sabab ieu mah ilmuna Agama Rasululloh, kapan Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam teh urang Qurais, hartina kudu ahli tatapa. Sing seueur ngosongkeun patuangan”. Jawab raina “Dina nalika Kangjeng Rasholulloh sholallahu ‘alaihi wassalam jumeneng di Mekah, naha ieu ilmu teh digelarkeun ka umat-umat sadayana?” Jawab rakana “Henteu digelarkeun ka sadayana, malah sok dipidamelna oge di Guha, nyaeta nu disebatkeun Jabbal Iqra, mung ditibankeun ka para Sahabat bae babakuna ka Sahabat Ali, supaya bisa turun tumurun ka putrana terus ka zaman akhir. Kadua perkawis nu mawi ieu ilmu teu ditibankeun ka umat-umat zaman harita teh kurang perluna, jalaran zaman harita mah nu pada Islam teh gampang. Asal parantos ningali kana Pemeunteuna Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam, sarta atina percaya yen ieu teh utusanna Allah ta’ala, sarta dilakonan parentahna harita, keneh eta jalma Islam kabeh (salamet), jadi ayeuna oge haqna Islam teh anu parantos ma’rifat (ningali) ka Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam, bari diturut parentahna eta Islam. Namung ningali teh sanes kana sare’atna (Majajina) tapi kana hakekatna nya eta nu kasebat Johar Awwal (cahya nu mimiti) didamel ku Gusti nu Maha Suci, nyaeta sifatna Allah ta’ala, atawa sifat Qudrat (kawasa) tea, babuning Roh sakabeh”. Raina tumaros deui “Dupi eta anu disebat hiji Asmana Allah teh naon tea?” Jawab rakana “Nu kasebut hiji Asmana Allah ta’ala teh nyaeta sifatna Roh (Adam Hakeki) barang goib keneh nya nu sok disebut Ismudzat tea. Sifatna Iradatna Allah ta’ala, jadi sifat jeung Asma Gusti Allah teh nyaeta Jauhar Awwal sareng Roh. Qudrat anu ngahirupkeun manusa, Iradat (Roh) nu ngajadikeun paningal, pangrungu, pangangseu, pangucap, nu mawi manusa teh asal tina Qudrat Iradatna Allah ta’ala, tah eta sifat-sifatna Qudrat Iradatna Allah ta’ala teh asalna ti dinya, atuh kudu balik deui ka dinya. Nu matak wajib dikanyahokeunnana, supaya bisa mulih ka jati mulang ka asal. Lamun manusa teu ma’rifat ka dinya, tangtu maotna balik deui ka dunya. Kapan barukti gening pada marakayangan jaradi jurig setan siluman, samangsa-mangsa maot balik ka dunya, atuh kapan ieu dunya teh bakal ruksak, ceuk rukun Iman wal yaumil akhiri tea, tiap-tiap balik kana tempat nu bakal ruksak, tangtu urangna nu ngeusiannana oge milu ruksak, teu salah deui”. Saur raina “Ayeuna ku rai parantos kahartos pasal 1 Dzatna 1 Sifatna 1 Asmana, kantun 1 Af’alna Allah ta’ala. Naon nyatana hiji dadamelanna Allah ta’ala teh?” Jawab rakana “Kapan ieu wujud nu dipake ku rai nyatana teh, naha raraosan rai ieu wujud teh meunang ngadamel Ibu sareng Rama? Beu lamun Ibu Rama tiasa nyieun wujud atuh Laa Haula ge lain, kitu deui upama manusa bisa nyieun wujud, pisakumahaeun teuing paalus-alusna, nyieun anak teh, jadi saleresna Ibu Rama mah ngan jadi lantaran wungkul, nu ngajadikeunnana mah tetep teu aya sanes anging Gusti Maha Suci bae, ngabuktikeun kakawasaannana, tatapi sanajan kawasa kedah nganggo sabab bae, ceuk dalilna : ﺍﻥّﺍﷲﻋﻠﻰﻗﻠﻰﺷﻴﺌﻦﺳﺒﺎﺏ Innalloha 'ala kuli syai'in sabaaba
Hartina : Gusti Allah ngajadikeun sagala rupa kalawan sabab bae.
Bilih rai tacan tingali ieu mah wujud ranteanna (ngahijina) kana Dzat-Sifat-Asma-Af’al, atawa mun dina lafadna mah ngahijina Alif-Lam-Lam-He, katarik kana kanyataan (ﺍﷲ), jadi ieu Af’al teh wujud jadi huruf He-na lafad Allah. Jawab raina “Naha, sanes ieu mah anyar?” Jawab deui rakana “Anyar soteh Isbatna (ayana), kapan ieu teh barang nu Nafi tea, Nafi Isbat jadi hiji. Jawab raina “Upami enya ieu wujud teh barang Nafi, naha atuh sok ruksak buruk bau dikuburna?” Jawab deui rakana “Bisa jadi buruk batin, lamun ieu wujud diaku wujud rai (manusa), da ieu mah lain wujud manusa tapi wujud (buktina) dadamelan Gusti Allah, pikeun tempat manusa jeung pikeun parabot pikeun nyumponan sagala karep manusa, geura pikir ku rai upami rai hoyong ka Batawi, naha ieu wujudna nu hayang ka Batawi teh?” Jawab raina “Kantenan rasana nu hayangeun mah” Jawab rakana “Tah gening kaharti, enya rasa, tapi naha eta rasa bisa datang ka Batawi, upama teu dianteurkeun ku ieu wujud?” Saur raina “Moal dongkap, bujeng-bujeng kanu tebih-tebih, sanaos hayang ka cai oge moal bisa upami teu dibawa ku wujud, tapi wujud oge panginten moal bisa indit upami teu ku Dzat Sifat Asma (hirup jeung rohna) Allah ta’ala mah, paingan ceuk Hadist sagala karepna manusa moal jadi lamun teu dibarengan ku Allah”. Saur rakana “Tah lebah dieu Gusti Allah karaos teu pilih kasihna ka sadaya manusa teh, sabab rata pada dipaparin wujud kanyataan Af’alna Gusti Allah, pikeun ngabarengan sarta ngajadikeun saniskara karepna manusa, kapan eusina ieu alam dunya sakieu parentulna, boh gedong-gedong, kapal-kapal nu di cai nu di luhur, mobil kareta api sareng sakumna bae eusina ieu dunya, teu aya sanes nu ngajadikeunnana lian ti wujud (Af’alullah), tapi anu boga karepna mah manusa, kitu deui pikeun eusina Akherat oge boh Sawarga boh Naraka, ayana teh beubeunangan pagawean wujud ieu keneh bae, beunang nyieun ayeuna di dunya. Nu matak tetep Gusti Allah Suci, teu ngalap faedah ngadamelna manusa teh, teu rek ngaganjar teu rek nyiksa ka sakabeh manusa teh, enya soteh bakal aya Sawarga Naraka beunang tekad laku lampah waktu urang keur waktu di dunya, kumaha ngagolangkeunnana kana ieu Af’alullah (wujud) bae, sabab Gusti Allah maparin hiji Af’al ka masing-masing manusa teh cukup keur ngayakeun eusi dunya jeung Akherat. Kusabab kitu, atuh rai sing atos-atos ngajalankeun ieu Af’alullah teh, da ieu teh amanat Gusti Allah barang suci,ulah gagabah digunakeunnana, jalankeun kana kasaean bae, pake ibadah kanu kagunganana, pake muji bari dibarengan ku soleh, hartina kudu suci atina, suci ucapna, suci laku lampahna, ati ulah dipake sirik pidik ujub ria takabur, goreng sangka ka papada manusa, ucap ulah dipake ngupat simuat ka batur, wujud ulah dipake laku lampah ma’siat. Nu matak Gusti Allah ngayakeun kitab Qur’an nyaeta, pikeun angger-anggeranana lakuna manusa sangkan ulah nyorang kanu disebut bieu diluhur. Alhasil eta kitab Qur’an teh lain pikeun ngahukuman ka batur, tapi pikeun ngahukuman kana dirina sorangan (kanu macana pribadi) tapi sabagian ageung beunangna ngaji kitab Qur’an teh, sok dipake ngahukum kana kalakuan batur, kana ilmu nu aya di batur. Jarang anu sok dipake ngahukum kana laku ucapna sorangan anu goreng. Tadi ge Amaluna amalukum, hartina amal urang keur urang, amal batur keur batur, sareng rai sing emut, ieu Af’alullah lamun ku urang ayeuna dipake ngalakonkeun kagorengan saperti nu kasebat diluhur bieu, balukarna tangtu jadi Naraka (kateungeunahan) ti ayeuna terus kababawa ka Akherat, malah engke mah di Akherat beubeunangan kagorengan-kagorengan teh, boh tina ucap boh tina laku ti kawit aqil baligh tepi ka maot jadi hiji, nya jadi Naraka nu leuwih gede sarta dipake tempat ku urang sarta langgeng. Sabalikna lamun Af’alullah ti kawit aqil balighdijalankeunnana kana kahadean, dipake ibadah dipake laku ucap tekad anu hade, tangtu engke di Akherat jadi adegan Sawarga nu leuwih agung kani’matannana sarta langgeng”. Raina unjukan deui “Pasal eta sakur anu disaurkeun ku engkang diluhur kahartos pisan, nya kedah kitu kalakuan Islam teh, nu teu tiasa kitu sanes Islam. Ayeuna tumaros deui, rehna ieu wujud teh hiji kanyataan wujud Af’alullah (dadamelan) jadi sidik ieu teh sanes wujud manusa, namung upami sanes ieu, atuh nu mana ari wujud manusa nu sayaktosna ?” Jawab rakana bari gumujeng “Wujud manusa mah gaib, aya tapi teu ngajentul, da nu jarentul mah kanyataan Af’alullah, diri manusa mah nyumput, nu matak ku Hadist dicarioskeun : ﻣﻦﻋﺮﻑﻧﻔﺴﻪﻓﻘﺪﻋﺮﻑﺭﺑّﻪ ﻣﻦﻋﺮﻑﺭﺑّﻪﻓﻘﺪﺟﻬﻠﻦﻧﻔﺴﻪ Man 'arofa nafsahu faqod 'arofa robbahu Man 'arofa robbaha faqod jahilan nafsahu
Hartosna : Saha-saha jalma anu geus nyaho kana dirina, tangtu nyaho ka Pangerannana, saha jalma anu geus nyaho ka Pangeran, tangtu ngarasa bodo dirina.
Tuh diri urang teh kudu diteangan gening, atuh sidik ieu mah nu ngajentul lain diri manusa, piraku kudu neangan barang anu geus bukti, malah ti leuleutik oge ieu mah geus diaku, geus kapanggih. Tah jadi lamun manusa nyaho kana dirina sorangan tangtu ngarasa bedana antara Allah jeung manusa (Gusti lan Kaula), bedana nu suci jeung nu kotor, satiap ngarasa kotor, geus tangtu nyaho jalanna nu jadi kotor, tangtu daek beberesihna (tobat)”. Keur kitu Raden Kamil ngareret ka wetan, katingali parantos balebat, tembong Fajar Sidiq, lajeng nyaur ka raina “Aduh rai itu parantos balebat, hayu urang siram urang netepan Shubuh heula, mun teu repot ku tunduh, wengi enjing urang teraskeun deui”. Saur raina “Mangga”.
Bissmillahirahmaanirrahiimi.
Alhamdulillahi robbil’alamiin, wassholatu wassalamu ‘ala syaidina Muhammadin wa ‘ala aliihi wa shohbihi ajma’iin.
Mimiti jisim kuring nulis ieu kitab, ngalap berkah tina jenengan Allah ta’ala, nu murah ti dunya ka umat-umatna sakabeh, jeung nu asih di Akherat ka umat-umatna anu mu’min, ari Rohmatna Allah ta’ala kasalametannana turuna ka atas panutan urang Kangjeng Nabi Muhammad Shalallohu ‘alaihi wassalam, jeung ka para sahabatna rawuh kulawargana sakabeh.
WAJIB MA’RIFAT KA ALLAH TA’ALA
Ari ma’rifat ka Allah ta’ala teh wajib di sakabeh jalma mukalaf, tegesna jalma anu geus aqil baligh, eta wajib teu meunang henteu, karana aya dawuhannana Kangjeng Nabi Muhammad shalallohu ‘alaihi wassalam kieu : Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala Sundana : Awal –awal Agama eta kudu nyaho heula ka Allah ta’ala, sababna pang kudu nyaho heula teh, supaya manusa enggoning ngalakonan ibadahna syah ditarima amal ibadahna ku Allah ta’ala, sabab tadi oge amal teh kudu kalawan ilmu, upama teu kalawan ilmu batal, tegesna teu jadi, samangsa-mangsa teu jadi tangtu moal aya mangfa’atna pikeun di Akherat ngan ukur keur di dunya wungkul. Tapi dina hal ilmu mangkade kaliru, ari hartina ilmu teh kanyaho, tapi lain kudu nyaho kana syara, syahna batalna ibadah bae, tapi kudu jeung nyaho (ma’rifat) ka Allah ka Rasulullah, sabab eta teh ibarat tempat atawa gudangna keur piwadaheun amal ibadah urang sarerea, ulah teu puguh sokna. Ibarat lamun di dunya mah ibadah keur ngumpul-ngumpulkeun papaes imah, saperti meja korsi lomari jeung salianna, ari ma’rifat ka Allah ibarat urang ngabogaan imah anu pageuh anu gede, nyaeta supaya eta barang-barang nu beunang hese cape teh merenah puguh tempatna, betah ngeunah dicicingannana, karana sanajan boga barang loba sarta aralus hargana mahal, upama teu boga tempat (imahna) rek dimana diteundeunna? Naha rek sina pabalatak di buruan, di pipir-pipir, atuh cicingna oge piraku rek aya kangeunahannana, da meureun kapanasan kahujanan, keur mah teu ngeunah dicicingannana teh, barang-barangna oge tangtu babari ruksak, moal tulus jadi kani’matannana. Komo deui upama urang boga tekad amal ibadah teh keur bawaeun engke balik ka Akherat, atuh beuki wajib ma’rifatna ka Allah ta’ala teh, sabab pikeun tempat pangbalikan tea. Upama teu dikanyahokeun ayeuna, naha kira-kirana bisa datang engke kana tempat asal urang tadi? Kapan dina sakaratil maut mah geus moal aya tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun kanyeri oge, sabab ceuk Hadist upama urang lolong tegesna teu nyaho ka Allah ka Rasulullah ayeuna keur waktu di dunya, engkena di Akherat tetep lolong bae, samangsa-mangsa lolong tegesna poek di Akherat, atuh beubeunangan urang ti dunya anu beunang sakitu hese cape teh, rek dibawa kamana? Ku sabab teu bisa datang ka Allah, kana asal urang tadi sarerea, palangsiang babawaan teh bakal dibawa utrak-atrok, dibawa asup ka enggon Siluman, babawaan urang dijieun kakayaan di Nagarana, urang di jieun badegana, ku sabab eta ayeuna urang meungpeung di dunya, kudu ikhtiar kudu tiung memeh hujan, tegesna kudu nganjang ka pageto, nyaeta kudu bisa paeh samemeh paeh, karana lamun teu bisa paeh heula sajero hirup, moal nyaho ka Akherat karana nyaho ka Akherat teh kudu bisa paeh heula, kapan ceuk dalilna oge : Antal mautu qoblal mautu Jadi gening Akherat atawa asal urang teh, kudu dikanyahokeun jeung kudu dianjangan ti ayeuna, supaya engke ulah nyasab deui, paeh pulatat-polotot, jeba-jebi, larak-lirik neangan jalan.
Jalan-jalanna Ma’rifat ka Allah Ta’ala
Ari jalan-jalanna ma’rifat ka Allah ta’ala nyaeta aya dua jalan, aya nu ti handap ka luhur, jeung aya nu ti luhur ka handap. Ari anu ti handap ka luhur, nyaeta anu masantren heula, ngaji kitab Qur’an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara, tah anu kitu teh ibadah keur jalan ma’rifat ka Allah ta’ala, tapi hanjakal lolobana mah tara ditepikeun kana ma’rifatna, lantaran kaburu betah, kaburu ngeunah dina asma, tegesna geus ngarasa ni’mat dina Pal Nunjukna (papan merk nu nuduhkeun tempat), padahal upama diteruskeun ma’rifat kana dzatna sifatna Allah ta’ala, piraku teu undak kani’matannana, da gening karek dina asmana wungkul geus sakitu kani’matannana. Ari jalan anu ti luhur ka handap, nyaeta anu nyumponan dalil tadi Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala, jalanna lain tina masantren wungkul, tapi kudu jeung ngisat diri nyaeta kudu daek tirakat, kalawan jeung ikhtiar neangan pigurueunnana, Guru anu Mursyid, sabab moal weruh tanpa Guru, ku sabab eta mana ku urang kudu disusul? Teu aya deui lian ti tarekatna Wali nu kudu disusul, sabab eta anu bisa tepi ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Jauhar Awwal tea, nyaeta hakekatna Muhammad tea, da piraku teu aya leleberannana pikeun urang sarerea, sababna tadi oge para Wali pangna sakitu poharana tatapa teh pikeun ngabela umat-umatna Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah ta’ala. Ku sabab kitu atuh hayu urang pada teangan ku sarerea eta tarekat wali teh, sabab upama teu buru-buru kapanggih, tangtu urang moal barisa balik deui ka asal, pasti nyawa urang engke bakal marakayangan atawa nitis-nitisan, balik deui ka dunya kana barang anu keuna ku ruksak deui, moal bias nyumponan kana dalil : Inna lillaahi wa inna ilaihi raaji’uun Sundana : Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah. Ku sabab kitu tangtu sarerea oge meureun pada bingung keneh, pada-pada percaya oge, lantaran urang pada teu ngarasa tadi inditna ti Allah, turunna ka alam dunya, tapi kusabab dalilna kitu, gancang bae ngaku yen urang asal ti Allah, tapi ngakuna teh sasemet biwir bae, kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kufur kafir karana henteu percaya kana dalil, tapi atina mah keukeuh poek teu kaharti ku sabab teu karasa. Kusabab eta ayeuna pribados arek mere panerangan saeutik, malah mandar tiasa percaya sareng karaosna, urang tadi asal ti Allah kieu katerangannana, urang papay ti handap ka luhur supaya kaharti ku akal. Mimiti urang tumarima asal ti mana? Nu kaharti jeung ku umum, urang asal kaluar teh ti Indung. Teruskeun deui papay ka luhurna, ari Indung asal ti mana? Tangtu Indung urang teh kaluar ti Nini. Ari nini asal ti mana? Teu salah deui asal kaluar ti Buyut. Ari Buyut asal ti mana? Tangtu kaluarna ti Bao. Ari Bao asal ti mana? Nya asalna kaluar ti Janggawareng. Ari Janggawareng asal ti mana? Tangtu kaluar ti Udeg-udeg. Ari Udeg-udeg asal ti mana? Tangtu asalna kaluar ti Kakait Siwur, saterusna kitu bae, ti Indungna deui, ti Indungna deui nepi ka Babu Hawa. Ari Babu hawa asal ti mana? Ku sakaol ceuk Hadist asalna Babu Hawa teh asal tina iga burungna Nabi Adam. Ari Nabi Adam asal ti mana? Diterangkeun ku Hadist, asalna Nabi Adam teh tina aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin. Ari aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin asal ti mana? Diterangkeun ku Hadist asalna tina Nur Muhammad, cahya opat perkara :
1. Cahya Hideung hakekat Bumi
2. Cahya Bodas hakekat Cai
3. Cahya Koneng hakekat Angin
4. Cahya Beureum hakekat Seuneu
Ari Nur Muhammad asal ti mana? Eta oge diterangkun ku Hadist asalna tina Nurna Maha Suci, nyaeta tina Jauhar Awwal, tah semet eta buntu. Sabab geus diterangkeun ku Hadist jeung Qur’an, eta Jauhar Awwal teh bibitna tujuh Bumi tujuh Langit, saweruh eusina kabeh. Jadi, ana kitu ceuk dalil asal ti Allah nyaeta asal ti dinya tina Jauhar Awwal tea. Sifatna caang padang, nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci, kakara jeneng Asma Allah.
1. Cahya Beureum jadi hakekat lafad Alif
2. Cahya Koneng jadi hakekat lafad Lam awal
3. Cahya Bodas jadi hakekat lafad Lam akhir
4. Cahya Hideung jadi hakekat lafad He
5. Johar Awal jadi hakekatna Tasjid Kitu katerangannana,
jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh nu disebut Ismudzat tea. Hartina Dzat laisa kamishlihi atawa Asmana nu Maha Suci, ceuk anu Ahli Padzikiran mah Latifah tea. Tah engke teh kudu bisa balik deui ka dinya, nu matak kacida wajib dikanyahokeunnana ti ayeuna. Geura susul tarekatna anu bisa miceun hijabna atawa pipindingna anu jadi moekan kana eta Dzat Sifatna Allah ta’ala, sing kapanggih jeung hakekatna Tasjid Muhammad, anu aya dina wujud pribadi. Tah eta kunci Muhammad anu bakal bisa ngaburak-barik hijabna ka Allah ta’ala. Upama kapanggih Insya Allah tangtu urang bisa nyumponan kana babasan Mulih ka Jati, Pulang ka Asal, nyaeta mulih ka jati teh, rasa jasmani anu ayeuna keur dipake balik deui kana rasa tadi keur waktu aya dina Nurullah (Jauhar Awwal). Ari pulang ka asal nyaeta jasmanina ngajadi asalna deui, nyaeta ngajadi Nur Muhammad cahya opat rupa deui, Beureum Koneng Bodas Hideung. Samangsa-mangsa balik ka asal, nya ngaranna sampurna hartina beak beresih beak rasana beak jasmanina.
Mimitina Mun Rek Neangan Pangeran
Aya dawuhanna Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alaihi wassalam : Man tholaba maulana boghairi nafsihi faqad dolla dolaalan ba’ida Sundana : Saha-saha manusa neangan Pangeran kaluar tina dirina sorangan, mangka temen-temen eta si jalma kasasar. Karana dina tekadna ngarasa jauhna jeung Allah ta’ala, padahal aya dalilna : Wa nahnu aqrobbu ilaihi min hablil warid Sundana : Aing geus teu aya antarana deui jeung maraneh sakabeh, sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung beuheung maneh pribadi oge, masih keneh deukeut keneh maneh jeung Aing. Nu matak manusa leuwih dimulyakeunnana ku Allah ta’ala kapan ceuk Hadistna oge kieu :
“Wa laqad karomma bani Adam”
Sundana : “Kami geus ngamulyakeun pisan ka anak putu Adam”.
Malah aya deui dalilna :
“Laqad khalaqnal insaana fii ahsani taqwiim”
Sundana : “Manusa teh pang alus-alusna jeung pang aheng-ahengna kajadian ti sasama makhlukna Allah ta’ala”.
Geura lamun maneh geus nyaho kaayaan dina sajero diri maneh sorangan, tangtu engke ngarasa kaahengannana nu aya di badan sorangan. Aya deui dawuhannana Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alihi wassalam :
“Man ‘arofa nafsahu faqad ‘arofa robbahu”
Sundana : “Saha-saha anu geus nyaho ka dirina sorangan geus tangtu nyaho ka Pangerannana”.
“Wa man ‘arofa robbahu faqad jahilan nafsahu”
Sundana : “Jeung saha-saha anu geus nyaho ka Pageran, tangtu ngarasa bodo dirina”.
karana tangtu kaharti si jasad moal bisa usik malik lamun teu di daya upayakeun ku Pangerannana. Sidik ieu Si jasad teh jadi rokrakna, anu matak urang kudu ngaji teh ulah ngaji kitab anu keuna ku ruksak bae, tapi kudu ngaji kitab anu langgeng kapan ceuk Hadist oge kieu :
“Iqra kitabaka kafa binafsika alyauma ‘alaika hasiba”
Sundana : Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng, nyaeta kudu ngaji kitab langgeng anu aya dina diri maneh sorangan,
geura teangan Qudrat Iradatna Pangeran dina diri sorangan, karana leuwih nyata kakawasaannana Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata hirupna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata tingalina Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata danguna Pangeran teh dina diri sorangan, sarta leuwih nyata pangandikana Pangeran teh dina diri sorangan, karana ceuk dalilna :
“Wa huwa ma’akum ainama kuntum”
Sundana : Allah ta’ala teh ngabarengan bae ka umat-umat sakabeh, dimana bae maneh aya, di dinya Aing aya,
tapi sategesna ngaran dibarengan ku Allah ta’ala teh nyaeta, ku Qudrat Iradatna jeung ku Ilmuna, kapan sidik dina sifat dua puluh oge geus ngarangkep-rangkep saperti :Hayat jeung Hayan Hayat hartina Hirup Hayan hartina Nu hirup Sama jeung Sami’an Sama hartina Dangu Sami’an hartina Nu ngadangu Bashar jeung Bashiran Bashar hartina Ningali Bashiran hartina Nu ningali Kalam jeung Mutakalliman Kalam hartina Ngucap Mutakalliman hartina Nu ngucap Qudrat jeung Iradat Qudrat hartina Kawasa Iradat hartina Keresa
Naon nu kawasa di diri urang teh? Teu aya deui lian ti Hirup, buktina gening bisa usik. Iradat hartina Keresa, nyaeta buktina : Panon bisa ningali Cepil bisa ngadangu Baham bisa nyarita Pangambung bisa ngangseu Tuh gening bukti, sidik teu pisahna teh, ayeuna mah atuh ngan kari neangan barangna bae, siga naon sifatna Qudrat atawa sifat Hirup teh? Wajib pisan kapanggihna supaya bisa kaharti jeung karasana, ulah percaya ceuk beja kudu nyaho ceuk sorangan.
Nerangkeun Hartina Iman jeung Ma’rifatna (Iman hartina Percaya – Ma’rifat hartina Nyaho)
geuning beda Iman jeung Ma’rifat teh, ana kitu atuh urang percaya ayana Allah ta’ala teh kudu jeung nyahona (ma’rifat) upama mun teu jeung sidikna mah tangtu Imanna Iman Taqlid, jadi ngakuna percaya ayana Allah ta’ala teh ceuk beja ti batur, atawa meunang beja ti kitab bae. Jadi anu kitu faham teh meh sarerea. Iman ka Allah teh semet percaya kana ayana bae, pedah aya dadamelanna Bumi jeung Langit. Atuh ana kitu mah sumawonna nu nyekelan Agama Islam, kapan anu nyekelan Agama sejen-sejen oge pada percaya kana ayana Allah ta’ala mah, atuh naon bedana Agama Islam jeung Agama-agama sejen? Pedah eta kitu Agama Islam mah aya rukuna, Syahadat, Shalat, Zakat, Puasa, Munggah Haji? Kapan dina Agama sejen oge aya Syahadatna , pada aya Sholatna, ngan beda pertingkahna jeung basana wungkul, maksudna tangtu sarua. Kapan tadi Agama Islam teh pang luhung-luhungna ti Agama-agama nu sejen da kapan kieu dalilna oge :
“Al insaanu sirri wa anna sirruhu”
Sundana : Rasa Muhammad teh nya rasa Allah, Allah Haqna Muhammad.
Tah kitu, anu matak Agama Islam disebut pang luhur-luhurna teh, lantaran pang parek-parekna ka Allah ta’ala, moal aya allah lamun teu aya Muhammad, moal aya Muhammad lamun teu aya Allah. Sategesna moal aya Sifat lamun teu aya Dzat, moal aya Dzat lamun teu aya sifat. Anu matak Kangjeng Rasulullah disebat Panguluna Rasul, jeung disebut Babuning Roh sakabeh, jadi Agama Islam pang disebat luhurna teh, nyaeta ku sabab aya haq ma’rifat ka Allah ta’ala. Kapan bukti Mi’raj, barang beh dieuna mah Kangjeng Gusti Syarif Hidayatullha Wali Kutub Cirebon, Mi’rajna teh tiasa tepang sareng hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alaihi wassalam, nyaeta anu kasebut Jauhar Awwal tea, tegesna sifat nu Maha Suci. Saur para Wali mah Sajatining Hirup atawa Sajatining Syahadat, nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci. Jadi, sanajan urang oge upama bisa kapanggih mah jeung Tarekat Wali, Insya Allah bisa tepang sareng Hakekatna Rasulullah. Samangsa-mangsa geus bisa tepung jeung Hakekatna Rasulullah, kakara urang diaku umatna. Samangsa-mangsa geus diaku umat Rasulullah, Insya Allah engke bakal dicandak kana kasalametan Anjeuna, nyaeta kana Kasucian. Upama teu acan kana hakekatna, tetep teu acan syah urang ngaku jadi umat Rasulullah teh, karana dina rukun syahna maca Syahadat oge geus diterangkeun dina kitab :
1. Kudu netepkeun heula Dzatna Allah ta’ala
2. Kudu netepkeun heula Sifatna Allah ta’ala
3. Kudu netepkeun heula Asmana Allah ta’ala
4. Kudu Sidik heula ka Rasulullah Tah gening kitu maca Syahadat teh, gening kudu sidik heula ka Rasulullah, sabab kumaha bisa netepkeun ayana Allah jeung Rasulullah, upama teu acan nyaho (ma’rifat) kana sifat-sifatna.
Sabab, bisa netepkeun teh, kudu puguh heula barang-barangna anu ditetepkeunnana. Gening kitu satemen-temenna maca Kalimah Syahadat teh, lain darapon nyebat bae, karana ari darapon nyebut bae mah, budak lembut oge pada bisa. Nu matak wajib jeung nyahona, sabab upama teu jeung nyahona mah, ibarat maca programma bioscoop anu rame, tapi teu jeung lalajona, naha jadi kani’matan ka urang? Kitu deui sanajan teu maca programmana, tapi lalajo datang kana tempatna eta bioscoop, naha utama mana? Utama anu maca programmana tawa utama nu lalajona? Kitu deui dina bab Agama (Ilmu), nu ngaos atawa nu ngadangukeun kana ieu kitab, ulah gancang percaya, ulah gancang ngalain-lain, karana ieu zaman geus alur, pikiran jalma geus naraek, geus teu pati hayangeun dibobodo. Jalma ayeuna mah dina sagala rupa hayang karasa hayang yakin, sing inget kana babasan kolot baheula, Batu turun Keusik naek, teu halangan mungguhing kawenangan Allah, Si kolot jadi bodo, Si budak jadi pinter, jeung kudu inget mungguh Ilmuna Rasulullah teh aya opat pangkat, nyaeta :
1. Ilmu Sare’at
2. Ilmu Tarekat
3. Ilmu Hakekat
4. Ilmu Ma’rifat
Dina zaman ayeuna mah ilmu ma’rifat anu diarudag-udag teh, hayang sidik ka Allah ka Rasulullah, da bongan aya dalil :
“Wa‘bud robbaka hatta ya’tiyakal yaqiin”
Sundana : Nyembah ka Allah teh kudu sidik sarta yakin supaya syah Dzatna, syah Sifatna, syah Asmana, syah Af’alna.
Enggoning ngumbara di alam dunya teh, sing tepi ka ngarasana teu papisah jeung Allah jeung Rasulullah. Samangsa-mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Allah jeung Rasulullah beurang peuting, sugan piraku urang rek goreng tekad, goreng laku saperti sirik pidik, jail kaniaya ka sasama makhluk, karana tangtu ngarasa isinna, lantaran ngarasa di poconghok beurang kalawan peuting ku Pangeran. Sagala hal moal disumput salindungkeun deui, jeung sagala hal kalakuan naon bae, moal make Ujub Takabur Riya, karana ngarasa geuning diri urang teh Hina Bodo Do’if. Bisa soteh jadi aya rizki pagawean bisa jadi, sihoreng kalawan pitulungna nu Maha Suci, nyaeta Qudrat Iradatna anu Kawasa. Jadi ayeuna oge bisa ditetepkeun, samangsa-mangsa jalma make keneh kalakuan Sirik Pidik Jail Kaniaya ka sasama makhlukna Allah ta’ala, boh dinu Ma’siat, boh di Lebe, boh di Santri, boh di Kyai pisan, ciri-ciri eta jalma tacan ngarasa deukeutna jeung Rasulullah sumawonna jeung Allah ta’ala. Samangsa-mangsa teu ngarasa deukeutna jeung Pangeran, tangtu laku jeung tekadna cicing dina Ujub Riya Takabur, sok ngaku aing pinter teu deungeun, ngaku bener aing teu deungeun, ngaku bisa ngaji aing teu deungeun, ngaku Islam aing teu deungeun. Jadi jalma kitu teh ngaku boga Qudrat Iradatna sorangan bae, teu narima kana Qudrat Iradatna Pangeran. Jadi ngarebut atawa mapadani kana kakawasaannana Allah ta’ala. Kapan teu gampang urang ngaku Islam, sumawonna taduh-tuduh ka batur, Si itu Islam Si itu Kafir. Karana Islam Kafir anging Gusti Allah anu uninga jeung nu baris netepkeunnan, kieu katerangannana :
BAB ISLAM
Ari tegesna Islam teh Suci, beresih tina sagala kokotor, naon anu ngajadikeun kokotor? Teu aya lian anging nafsu. Ku sabab eta saha bae jalmana di dunya nu teu boga nafsu? Sumawona di nu jalan ma’siat, sanajan dinu ahli Agama oge pada katetepan nafsu, komo deui anu make sirik pidik ujub riya takabur, sanajan nafsu hayang ka dunya oge geus kotor bae. Kieu katerangannana. Sategesna Islam teh teu dua teu tilu, estu ngan hiji-hijina, malah keur sahiji teh Gaib. Nyaeta sategesna sifatna Islam teh Nur, tah eta anu teu katetepan nafsu teh, sabab tadi gening urang keur aya dina Allah Nur mah teu boga nafsu hayang nanaon. Kitu deui anu Islamna oge teu dua teu tilu, da ngan sahiji-hijina, nyaeta Kangjeng Rasulullah. Tuh gening jalma mah teu kabagean pangkat Islam, jalma mah ngan ukur jadi umat, sabab kudu nyaho heula ka Rasulullah jeung ngalakonan kana parentahna. Lolobana mah ngan ngaku-ngaku wungkul, sumawonna nyaho ka Rasulullah, kana parentahna oge loba anu teu ngalakonan. Kapan dina rukun Islam oge diwajibkeun jarah ka Madinah ka Pakuburannana Rasulullah, jeung ka Baetullah, hakekatna kudu terang kana hakekatna Rasulullah jeung Karatonna Allah ta’ala nu aya di diri sorangan, kapan aya dalilna :
“Kullu ummatin wa rusulili”
Sundana : Dina sakabeh pada katetepan Rasulullah, hartina rasana Allah.
Ku sabab eta perlu urang panasaran, wajib nganyahokeunnana kana hakekat Rasulullah nu aya di badan sorangan. Peupeuriheun jarah ka Mekah ka Madinah teu bisa, kapan tadi ge aya dua rupa Munggah Haji teh, Haji Majaji jeung Haji Hakeki. Haji Majaji nyaeta anu bisa jarah ja Baetullah jeung ka Madinah. Haji Hakeki nyaeta anu geus nganyahokeun kana hakekatna Baetullah jeung Rasulullah dina diri sorangan, karana rasulullah teu pupus. Upama pupus mah alam dunya ge moal aya, kapan gening Kangjeng Gusti Syarif Hidayat oge tiasa tepang di jalan tarekat. Jadi sanajan urang oge upama hayang jadi umat Rasulullah kudu bisa nyaho kana hakekatna Rasulullah nu kasebut Johar Awal tea. Sing kapanggih jeung tarekatna leleberannana tina para Wali.
NERANGKEUN UMAT RASULULLAH
Ari umat Rasulullah teh haq-haqna mah ngan aya opat, nyaeta :
1. Sahabat Abu Bakar Sidiq, Radiallohu Anhu
2. Sahabat Umar Bin Khatab, Radiallohu Anhu
3. Sahabat Usman Bin ‘Affan, Radiallohu Anhu
4. Sahabat ‘Ali Bin Abi Thalib, Karomallohu Wajhah
Sabab eta anu opat nu sagalang sagulung beurang peuting jeung Rasulullah, sarta didamel Sahabat (utusannana Rasulullah), tapi ayeuna sarerea oge meureun terang yen eta Sahabat anu opat teh geus parupus majajina mah, tapi hakekatna mah teu pupus, aya di badan manusa, kapan Rasulullah oge hakekatna oge aya di manusa.
1. Hakekat Abu Bakar nyatana Paningal
2. Hakekat Umar nyatana Pangdangu
3. Hakekat Usman nyatana Pangucap
4. Hakekat ‘Ali nyatana Pangangseu
Eta Paningal-Pangdangu-Pangucap-Pangangseu teh gaib kabeh teu aya rupana. Teh eta hakekatna Sahabat teh, anu matak eta Sahabat anu opat teh kudu nganyahokeun kana hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad Sholallohu ‘alaihi wassalam, jeung kudu jadi hiji sing bisa ngarasa babarengannana beurang peuting jeung Rasulullah. Samangsa-mangsa geus teu ngarasa papisahna jeung Rasulullah, tetep jadi umatna. Tiap-tiap geus jadi umatna tangtu engke bakal disampurnakeunnana, didatangkeun ka Gusti Maha Suci (asalna), upama teu nyaho ayeuna mah ka Rasulullah sarta teu ngarasa ngahijina engkena oge pipisahan bae, nyawa urang moal salah deui tangtu balik deui ka dunya marakayangan jadi Jurig, Setan, Siluman atawa nitis-menitisna deui ka jalma atawa ka sato. Samangsa-mangsa nyawa manusa balik deui ka dunya tetep bakal cilaka asup ka Naraka, engke dina Kiamatna ieu alam dunya, karana ayeuna nyawa-nyawa manusa anu marakayangan tegesna teu bisa balik ka Allah. Ceuk basa ayeuna mah keur di Preventief, aya di alam Barjah tunggu-tunggu Landraad, engke inget bakal aya landratan nu leuwih gede dina Walyaumil Akhiri (kiamatna ieu alam dunya).
NERANGKEUN RUKUN IMAN ANU KAGENEPNA NYAETA
“Wal qodri khairihi wasirrihi minallohi ta’ala”
Sundana : Untung ala untung becik papasten ti Allah ta’ala atawa hade goreng ti Allah ta’ala.
Lebah dieu urang percayana teh ulah kaliru, kudu dipikir dilenyepan karana tadi Gusti Allah teh sifat Maha Suci. Piraku anu suci make bakal nyiksa, make bakal ngaganjar engke di Akherat, jadi ana kitu mah Gusti Allah ngadamelna manusa teh ngalap faedah, kersana rek ngaganjar jeung rek nyiksa. Lamun kitu mah moal tulus sucina Allah ta’ala teh, tapi urang kudu percaya kana dalil, urang kudu percaya kana ayana Sawarga Naraka atawa ngeunah teu ngeunah engke di Akherat, karana ayeuna ge di dunya kembangna geus karasa. Aya ngeunah jeung teu ngeunah, tapi Sawarga Naraka teh lain ti Allah tapi sategesna tina tekad ucap jeung pamolah urang keur waktu di dunya, sabab tadi Gusti Allah ngadamelna manusa teh sakali jadi, henteu nungtutan deui, geus Kun fayaakun breg sama sakali cukup teu aya kakurangannana. Tapi maparin cukup teh nyaeta maparin parabotna wungkul, naon parabot ti Allah ta’ala teh? Nyaeta anggahota saperti leungeun dua, suku dua, panon dua, ceuli dua, irung, baham jeung nafsu anu opat perkara (Amarah, Loamah, Sawiyah, Mutmainna). Kieu dawuhannana Allah ta’ala lamun maneh hayang ka Naraka tegesna hayang kana teu ngeunah, prak bae migawe ‘ala, nyaeta migawe kalakuan anu goreng, da kapan geus sadia parabotna ti Aing, aya Amarah Lowamah Sawiyah. Kitu deui lamun maneh hayang ka Sawarga tegesna kana kangeunahan, pek bae geura migawe becik, hartina migawe kalakuan anu hade, da kapan geus sadia parabotna ti Aing nyaeta nafsu Mutmainnah. Tah kitu sategesna mah pang aya Sawarga Naraka di dunya sumawona di Akherat oge, beunang nyieun tina tekad jeung pamolah urang waktu keur di dunya, kitu deui beubeunangannana oge moal keur batur, tetep keur milik sorangan, ti dunya nepi ka Akherat. Jadi ku sabab eta ayeuna urang sarerea mangka ati-ati enggoning ngajalankeun parabot ti Gusti Allah teh. Kudu make budi jeung pamilih anu cukup, ulah rek ngagunakeun teuing parabot Amarah Lowamah Sawiah, kilangbara ari teu dipake pisan mah, atuh ulah loba-loba teuing, sakurang-sakurangna sing sama timbang jeung ngagunakeun parabot Mutmainnah. Karana sing awas, eta beubeunangan tina pagawean urang teh engke di Akherat ku Gusti Allah bakal ditetepkeun, sabeunang-beunangna tina pagawean urang ti pangumbaraan nyaeta di alam dunya, saboga-bogana moal pahili deui. Kumaha atuh akalna supaya urang bisa ngalobakeun parabot Mutmainnah? Teu aya deui akalna lian ti urang kudu bisa nyalindung ka Allah ka Rasulullah, tegesna ku ma’rifat, tiap-tiap geus ma’rifat tangtu bisa ngarasa babarenganna beurang jeung peuting jeung Allah jeung Rasulullah. Tiap-tiap geus ngarasa teu pisah, Insya Allah bisa hade, ibadahna kalawan syah Nagara ge tangtu aman.
NERANGKEUN PASAL QUR’AN
Ari Qur’an teh aya opat perkara :
1. Qur’anul Majid
2. Qur’anul Karim
3. Qur’anul Hakim
4. Qur’anul ‘Adzim
Ieu Qur’an anu opat perkara disurahannana ku sahiji Ajengan kieu :
1. Qur’anul Majid, nyaeta Qur’an anu aya hurufna nu umum sok diaraji ku kaom Islam sadunya.
2. Qur’anul Karim, hartina Qur’an anu mulya, buktina nyaeta keneh bae Qur’an anu aya tulisannana, karana eta anu dimulyakeun ku kaom Islam saalam dunya.
3. Qur’anul Hakim, hartina Qur’an anu agung disebatkeun barangna eta keneh bae, Qur’an anu sok dibaraca, sabab eta anu diaragungkeun ku kaom Islam saalam dunya.
4. Qur’anul ‘Adzim, hartina Qur’an anu suci jeung langgeng, dituduh eta keneh bae buktina mahQur’an anu aya tulisannana, karana eta anu suci jeung langgeng hukumannana ti dunya nepi ka Akherat.
Tah kitu eta Qur’an anu opat perkara teh, disurahannana kunu Ahli Syara, jadi borong bae kajeun aya opat ngaranna, barangna mah eta-eta keneh bae. Jadi ana kitu eta Qur’an tulisan teh dianggap Tapekong, karana kapan sidik Qur’an eta mah beunang nulis manusa, naha disebutkeun Qur’an anu mulya, anu agung, anu suci anu langgeng, kapan sidik Qur’an tutulisan mah keuna ku ruksak, jadi lamun kaom Islam keukeuh boga patekadan kitu, atuh teu beda jeung Agama Cina, sesembahannana Migustina kana barang anyar, turug-turug nu nyieunna oge nu anyar.
Ku sabab kitu muga dulur-dulur kaom Islam ulah kaliru, kieu ayeuna dihandap ku jisim kuring rek diterangkeun pasal eta Qur’an anu opat perkara teh.
1. Qur’anul Majid, eta mah cocog barangna, nyaet Qur’an majaji anu bukti aya hurufna, umum sok dibaraca ku sarerea kaom Islam.
2. Qur’anul Karim, hartina Qur’an anu Mulya, sategesna anu ngaran Qur’anul Karim teh buktina Panangan katut Ramo, karana kapan sidik jolna eta aksara teh tina Tangan jeung Ramo, jadi sategesna anu mulya teh nyaeta Panangan katut Ramona anu mimiti ngadamel eta Qur’an, cik saha anu ngayakeun eta Qur’an? Piraku teu kaharti, tah eta anu Mulya teh.
3. Qur’anul Hakim, hartina Qur’an anu Agung, nyaeta buktina teh Paningal, karana Panangan Ramo moal bisa nulis upama teu aya Paningal, jadi sateges-tegesna nu agung teh nyaeta Paningalna anu mimiti ngayakeun eta Qur’an.
4. Qur’anul ‘Adzim, hartina Qur’an Suci jeung Langgeng, nyaeta buktina Hirup, karana Paningal Tangan jeung Ramo moal bisa ngajadikeun upama teu aya Hirup, jadi sateges-tegesna anu suci jeung nu langgeng teh Hirupna nu mimiti ngayakeun eta Qur’an.
Ku sabab kitu urang oge ayeuna ngaji teh, lamun hayang tepi kana sucina lamun hayang tepi kana sampurnana. Eta Qur’an anu opat perkara teh, kudu diaji kabeh. Mimiti urang kudu daek maca Qur’anul Majid, nyaeta Qur’an majaji anu aya hurufna, tah eta bagian ilmu sare’at, sanggeus dibaca kudu terus diaji, nyaeta kudu dihartikeun pimaksudeunnana, sanggeus kaharti pimaksudeunnana, geura teangan jeung pigawe tarekatna sangkan karasa, sabab eta Qur’annul Majid teh tuduh jalan pikeun nganyahokeun ka Allah ka Rasulullah, jalanna teu aya deui lian ku tarekat, nyaeta Qur’annul Karim, hartina kudu ngaji pagawean tangan jeung ramo urang anu sakira bakal tepi ka Allah ka Rasulullah.
Karana Gusti Allah maparin leungeun jeung ramo ka manusa teh, lain kudu dipake ngajadikeun kana barang dunya anu keuna ku ruksak bae, tapi jeung kudu dipake ngajadikeun jalan keur nganyahokeun ka Allah ka Rasulullah, supaya tangan jeung ramo urang teh jadi Mulya, karana aya dalilna :
“Asho biahum fii adzaanihim minasshowaiki hadzarol mauti walahu muhitun bil kaafiriin”
Kieu pisundaeunnana : Lamun tangan jeung ramo maneh teu dipake nyieun jalan maot, tetep tangan jeung ramo maneh martabat ramo hewan, kafir tetep bakal ka Naraka.
Tina Qur’anul Karim kudu naek deui kana Qur’anul Hakim bagian hakekat, nyaeta kudu ngaji pagawean paningal urang anu sakira bakal hakim tegesna kana barang langgeng tea, nyaeta kana hakekatna Allah jeung Muhammad, karana Gusti Allah maparin awas paningal ka manusa teh lain bae kudu dipake kana ngawaskeun barang anyar anu keuna ku ruksak bae, tapi jeung kudu dipake ngawaskeun kana hakekat Allah jeung Rasulullah, nyaeta anu kasebat Qur’anul ‘Adzim anu langgeng tea atawa sifatna hirup, bibitna tujuh bumi tujuh langit sarawuh eusina kabeh. Tah didinya urang oge asalna jadi sategesna ngaran ma’rifat ka Allah teh nyaeta anu geus nyaho kalawan Hakim kana hakekat Allah jeung Muhammad tegesna Jauhar Awwal. Tapi mangkade kaliru,bisi netepkeun Jauhar Awwal teh kana caangna Panonpoe anu katingal ku panon kapala, eta mah Jauhar Firid bagian Sawarga Loka (Dewa), tempatna di Gunung Himalaya. Perkara Johar Awal sajati mah nyaeta anu kasebut Johar Latif, tegesna gaib moal bisa katingal ku panon kapala, ceuk dalilna kieu : Ru’yatullaahi ta’ala fii dunya bi’ainil qalbi Hartina : Ningali hakekatna Allah ta’ala di dunya ku awasna ati, tegesna ku hakekatna Rasulullah, sabab sifat jalma mah moal aya anu bisa ma’rifat ka dinya, karana jelema mah ngan ukur dipake tempat ningalina Rasulullah ka Allah ta’ala. Samangsa-mangsa wujud geus bisa dipake tempat ningalina Rasulullah ka Allah ta’ala, tangtu ramo urang bisa nyaritakeun yen geus ngaku nyaho ka Allah ta’ala, lantaran geus dibejaan (dipasihan terang) ku Rasulullah, jadi urang mah kabawa nyaho kabawa ni’mat ku Rasulullah, ti dunya nepi ka Akherat, moal sulaya deui sabab geus tetep jadi umatna Rasulullah. Karana ti ayeuna oge geus teu ngarasa pisahna jeung Rasulullah, lantaran wujud teh beurang jeung peuting dianggo bae tempat ku Rasulullah ningali ka Allah ta’ala. Samangsa-mangsa geus ngarasa babarengan beurang peuting jeung nu suci, Insya Allah tekad jeung laku teh lila-lila kabawa suci. Setan-setan ge moal dareukeut, tapi kitu soteh nu ma’rifat kalawan tauhidna, ari teu jeung tauhidna mah sulaya bae, sanajan geus boga tarekatna. Teu ngarasa sieun teu ngarasa isin, jongjon bae tekad jeung lakuna sakama-kama, jadi nu kitu teh ma’rifatna, ma’rifatna Mikung, tangtu di dunyana ge moal meunang safa’at ti Rasulullah, di dunyana moal lepot ti kasusah, kabendon ku nu Maha Suci. Ibarat lampu dikurungan ku semprong anu kotor geus tangtu kaluarna oge poek, da kudu suci pasuci-suci, suci eusina, suci cangkangna, kakara jadi, di dunyana moal lepot tina kani’matan, di Akherat pon kitu deui. Ku sabab eta poma pisan dulur-dulur anu geus boga jalan ka-ma’rifatan , tekad jeung laku goreng teh kudu dijaga bener-bener, ulah darapon nyaho bae, tapi kudu jeung dibarengan ku lakuna jeung tekadna anu hade, sabab lamun urang ngalakonan pagawean ma’siat ngalanggar hukum Syara, tangtu urang gancang dibendonna ku Maha Suci langkung beurat, hukuman bongan nyaho, beda deui jeung nu tacan nyaho, saperti di dunya oge, upama urang Kampung maling hayam, dihukumna ngan ukur di denda atawa di bui saminggu, coba lamun Wadana maling hayam hiji, tangtu leuwih beurat hukumannana, jaba ti leupas pangkatna teh, jeung bari dihukum tikel dua tilu ti si Kampung tadi. Hukuman bongan geus nyaho kana artikalna, komo anu geus nyaho ka Allah ta’ala mah, sing inget perjangjian Guru Mursyid (Guru nu geus inkisaf ka Pangeran) ibadah babarengan doraka pipisahan.
AYEUNA NERANGKEUN MARTABAT ALAM TUJUH (Nganggo rucatan engangna kecap)
1. Alam Ahadiyat huruf Al
2. Alam Wahdat huruf lah
3. Alam Wahidiyat huruf Mu
4. Alam Arwah huruf ham
5. Alam Ajsam huruf mad
6. Alam Misal huruf A
7. Alam Insan Kamil huruf dam
Buktina alam dunya ge eusina ngan tujuh poe, hakekatna nyaeta alam nu kasebat diluhur, tegesna alam tujuh teh lalakon Allah-Muhammad-Adam, ku sabab eta wajib dikanyahokeunnana ku sarerea. Upama urang arek nyusul kana asal. Sabab lamun teu dikanyahokeun ti ayeuna jalan-jalanna jeung barang-barangna, atuh tangtu bakal sasab, moal bisa balik deui kana asal, sabab teu kapanggih deui jeung jalanna waktu tadi turun-turunna ti Akherat ka alam dunya. Ayeuna eta martabat alam tujuh teh, ku jisim kuring rek diterangkeun sarta make ibarat kalawan dibuktikeun ku gambar, supaya gampang dihartoskeunnana.

               Gambar Martabat Alam Tujuh

Tafsirna
Alam Ahadiyat, martabat nu Maha Suci, dalilna Dzat Laisa Kamishlihi, hartina dzat anu teu aya upama. Bakat kumaha atuh matak teu beunang diupamakeun? Naha bakating ku kawasana? Atawa bakating ku agungna? Atawa bakating ku hiji-hijina? Upama bakating ku kawasa, na kapan dina zaman eta mah teu acan aya dadamelannana, karana ngaran kawasa teh kudu bukti heula nu didamelna. Kapan dina dina alam Ahadiyat mah sumawona manusa, Akherat jeung alam dunya ge tacan aya. Upama bakating ku agungna, da tacan aya nu hina dina di alam Ahadiyat mah, karana aya basa agung teh saenggeusna aya anu hina. Upama bakating ku hiji-hijina, da kapan teu acan aya dua zaman eta mah, sabab ari hiji teh saenggeusna aya nu loba. Kumaha atuh pihartieunnana? Supaya eta dalil Dzat laisa kamishlihi teh jadi uni? Kieu upama mufakat mah. Nu matak alam Ahadiyat disebut dalil Dzat laisa kamishlihi, hartina dzat anu teu aya upama, sategesna nyaeta bakating ku suci, hartina beresih teu aya sifat-sifat acan sumawonna jenengannana. Naha rek diupamakeun jeung naon upama teu aya sifatna? Sabab disaksian deui ku dalil nu Maha Suci teh Bilaa Haifin, hartina teu warna teu rupa, teu beureum teu hideung, teu poek teu caang, Bilaa Makanin, hartina teu arah teu engon, teu di kulon teu di wetan, teu di kaler teu di kidul, teu di luhur teu di handap, tah kitu katerangannana, nu matak nu Maha Suci teu beunang diupama-upama, sumawonna di engon-engon, dituduh diditu didieu, lantaran kaburu lain sabab kahalangan ku bukti.
Alam Wahdzat martabat sifatna nu Maha Suci. Jadi dina alam Wahdzat mah nu Dzat Laisa teh jadi Dzat Sifat, rupana caang padang, nyaeta nu kasebut Jauhar Awwal. Jauhar hartina Cahya, Awwal hartina mimiti. Jadi nya eta nu pangheula-heulana aya samemeh Bumi jeung Langit, sumawonna manusa. Tah eta Johar Awal teh nu kasebut hakekat Muhammad tea, kapan ceuk Hadist oge Muhamad teh awal-awalna pisan, sabab Johar Awal teh Nur, tegesna cahyana nu Maha Suci. Malah ceuk para Wali mah Sagara Hirup atawa Sajatining Syahadat, karana gulungna Dzat jeung Sifat atawa Allah jeung Muhammad dina hakekat.
Alam Wahidiyat, martabat Asmana nu Maha Suci, kajadian tina Jauhar Awwal alam Wahdzat tadi bijil deui sorotna jadi cahaya opat rupa nyaeta :
Narun cahya Beureum
Maun cahya Bodas
Hawaun cahya Koneng
Turobun cahya Hideung
Jadi eta cahya anu opat perkara teh, nu disebut Nur Muhammad, ari Muhammadna mah di Johar Awal, barang eta Nur Muhammad cahya opat perkara teh. Disebutna Hakekat Adam, nyaeta Asmana nu Maha Suci.
Cahya nu beureum hakekatna lafad Alif
Cahya nu Koneng hakekatna lafad Lam Awal
Cahya nu Bodas hakekatna lafad Lam Akhir
Cahya nu Hideung hakekatna lafad He
Jauhar Awwal jadi hakekatna lafad Tasjid Sare’atna jadi lafad Allah,
jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh, nu ngajadikeun bibit tujuh Bumi tujuh Langit sarawuh eusina kabeh, sanajan Agama oge ti dinya bae.
Ayana Syahadat nyaeta ku ayana Johar Awal
Ayana Sholat nyaeta ku ayana Cahya Beureum
Ayana Zakat nyaeta ku ayana Cahya Koneng
Ayana Puasa nyaeta ku ayana Cahya Bodas
Ayana Munggah Haji nyaeta ku ayana Cahya Hideung
Sanajan waktu oge aya 5 waktu
Shubuh bagian Nabi Adam
Lohor bagian Nabi Nuh
Asyar bagian Nabi Ibrahim
Maghrib bagian Nabi Musa
Isya bagian Nabi Isya
Pertingkahna Sembahiyang oge 5 perkara
 Nangtung   Takbiratul Ikhram   Ruku   Sujud   Lungguh
Sahabat oge aya 4 ka 5 Kangjeng Nabi
 Sahabat Umar bin Khatab  Sahabat Abu Bakar Ash-Sihidiq   Sahabat Usman bin Affan   Sahabat Ali bin Abi Thalib   Kangjeng Rasulullah
Di Mekah aya Imam 4 ka 5 Baitullah
 Iman Syafi’i   Imam Hanafi   Imam Hambali   Imam Maliki
Baitullah Tah gening sidik kabeh oge tina Asmana Allah, Hakekatna nyaeta Nur Muhammad, cahya 4 perkara kalima Jauhar Awwal.
Alam Arwah, martabat Af’alna nu Maha Suci, nyaeta Af’alna Allah ta’ala ngajadikeun ieu alam dunya. Kieu ceuk ilmu akal mah ngadamelna teh. Ibarat dina Bioskop mah nyaeta Istijradna bangsa Walanda, alam Wahdat nyaeta Johar Awal teh lir ibarat listrikna, ari Nur Muhammad Alam Wahidiat ibarat kacana.
Hawaun teh ibarat Kaca Koneng
Narun teh ibarat Kaca Beureum
Maun teh ibarat Kaca Bodas
Turobun teh ibarat Kaca Hideung
Barang eta kaca anu opat rupa disorot ku Johar Awal, kajadian bijil kalangkangna.
Tina Kaca Beureum jadi Seuneu Alam Dunya
Tina Kaca Koneng jadi Angin Alam Dunya
Tina Kaca Bodas jadi Cai Alam Dunya
Tina Kaca Hideung jadi Bumi Alam Dunya
Ku kawasa-kawasa Allah ta’ala bleg bae jadi ieu alam dunya, nyaeta Jagat Kabir, jadi sategesna alam dunya teh kajadian tina Nur Muhammad.
Alam Ajsam, martabat manusa. Sanggeusna ngadeg ieu alam dunya, Gusti nu Maha Suci bade ngersakeun deui midamel alam majaji, terus nimbalan Malaikat, miwarang turun ka alam dunya, kudu nyokot aci seuneu, aci angin, aci cai, aci bumi. Gancangna geus beunang eta aci-aci nu opat perkara teh terus didamel .
Aci Bumi kajadian kulit bulu Adam
Aci Seuneu kajadian Getih daging Adam
Aci Cai kajadian urat balung Adam
Aci Angin kajadian otot sungsum Adam
Ku kawasana Allah ta’ala, jleg bae jadi dalil Muhammad, Mim-He-Mim-Dal, nyaeta :
Cahya nu hideung jadi hakekat lafad Mim Awal
Cahya nu Bodas jadi hakekat lafad He
Cahya nu Koneng jadi hakekat lafad Mim Akhir
Cahya nu Beureum jadi hakekat lafad Dal
Johar Awal jadi hakekat lafad Tasjid
Sare’atna nya jadi lafad Muhammad atawa sabalikna tina lafad Allah.
Mim Awal lafad Muhammad sategesna Sirah
He lafad Muhammad sategesna Dada
Mim Akhir lafad Muhammad sategesna Udel
Dal lafad Muhammad sategesna Suku
Tapi teu acan bisa usik malik, ngagoler saperti Golek, gancang terus diliangan opat liang, nyaeta di Panonan, di Cepilan, di Pangambungan, di Bahaman. Terus eta liang diasupan ku sorotna Nur Muhammad, kajadian bisa usik malik eta Adam atawa Jagat Shagir teh. Jadi sidik pisan ayeuna oge hirupna manusa teh sare’atna ku ayana cahya, kitu deui maotna manusa teh ku teu ayana cahya. Samangsa-mangsa geus teu aya cahyana Si Jasad atawa Jagat Shagir, geus teu aya kakuatannana, buktina gancang buruk. Kitu deui ieu oge Jagat Kabir, nyaeta alam dunya pang kuatna teh, ku diangliputi ku sorotna Nur Muhammad, jadi moal salah deui engke oge kiamatna ieu Jagat Kabir (alam dunya) saperti manusa (Jagat Shagir) bae, dicandak deui cahyana, nyaeta Panonpoe Bulan Bentang, tangtu bae ieu alam dunya ruksak, atuh tinggal naonna? Tina Bumi tinggal poekna, Seuneu tinggal panasna, Cai tinggal tiisna, Angin tinggal hawana. Saha anu bakal nyicingan eta Naraka? Teu aya deui anu bakal nyicingan teh nyaeta Idajil La’natullah tea, sakanca-kancana sakur nyawa manusa anu henteu barisa balik deui ka Allah ta’ala. Sabab keur di dunyana beunang ku panggoda Setan, lantaran teu Iman ka Allah ka Rasulullah. Karana eta Idajil teh, tadina mah Malaikat kakasihna Allah ta’ala. Pangna dibendon ku Allah ta’ala, lantaran samemeh aya Adam, dipiwarang ngeusian ieu alam dunya, tapi dijangjianna lilana di alam dunya ngan sarebu taun. Ku sabab Malaikat Idajil ngarasa betah di alam dunya, teu hayangaeun deui balik ka Sawarga nepi ka tilu rebu taun, tah didinya mimitina dibendonna ku Allah ta’ala, jadi geus teu meunang balik deui ka Sawarga, kudu tetep di alam dunya bae. Tapi engke bakal ditetepkeun dina dasar Naraka sanggeus kiamatna ieu alam dunya, bakating ku bedegongna sang Idajil, manehna sanggup bae tapi nyuhunkeun idin rek ngagoda ka anak putu Adam, pibatureun manehna di Naraka. Gusti Allah ngidinan, hade tapi saha-saha anu teu Iman ka Aing jeung ka Rasulullah.
Ayeuna rek malikan deui pasal Adam, tadi diluhur ku jisim kuring geus dicaritakeun, anu didamel Adam majaji teh, tina acina seuneu, angin, cai, bumi, bilih bae anu ngaos sareng anu ngadangukeun ieu kitab nyangka saperti seuneu, angin, cai, bumi teh diperes saperti nyieun aci sampeu, saenyana lain kitu. Jadi anu kasebut aci seuneu, angin, cai, bumi teh buktina nyaeta sakur anu jaradi dina teneuh, saperti tatangkalana nu gede anu leutik, karana kapan sidik bisana ngagedean tatangkalan teh ku opat perkara. Hiji ku cicing dina taneuh, dua kudu kacaian, tilu kudu kaanginan, opat kudu kapanasan, cacakan karek ku kahieuman oge gening tara jadi buah. Jadi ku sabab eta tatangkalan lila cicingna di bumi, lila kacaiannana, lila kaanginannana, lila kapanasannana. Jadi eta hawana asup kana tatangkalan, sanggeus gede tangkalna, nya terus bijil buahna, tah eta bubuahan teh bakating wujud Adam, sanajan urang oge asal ti dinya bae, ngan bedana Adam mah didamel ku Allah ta’ala barang kadieuna mah saenggeusna aya Adam jeung Babu Hawa, atawa Idung Bapa urang, bubuahan teh didahar heula nya kajadian aya Wadzi, Madzi, Mani, Maningkem. Barang eta Wadi, Madi, Mani, Maningkem tepung, tegesna kontak jeung sorotna Nur Muhammad cahya nu opat perkara tea, nya kajadian kempel ngajadi Jabang Bayi di jero beuteung Indung. Ari nu teu jadi mah nyaeta anu teu kontak, tegesna henteu tepung jeung Nur Muhammad (Roh). Sabab tadi ge Allah ta’ala teh wenang, wenang ngajadikeunnana jeung wenang teu ngajadikeunnana. Manusa mah teu aya kakawasaan ngan ukur jadi lantaran pikeun ngajadikeun piwadaheunnana Roh bae, nyaeta tina sakur anu dituang, karana Indung Bapa urang upama teu barang tuang moal kajadian aya cimanina. Kala waktu orok dijero beuteung teu acan aya nyawana, ngan kakara aya hirup wungkul, nyaeta roh suci tea, numatak teu acan aya rasa naon-naon barang gubrag kaluar. Roh suci kontak, hartina tepung jeung hawa ieu alam dunya. Nyaeta hawana tina bumi, seuneu, cai, angin. Nya kajadian eta orok aya nafasna atawa sifatna nyawa. Hakekatna nyawa nyaeta rasa jasmani, dina waktu eta panon buncelik teu acan aya awasna, ceuli molongo teu acan aya dengena, irung teu acan aya angseuna, sungut teu acan bisa nyarita ngan karek aya sorana bae. Barang geus dibere barang dahar nyaeta cisusu atawa daharan naon bae, nyaeta tina acina bumi seuneu, cai jeung angin, jadi eta aci nu opat perkara teh kajadian deui acina, nyaeta ngajadi getih opat perkara nu disebut Roh Jasmani, tuluy eta getih surup sinurup. Getih hideung kajadian tina aci bumi sumurup kana kulit, nya ngarubakan kulitna orok. Hawana kaluar bijilna kana baham, watekna bisa ngomong. Getih nu beureum kajadian tina aci seuneu, sumurup kana daging, nya ngagedean dagingna orok. Hawana kaluar bijilna kana ceuli, watekna bisa ngadenge. Getih nu bodas kajadian tina aci cai, sumurup kana tulang, nya ngagedean tulang (balung) orok. Hawana kaluar bijil kana panon watekna bisa ningali aya awasna. Getih anu koneng kajadian tina aci angin, sumurup kana sungsum nya ngalobaan sungsumna orok. Hawana kaluar bijil kana irung watekna bisa ngambeu. Sanggeusna eta orok geus rubak kulitna gede dagingna, gede tulangna loba sungsumna, kaluar deui hawana nyaeta nafsu opat perkara, Amarah-Lowamah-Sawiyah-Mutmainnah, nyaeta buktina sagala kahayang anu hade anu goreng. Tuh gening bukti ngagedeannana jasad teh, sanajan tanaga pikiran, akal sumawona paningal, pangrungu, pangucap, pangangseu, teu aya deui anging ku pitulungna roh Seuneu Cai Angin Bumi. Naon sababna pang nulung kitu teh? Teu aya deui pang kajadian sagala ti dinya teh, supaya eta parabot-parabot teh kudu digunakeun dipake parabot ibadah jeung kudu dipake parabot keur nyieun jalan pikeun nganyahokeun ka asalna, nyaeta ka Allah supaya manehna kabawa sampurna, tegesna kabawa balik deui ka Allah, karana anging manusa anu katetepan Agama, manusa anu katetepan Elmu, anu bakal bisa nyampurnakeun roh-roh saalam dunya kabeh oge pada arasup ka manusa. Sumawonna rohna Bumi Seuneu Cai Angin eta mah sapopoena, sanajan roh-rohna hewan nu halal nu haram nu bersih nu najis, eta sakabeh oge pada arasup bae ka manusa. Kieu jalan-jalanna, saperti bangsa tatangkalan (kai) bener sare’atna mah teu didahar ku manusa, tapi kapan sok dipake nyuluhan sangu atawa naon bae tangtu eta rohna asup kana sangu. Numatak jadi beda rasana waktu tadi keur beas keneh jeung geus jadi sangu. Kitu deui bangsa hewan anu haram anu najis oge milu arasup bae, puguh ari jinisna mah teu didahar, tapi upama Anjing Babi paeh di cai tangtu bangkena dihakan ku lauk cai, lauk cai asup deui ka manusa, jadi sidik manusa teh jadi cukang keur mareuntas roh-roh sa alam dunya balik deui ka Allah ta’ala. Ku sabab eta sidik Gusti Allah mah suci tetep teu nyiksa teu ngaganjar, sateges-tegesna anu bakal nyiksa teh, nyaeta roh-roh tina sagala rupa anu geus asup ka manusa, ku lantaran teu dibawa balik deui ka Allah ta’ala. Rohna seuneu bakal jadi Naraka Panas, rohna cai engke bakal jadi Naraka Tiis, rohna bumi engke bakal jadi Naraka Poek, rohna hewan engke bakal nyeureudan atawa ngegelan kana nyawana manusa.
Alam Misal, martabat elmu, saha-saha manusa di dunyana geus ma’rifat kana asal wujudna, nyaeta Sagara Adam (C/Alam Wahidiyat ) tadi, eta elmuna geus tepi kana pangkatna Misal, hartina geus nyaho kana asal nyaeta sifatna cahya beureum koneng bodas hideung, engke dina maotna bakal asup ka Sawarga, tegesna dina kani’matan anu teu aya babandingannana sarta langgeng teu aya putusna.
Alam Insan Kamil, martabat kasampurnaan. Samangsa-mangsa manusa di dunyana geus bisa ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Johar Awal tea, atawa alam Wahdat (B) tadi, elmuna geus tepi kana pangkat Insan Kamil hartina Manusa Sampurna, engke dina maotna bakal jatoh kana pangkat Kamil Mukamil, hartina sarupaning sampurna, beak rasana, beak jasmanina, jadi Dzat Laesa Kamishlihi deui, saperti tadi samemeh urang turun ka alam dunya.

TAMAT